Saba Seni: MUSIKALISASI SAJAK "MERDEKA, BUNG!" KARYA CHYE RETTY ISNENDES

แชร์
ฝัง
  • เผยแพร่เมื่อ 17 ต.ค. 2024

ความคิดเห็น • 26

  • @delanfikorahman7492
    @delanfikorahman7492 6 หลายเดือนก่อน

    alhamdulillah masyaallah reueus pisan kana ieu sastra musikalisasi sajak "MERDEKA, BUNG" karya ibu Retty. Seueur pisan pangajaran anu tiasa dipetik dina ieu sajak. Dina ieu karya sastra ngawengku sababaraha ciri ciri kaendahan seni, nyaeta diantarana :
    1. Unity (kesatuan) nu mana midangkeun dina ilustrasi oge ditambah ku sajak anu ngajadi unity kaendahan
    2. Harmony (selaras) ditilik tina segi musikalisasi, alat musik na jeung asup na sajak nu nyieun kaharmonisasian kaselarasan seni
    3. Balance (saimbang) tina unity (kesatuan) nu midangkeun musikalisasi kalayan balance (saimbang)
    4. Proposional (cukup) sagalana teu berlebihan sahingga tetep luyu jeung tema
    5. Gemilang (daya pesona) tiasa ditilik tina eusi sajak, kaendahan basa, kaendahan sora nu nembang, oge tina ilustrasi
    6. Beauty (kecantikan) kecantikan video nu dipidangkeun nambah kaendahan dina ieu video musikalisasi sajak
    Hatur nuhunn
    Wasta : Delan Fiko Rahman
    Nim. : 2305515
    Kelas. : 2B

  • @dinahilda1394
    @dinahilda1394 6 หลายเดือนก่อน

    Assalamualaikum warohmatullahi wabarokatuh
    sampurasun!
    Alhamdulillah simkuring atos réngsé nongton video Saba seni Musikalisasi Sajak Merdeka,Bung! Karya Ibu Retty. seueur pisan pangajaran na sabada sim kuring nongton video ieu. pami di tilik tina prosés éstétika nyaéta ciri-ciri kaéndahanana dina nyangkin kaéndahan seni.
    1. Unity (kasatuan), dina video ieu aya ilustrasi dina jaman baheula masa perjuangan kamerdékaan ditambah aya nu nyajak ngeunaan perjuangan anu jadi hiji kasatuan (unity) kaéndahan.
    2. Harmony (selaras) instrumen dina video ieu di sarengan ku alat musik karinding nambah rasa harmonisasi.
    3. Balance (saimbang) dina musikalisasi sajak jeung ilustrasi na tos saimbang.
    4. Gemilang (daya pesona) tiasa ditinggal di video ieu, salian ti éta urang ngadangukeun nu maca sajak, ogé tiasa di tinggal ilustrasi tina eusi sajak éta.
    5. Beauty (kecantikan) dina raksukana sareng tempat suasana na.
    Wasta : Dina Hilda E.A
    NIM : 2311295
    Kelas : 2B

  • @silkifarhi3632
    @silkifarhi3632 6 หลายเดือนก่อน

    Alhamdulillah parantos sim kuring nongton reueus pisan katjnggal na dina ieu sastra musikalisasi sajak "MERDEKA BUNG"dina vidio eta seer pisan pangajaran dina ieu sajak
    1. Unity (kesatuan) dina ieu vidio aya dina instrumen na terus aya oge dina ilustrasi jaman baheula anu di jadikeun sajak anu ngeunaan kemerdekaan perjuangan
    2. Harmoni (selaras) ditilik dina musik alat musik saluyu oge selaras jeung sajakna
    3. Balance(seimbang) dina vidiona ogé ges saimbang jeung anu nyanyi jeung instrumen na oge
    4. Proporsional simkuring ninggal jg ngadangukeun na geus cukup terus oge saé pisan dina mintonkeun nana
    5. Gemilang (daya pesona) dina vidiona urang bisa ninggal didinya aya alur ilustrasi jsb. Anu bisa di rasakeun ku ayana faya pesona
    6. Beauty (kaéndahan) ditilik tina vidio na atos saé teras dina kaéndahan na oge sok saluyu jeung sajakna
    Hatur nuhun
    Wasta: silki farhi
    NIM: 2301529
    Kelas 2B

  • @firlyarrumningtias5253
    @firlyarrumningtias5253 6 หลายเดือนก่อน

    Assalamualaikum
    Alhamdulillah simkuring parantos rengse nongton video Saba Seni: Musikalisasi Sajak Merdeka, Bung! Karyana Ibu Retty. Seueur pisan pangajaran anu tiasa dibeunangkeun tina ieu video, upami ditilik tina segi estetika utamina dina ciri-ciri kaendahanana dina nyangking kaendahan senina.
    1. Unity (kesatuan) dina ieu video anu midangkeun ilustrasi masa perjuangan dina mangsa kamerdekaan ditambah sajak ngeunaan perjuangan anu jadi hiji kasatuan (unity) kaendahan.
    2. Harmony (selaras) instrumen jeung alat musik karinding anu digunakeun salila sajak dibacakeun nambah rasa harmonisasi.
    3. Balance (saimbang) tina ilustrasi video anu nyaritakeun masa penjajahan, instrumen sarta sajak nu dipidangkeun ku penghayatan anu saimbang
    4. Proposional (cukup) ekspresi, instumen sareng ilustrasi dina ieu video cekap.
    5. Gemilang (daya pesona) daya pesonana bisa ditingal tina ilustrasi sareng tina tembang nu aya dina ieu video
    6. Beauty (kecantikan) kaendahan dina ieu video bisa ditingal tina kaendahan tempat jeung suasanana.
    Hatur Nuhun
    Wassalamualaikum
    Wasta: Firly Arrum Ningtias
    NIM: 2305134
    Kelas: 2B

  • @jaehyungf9424
    @jaehyungf9424 6 หลายเดือนก่อน

    Alhamdulillah sim kuring parantos nongton ieu vidio, ku kituna sim kuring badé nganalisis ciri ciri kaéndahan atawa éstétika.
    Éstétika teh mangrupa élmu anu ngulik ngeunaan kaéndahan. Tah kaéndahan téh mangrupa hiji hal anu nimbulkeun rasa seneng, bagja, tingtrim sarta nyaman ngaliwatan pancaindera. Dina ieu vidio tos ngawengku ciri-ciri kaéndahan nyaéta:
    1. Tina kesatuan (unity) dina ieu vidio téh tos kawangun hiji kesatuan anu dituduhkeun ku ngahijina instrumen lagu, jalma anu maca sajak, jalma anu nyanyi sarta vidio alam na anu ngajadikeun ieu vidio hiji kesatuan anu éndah.
    2. Harmoni (selaras) dina ieu vidio kaselarasan diwangun ku perpaduan antara sajak jeung ilustrasi anu luyu jeung eusi sajakna, anu ngajadikeun ieu vidio teh selaras, teu hilap instrumen-instrumenna anu bisa ngawangun suasana anu selaras pisan sareng tema sajakna.
    3. Balance (saimbang) kasaimbangan dina ieu vidio dituduhkeun tina sora anu maca sajak sareng anu ngahaleuangkeun sajak saimbang pisan, boh saimbang kana instrumen anu marenganna atawa dina pengahayatanna.
    4. Proposional (cukup) dina ieu vidio teh tos proporsional pisan dina sagala aspek estetika, boh dina kesatuan, kaselarasan, kasaimbangan tos nuduhkeun yén ieu vidio téh miboga nilai éstétik.
    5. Gemilang (daya pesona) dina ieu vidio miboga daya pesona anu dituduhkeun ku jalma anu ngahaleuang ditambah instrumen anu marenganna, antara sora jeung instrumen lagu jadi daya pesona dina ieu vidio.
    6. Beauty (kecantikan) dina ieu vidio kecantikanna dituduhkeun dina pakéan sarta maké up jalma anu ngahaleuangkeun sajakna, ditambih kecantikan alam anu madu padankeun ieu vidio jadi nilai tambah kaéstétikaan.
    Wasta: Annisa Aulia Mawarni
    NIM : 2309745
    Kelas : 2B
    Matkul: Éstétika

  • @sitimariamahpazriadi1547
    @sitimariamahpazriadi1547 6 หลายเดือนก่อน

    Alhamdulillah sim kuring parantos nongton ieu vidio,musikalisasi sajak anu judulna "Merdeka Bung" Karyana chye Retty Isnendes . Éstétika teh mangrupa élmu anu ngulik ngeunaan kaéndahan. kaéndahan téh mangrupa hiji hal anu nimbulkeun rasa seneng, bagja, tingtrim sarta nyaman ngaliwatan pancaindera. Dina ieu vidio aya ciri-ciri kaéndahan nyaéta:
    1. Tina kesatuan (unity) dina ieu vidio téh tos kawangun hiji kesatuan anu dituduhkeun ku ngahijina instrumen lagu, jalma anu maca sajak, jalma anu nyanyi sarta vidio alam na anu ngajadikeun ieu vidio hiji kesatuan nu éndah.
    2. Harmoni (selaras) dina ieu vidio kaselarasan diwangun ku perpaduan antara sajak jeung ilustrasi anu luyu jeung eusi sajakna, anu ngajadikeun ieu vidio teh selaras, teu hilap instrumen nu bisa ngawangun suasana anu selaras sareng tema sajakna.
    3. Balance (saimbang) kasaimbangan dina musik sareng anu ngahaleuangkeun sajak saimbang pisan, boh saimbang kana instrumen anu marenganna atawa dina pengahayatanna.
    4. Proposional (cukup) dina ieu vidio teh tos proporsional pisan dina sagala aspek estetika, boh dina kesatuan, kaselarasan, kasaimbangan tos nuduhkeun yén ieu vidio téh miboga nilai éstétik.
    5. Gemilang (daya pesona) dina ieu vidio miboga daya pesona anu dituduhkeun ku jalma anu ngahaleuang ditambah instrumen anu marenganna, antara sora jeung instrumen lagu jadi daya pesona dina ieu vidio.
    6. Beauty (kecantikan) dina ieu vidio dituduhkeun dina pakéan sarta maké up jalma anu ngahaleuangkeun sajakna,sora anu ngahaluangkeun sajak ditambih kaendahan alam anu madu padankeun ieu vidio jadi nilai tambah kaéstétikaan
    Wata : Siti Mariamah Pazriadi
    Nim : 2311923
    Kelas : 2B

  • @windanurazizah1043
    @windanurazizah1043 6 หลายเดือนก่อน

    Alhamdulillah simkuring parantos réngsé lalajo ieu vidéo.
    Vidéo na meuni kacida saéna, seueur anu tiasa dijantenkeun pangajaran anu patalina sareng matkul éstétika. Ku kituna, didieu simkuring baris nganalisis unsur unsur anu aya dina video éta.
    1. Unity (kesatuan), nyaéta patalina unsur-unsur karya seni anu ngawangun hiji sistem anu lengkep/utuh. Dina pintonan musikalisasi sajak ieu, kesatuan bisa katingali tina ayana instrumén, anu nyajak jeung nyanyi, sarta kaéndahan alam.
    2. Proporsional, babandingan antara bagian-bagian anu hiji jeung anu séjénna. Dina pintonan musikalisasi sajak ieu, babandingan antara video ilustrasi jeung anu nyajak/nyanyi geus saimbang.
    3. Harmoni (keselarasan), salaku kateraturan tatanan antara bagian tina hiji karya. Dina pintonan musikalisasi sajak ieu, harmonina bisa katingali tina segi instrumental, warna, wangun (tampilan), panempatan unit-unit séjén anu selaras saluyu jeung tatananana.
    4. Balance (kesaimbangan), nyaéta susunan unsur-unsur anu béda tapi miboga keterpaduan jeung silih lengkepan atawa nyaimbangkeun.
    5. Gemilang (daya pesona), dina pintonan musikalisasi sajak ieu, pamiarsa miboda daya pesonana sorangan pikeun ngébréhkeun atawa ngahartian ieu pintonan.
    6. Beauty (kecantikan/kaéndahan), dina pintonan musikalisasi sajak ieu, kaéndahan bisa katingali tina kaéndahan seni jeung kaéndahan alam sarta raksukan jeung riasan anu dipakéna.

  • @juniortoto8044
    @juniortoto8044 6 หลายเดือนก่อน

    Assalamualaikum warahmatullahi wabarakatu
    Alhamdulillah simkuring parantos rengse nonton video ngeunaan Saba Seni : Musikalisasi Sajak " MERDEKA BUNG!" Karya Chye Retty Isnendes. Dina video ieu aya patalina sareng estetika nyaeta
    1. Kesatuan (unity) dina video ieu kesatuan video sareng musikalisasi na sae.
    2. Keselarasan (harmoni) dina video selaras tina sora musikalisasi sareng nu maca sajak.
    3. Seimbang (balance) dina video ieu seimbang dina musikalisasi, maca sajak sareng video nu di tampilkeunna.
    4. Proporsional dina video ieu ilustrasi sareng nu maca sajak atos sae sareng cekap teu kalelewihi.
    5. Gemilang (daya pesona) tina video ieu tiasa ningali ilustrasi sareng nu maca eta sajak
    6. Kaendahan (beauty) salian ti video na kaendahan ieu ngawengku tina sajak sareng sora instrumenna.
    Haturnuhun
    Wassalamualaikum
    Wasta : Junior Toto
    NIM : 2301500
    Kelas : 2B

  • @syahlanailah9996
    @syahlanailah9996 6 หลายเดือนก่อน

    Bismillahirahmanirrahim, alhamdulillah sim kuring parantos réngsé lalajo vidio "Saba Seni: MUSIKALISASI SAJAK "MERDEKA, BUNG!" KARYA CHYE RÉTTY ISNENDES"
    Musikasisasi sajak nyaéta seni garapan nu ngagabungkeun sajak jeung musik, ieu mangrupa kolaborasi sastra jeung seni musik. Dina tilikan éstetika instrumentalia aya proses éstetika dina nyangking kaendahan seni atawa ciri ciri kaéndahan nyaéta
    1. Unity (kesatuan) dina ieu vidio aya kesatuan tina instrumenna, sora nu nyanyina, nu maca sajakna, ogé dina latar vidio anu ditampilkeun, ngajadikeun ieu pintonan téh miboga kesatuan anu matak miboga ciri kaéndahan seni.
    2. Harmoni (keselarasan) dina ieu pintonan keselarasan bisa ditilik tina instrumenna anu selaras tur luyu. Ogé ayana vidio vidio anu ngagambarkeun eusi sajakna ngajadikeun ieu pintonan miboga keselarasan nu hadé.
    3. Balance (keseimbangan) dina ieu vidio ayana keseimbangan dina intrumenna, nu nyanyina, ogé nu nyajakna geus saimbang.
    4. Proposional, ditilik tina ieu vidio téh geus saimbang atawa geus cukup, boh dina intrumen, nu nyanyi, oge ny nyajakna.
    5. Gemilang (daya pesona) bisa ditilik tina vidio vidio anu dipaké pikeun ngagambarkeun eusi sajak, ngajadikeun urang turut ngarasakeun suasanana.
    6. Beauty (kaéndahan) kaéndahan dina ieu vidio bisa ditilik tina raksukan anu dianggo ku nu nyanyi, tina riasanna, tina cara nga shoot vidiona, sora nu nyanyi jeung instrumen musikna, ogé dina sajakna.
    Alhamdulillah seueur pisan mangpaat anu tiasa dicandak tina ieu vidio, tiasa nambahan pangaweruh kanggo simkuring. Hatur nuhun Ibu🙏🏻
    Diajengkeun pikeun nyumponan salasahiji pancén mata kuliah Éstétika
    Wasta : Syahla Nailah Yusuf
    NIM : 231123

  • @MelianaNurfadhillah
    @MelianaNurfadhillah 6 หลายเดือนก่อน

    Assalamualaikum warahmatullahi wabarakatuh
    Alhamdulillah sim kuring parantos rengse nongton video ngeunaan "Saba Seni: MUSIKALISASI SAJAK "MERDEKA, BUNG!" KARYA CHYE RETTY ISNENDES".
    Musikalisasi puisi nyaéta usaha ngagabungkeun seni maca puisi jeung seni musik. Dina video diluhur oge ngandung ciri-ciri estetika na nyaéta:
    1. Unity (kesatuan), nyaéta instrumen, sora nu nyajak jeung sora nu nyanyi mangrupa hiji kesatuan anu endah tur silih lengkepan.
    2. Harmony (selaras), ditilik dina video musikalisasi diluhur bisa katinggali yen ayana instrumen jeung nu sora nu maca sajak teh selaras sarta saluyu dina tatanan-tatananana.
    3. Balance (saimbang), nyaéta dina musikalisasi puisi ieu teu aya hal anu leuwih menonjol, dina instrumen jeung nu maca sajak dipidangkeun dina penghayatan jeung eksperesi anu saimbang.
    4. Proposional (cukup), dina sakabeh aspek video geus nyumponan sakabeh ciri-ciri estetika.
    5. Gemilang (daya pesona), dina ieu video urang bisa ningali ayana alur, ilustrasi, suasana, sarta ekspresi anu mana urang bisa ngarasakeun ayana daya pesona dina ieu pintonan.
    6. Beauty (kaéndahan), nyaéta dina video musikalisasi puisi diluhur bisa ditilik ayana rupa-rupa aspek anu ngawangun ayana kaéndahan, boh kaendahan alam boh kaéndahan seni na.
    Haturnuhun
    Wassalamu'alaikum warahmatullahi wabarakatuh
    Wasta : Meliana Nurfadhillah Suryana
    NIM : 2305152
    Kelas :2B

  • @shelomitha9966
    @shelomitha9966 6 หลายเดือนก่อน

    Assalamualaikum Wr. Wb. Sampurasun.
    Alhamdulillah Simkuring parantos réngsé nongton jeung ngalenyepan Saba Seni: Musikalisasi sajak "Merdeka, Bung!" Karya Ibu Retty. Sabada Simkuring atos nongton ieu video, seueur pisan pangajaran anu tiasa dicandak pikeun urang saréréa. Vidéona saé pisan kanggo ngenalkeun perjoangan bangsa Indonesia nalika dijajah.
    Urang tiasa nyindekkeun dina ieu vidéo ngeunaan éstétika ngeunaan kaéndahan. Ciri-ciri kaéndahanna dina nyangking kaéndahan seni nya éta:
    1. Unity (kasatuan): Dina ieu vidéo aya cuplikan-cuplikan ilustrasi anu ngadukung sajakna. Sajak anu miboga téma kamerdekaan, kontras jeung vidéo dina masa penjajahan di Indonésia, nalika bangsa Indonésia keur berjoang keur kamerdekaan Indonesia.
    2. Harmony (salaras): Salaras dina instrumen anu diwangun ku dua alat musik khas sunda nyaéta kacapi jeung karinding. Salaras pisan ngahijina karinding, kacapi ogé sora anu ngahaleuangkeun éta kawih.
    3. Balance (saimbang): Saimbang vidéo ieu nya éta dina cuplikan vidéo anu ngagambarkeun bangsa Indonésia baheula jeung ayeuna. Baheula bangsa urang dijajah, ayeuna bangsa urang bisa tingtrim, merdeka, jeung kabagjaan nalika hirup di indonésia
    4. Proposional (di tempatna): Vidéo ieu proposional, bisa milah jeung milih naon waé anu aya patalina jeung sajak oge kawihna.
    5. Gemilang, daya pesona: Gemilang na dina istri anu ngahaleuangkeun kawih anu témana kamerdekaan.
    6. Beauty (kageulisan): Kageulisan di ieu vidéo nya éta dina raksukan oge make up anu dipake istri nu ngawih. Warna raksukan nu kontras jeung make up nu di paké.
    Wasta: Shelomitha Nadzila maulidina
    NIM: 2309966
    Kelas 2B
    Éstétika

  • @mellysuryautami8298
    @mellysuryautami8298 6 หลายเดือนก่อน

    Assalamualaikum wr wb
    Alhamdulilah sabada simkuring nongton tur ngaregepkeun ieu video Saba Seni : MUSIKALISASI SAJAK "MERDEKA, BUNG!" Karya na Ibu Chye Retty Isnendes, simkuring téh resep nongton tur ngadangukeunna jadi nambihan pangaweruh nu bisa ku simkuring cangkem.
    Musikalisasi sajak téh mangrupa hiji kagiatan nu ngadumaniskeun antara musik jeung sajak. Biasana musikalisasi sajak téh dipidangkeun ku cara macakeun heula sajakna laju nyanyikeun sajak nu dipirig ku musik. Ditilik dumasar kana éstétika instruméntalia, ku cara nganalisis éstétika dina ciri-ciri kaéndahanana.
    1. Unity (kesatuan)
    Elemen video anu jaman baheula anu nunjukkeun peperangan, musik jeung sajak anu ngahiji ngahasilkeun video anu éndah.
    2. Harmoni (selaras)
    Nilik dina video, eusi sajak jeung instrumen musik na téh selaras, anu antukna nyieun ieu video téh téma na alus tur asak.
    3. Balance (seimbang)
    Eusi ieu video téh saimbang salasahijina tina sora anu ngahaleuang teh nyurup jeung musik kitu ogé nu maca sajak téh bisa apal kana mana kekecapan anu kudu ditekenkeun mana anu kudu pake rarasaan.
    4. Gemilang (daya pesona)
    Daya pesona atawa daya tarik dina ieu video téh nurutkeun simkuring mah tina maca sajak na anu saé, pemilihan video ogé salasahiji jadi pangrojongna.
    5. Proporsional (cukup)
    Ditilik dina sakabéh aspék nu aya dina jero video téh geus nyumponan 6 aspék éstétika, pemilihan musik jeung video geus cukup dihijikeun jeung sajak na.
    6. Beauty (keindahan)
    Ditilik tina video anu nunjukkeun jaman baheula téh geus alus jadi pangrojong téma musikalisasi sajak, ditilik tina anu ngahaleuang téh meni halimpu anu antukna ka urang jadi bisa menikmati, kitu ogé kekecapan anu aya dina sajak téh meni éndah.
    Hatur nuhun.
    Wassalamu'alaikum wr wb.
    Wasta : Melly Surya Utami
    NIM : 2312113
    Kelas : 2B
    Mata Kuliah : Éstétika

  • @nengkiyaaaaa
    @nengkiyaaaaa 6 หลายเดือนก่อน

    Assalamu'alaikum
    Sampurasun!
    Alhamdulillah sabada simkuring nongton video Saba Seni: Musikalisasi Sajak Merdeka, Bung!" karya na ibu Retty seueur pisan pangajaran na, utamina lamun ditilik tina proses estetika nyaeta ciri-ciri kaendahanana dina nyangking kaendahan seni.
    1. Unity (kasatuan), dina ieu vidio aya ilustrasi dina jaman baheula na pas dijajah sarta aya oge anu nyajak, nu matak jadi hiji kasatuan kaendahan nu silih lengkepan.
    2. Harmony (selaras), dina instrumen anu digunakeun didieu aya campuran kreativitas tina alat musik karinding nu matak jadi leuwih variasi jeung endah
    3. Balance (saimbang), dina musikalisasi sajak dipidangkeun ku penghayatan, ekspresi sarta kesan anu saimbang
    4. Proposional (cukup), antara musikalisasi sajak jeung ilustrasi geus cukup saimbang dina ieu vidio
    5. Gemilang (daya pesona), katingali yen dina musikalisasi sajak salian ti urang ngadangukeun nu nyajak, urang oge bisa ningali ilustrasi tina eusi sajak eta
    6. Beauty (kecantikan), dina baju, riasan si panyajak nu dipake na alus sarta ningalikeun kaendahan oge dina pengambilan vidio nu ningalikeun suasana na.
    Haturnuhun
    Wassalamu'alaikum.
    Wasta: Rizkya Putri Aulia
    NIM: 2310103
    Kelas: 2B

  • @fasyahuriyyah1109
    @fasyahuriyyah1109 6 หลายเดือนก่อน

    Assalamualaikum wr. wb.
    Alhamdulillah sim kuring parantos réngsé nongton video "Saba Seni: MUSIKALISASI SAJAK "MERDEKA, BUNG!" Karya Chye Rétty Isnéndés. Sateuacanna, sim kuring seja nerangkeun naon ari musikalisasi puisi téh.
    Musikalisasi puisi nyaéta kolaborasi antara maca sajak jeung seni musik anu dipidangkeunna ku cara dibacakeun heula sajakna tuluy dihaleuangkeun. Biasana sok dipirig ku waditra atawa instrumén.
    Éstétika nyaéta elmu anu ngulik ngeunaan kaéndahan. Kaéndahan di dieu lain mangrupa wujudna wungkul, tapi mangrupa hal anu nimbulkeun rasa bungah, tingtrim, bagja, tur nyaman kana pancaindera.
    Ditilik kana ciri-ciri éstetika:
    1. Unity (kesatuan) dina ieu pintonan aya dina instrumenna. Ditilik dina ieu video, instrumen antar waditrana tos ngahiji teu aya anu paheula-heula atawa ngangokan.
    2. Harmony (selaras), upami nilik kana video kaselarasanna diwangun ku perpaduan antara jejer sajak jeung ilustrasi anu luyu. Instrumén-instrumén anu dipaké ogé nambahan kesan selarasna aspek-aspek anu aya dina vidéo.
    3. Balance (saimbang), kasaimbangan dina ieu vidéo bisa ditingal tina anu maca sajak jeung anu ngahaleuangna. Dua aspék éta saimbang pisan dina penghayatanana, teu aya anu punjul sorangan.
    4. Proporsional (cukup), ditilik tina ieu video mah musikalisasi pusina tos proporsional pisan dina sagala aspékna. Boh dina kaselarasan, kasaimbangan tur kesatuanna.
    5. Gemilang (daya pesona), ieu vidéo miboga daya pesona anu menarik dituduhkeun ku anu maca sajak di awal anu dibarengan ku ilustrasi anu nyaritakeun jaman baheula.
    6. Beauty (kecantikan), dituduhkeun ku pakéan anu alus, make up anu pas, ogé kaéndahan latar tempat anu jadi daya tarikna.
    Wasta: Fasya Huriyyah
    NIM: 2303346
    Kelas: 2B
    Mata Kuliah: Éstétika

  • @MUHAMMADALIFIO-i4l
    @MUHAMMADALIFIO-i4l 6 หลายเดือนก่อน

    Alhamdulillah parantos réngsé niténan video nu judulna "Saba Seni: MUSIKALISASI SAJAK "MERDEKA, BUNG!" KARYA CHYE RETTY ISNENDES. Musikalisasi sajak téh mangrupa kombinasi satra jeung musik, nu mana sajak lain saukur diucapkeun tapi dihaleuangkeun pikeun méré diménsi éksprési tur kaéndahan dina karya sastra éta.
    Dina ieu video, simkuring badé maluruh ciri-ciri éstétikana.
    1. Unity (Kesatuan). Unity téh maksadna silih rojong jeung nguatkeun pikeun nyiptakeun sagembleng nu saimbang tur nyugemakeun sacara visual. Dina video dipidangkeun nu maca sajak, nu ngahaleuang, babak perang tuluy babacaan proklamasi nu nyiptakeun hiji kesatuan.
    2. Harmony (selaras). Nyoko kana kesan nu saimbang nu dihasilkeun ku interaksi antara élemén-élemén. Sajak, kawih, tur ilustrasi geus nyiptakeun hiji kaharmonian.
    3. Balance (saimbang). Nyoko kana distribusi visual nu merata tina élemén-élemén. Visualisasi sajak luyu atawa saimbang jeung nu dipidangkeun.
    4. Proposional. Nyoko kana patalina ukuran, bentuk, posisi, élemén nu merenah. Musik jeung visualisasi geus nyiptakeun kesan proporsi nu saimbang teu ngaganggu visual sagemblengna.
    5. Gemilang. Nyoko kana kualitas nu hadé dina hiji karya sastra. Tehnis, kréativitas, jeung konsép dina video nénjokeun hiji kualitas anu béda ti lian.
    6. Beauty (kaéndahan). Nyoko kana kaéndahan nu ngirut tur nyugema. Haleuangan sajak, pirigan waditra nénjokeun hiji kaéndahan nu hakiki.
    Sakitu nu tiasa simkuring pedar. Hatur nuhun.
    Wasta: Muhammad Alifio Ridwan
    NIM: 2305500
    Kelas: 2B

  • @sitikarmila5326
    @sitikarmila5326 6 หลายเดือนก่อน

    Assalamu'alaikum warahmatullahi wabarokatuh.
    Alhamdulillah sabada simkuring réngsé nongton video Saba Seni: Mukalisasi Sajak "Merdeka, Bung!" Karya Chye Retty Isnendes.
    Musikalisasi Puisi nyaéta hiji pintonan anu ngahijikeun antara alunan musik jeung sajak, nepika ngahasilkeun pidangan anu harmonis antara musik jeung sajak.
    Dina video diluhur tangtu ngandung ciri-ciri Estetika, diantarana nyaéta:
    1. Unity (hiji bengkeutan), dina ieu video tangtu saperti judulna Musikalisasi Puisi tangtu waé aya hiji bemgkeutan nu hadé dina seni musik jeung cara maca sajak nu hadé, ogé kawih anu silih lengkepan.
    2. Harmony (Keselarasan), ditilik dina video ieu kaselarasan nu aya nyaéta dina instrumen, gambar-gambar, sora nu nyajak, nu ngawih éndah katingalna sarta tangtuna waé saluyu sareng tatananana.
    3. Balance (Kaseimbangan), kasaimbangan dina ieu video ditilik dina sora nu nyajak saluyu jeung musik sarta karasa pisan dina penghayanan dina cara macakeun unggal kecapna, ogé anu ngawih nyurup jeung musikna.
    4. Proporsional, dina ieu video geus nyumponan kana sakabeh ciri-ciri estetika.
    5. Gemilang (Daya Pesona), dina ieu video téh tangtu boga daya pesona na, nyaéta dina eusi sajak ogé gambar-gambar jeung klip nu aya dina video mun dihayati matak nyieun urang téh bisa ngarasakeun kaayaan nu aya dina video diluhur.
    6. Beauty (Kaéndahan), ditilik dina video diluhur kaéndahan nu aya nyaéta kaéndahan dina raksukan, riasan, cara nyadak video ditempat na nu matak karasa suasana kamerdekaan nu saluyu jeung judul na, tanggu aya ogé kaéndahan alam jeung kaéndahan seni.
    Hatur Nuhun, Wassalamu'alaikum warahmatullahi wabarokatuh.
    Wasta : Siti Karmila
    NIM : 2303325
    Kelas : 2 B

  • @farissachatrina
    @farissachatrina 6 หลายเดือนก่อน

    Alhamdulillah saparantos nongton vidéo Saba Seni: MUSIKALISASI SAJAK "MERDEKA, BUNG!"
    Karya Chye Rétty Isnendes. Sim kuring rék nganalisis dina tilikan éstétika instruméntalia kalayan prosés éstétika dina ciri-ciri kaéndahanana.
    leu pintonan musikalisasi sajak téh nyaritakeun ngeunaan usaha bangsa urang pikeun merdéka, nu dibarengan ku visualisasi vidéo anu saluyu jeung témana. Ditilik dumasar kana ciri-ciri éstétika téh nyaéta:
    1. Unity (kesatuan): dina musik atawa vidéo anu marengan sora nu maca sajak atawa sora anu ngahaleuang téh ngahiji jadi hiji kesatuan nu matak éndah ngupingkeunna.
    2. Harmoni (selaras): ditilik tina klip-klip vidéo anu aya téh saluyu pisan jeung eusi sajakna dina instrumén.
    3. Balance (kasaimbang): tina sora anu ngahaleuang nyurup kana musikna, ogé sora nu nyajak téh apal kumaha alusna dina nyebutkeun kecap-kecapna.
    anu matak kakupingna téh balence atawa saimbang
    4. Proporsional: dina sakabéh aspék ieu pintonan téh tos cumpon pisan, tos nyumponan 6 ciri éstétika.
    5. Daya pesona (gemilang): tina eusi sajakna ogé dina klip-klip vidiona nu bisa urang rasakeun suasanana ogé tina éksprési anu ngahaleuang téh saluyu pisan jeung kekecapanna.
    6. Beauty (kaéndahan): ditilik ti rupa-rupa aspék, tina vidéo anu ngahaleuang téh éta cara nga shoot vidéo na saé pisan, tina sora anu ngahaleuang ogé meni halimpu anu jadi éndah, tina musik atawa instruméntal jeung kekecapan anu aya dina sajakna ogé saé tur saluyu pisan matak éndah ngupingkeunna.
    Wasta: Farissa Chatrina Agmaputri
    NIM: 2301273
    Kelas: 2B

  • @siskaamelia1273
    @siskaamelia1273 6 หลายเดือนก่อน

    Assalamualaikum Warahmatullahi Wabarokatuh.
    Alhamdulilah simkuring parantos réngsé nongton vidéo " Saba Seni: MUSIKALISASI SAJAK "MERDEKA, BUNG!" KARYA CHYE RÉTTY ISNENDES"
    Musikalisasi sajak nyaéta kolaborasi antara seni maca sajak jeung seni musik, nu sok dipidangkeun ku cara macakeun heula sajakna nepi ka réngsé laju nyanyikeun sajak éta sarta dipirig ku musik/waditra.
    Ieu pintonan musikalisasi sajak téh nyaritakeun ngeunaan usaha bangsa urang pikeun merdéka, nu dibarengan ku visualisasi vidéo anu saluyu jeung témana.
    Ditilik dumasar kana ciri-ciri éstétika téh nyaéta :
    1. Unity atawa kesatuan dina ieu pintonan téh nyaéta boh dina musik atawa vidéo anu marengan sora nu maca sajak atawa sora anu ngahaleuang téh ngahiji jadi hiji kesatuan nu matak éndah ngupingkeunna gé.
    2. Harmoni atawa selaras dina ieu pintonan téh nyaéta ditilik tina klip-klip vidéo anu aya téh saluyu pisan jeung eusi sajakna boh dina instrumén ogé dina sora-sora anu marengan boh nu nyajak ogé nu ngahaleuang.
    3. Balance atawa saimbang dina ieu pintonan téh nyaéta ditilik tina sora anu ngahaleuang téh nyurup kana musikna, ogé sora nu nyajak téh apal kumaha penghayatan anu alus dina nyebutkeun kecap-kecapna anu matak kakupingna téh balence atawa saimbang.
    4. Proporsional atawa cumpon, ditilik dina sakabéh aspék ieu pintonan téh tos cumpon pisan, tos nyumponan 6 ciri éstétika.
    5. Gemilang atawa daya pesona ieu pintonan téh bisa ditilik tina eusi sajakna ogé dina klip-klip vidiona nu matak urang bisa ngarasakeun suasanana, ogé ditilik tina éksprési anu ngahaleuang téh saluyu pisan jeung kekecapanna.
    6. Beauty atawa kaéndahan dina ieu pintonan nyaéta, bisa ditilik ti rupa-rupa aspék, ditilik tina vidéo anu ngahaleuang téh éta cara nga shoot vidéo na saé pisan, ditilik tina sora anu ngahaleuang ogé meni halimpu anu matak jadi éndah, ditilik tina musik atawa instruméntal sareng kekecapan anu aya dina sajakna ogé saé tur saluyu pisan matak éndah ngupingkeunna.
    Wassalamu'alaikum Wr. Wb.
    Wasta : Siska Amelia
    NIM : 2305553
    Kelas : 2B

  • @destihirmayanti5500
    @destihirmayanti5500 6 หลายเดือนก่อน

    Assalamu'alaikum wr. wb.
    Alhamdulillah simkuring parantos nongton video ngeunaan "SABA SENI: MUSIKALISASI SAJAK 'MERDEKA, BUNG!' KARYA CHYE RETTY ISNENDES. Dina tilikan éstétika instrumentalia, prosés éstétika dina nyangking kaéndahan seni atawa ciri-ciri kaéndahan, nyaéta:
    1. Unity (kesatuan), dina ieu pintonan kesatuan bisa ditilik tina ayana jalma anu nyajak jeung ngahaleuang, instrumén nu mirig ogé vidéo ilustrasi nu silih lengkepan jadi hiji kaéndahan.
    2. Harmony (selaras), kaharmonian dina ieu vidéo bisa katingal tina warna vidéo ilustrasina, sora instruméntalna, ogé eusi dina sajakna.
    3. Balance (seimbang), kasaimbangan dina ieu vidéo bisa katingal tina jalma nu ngahaleuangkeun éta sajak jeung éksprési nu ditémbongkeun téh pinuh penghayatan, ogé saimbang jeung instruménna.
    4. Proporsional (cukup), ditilik dina ieu vidéo sakabéh aspék, boh éta instruménna boh sajak anu dihaleuangkeunna ogé ilustrasina geus cukup pikeun ngawangun nilai éstétika.
    5. Gemilang (daya pesona), dina ieu vidéo teh loba pisan daya pesona nu bisa katingal, saperti dina latar tempat ngahaleuangkeun sajakna nu pinuh pisan ku kaéndahan alamna.
    6. Beauty (kecantikan), kaéndahan dina ieu vidéo bisa katingal tina raksukan ogé riasan nu dipakéna, background vidéo nu éndah, sarta instrumén nu mirig.
    Hatur nuhun
    Wassalamua’laikum wr. wb.
    Wasta: Desti Hirmayanti
    NIM: 2309896
    Kelas: 2B

  • @EtikRostika
    @EtikRostika 6 หลายเดือนก่อน

    assalamualaikum
    sabada simkuring nyakseni ieu vidio anu jejerna ngeunaan " saba seni: MUSIKALISASI SAJAK "MERDEKA, BUNG!" YASANA CHYE RETTY ISNENDES". kairut ku kaendahan jeung nu ngahijikeun antara seni sareng jaman bahela.
    sim kuring rek nilih ieu vidio dina estetika instrumentalia, ku cara nganalisis proses estetika dina ciri-ciri kaendahan.
    1. Unity (kesatuan), dina pintonan musikalisasi sajak ieu sim kuring katinggal aya instrumen, aya gambar jaman panjajahan baheula, sareng aya anu nyajak jeung ngawih teh jadi hiji sistim anu utuh.
    2. Harmoni (selaras)
    Harmoni ditilik dina ieu video ieu th tina warna, nu nyajak, sareng nu nyanyi teh saluyu jeung tatananana.
    3. balance (saimbang) anu ngawih sareng anu maca sajak sareng di pirig ku instrumenna teh atos saimbang jadi simkuring ngaregepkeunna leuwih resep teu bosen.
    4. proposional (cukup)
    dina sagala aspek estetika, boh dina kesatuan, kaselarasan, sareng kasaimbangan tos ninggalikeun yen ieu video teh miboga nilai estetika anu endah pisan.
    5. Gemilang (daya pesona) dina ieu video miboga daya tarik antara anu ngawih, nyajak, sareng nu ngapirigna ieu jadi daya pesona dina ieu video.
    6. beauty (kecantikan) ditilik tina pakean anu ngawih sarta aya aksesoris sareng make up. sareng tilik oge tina gambar tutuwuhan sareng pamandanganna anu namihan ieu video teh leuwih nambihan kana kaendahanna sareng ngaronjatkeun kana kanyaho sim kuring yen estetika atanapi kaehndahan teh bisa jadi pakakas anu kuat.
    Wasta: elpira sri rahmania
    Nim: 2301675
    kelas: 2B

  • @nuraenimeilanipertiwi1178
    @nuraenimeilanipertiwi1178 6 หลายเดือนก่อน

    Assalamualaikum warahmatullahi wabarakatuh
    Alhamdulillah sabada sim kuring rengse nongton ieu vidio ngeunaan "Saba Seni: MUSIKALISASI SAJAK "MERDEKA, BUNG!" KARYA CHYE RÉTTY ISNÉNDÉS". sim kuring rék nilik ieu vidio dina tilikan éstétika instrumentalia, nyaéta ku cara nganalisis prosés éstétika dina ciri-ciri kaéndahanana.
    " Éstétika téh nyaéta cabang élmu filsafat anu ngeunaan seni jeung kaéndahan. Kaéndahan anu bisa karasa".
    Kukituna ciri-ciri kaéndahana dina vedio ieu nyaéta ngawengku :
    1. Unity atawa kesatuan, dina ieu pintonan musikalisasi sajak katingal yén antara gambar, sora instrumen jeung anu nyajak téh jadi hiji sistem anu utuh.
    2. Harmoni atawa selaras, dina musikalisasi sajak ieu katingal yén ieu téh harmonina katingal boh dina segi tampilan, warna, jeung sora instrumen jeung sora nu nyajak téh sora instrumen jeung sora nu nyajak téh salaras babarengan henteu pacogrég.
    3. Balance atawa saimbang, dina musikalisasi sajak ieu katingal saimbang antara penghayatan, ekspresi, kesan jeung tampilanna téh sagemblengna saimbang pisan.
    4. Gemilang atawa daya pesona, si musikalisasi sajak ieu miboga daya pesona sorangan nyaéta si pamirsa téh salian ti bisa ngupingkeun anu nyajak ogé bisa ningali kumaha gambaran eusi éta sajak téh, jadi karasa pisan suasanana.
    5. Beauty atawa kaéndahan, salian ti nu nyajakna mémang éndah katingalna, raksukan anu dianggé saluyu jeung eusi sajakna, ogé si sora-sora instrumenna anu éndah kitu kakupingna téh, ogé si kekecapan anu dipaké dina ieu sajak téh éndah pisan kekecapanana.
    6. Proporsional, cumpon, dina ieu musikalisasi antara ilustrasi vidio jeung anu nyajak geus nyumponan.
    Wasta : Nuraéni
    Nim : 2311801
    Kelas : 2B

  • @nurisitinurjanah8896
    @nurisitinurjanah8896 6 หลายเดือนก่อน

    Assalamualaikum Warohmatullahi Wabarokatuh
    Sampurasun!
    Sabada sim kuring nongton ieu video ngeunaan “Saba Seni: MUSIKALISASI SAJAK ‘MERDEKA BUNG!’ KARYA CHYÉ RÉTTY ISNÉNDÉS”. Sim kuring rék nganalisis ieu video dina tilikan éstétika instruméntalia kalayan prosés éstétika dina ciri-ciri kaéndahanana.
    1. Unity (kesatuan), nyaéta patalina unsur-unsur karya seni anu ngawangun hiji sistem anu lengkep/utuh. Dina pintonan musikalisasi sajak ieu, kesatuan bisa katingali tina ayana instrumén, jalma anu nyajak jeung nyanyi, sarta kaéndahan alam anu ngahiji ngawangun jadi sistem anu lengkep atawa utuh.
    2. Proporsional, babandingan antara bagian-bagian anu hiji jeung anu séjénna. Dina pintonan musikalisasi sajak ieu, babandingan antara video ilustrasi jeung anu nyajak/nyanyi geus saimbang.
    3. Harmoni (keselarasan), salaku kateraturan tatanan antara bagian tina hiji karya. Dina pintonan musikalisasi sajak ieu, harmonina bisa katingali tina segi instruméntal, warna, wangun (tampilan), panempatan unit-unit séjén anu selaras saluyu jeung tatananana.
    4. Balance (kesaimbangan), nyaéta susunan unsur-unsur anu béda tapi miboga keterpaduan jeung silih lengkepan atawa nyaimbangkeun. Dina pintonan musikalisasi sajak ieu, antara anu nyajak, nyanyi, jeung instrumén némbongkeun kasaimbangan anu padu.
    5. Gemilang (daya pesona), dina pintonan musikalisasi sajak ieu, pamiarsa miboda daya pesonana sorangan pikeun ngébréhkeun atawa ngahartian ieu pintonan. Daya pesona dina ieu pintonan némbongkeun suasana anu haru.
    6. Beauty (kecantikan/kaéndahan), dina pintonan musikalisasi sajak ieu, kaéndahan bisa katingali tina kaéndahan seni (musik: saimbangna instrumén jeung anu nyanyi/nyajak) jeung kaéndahan alam (kaéndahan anu ditimbulkeun tina alam salaku background dina ieu video), sarta raksukan jeung riasan anu dipakéna.
    Hatur nuhun
    Waalaikumussalam warohmatullahi wabarokatuh
    Wasta: Nuri Siti Nurjanah
    Nim: 2305587
    Kelas: 2B

  • @agusrahmathidayat4
    @agusrahmathidayat4 6 หลายเดือนก่อน

    Sabadana simkuring lalajo kana ieu video kalawan judul "Saba Seni: MUSIKALISASI SAJAK "MERDEKA, BUNG!" karya Chye Retty Isnendes", simkuring manggihan sababaraha hal anu bisa ditengetan nurutkeun pamarekan éstétika.
    Sacara visual, kualitas videona ngan saukur 240p anu kawilang kurang kiwari mah. Sacara sinématografi ogé masih bisa leuwih dironjatkeun.
    Dina ieu kontén, loba nyokot video ti batur bari teu nyantumkeun sumber. Kaasupna plagiarisme.
    Sacara audio, rumpaka jeung kualitas rekaman audiona hadé. Juru kawih halimpu dina ngahaleuangkeunana. Tuluy dipirig ku kacapi, kendang, karinding anu ngaharmonisasi jeung mapaés
    Sacara umum, ieu kontén téh bisa ngahudang sumanget perjuangan tur béla ka bangsa. Émosina beunang.
    Agus Rahmat Hidayat
    Mahasiswa Semester 2 Pendidikan Bahasa Sunda 2023