Chye Retty Isnendes
Chye Retty Isnendes
  • 347
  • 160 524

วีดีโอ

Saba Budaya: HAUL RADEN ARIA WIRATANU DATAR ( DALEM CIKUNDUL/ BUPATI CIANJUR 1)
มุมมอง 10321 วันที่ผ่านมา
Kaping 4 Juli 2024 parantos dilaksanakan Haul kanggo Dalem Cikundul suwargi. Anjeunna nu naratas Cianjur sareng janten Bupati Munggaran. Anjeunna oge syiar dawah Islam di eta wewengkon nu janten kabupaten ayeuna. Cikundul tempat sumarena. Ieu acara dipokalan ku Yayasan Jayasasana Aria Wiratanu, diadegkeun ku rundayanna Dalem Cikundul. Video kompilasi kenging Kang H. Sofyan Hadi, Chye, sareng Ka...
Saba Atikan: TARUM AREUY JADI BAHAN PENELITIAN
มุมมอง 1233 หลายเดือนก่อน
Researcher: Pohaci Informan: Chye Retty Isnendes Responden: REMADA (Remaja Masjid Darul Abror) Jenjang: SD, SMP, SMA Mentor REMADA: Mohammad Erwan Dokumentasi: Gelar Taufiq Kusumawardhana Dilaksanakan Desember 2023 Indogo Station Experimental #tarum #tarumareuy #panalungtikan #penelitian #nagrak #sukabumi
Saba Seni: KARATAGAN PATREM
มุมมอง 1514 หลายเดือนก่อน
KARATAGAN PATREM rumpaka: Chye Retty Isnendes disanggi ku: Chye Retty Isnendes & I Sofwan Wahyudi TREM PATREM 2x Paguyuban Sastrawati Sunda Perlambangna kahormatan diri Perlambangna kakuatan diri Ciri wanoja Sunda sajati TREM PATREM 2x Paguyuban Sastrawati Sunda Nembus tembus (ka)na mamaras rasa Nembus tembus ka lulurung mangsa Tapak wanoja Sunda sajati Diasih Diasah Diasuh Diseukeutan (di)na t...
Saba Sastra: STORY TELLING "SANGKURIANG"
มุมมอง 255 หลายเดือนก่อน
#adang #arisdi #storytelling #sangkuriang Adang lomba bercerita
Saba Sajarah: NGADIRIGENAN DINA PETISI BUMI SILIWANGI
มุมมอง 815 หลายเดือนก่อน
Video dari 𝕮𝖍𝖞𝖊 𝕽𝖊𝖙𝖙𝖞 𝕴𝖘𝖓𝖊𝖓𝖉𝖊𝖘
Saba Sastra: DRAMA SURALOKA (TRANSFORMASI CARPON "NU HARAYANG DIHARGAAN KARYA DARPAN)
มุมมอง 6216 หลายเดือนก่อน
UAS APRESIASI PROSA & DRAMA KELAS 3C, midangkeun drama SURALOKA nu naskahna ditransformasi tina carpon karya Darpan "Nu Harayang Dihargaan". #sastrasunda #dramasunda #basasunda #mahasiswasunda #upi #senisunda
Saba Sastra: PASASA DI MGMP BAHASA SUNDA BEKASI
มุมมอง 746 หลายเดือนก่อน
#sabasastra #pasasa #patrem #bekasi #sastrasunda
Saba Seni: CINTA NUSA ~ Balebat Tanjung Aruman
มุมมอง 996 หลายเดือนก่อน
#senimusik #senisunda #kawihsunda #cintanusa
Saba Sastra: DRAMA TUKANG ASAHAN
มุมมอง 4438 หลายเดือนก่อน
Ieu video teh hasil perkuliahan Apresiasi Drama mahasiswa angkatan 2017, nu dipagelarkeun dinten Senen kaping 13 Januari 2020 di Gd. Amphiteater UPI jam 16.00 - rengse. #sastrasunda #budaya #dramasunda #sunda #senisunda #basasunda
Saba Seni: HADROH AL-MAHWA AL-BANTANI~ MARAWIS ~ QOSIDAH
มุมมอง 1558 หลายเดือนก่อน
Hadroh Al Mahwa to Banten nuju midang. Unikna, aya rumpaka perkawis para Wali Songo. Disuhunkeun teksna masihan. Saurna ciptaan arinyana anggota grup. Keren, kreatif. Wilujeng. WALI SONGO Al-Mahwa Iki kisah wali jowo Sing jumlahe ono songo Tugase nyebarke agamo Agamo islam agamo mulyo Kg pisan maulana malik ibrohim Mbah bantal julukane Lahire kg saking turki Kota gresik tempat wafate Kg pindo r...
Saba Budaya: PATREM MILANGKALA KA-41
มุมมอง 618 หลายเดือนก่อน
Created by InShot:inshotapp.page.link/YTShare PATREM MILANGKALA di bumina Ambu Yooke Tjuparnah Jl. Sersan Sodik No. 4 Bandung #patrem #milanglala #geulis #rahayu #jamuga #sastrasunda #budayasunda #basasunda
Saba Wewengkon: EKSPEDISI LEUWEUNG DAMAR ~ SORDOG ~ NAGRAK UTARA ~ SUKABUMI
มุมมอง 1018 หลายเดือนก่อน
#saba #sordog #leuweung #damar #sukabumi #nagrak EKSPEDISI LEUWEUNG DAMAR, 9-11 September 2023 Created by InShot:inshotapp.page.link/YTShare
Saba Sastra: KAKAWIHAN SUNDA
มุมมอง 1368 หลายเดือนก่อน
Created by InShot:inshotapp.page.link/YTShare #kakawihan #sunda #budaya #wawancara #wawancaraeksklusif
Saba Wewengkon: LEUWEUNG PINUS JAYAGIRI LEMBANG ~ BANDUNG UTARA
มุมมอง 159 หลายเดือนก่อน
Saba Wewengkon: LEUWEUNG PINUS JAYAGIRI LEMBANG ~ BANDUNG UTARA
Saba Seni: MUSIKALISASI SAJAK "MERDEKA, BUNG!" KARYA CHYE RETTY ISNENDES
มุมมอง 2779 หลายเดือนก่อน
Saba Seni: MUSIKALISASI SAJAK "MERDEKA, BUNG!" KARYA CHYE RETTY ISNENDES
Saba Budaya: ISTANA RAJA UBUD
มุมมอง 219 หลายเดือนก่อน
Saba Budaya: ISTANA RAJA UBUD
Saba Budaya: TARI SARUNG DARI SULAWESI TENGGARA
มุมมอง 349 หลายเดือนก่อน
Saba Budaya: TARI SARUNG DARI SULAWESI TENGGARA
Saba Budaya: TARIAN BALI SELAMAT DATANG
มุมมอง 6410 หลายเดือนก่อน
Saba Budaya: TARIAN BALI SELAMAT DATANG
Saba Budaya: JOGEDAN ALA BALI
มุมมอง 15510 หลายเดือนก่อน
Saba Budaya: JOGEDAN ALA BALI
Saba Sastra: PATREM SABA SAKOLA KA SMP PUPUK KUJANG CIKAMPEK
มุมมอง 6110 หลายเดือนก่อน
Saba Sastra: PATREM SABA SAKOLA KA SMP PUPUK KUJANG CIKAMPEK
Saba Atikan: REKAMAN NGUJI SKRIPSI
มุมมอง 12710 หลายเดือนก่อน
Saba Atikan: REKAMAN NGUJI SKRIPSI
Saba Budaya: ADEG-ADEG (MANUSA) SUNDA
มุมมอง 9311 หลายเดือนก่อน
Saba Budaya: ADEG-ADEG (MANUSA) SUNDA
Saba Sastra: PATREM SABA SAKOLA DI SMA MUSLIMIN CILILIN BANDUNG BARAT
มุมมอง 9911 หลายเดือนก่อน
Saba Sastra: PATREM SABA SAKOLA DI SMA MUSLIMIN CILILIN BANDUNG BARAT
Saba Sastra: APRESIASI PUISI KELAS 4B
มุมมอง 6811 หลายเดือนก่อน
Saba Sastra: APRESIASI PUISI KELAS 4B
Saba Sastra: APRESIASI PUISI DINA PINTONAN KELAS 4A
มุมมอง 12711 หลายเดือนก่อน
Saba Sastra: APRESIASI PUISI DINA PINTONAN KELAS 4A
Saba Sastra: PATREM SABA SAKOLA DI SMPN 40 BANDUNG
มุมมอง 89ปีที่แล้ว
Saba Sastra: PATREM SABA SAKOLA DI SMPN 40 BANDUNG
Saba Seni:ARUMI COVER "SURAT CINTA UNTUK STARLA"
มุมมอง 81ปีที่แล้ว
Saba Seni:ARUMI COVER "SURAT CINTA UNTUK STARLA"
Saba Sastra: PATREM SABA SAKOLA (PASASA) KA-9 DI SMPN 2 CIBADAK SUKABUMI
มุมมอง 107ปีที่แล้ว
Saba Sastra: PATREM SABA SAKOLA (PASASA) KA-9 DI SMPN 2 CIBADAK SUKABUMI
Saba Sajarah: SULTAN AGENG TIRTAYASA DI SERANG BANTEN
มุมมอง 74ปีที่แล้ว
Saba Sajarah: SULTAN AGENG TIRTAYASA DI SERANG BANTEN

ความคิดเห็น

  • @bias_lembayung
    @bias_lembayung 19 ชั่วโมงที่ผ่านมา

    Mantap

  • @user-qk5gc2fd8r
    @user-qk5gc2fd8r วันที่ผ่านมา

    alhamdulillah mugi2 janten salah sahiji solusi kanggo ngaronjatkeun widang ekonomi kreatif kanggo nu gdh srg warga oge janten mikanyaah kn lingkungan 👍👍👍👍👍

  • @zidanashar5358
    @zidanashar5358 2 วันที่ผ่านมา

    mantap😮

  • @IwanSetiawan-r2i
    @IwanSetiawan-r2i 4 วันที่ผ่านมา

    Alhamdulillah tepang deui sareng chye

  • @AswadiBaduy
    @AswadiBaduy 13 วันที่ผ่านมา

    hebat baduy bisa cerita tama buku

  • @radenmuhammadalattas409
    @radenmuhammadalattas409 21 วันที่ผ่านมา

    Sumuhu bu salam mahabah ti tanah baru

  • @ranhappy9472
    @ranhappy9472 หลายเดือนก่อน

    Bu Guru, kenapa kata "Urang Baduy / Suku Baduy tidak dirubah jadi Urang Kanekes. Mereka kan Suku Sunda juga, sebutan Baduy juga sebutan dari orang Belanda / VOC pada zaman kolonial yang disamakan dengan Suku Badui Arab yang hidup dipedalaman. Sebelum itu, Urang Kanekes tidak mengenal kata Baduy.

  • @omengomengg5107
    @omengomengg5107 หลายเดือนก่อน

    Ecek saha eceu..

  • @fajarm.rkartadireja7998
    @fajarm.rkartadireja7998 หลายเดือนก่อน

    Sim Kuring Fajar Mohamad Ridwan ti kelas 4-B kalawan NIM 2203876, seja ngadugikeun kamandang ngeunaan ieu video pupujian. Pupujian memang rea pisan rupana ditilik ti beda wewengkon pasti beda boh rumpaka boh lentong atawa nada nu dihaleuangkeunna, dina ieu video bisa dititen yen rumpakana diwangun ku dua basa nya eta Arab jeung Sunda nu mana ieu jadi kaunikan tina ieu pidangan video. Nilik kana kekecapan nu murwakanti tuluy miboga sipat ngirut sangkan umat Islam bisa tetep silih welas silih asih. Hatur Nuhun.

  • @fajarm.rkartadireja7998
    @fajarm.rkartadireja7998 หลายเดือนก่อน

    Sim Kuring Fajar Mohamad Ridwan ti kelas 4-B kalawan NIM 2203876, seja nguningakeun sapamendak Kuring tina ieu video pupuh "Madinah-Jedah" guritan Yus Rusyana. Ditilik tina jihat seni kacida euyeubna ku aya harmonisasi transisi layeutan sora nu mere kesan hegar, laju deui ditilik tina rumpaka nu apik pisan digurit ku Yus Rusyana mere gambaran nu kacida jelas ngeunaan munggah haji. Hatur nuhun, pamugi salawasna nanjeur. Cag.

  • @Lokal_hit5
    @Lokal_hit5 2 หลายเดือนก่อน

    Goblog banget ihh yang mainyaaah

  • @sarahcantik1294
    @sarahcantik1294 2 หลายเดือนก่อน

    Salam sadulur dari keturunan abdul fathi tb sanusi

  • @dennyrachmat1
    @dennyrachmat1 3 หลายเดือนก่อน

    Ayeuna mah aya gardu listrik sareng tower, nya, tehcan ?

  • @dennyrachmat1
    @dennyrachmat1 3 หลายเดือนก่อน

    Nagrak mantap pisan 👍

  • @firdausadzdzahaby3886
    @firdausadzdzahaby3886 3 หลายเดือนก่อน

    Naon nya istilah drama tina basa sunda? Aya nu terang?

  • @fharazauliaakbar6731
    @fharazauliaakbar6731 3 หลายเดือนก่อน

    Masya Alloh, pikeun ngaronjatkeun atikan ngeunaan Tarum Areuy, ieu pangaweruh tangtos kedah diperhatoskeun ku baraya masarakat Sunda.

  • @gelartaufiqkusumawardhana277
    @gelartaufiqkusumawardhana277 3 หลายเดือนก่อน

    Keren

  • @silkifarhi3632
    @silkifarhi3632 3 หลายเดือนก่อน

    Alhamdulillah saatos simkuring nonton ieu vidio anh ngeunaan "saba budaya wanoja baduy nutu saung lisung" prosés estetika nyaéta ciri-ciri kaéndahan nyangking kaéndahan seni. 1. Unity (kasatuan) ditinggal didinya aya sababaraha hiji wanoja anu némbongkeun kasenian na jeung kakompakan anu aya rasa kasatuan 2. Balance (keseimbangan) dina kagiatan wanoja nutu saung lisung bari jeung ngobrol obe dina migawena 3. Harmoni (selaras) dina nutu eta bisa ngahasilkeun irama anu kadangu na endah 4. Proporsional didinya oge katinggalna geus cukup dina nyumponan ciri-ciri éstétika 5. Gemilang (daya pesona) didinya miboga caya pesona dimana nuth bari ngobrol nu matak aga daya pesona na 6. Beauty (kaendahan) sora jeung kaayaan nu aya di dinya nu matak katempona endah jeung ngeunaheun kana hate. Hatur nuhun Wasta: silki farhi NIM: 2301529 Kelas 2B

  • @silkifarhi3632
    @silkifarhi3632 3 หลายเดือนก่อน

    Alhamdulillah parantos sim kuring nongton reueus pisan katjnggal na dina ieu sastra musikalisasi sajak "MERDEKA BUNG"dina vidio eta seer pisan pangajaran dina ieu sajak 1. Unity (kesatuan) dina ieu vidio aya dina instrumen na terus aya oge dina ilustrasi jaman baheula anu di jadikeun sajak anu ngeunaan kemerdekaan perjuangan 2. Harmoni (selaras) ditilik dina musik alat musik saluyu oge selaras jeung sajakna 3. Balance(seimbang) dina vidiona ogé ges saimbang jeung anu nyanyi jeung instrumen na oge 4. Proporsional simkuring ninggal jg ngadangukeun na geus cukup terus oge saé pisan dina mintonkeun nana 5. Gemilang (daya pesona) dina vidiona urang bisa ninggal didinya aya alur ilustrasi jsb. Anu bisa di rasakeun ku ayana faya pesona 6. Beauty (kaéndahan) ditilik tina vidio na atos saé teras dina kaéndahan na oge sok saluyu jeung sajakna Hatur nuhun Wasta: silki farhi NIM: 2301529 Kelas 2B

  • @delanfikorahman7492
    @delanfikorahman7492 3 หลายเดือนก่อน

    alhamdulillah masyaallah reueus pisan kana ieu sastra musikalisasi sajak "MERDEKA, BUNG" karya ibu Retty. Seueur pisan pangajaran anu tiasa dipetik dina ieu sajak. Dina ieu karya sastra ngawengku sababaraha ciri ciri kaendahan seni, nyaeta diantarana : 1. Unity (kesatuan) nu mana midangkeun dina ilustrasi oge ditambah ku sajak anu ngajadi unity kaendahan 2. Harmony (selaras) ditilik tina segi musikalisasi, alat musik na jeung asup na sajak nu nyieun kaharmonisasian kaselarasan seni 3. Balance (saimbang) tina unity (kesatuan) nu midangkeun musikalisasi kalayan balance (saimbang) 4. Proposional (cukup) sagalana teu berlebihan sahingga tetep luyu jeung tema 5. Gemilang (daya pesona) tiasa ditilik tina eusi sajak, kaendahan basa, kaendahan sora nu nembang, oge tina ilustrasi 6. Beauty (kecantikan) kecantikan video nu dipidangkeun nambah kaendahan dina ieu video musikalisasi sajak Hatur nuhunn Wasta : Delan Fiko Rahman Nim. : 2305515 Kelas. : 2B

  • @destamahardika4126
    @destamahardika4126 3 หลายเดือนก่อน

    Alhamdulilah sim kuring parantos nongton oge ngaregepkeun ieu vidio. Dina ieu vidio teh miboga sababaraha ciri kaendahan, nyaeta: 1. Unity (kesatuan), dituduhkeun ku sababaraha wanoja anu keur ngalakukeun kagiatan nutu. Ieu hal miboga unsur kesatuan. 2. Harmony (selaras), kaselarasan ieu vidio ditandaan ku tempat anu selaras jeung kagiatan anu dilakukeun. 3. Balance (saimbang), dina ngalakukeun kagiatanana, unggal jalma nutu sakali ewang sangkan ngahasilkeun sora anu saimbang. 4. Daya Pesona (Gemilang), Kahirupan urang baduy jadi hiji daya pesona. 5. Beauty (kaendahan), dituduhkeun ku kaendahan alam disabudeureun masarakat baduy. Wasta: Muhammad Desta Mahardika NIM: 2305179 Kelas: 2B

  • @destamahardika4126
    @destamahardika4126 3 หลายเดือนก่อน

    Alhamdulilah sim kuring parantos nongton tur ngaregepkeun ieu vidio, dina ieu vidio miboga sababaraha ciri kaendahan, nyaeta: 1. Unity (Kesatuan), anu dituduhkeun ku instrumen lagu, sajak, jeung cinematography vidiona anu jadi hiji kesatuan nu endah. 2. Harmony (selaras), ayana perpaduan antara sajak jeung ilustrasina. 3. Balance (saimbang), kasaimbangan dina ieu vidio ditandaan ku sora anu maca sajak. 4. Daya Pesona (Gemilang), instrumen jeung jalma anu maca sajakna miboga daya pesona. 5. Beauty (kaendahan), dina raksukan anu maca sajak miboga nilai tambah dina kaendahan ieu vidio. Wasta: Muhammad Desta Mahardika NIM: 2305179 Kelas: 2B

  • @shelomitha9966
    @shelomitha9966 4 หลายเดือนก่อน

    Assalamualaikum WR. Wb. Sampurasun. Alhamdulillah Simkuring parantos nongton vidéo Saba Budaya: Wanoja baduy nutu di saung lisung. Vidéona saé pisan, bisa dijadikeun pangajaran ngeunaan budaya, loba ogé pesen anu tiasa dicandak. Éstetika nyaéta cabang filsafat ngeunaan kaéndahan. Boh kaéndahan alam oge kéndahan seni. Tina ieu vidéo tiasa urang identifikasi dina ciri-ciri kaéndahan. Ciri-ciri kaéndahan dina ieu vidéo nyaéta: 1. Unity (Kasatuan): Dina ieu vidéo nya éta miboga kasatuan. Nya éta lamun saatos panén pasti di nutu. Kabiasaan ieu geus jarang di kota-kota gedé. Lamun keur nutu, teu bisa mentingkeun diri sorangan, urang boga waktuna sewang-sewangan, jadi sakali éwang dina ngalakonannana. 2. Harmoni (Salaras): Salaras pisan nalika nutu. Kusabab lamun nutu teu bisa langsung babarengan, tapi miboga waktuna sewang-sewangan. Lamun nutu ogé jadi bisa miboga sora anu salaras. 3. Balance (saimbang): Ieu vidéo salaras pisan dina kabiasan-kabiasaan urang Sunda nalika saatos panén. Tempatna nu kajagi pisan, ogé ayana hayam dina éta tempat, Jadi lamun paré murag ka handap pasti ku hayam. Éta ogé bisa jadi ajang kasaéan. 4. Proposional (ditempatna): Vidéo ieu proposional. Dina ieu vidéo medarkeun yén nutu di Kampung Baduy téh miboga tempatna. Nutu ogé miboga alatna nu khas. 5. Gemilang, daya pesona: Wanoja-wanoja nu gareulis, nganggo samping khas, anu tempatna gé masih asri, kajagi kénéh dina kabersihan ogé kaéndahan. Éta anu kaasup dina daya pesona dina ieu vidéo. 6. Beauty (Kageulisan): Kageulisan dina ieu vidéo nya éta tiasa ditinggal tina raksukan wanoja baduy anu kawilang unik sabab jarang anu ngagunakeun raksukan saperti kitu. Samping khas baduy biasana warna na biru, maké na gé sederhana. Wasta: Shelomitha Nadzila Maulidina NIM: 2309966 Kelas 2B Éstétika

  • @shelomitha9966
    @shelomitha9966 4 หลายเดือนก่อน

    Assalamualaikum Wr. Wb. Sampurasun. Alhamdulillah Simkuring parantos réngsé nongton jeung ngalenyepan Saba Seni: Musikalisasi sajak "Merdeka, Bung!" Karya Ibu Retty. Sabada Simkuring atos nongton ieu video, seueur pisan pangajaran anu tiasa dicandak pikeun urang saréréa. Vidéona saé pisan kanggo ngenalkeun perjoangan bangsa Indonesia nalika dijajah. Urang tiasa nyindekkeun dina ieu vidéo ngeunaan éstétika ngeunaan kaéndahan. Ciri-ciri kaéndahanna dina nyangking kaéndahan seni nya éta: 1. Unity (kasatuan): Dina ieu vidéo aya cuplikan-cuplikan ilustrasi anu ngadukung sajakna. Sajak anu miboga téma kamerdekaan, kontras jeung vidéo dina masa penjajahan di Indonésia, nalika bangsa Indonésia keur berjoang keur kamerdekaan Indonesia. 2. Harmony (salaras): Salaras dina instrumen anu diwangun ku dua alat musik khas sunda nyaéta kacapi jeung karinding. Salaras pisan ngahijina karinding, kacapi ogé sora anu ngahaleuangkeun éta kawih. 3. Balance (saimbang): Saimbang vidéo ieu nya éta dina cuplikan vidéo anu ngagambarkeun bangsa Indonésia baheula jeung ayeuna. Baheula bangsa urang dijajah, ayeuna bangsa urang bisa tingtrim, merdeka, jeung kabagjaan nalika hirup di indonésia 4. Proposional (di tempatna): Vidéo ieu proposional, bisa milah jeung milih naon waé anu aya patalina jeung sajak oge kawihna. 5. Gemilang, daya pesona: Gemilang na dina istri anu ngahaleuangkeun kawih anu témana kamerdekaan. 6. Beauty (kageulisan): Kageulisan di ieu vidéo nya éta dina raksukan oge make up anu dipake istri nu ngawih. Warna raksukan nu kontras jeung make up nu di paké. Wasta: Shelomitha Nadzila maulidina NIM: 2309966 Kelas 2B Éstétika

  • @agusrahmathidayat4
    @agusrahmathidayat4 4 หลายเดือนก่อน

    Sabadana simkuring lalajo kana ieu video kalawan judul "Saba Budaya: WANOJA BADUY NUTU DI SAUNG LISUNG", simkuring manggihan sababaraha hal anu bisa ditengetan nurutkeun pamarekan éstétika. Sacara visual, videona ngan saukur dokuméntasi anu teu diréka-réka. Ngaguluyur waé saayana ti mimiti nepi ka ahir. Kitu deui audiona, ngan nepikeun sora nu aya dina video sagemblengna. Teu kapanggih informasi tambahan atawa background music. Ieu video cocogna dijadikeun arsip pikeun panalungtikan atawa arsip pribadi. Da sacara éstétika mah ieu video basajan teuing, teu ngandung ajén-ajén kaéndahan anu kompleks. Agus Rahmat Hidayat Mahasiswa Semester 2 Pendidikan Bahasa Sunda 2023

  • @agusrahmathidayat4
    @agusrahmathidayat4 4 หลายเดือนก่อน

    Sabadana simkuring lalajo kana ieu video kalawan judul "Saba Seni: MUSIKALISASI SAJAK "MERDEKA, BUNG!" karya Chye Retty Isnendes", simkuring manggihan sababaraha hal anu bisa ditengetan nurutkeun pamarekan éstétika. Sacara visual, kualitas videona ngan saukur 240p anu kawilang kurang kiwari mah. Sacara sinématografi ogé masih bisa leuwih dironjatkeun. Dina ieu kontén, loba nyokot video ti batur bari teu nyantumkeun sumber. Kaasupna plagiarisme. Sacara audio, rumpaka jeung kualitas rekaman audiona hadé. Juru kawih halimpu dina ngahaleuangkeunana. Tuluy dipirig ku kacapi, kendang, karinding anu ngaharmonisasi jeung mapaés Sacara umum, ieu kontén téh bisa ngahudang sumanget perjuangan tur béla ka bangsa. Émosina beunang. Agus Rahmat Hidayat Mahasiswa Semester 2 Pendidikan Bahasa Sunda 2023

  • @EtikRostika
    @EtikRostika 4 หลายเดือนก่อน

    assalamualaikum sabada simkuring nyakseni ieu vidio anu jejerna ngeunaan " saba seni: MUSIKALISASI SAJAK "MERDEKA, BUNG!" YASANA CHYE RETTY ISNENDES". kairut ku kaendahan jeung nu ngahijikeun antara seni sareng jaman bahela. sim kuring rek nilih ieu vidio dina estetika instrumentalia, ku cara nganalisis proses estetika dina ciri-ciri kaendahan. 1. Unity (kesatuan), dina pintonan musikalisasi sajak ieu sim kuring katinggal aya instrumen, aya gambar jaman panjajahan baheula, sareng aya anu nyajak jeung ngawih teh jadi hiji sistim anu utuh. 2. Harmoni (selaras) Harmoni ditilik dina ieu video ieu th tina warna, nu nyajak, sareng nu nyanyi teh saluyu jeung tatananana. 3. balance (saimbang) anu ngawih sareng anu maca sajak sareng di pirig ku instrumenna teh atos saimbang jadi simkuring ngaregepkeunna leuwih resep teu bosen. 4. proposional (cukup) dina sagala aspek estetika, boh dina kesatuan, kaselarasan, sareng kasaimbangan tos ninggalikeun yen ieu video teh miboga nilai estetika anu endah pisan. 5. Gemilang (daya pesona) dina ieu video miboga daya tarik antara anu ngawih, nyajak, sareng nu ngapirigna ieu jadi daya pesona dina ieu video. 6. beauty (kecantikan) ditilik tina pakean anu ngawih sarta aya aksesoris sareng make up. sareng tilik oge tina gambar tutuwuhan sareng pamandanganna anu namihan ieu video teh leuwih nambihan kana kaendahanna sareng ngaronjatkeun kana kanyaho sim kuring yen estetika atanapi kaehndahan teh bisa jadi pakakas anu kuat. Wasta: elpira sri rahmania Nim: 2301675 kelas: 2B

  • @mellysuryautami8298
    @mellysuryautami8298 4 หลายเดือนก่อน

    Assalamualaikum wr wb Alhamdulilah sabada simkuring nongton tur ngaregepkeun ieu video "Saba Budaya : WANOJA BADUY NUTU DI SAUNG LISUNG" ti Ibu Chye Retty Isnendes, simkuring jadi apal yén nutu dina lisung téh henteu di masarakat urang hungkul anu geus jarang kaitung na tapi di Baduy ogé aya. Loba informasi ogé pangaweruh nu bisa ku simkuring cangkem. Nilik dina éstétika instruméntalia , nyaéta ku cara nganalisis éstétika dina ciri-ciri kaéndahanana. 1. Unity (kesatuan) Sababaraha wanoja ngahiji atawa babarengan dina hiji saung pikeun nutu. Dina gawé bareng ieu téh ngajadikeun pagawéanna téréh bérés ogé katingali kaéndahanana tina gawé barengna, silih lengkepan nu bakal katingali kompak tur éndah. 2. Harmoni (selaras) Kagiatan nutu anu dilakukeun ku sababaraha wanoja dina ieu wanoja téh sistim na silih gantian nu mana bakal ngahasilkeun kakompakan, fokus, nilai tambahanana dina ngahasilkeun sora atawa irama anu unik 3. Balance (seimbang) Kasaimbangan dina kagiatan nutu ieu téh katingali tina nutu anu sakali éwang atawa silih gantian tur kasaimbanganna ogé dina nutu bari ngobrol, éta kaasup ogé kana kaparigelan. 4. Gemilang (daya pesona) Daya pesona atawa daya tarik dina ieu video téh nyaéta kagiatan nutu na sorangan nurutkeun simkuring mah. Ku sabab kagiatan nutu ieu téh geus kaitung jarang hususna di wewengkon simkuring sorangan. Lamun ningali deui kagiatan nutu saperti kieu téh sok sono. 5. Beauty (keindahan) Kaéndahan dina ieu video ogé salian ti kagiatan nutu anu silih gantian, ngahasilkeun sora sora anu unik katingali ogé tina samping anu dipaké ku wanoja Baduy nalika nutu. Sanajan bajuna ukur kaos tapi ku sabab ieu mung kagiatan nutu tetep katingali éndah ku samping na. Hatur nuhun. Wassalamu'alaikum wr wb. Wasta : Melly Surya Utami NIM : 2312113 Kelas : 2B Mata Kuliah : Éstétika

  • @EtikRostika
    @EtikRostika 4 หลายเดือนก่อน

    assalamualaikum alhamdulilah sabada simkuring parantos rengse nyakseni ieu video Saba Budaya: WANOJA BADUT NUTU DI SAUNG LISUNG. di tilik tina estetika instrumentalia aya proses estetika kaendahan seni atawa ciri-cir kaendahan nyaeta: 1. Unity ( kesatuan) dina ieu video aya sababaraha wanoja anu keur nutu sabari nyarita anu bakal jadi leuwih deket duduluranana . 2. keselarasan (harmoni) kagiatan sababaraha wanoja anu keur nutu teh ngahasilkeun sora nu ngeunah kadanguna di tambah aya sora hayam sareng manuk anu nambah variasi dina kaendahanana. 3. balance (saimbang) dina ieu video tos ningglikeun yen ieu teh atos saimbang, aya wanoja anu keur nutu, ngasupkeun pare kana lisung, sarta bari nyarita. 4. gemilang (daya pesona) dina kagiatan nutu ieu teh miboga data pesona ka pamiarsa, suasana tempat sareng suara anu dihasilkeun tina nutu lisung sareng sora sasatoan. 5. proposional (cukup) ditilik tina ieu video atos proposional. 6. beuaty (kecantikan) ditilik dina nutu lisung jeung tempatna teh kaciri endah pisan sabab ninggalikeun siga jaman baheula sarta pakean anu dipakena oge katinggali endah anu nyirikeun wanoja baduy. Wasta: Elpira Sri Rahmania Nim: 2301675 Kelas: 2B

  • @mellysuryautami8298
    @mellysuryautami8298 4 หลายเดือนก่อน

    Assalamualaikum wr wb Alhamdulilah sabada simkuring nongton tur ngaregepkeun ieu video Saba Seni : MUSIKALISASI SAJAK "MERDEKA, BUNG!" Karya na Ibu Chye Retty Isnendes, simkuring téh resep nongton tur ngadangukeunna jadi nambihan pangaweruh nu bisa ku simkuring cangkem. Musikalisasi sajak téh mangrupa hiji kagiatan nu ngadumaniskeun antara musik jeung sajak. Biasana musikalisasi sajak téh dipidangkeun ku cara macakeun heula sajakna laju nyanyikeun sajak nu dipirig ku musik. Ditilik dumasar kana éstétika instruméntalia, ku cara nganalisis éstétika dina ciri-ciri kaéndahanana. 1. Unity (kesatuan) Elemen video anu jaman baheula anu nunjukkeun peperangan, musik jeung sajak anu ngahiji ngahasilkeun video anu éndah. 2. Harmoni (selaras) Nilik dina video, eusi sajak jeung instrumen musik na téh selaras, anu antukna nyieun ieu video téh téma na alus tur asak. 3. Balance (seimbang) Eusi ieu video téh saimbang salasahijina tina sora anu ngahaleuang teh nyurup jeung musik kitu ogé nu maca sajak téh bisa apal kana mana kekecapan anu kudu ditekenkeun mana anu kudu pake rarasaan. 4. Gemilang (daya pesona) Daya pesona atawa daya tarik dina ieu video téh nurutkeun simkuring mah tina maca sajak na anu saé, pemilihan video ogé salasahiji jadi pangrojongna. 5. Proporsional (cukup) Ditilik dina sakabéh aspék nu aya dina jero video téh geus nyumponan 6 aspék éstétika, pemilihan musik jeung video geus cukup dihijikeun jeung sajak na. 6. Beauty (keindahan) Ditilik tina video anu nunjukkeun jaman baheula téh geus alus jadi pangrojong téma musikalisasi sajak, ditilik tina anu ngahaleuang téh meni halimpu anu antukna ka urang jadi bisa menikmati, kitu ogé kekecapan anu aya dina sajak téh meni éndah. Hatur nuhun. Wassalamu'alaikum wr wb. Wasta : Melly Surya Utami NIM : 2312113 Kelas : 2B Mata Kuliah : Éstétika

  • @fasyahuriyyah1109
    @fasyahuriyyah1109 4 หลายเดือนก่อน

    Assalamualaikum wr. wb. Alhamdulillah sim kuring parantos ngaréngsékeun nongton video "Saba Budaya: WANOJA BADUY NUTU DI SAUNG LISUNG". Éstétika nyaéta elmu anu ngulik ngeunaan kaéndahan. Kaéndahan di dieu lain mangrupa wujudna wungkul, tapi mangrupa hal anu nimbulkeun rasa bungah, tingtrim, bagja, tur nyaman kana pancaindera. Aya ogé ciri-ciri anu ku sim kuring baris dipedar: 1. Unity, ditilik kana ieu video, dina kagiatan nutu teu dilakukeun ku sorangan tapi babarengan. Ku kituna dina babarenganna ngawengku aspék kesatuan anu silih lengkepan. 2. Harmoni, ditilik tina video mah nutu téh kudu dilakonan sacara fokus sangkan ngahasilkeun sora anu salaras henteu ukur gandéngna wungkul. 3. Balance, kasaimbanganna dituduhkeun ku jalma anu keur nutu paré. Nutuna téh sakali séwang nepi ka ngahasilkeun sora anu saimbang. 4. Proposional, ditilik tina ieu video mah tos proposional antara nutu jeung tempatna. 5. Gemilang, daya pesona dina ieu video aya dina nutu na. Sabab di sababraha daérah mah tradisi nutu paré téh tos jarang pisan. 6. Beauty, kaéndahan dina ieu video téh aya dina kaayaan alamna anu asri, éndah, tur matak waas. Wasta: Fasya Huriyyah NIM: 2303346 Kelas: 2B Mata Kuliah: Éstétika

  • @nuraenimeilanipertiwi1178
    @nuraenimeilanipertiwi1178 4 หลายเดือนก่อน

    Assalamu'alaikum warahmatullahi wabarokatuh Alhamdulillah sim kuring parantos réngsé nongton ieu vidio, seueur pisan pangajaran nu ku sim kuring candak. Ku kituna sim kuring badé nganalisis ciri-ciri kaéndahan dina ieu vidio. "Wangun Éstétika téh nyaéta cabang élmu filsafat anu ngeunaan seni jeung kaéndahan, anu mana Kaéndahan anu bisa karasa ku urang". Kukituna aya sababaraha ciri-ciri kaéndahan dina Vidio ieu nyaéta: 1. Nilai kesatuan (unity): dina ieu vidio nilai kesatuanna dituduhkeun ku sababaraha wanoja anu keur ngalakukeun kagiatan nutu, dimana kagiatan nutu biasana dilakukeun sacara babarengan sangkan téréh anggeus, ieu hal mangrupa hiji kesatuan atawa hiji beungkeutan anu dituduhkeun dina kahirupan sosialna. 2. Harmoni (selaras): kaselarasan dina ieu vidio ditémbongkeun dina tempat anu selaras pisan jeung kagiatanna, salian ti éta aya sora sasatoan saperti hayam anu nuduhkeun yén urang baduy téh raket pisan jeung alam. 3. Balance (saimbang): Nilai kasaimbangan dituduhkeun ku jalma anu sakali éwang nutu paré nepi ka ngahasilkeun sora atawa nada anu saimbang. 4. Gemilang (daya pesona): Kahirupan urang baduy anu jadi pesona dina ieu vidio, dimana hiji kagiatan anu geus jarang dilakukeun ku urang, tapi ku urang baduy masih sok dilakukeun. Ku kituna ieu téh jadi daya pesona dina ieu vidio. 5. Beauty (kaéndahan): dituduhkeun ku kaéndahan alam baduy dipadupadankeun jeung sora hayam sarta nada-nada nu kaluar tina kagiatan nutu anu jadi kaéndahan dina ieu vidio. Wasta : Nuraéni Nim : 2311801 Kelas : 2B

  • @sitimariamahpazriadi1547
    @sitimariamahpazriadi1547 4 หลายเดือนก่อน

    Alhamdulillah sabada sim kuring atos nongton ieu video anu mana ngeunaan " Saba Budaya: Wanoja Baduy Nutu Saung Lisung", pami di tilik tina proses estetika nyaeta ciri-ciri kaendahanana dina nyangkin kaendahan seni. 1. Unity (kasatuan) ninggal dina video aya sababaraha wanoja anu keur nutu babarengan jeung ngobrol antara wanita hiji ka sejenna, kagiatan ieu nembongkeun kakompakan nepi ka ayana rasa kasatuan 2. Proposional, dina video ieu babandingan antara warna, gambar jeung suasana endah atos sabanding dina hiji ka sejenna 3. Harmoni (keselarasan), dina video ieu wanoja baduy nutu babarengan sambari mgobrol eta kagiatan nembongkeun kaharmonian anu salaras. 4. Balance (keseimbangan) dina kagiatan nutu wanoja baduy teh kudu di gawean babarengan supados saimbang dina gawena, ieu kagiatan anu di lakukeun babarengan teh endah ku kaciptana wanoja baduy nutu babarengan eta kagiatan nembongkeun kasaimbangan dina gawe bareng 5. Gemilang (daya pesona) dina video ieu aya daya pesona nyaeta wanoja baduy anu keur nutu di saung lisung jeung suasana anu Damai jeung asri 6. Beauty (kecantikan) dina raksukan anu di pake ku wanoja baduy,suasana jeung tempat anu asri Wasta : Siti Mariamah Pazriadi Nim : 2311923 Kelas :2B

  • @fasyahuriyyah1109
    @fasyahuriyyah1109 4 หลายเดือนก่อน

    Assalamualaikum wr. wb. Alhamdulillah sim kuring parantos réngsé nongton video "Saba Seni: MUSIKALISASI SAJAK "MERDEKA, BUNG!" Karya Chye Rétty Isnéndés. Sateuacanna, sim kuring seja nerangkeun naon ari musikalisasi puisi téh. Musikalisasi puisi nyaéta kolaborasi antara maca sajak jeung seni musik anu dipidangkeunna ku cara dibacakeun heula sajakna tuluy dihaleuangkeun. Biasana sok dipirig ku waditra atawa instrumén. Éstétika nyaéta elmu anu ngulik ngeunaan kaéndahan. Kaéndahan di dieu lain mangrupa wujudna wungkul, tapi mangrupa hal anu nimbulkeun rasa bungah, tingtrim, bagja, tur nyaman kana pancaindera. Ditilik kana ciri-ciri éstetika: 1. Unity (kesatuan) dina ieu pintonan aya dina instrumenna. Ditilik dina ieu video, instrumen antar waditrana tos ngahiji teu aya anu paheula-heula atawa ngangokan. 2. Harmony (selaras), upami nilik kana video kaselarasanna diwangun ku perpaduan antara jejer sajak jeung ilustrasi anu luyu. Instrumén-instrumén anu dipaké ogé nambahan kesan selarasna aspek-aspek anu aya dina vidéo. 3. Balance (saimbang), kasaimbangan dina ieu vidéo bisa ditingal tina anu maca sajak jeung anu ngahaleuangna. Dua aspék éta saimbang pisan dina penghayatanana, teu aya anu punjul sorangan. 4. Proporsional (cukup), ditilik tina ieu video mah musikalisasi pusina tos proporsional pisan dina sagala aspékna. Boh dina kaselarasan, kasaimbangan tur kesatuanna. 5. Gemilang (daya pesona), ieu vidéo miboga daya pesona anu menarik dituduhkeun ku anu maca sajak di awal anu dibarengan ku ilustrasi anu nyaritakeun jaman baheula. 6. Beauty (kecantikan), dituduhkeun ku pakéan anu alus, make up anu pas, ogé kaéndahan latar tempat anu jadi daya tarikna. Wasta: Fasya Huriyyah NIM: 2303346 Kelas: 2B Mata Kuliah: Éstétika

  • @nuraenimeilanipertiwi1178
    @nuraenimeilanipertiwi1178 4 หลายเดือนก่อน

    Assalamualaikum warahmatullahi wabarakatuh Alhamdulillah sabada sim kuring rengse nongton ieu vidio ngeunaan "Saba Seni: MUSIKALISASI SAJAK "MERDEKA, BUNG!" KARYA CHYE RÉTTY ISNÉNDÉS". sim kuring rék nilik ieu vidio dina tilikan éstétika instrumentalia, nyaéta ku cara nganalisis prosés éstétika dina ciri-ciri kaéndahanana. " Éstétika téh nyaéta cabang élmu filsafat anu ngeunaan seni jeung kaéndahan. Kaéndahan anu bisa karasa". Kukituna ciri-ciri kaéndahana dina vedio ieu nyaéta ngawengku : 1. Unity atawa kesatuan, dina ieu pintonan musikalisasi sajak katingal yén antara gambar, sora instrumen jeung anu nyajak téh jadi hiji sistem anu utuh. 2. Harmoni atawa selaras, dina musikalisasi sajak ieu katingal yén ieu téh harmonina katingal boh dina segi tampilan, warna, jeung sora instrumen jeung sora nu nyajak téh sora instrumen jeung sora nu nyajak téh salaras babarengan henteu pacogrég. 3. Balance atawa saimbang, dina musikalisasi sajak ieu katingal saimbang antara penghayatan, ekspresi, kesan jeung tampilanna téh sagemblengna saimbang pisan. 4. Gemilang atawa daya pesona, si musikalisasi sajak ieu miboga daya pesona sorangan nyaéta si pamirsa téh salian ti bisa ngupingkeun anu nyajak ogé bisa ningali kumaha gambaran eusi éta sajak téh, jadi karasa pisan suasanana. 5. Beauty atawa kaéndahan, salian ti nu nyajakna mémang éndah katingalna, raksukan anu dianggé saluyu jeung eusi sajakna, ogé si sora-sora instrumenna anu éndah kitu kakupingna téh, ogé si kekecapan anu dipaké dina ieu sajak téh éndah pisan kekecapanana. 6. Proporsional, cumpon, dina ieu musikalisasi antara ilustrasi vidio jeung anu nyajak geus nyumponan. Wasta : Nuraéni Nim : 2311801 Kelas : 2B

  • @sitimariamahpazriadi1547
    @sitimariamahpazriadi1547 4 หลายเดือนก่อน

    Alhamdulillah sim kuring parantos nongton ieu vidio,musikalisasi sajak anu judulna "Merdeka Bung" Karyana chye Retty Isnendes . Éstétika teh mangrupa élmu anu ngulik ngeunaan kaéndahan. kaéndahan téh mangrupa hiji hal anu nimbulkeun rasa seneng, bagja, tingtrim sarta nyaman ngaliwatan pancaindera. Dina ieu vidio aya ciri-ciri kaéndahan nyaéta: 1. Tina kesatuan (unity) dina ieu vidio téh tos kawangun hiji kesatuan anu dituduhkeun ku ngahijina instrumen lagu, jalma anu maca sajak, jalma anu nyanyi sarta vidio alam na anu ngajadikeun ieu vidio hiji kesatuan nu éndah. 2. Harmoni (selaras) dina ieu vidio kaselarasan diwangun ku perpaduan antara sajak jeung ilustrasi anu luyu jeung eusi sajakna, anu ngajadikeun ieu vidio teh selaras, teu hilap instrumen nu bisa ngawangun suasana anu selaras sareng tema sajakna. 3. Balance (saimbang) kasaimbangan dina musik sareng anu ngahaleuangkeun sajak saimbang pisan, boh saimbang kana instrumen anu marenganna atawa dina pengahayatanna. 4. Proposional (cukup) dina ieu vidio teh tos proporsional pisan dina sagala aspek estetika, boh dina kesatuan, kaselarasan, kasaimbangan tos nuduhkeun yén ieu vidio téh miboga nilai éstétik. 5. Gemilang (daya pesona) dina ieu vidio miboga daya pesona anu dituduhkeun ku jalma anu ngahaleuang ditambah instrumen anu marenganna, antara sora jeung instrumen lagu jadi daya pesona dina ieu vidio. 6. Beauty (kecantikan) dina ieu vidio dituduhkeun dina pakéan sarta maké up jalma anu ngahaleuangkeun sajakna,sora anu ngahaluangkeun sajak ditambih kaendahan alam anu madu padankeun ieu vidio jadi nilai tambah kaéstétikaan Wata : Siti Mariamah Pazriadi Nim : 2311923 Kelas : 2B

  • @windanurazizah1043
    @windanurazizah1043 4 หลายเดือนก่อน

    Alhamdulillah simkuring parantos lalajo ieu video, video na kacida sae pisan, seueur ngandung unsur estetika. Didieu simkuring baris nganalisi ciri ciri proses estetika ngeunaan video diluhur 1. Unity (kesatuan), nyaéta patalina unsur-unsur karya seni anu ngawangun hiji sistem anu lengkep/utuh. Dina video ieu, kesatuan bisa katingali tina ayana kakompakan antar wanoja anu silih tempas nalika nutu. 2. Proporsional, babandingan antara bagian-bagian anu hiji jeung anu séjénna. Dina video ieu geus sabanding pagawéan antar wanoja hiji jeung anu sejen. 3. Harmoni (keselarasan), salaku kateraturan tatanan antara bagian tina hiji karya. Dina video ieu, harmonina bisa katingali tina segi raksukan, tempat, pagawean na anu saluyu. 4. Balance (kesaimbangan), nyaéta susunan unsur-unsur anu béda tapi miboga keterpaduan jeung silih lengkepan atawa nyaimbangkeun. Dina video ieu saimbang antara kaayaan wewengkon anu asri jeung pagawean na anu nyunda. 5. Gemilang (daya pesona), dina video ieu wanoja baduy miboga pesona pikeun jadi ciciren masarakat sunda baheula anu siga raksukanna masih keneh make samping. 6. Beauty (kecantikan/kaéndahan), dina vidoe ieu kaéndahan bisa ditingali dina kaayaan alam jeung pesona si wanoja eta sorangan. Wasta : Winda Nur A kelas : 2B NIM : 2305628

  • @siskaamelia1273
    @siskaamelia1273 4 หลายเดือนก่อน

    Assalamualaikum Warahmatullahi Wabarokatuh. Alhamdulilah simkuring parantos réngsé nongton vidéo "Saba Budaya: WANOJA BADUY NUTU DI SAUNG LISUNG" Nutu paré mangrupakeun cara tradisional baheula pikeun ngolah paré jadi béas ku cara ditumbuk maké alu dina lisung. Ditilik dumasar kana ciri-ciri éstétika nutu téh nyaéta : 1. Unity atawa kesatuan nutu téh nyaéta digawéan babarengan sangkan téréh bérés, jadi papada wanoja anu nutu téh pasti geus miboga kakompakan, maksud kakompakan didieu téh nyaéta bakal silih lengkepan nu matak jadi hiji kesatuan. 2. Harmoni atawa selaras dina nutu ieu nyaéta papada wanoja téh gawé babarengan nutu sakali ewang silih gantian nu nyababkeun kaharmonian. 3. Balance atawa saimbang dina nutu téh urang kudu saimbang dina gawéna antara hiji jalma jeung nu séjénna. 4. Proporsional atawa cukup, dina nutu ieu téh nyaéta urang bisa gawé sabari ngobrol nu bakal ngaraketkeun duduluran. Ieu nyumponan 6 ciri éstétika. 5. Gemilang atawa daya pesonana nyaéta nutu téh mangrupa kagiatan tradisional baheula nu geus jarang kapanggih di jaman ayeuna, tapi masarakat Baduy masih ngagunakeun éta kagiatan nu matak jadi daya pesonana. 6. Beauty atawa kaéndahan dina nutu téh nyaéta ditilik dina kaayaan alamna nu kaciri tradisional pisan, aya sora hayam, sora-sora alam sarta sora nu dihasilkeun tina nutu éta. Wassalamu'alaikum Wr. Wb. Wasta : Siska Amelia NIM : 2305553 Kelas : 2B Matkul : Éstétika

  • @windanurazizah1043
    @windanurazizah1043 4 หลายเดือนก่อน

    Alhamdulillah simkuring parantos réngsé lalajo ieu vidéo. Vidéo na meuni kacida saéna, seueur anu tiasa dijantenkeun pangajaran anu patalina sareng matkul éstétika. Ku kituna, didieu simkuring baris nganalisis unsur unsur anu aya dina video éta. 1. Unity (kesatuan), nyaéta patalina unsur-unsur karya seni anu ngawangun hiji sistem anu lengkep/utuh. Dina pintonan musikalisasi sajak ieu, kesatuan bisa katingali tina ayana instrumén, anu nyajak jeung nyanyi, sarta kaéndahan alam. 2. Proporsional, babandingan antara bagian-bagian anu hiji jeung anu séjénna. Dina pintonan musikalisasi sajak ieu, babandingan antara video ilustrasi jeung anu nyajak/nyanyi geus saimbang. 3. Harmoni (keselarasan), salaku kateraturan tatanan antara bagian tina hiji karya. Dina pintonan musikalisasi sajak ieu, harmonina bisa katingali tina segi instrumental, warna, wangun (tampilan), panempatan unit-unit séjén anu selaras saluyu jeung tatananana. 4. Balance (kesaimbangan), nyaéta susunan unsur-unsur anu béda tapi miboga keterpaduan jeung silih lengkepan atawa nyaimbangkeun. 5. Gemilang (daya pesona), dina pintonan musikalisasi sajak ieu, pamiarsa miboda daya pesonana sorangan pikeun ngébréhkeun atawa ngahartian ieu pintonan. 6. Beauty (kecantikan/kaéndahan), dina pintonan musikalisasi sajak ieu, kaéndahan bisa katingali tina kaéndahan seni jeung kaéndahan alam sarta raksukan jeung riasan anu dipakéna.

  • @user-jx3nu7tm3m
    @user-jx3nu7tm3m 4 หลายเดือนก่อน

    Alhamdulillah parantos réngsé niténan video nu judulna "Saba Budaya: WANOJA NUTU DI SAUNG LISUNG". Nutu téh hartina nyieun béas tina paré ku ngagunakeun halu jeung lisung katut nyiru. Lamun saung lisung nyaéta tempat paragi nutu paré. Dina ieu video tiasa dipaluruh ciri-ciri éstétikana. 1. Unity (kesatuan). Dina video aya hiji kesatuan anu kacipta nyaéta wanoja nu keur nutu babarengan bari ngawangkong nyieun hiji suasana anu tingtrim. 2. Harmony (selaras). Gawé babarengan mangrupa hiji kaselarasan atawa harmoni contona dina nutu paré. 3. Balance (saimbang). Dina video tos nénjokeun kasaimbangan, nu mana aya nu keur nutu, aya nu ngasupkeun paré kana lisung, jsb. 4. Proposional. Dina video nénjokeun proporsi anu silih lengkepan. 5. Gemilang. Nutu di saung lisung mibanda daya irut dina suasana babarengan bari ngawangkong nyiptakeun hiji kaéndahan. 6. Beauty (éndah). Sora nu dihasilkeun sabada nutu, geulisna wanoja, alam nu rimbun, kaasup kana aspék kaéndahan nu diténjokeun. Sakitu nu tiasa simkuring pedar. Hatur nuhun. Wasta: Muhammad Alifio Ridwan Kelas: 2B NIM: 2305500

  • @destihirmayanti5500
    @destihirmayanti5500 4 หลายเดือนก่อน

    Assalamualaikum wr. wb. Alhamdulillah simkuring parantos nongton ieu video ngeunaan "Saba Budaya: WANOJA BADUY NUTU DI SAUNG LISUNG". Prosés éstétika dina ciri-ciri kaéndahanna, nyaéta: 1. Unity (kesatuan), kagiatan nutu lisung nu dilakukeun babarengan ku wanoja ogé bari ngobrol némbongkeun kesatuan nu bisa silih lengkepan. 2. Harmony (selaras), kagiatan nutu lisung nu dilakukeun sakali séwang ku para wanoja Baduy téh ngahasilkeun sora nu harmony. 3. Balance (seimbang), dina ieu vidéo bisa katingal kasaimbangan antara wanoja hiji jeung nu séjénna, nalika nutu lisung téh kudu saimbang sangkan teu pacogrég jeung nu séjénna. 4. Gemilang (daya pesona), wanoja Baduy nu keur nutu miboga daya pesona keur pamiarsa nu nempona, sabab kagiatan nutu téh geus jarang dilakukeun komo di jaman kiwari mah. 5. Beauty (kecantikan/kaéndahan), bisa katingal tina sora nutu nu ngahasilkeun irama nu éndah, sarta kaéndahan nu aya di alam sabudeureunna. Hatur nuhun Wassalamua’laikum wr. wb Wasta: Desti Hirmayanti NIM: 2309896 Kelas: 2B

  • @juniortoto8044
    @juniortoto8044 4 หลายเดือนก่อน

    Assalamualaikum warahmatullahi wabarakatu Alhamdulillah simkuring parantos rengse nonton video ngeunaan Saba Budaya : WANOJA BADUY NUTU DI SAUNG LISUNG. Dina video ieu aya patalina sareng estetika nyaeta 1. Kesatuan (unity) dina video kesatuan para wanoja anu nutu lisung . 2. Keselarasan (harmoni) dina video selaras tina sora lisung nu dihasilkeun. 3. Seimbang (balance) dina video ieu seimbang nyaeta teu wae nutu lisung tapi oge ngobrol sareng ngabenerkeun anu di nutu na nyaeta pare. 4. Proporsional dina video ieu atos sae sareng cekap teu kalelewihi. 5. Gemilang (daya pesona) tina video ieu tiasa ngagaduhan daya pesona kusabab langka nutu lisung ieu. 6. Kaendahan (beauty) salian ti video na kaendahan ieu ngawengku tina kaendahan lembur na sareng irama tina sora lisung na. Haturnuhun Wassalamualaikum Wasta : Junior Toto NIM : 2301500 Kelas : 2B

  • @sitikarmila5326
    @sitikarmila5326 4 หลายเดือนก่อน

    Assalamu'alaikum warahmatullahi wabarokatuh Alhamdulillah sabada simkuring réngsé nongton video diluhur ngeunaan "Saba Seni : Wanoja Baduy Nutu di Saung Lisung", aya ciri-ciri Estetika dina ieu video. Estetika nyaéta elmu anu ngulik ngeunaan kaéndahan boh alam boh seni. Aya ciri-ciri Estetika dina ieu video nyaéta : 1. Unity (Kesatuan), dina kagiatan nutu dina ieu video tangtu moal bisa ku sorangan tapi kudu babarengan, ku kitu na dina ieu ciri téh nyaéta hiji bengkeutan nu kudu diperhatikeun ogé dina nutu babarengan téh bisa silih lengkepan sangkan kagiatan éta téh tereh beres. 2. Harmony (Keselarasan), dina kagiatan nutu diluhur kasekarasan nu katingali nyaéta dina nutu téh kudu fokus sangkan bisa ngahasilkeun sora nu alus jadi bisa selaras ogé éndah katingalina. 3. Balance (Keseimbangan), dina ieu video kasaimbangan na nyaéta dina cara wanoja nutu lisung sabari ngobrol téh saimbang. 4. Proporsional, dina ieu video téh geus nyumponan kana ciri-ciri Estetika na. 5. Gemilang (Daya Pesona), dina ieu video urang bisa ningali proses nutu nu dilakukeun ku wanoja baduy ogé suasana anu masih keneh asri, ogé alunan sora nutu dina lisung. 6. Beauty (Kaéndahan), kaéndahanna bisa ditilik tina sora nutu dina lisung nu dihasilkeun, suasana alam nu masih keneh asri, ogé raksukan nu dipaké ku wanoja baduy. Hatur Nuhun Wassalamu'alaikum warahmatullahi wabarokatuh. Wasta : Siti Karmila NIM : 2303325 Kelas : 2 B

  • @jaehyungf9424
    @jaehyungf9424 4 หลายเดือนก่อน

    Alhamdulillah sim kuring parantos nongton ieu vidio. Ku kituna sim kuring badé nganalisis ciri-ciri kaéndahan dina ieu vidio. Aya sababaraha ciri-ciri kaéndahan anu bisa ditingali dina ieu vidio, diantarana: 1. Nilai kesatuan (unity): dina ieu vidio nilai kesatuanna dituduhkeun ku sababaraha wanoja anu keur ngalakukeun kagiatan nutu, dimana kagiatan nutu biasana dilakukeun sacara babarengan sangkan téréh anggeus, ieu hal mangrupa hiji kesatuan atawa hiji beungkeutan anu dituduhkeun dina kahirupan sosialna. 2. Harmoni (selaras) : kaselarasan dina ieu vidio ditémbongkeun dina tempat anu selaras pisan jeung kagiatanna, salian ti éta aya sora sasatoan saperti hayam anu nuduhkeun yén urang baduy téh raket pisan jeung alam. 3. Balance (saimbang): Nilai kasaimbangan dituduhkeun ku jalma anu sakali éwang nutu paré nepi ka ngahasilkeun sora atawa nada anu saimbang. 4. Gemilang (daya pesona) : Kahirupan urang baduy anu jadi pesona dina ieu vidio, dimana hiji kagiatan anu geus jarang dilakukeun ku urang, tapi ku urang baduy masih sok dilakukeun. Ku kituna ieu téh jadi daya pesona dina ieu vidio. 5. Beauty (kaéndahan): dituduhkeun ku kaéndahan alam baduy dipadupadankeun jeung sora hayam sarta nada-nada nu kaluar tina kagiatan nutu anu jadi kaéndahan dina ieu vidio. Hatur nuhun... Wasta: Annisa Aulia Mawarni NIM : 2309745 Kelas : 2B Matkul : Éstétika

  • @juniortoto8044
    @juniortoto8044 4 หลายเดือนก่อน

    Assalamualaikum warahmatullahi wabarakatu Alhamdulillah simkuring parantos rengse nonton video ngeunaan Saba Seni : Musikalisasi Sajak " MERDEKA BUNG!" Karya Chye Retty Isnendes. Dina video ieu aya patalina sareng estetika nyaeta 1. Kesatuan (unity) dina video ieu kesatuan video sareng musikalisasi na sae. 2. Keselarasan (harmoni) dina video selaras tina sora musikalisasi sareng nu maca sajak. 3. Seimbang (balance) dina video ieu seimbang dina musikalisasi, maca sajak sareng video nu di tampilkeunna. 4. Proporsional dina video ieu ilustrasi sareng nu maca sajak atos sae sareng cekap teu kalelewihi. 5. Gemilang (daya pesona) tina video ieu tiasa ningali ilustrasi sareng nu maca eta sajak 6. Kaendahan (beauty) salian ti video na kaendahan ieu ngawengku tina sajak sareng sora instrumenna. Haturnuhun Wassalamualaikum Wasta : Junior Toto NIM : 2301500 Kelas : 2B

  • @syahlanailah9996
    @syahlanailah9996 4 หลายเดือนก่อน

    Bismillahirahmanirrahim, alhamdulillah sim kuring parantos réngsé lalajo vidio "Saba Budaya: WANOJA BADUY NUTU DI SAUNG LISUNG" Dina tilikan éstetika instrumentalia aya proses éstetika dina nyangking kaendahan seni atawa ciri ciri kaéndahan nyaéta 1. Unity (kesatuan) dina ieu vidio aya sababaraha wanoja nu keur nutu babarengan anu nembongkeun ayana kesatuan. 2. Harmoni (keselarasan) dina ieu vidio wanoja nu keur nutu téh gawé babarengan silih gantian nu ngajadikeum ayana keselarasan tina sorana. 3. Balance (keseimbangan) dina ieu vidio ditilik ayana keseimbangan tina wanoja nu keur nutu ogé sabari ngobrol. 4. Proposional, ditilik tina ieu vidio téh geus saimbang atawa geus cukup 5. Gemilang (daya pesona) dina ieu vidio miboga pesona sabab nunjukeun masih keneh aya tradisi nutu di baduy, sabab geus di sababaraha daérah mah geus teu aya. 6. Beauty (kaéndahan) dina ieu vidio kaéndahan bisa ditilik tina kaayaan alamna, ogé éndah sabab nembongkeun tradisi nu geus jarang aya. Alhamdulillah seueur pisan mangpaat anu tiasa dicandak tina ieu vidio, tiasa nambahan pangaweruh kanggo simkuring. Hatur nuhun Ibu🙏🏻 Diajengkeun pikeun nyumponan salasahiji pancén mata kuliah Éstétika Wasta : Syahla Nailah Yusuf NIM : 231123

  • @farissachatrina
    @farissachatrina 4 หลายเดือนก่อน

    Alhamdulillah saparantos nongton vidéo Saba Budaya: WANOJA BADUY NUTU DI SAUNG LISUNG Sim kuring rék nganalisis dina tilikan éstétika instruméntalia kalayan prosés éstétika dina ciri-ciri kaéndahanana. 1. Unity (kesatuan): kagiatan nutu jeung ngobrol silih tempas némbongkeun kakompakan wanoja hiji jeung nu séjénna. 2. Harmoni (selaras): wanoja baduy ngahasilkeun hiji produk némbongkeun kaharmonian anu selaras saluyu jeung tatananana. 3. Balance (kasaimbangan): dina ieu video wanoja ogé némbongkeun kasaimbangan anu padu tur katingali éndah. 4. Proporsional: babandingan antara warna, gambar, jeung suasana kawilang éndah geus sabanding. 5. Daya pesona (gemilang): kabungahan wanoja anu keur nutu di saung lisung jeung suasana nu asri tur éndah. 6. Beauty (kaéndahan): sora anu dihasilkeun dina lisung kapireng éndahna sarta pakéan anu dipaké katingali éndah anu dimana nyirikeun wanoja baduy. Wasta: Farissa Chatrina Agmaputri NIM: 2301273 Kelas: 2B

  • @farissachatrina
    @farissachatrina 4 หลายเดือนก่อน

    Alhamdulillah saparantos nongton vidéo Saba Seni: MUSIKALISASI SAJAK "MERDEKA, BUNG!" Karya Chye Rétty Isnendes. Sim kuring rék nganalisis dina tilikan éstétika instruméntalia kalayan prosés éstétika dina ciri-ciri kaéndahanana. leu pintonan musikalisasi sajak téh nyaritakeun ngeunaan usaha bangsa urang pikeun merdéka, nu dibarengan ku visualisasi vidéo anu saluyu jeung témana. Ditilik dumasar kana ciri-ciri éstétika téh nyaéta: 1. Unity (kesatuan): dina musik atawa vidéo anu marengan sora nu maca sajak atawa sora anu ngahaleuang téh ngahiji jadi hiji kesatuan nu matak éndah ngupingkeunna. 2. Harmoni (selaras): ditilik tina klip-klip vidéo anu aya téh saluyu pisan jeung eusi sajakna dina instrumén. 3. Balance (kasaimbang): tina sora anu ngahaleuang nyurup kana musikna, ogé sora nu nyajak téh apal kumaha alusna dina nyebutkeun kecap-kecapna. anu matak kakupingna téh balence atawa saimbang 4. Proporsional: dina sakabéh aspék ieu pintonan téh tos cumpon pisan, tos nyumponan 6 ciri éstétika. 5. Daya pesona (gemilang): tina eusi sajakna ogé dina klip-klip vidiona nu bisa urang rasakeun suasanana ogé tina éksprési anu ngahaleuang téh saluyu pisan jeung kekecapanna. 6. Beauty (kaéndahan): ditilik ti rupa-rupa aspék, tina vidéo anu ngahaleuang téh éta cara nga shoot vidéo na saé pisan, tina sora anu ngahaleuang ogé meni halimpu anu jadi éndah, tina musik atawa instruméntal jeung kekecapan anu aya dina sajakna ogé saé tur saluyu pisan matak éndah ngupingkeunna. Wasta: Farissa Chatrina Agmaputri NIM: 2301273 Kelas: 2B

  • @dinahilda1394
    @dinahilda1394 4 หลายเดือนก่อน

    Assalamualaikum warohmatullahi wabarokatuh Sampurasun! Alhamdulillah sabada sim kuring atos nongton ieu video anu mana ngeunaan " Saba Budaya: Wanoja baduy Nutu Saung Lisung", pami di tilik tina proses estetika nyaeta ciri-ciri kaendahanana dina nyangkin kaendahan seni. 1. Unity ( kasatuan) ninggal dina video aya sababaraha wanoja anu keur nutu babarengan jeung ngbrol, kagiatan ieu nembongkeun kakompakan nepi ka nimbulkeun ayana kasatuan (unity) 2. Proposional, dina video ieu babandingan antara warna, gambar jeung suasana endah geus sabanding 3. Harmoni (keselarasan) , dina video ieu wanoja baduy nutu babarengan. eta kagiatan nembongkeun kaharmonian anu salaras. 4. Balance ( keseimbangan) dina kagiatan nutu wanoja baduy teh kudu saimbang dina gawena, ieu kagiatan anu di lakukeun babarengan teh endah ku kaciptana kasaimbangan dina nutu. 5. Gemilang (daya pesona) dina video ieu aya daya pesona nyaeta wanoja baduy anu keur nutu di saung lisung 6. Beauty (kecantikan) dina raksukan anu di pake ku wanoja baduy , jeung tempat anu asri Wasta : Dina Hilda Eliana A. NIM : 2311295 Kelas : 2B

  • @sitikarmila5326
    @sitikarmila5326 4 หลายเดือนก่อน

    Assalamu'alaikum warahmatullahi wabarokatuh. Alhamdulillah sabada simkuring réngsé nongton video Saba Seni: Mukalisasi Sajak "Merdeka, Bung!" Karya Chye Retty Isnendes. Musikalisasi Puisi nyaéta hiji pintonan anu ngahijikeun antara alunan musik jeung sajak, nepika ngahasilkeun pidangan anu harmonis antara musik jeung sajak. Dina video diluhur tangtu ngandung ciri-ciri Estetika, diantarana nyaéta: 1. Unity (hiji bengkeutan), dina ieu video tangtu saperti judulna Musikalisasi Puisi tangtu waé aya hiji bemgkeutan nu hadé dina seni musik jeung cara maca sajak nu hadé, ogé kawih anu silih lengkepan. 2. Harmony (Keselarasan), ditilik dina video ieu kaselarasan nu aya nyaéta dina instrumen, gambar-gambar, sora nu nyajak, nu ngawih éndah katingalna sarta tangtuna waé saluyu sareng tatananana. 3. Balance (Kaseimbangan), kasaimbangan dina ieu video ditilik dina sora nu nyajak saluyu jeung musik sarta karasa pisan dina penghayanan dina cara macakeun unggal kecapna, ogé anu ngawih nyurup jeung musikna. 4. Proporsional, dina ieu video geus nyumponan kana sakabeh ciri-ciri estetika. 5. Gemilang (Daya Pesona), dina ieu video téh tangtu boga daya pesona na, nyaéta dina eusi sajak ogé gambar-gambar jeung klip nu aya dina video mun dihayati matak nyieun urang téh bisa ngarasakeun kaayaan nu aya dina video diluhur. 6. Beauty (Kaéndahan), ditilik dina video diluhur kaéndahan nu aya nyaéta kaéndahan dina raksukan, riasan, cara nyadak video ditempat na nu matak karasa suasana kamerdekaan nu saluyu jeung judul na, tanggu aya ogé kaéndahan alam jeung kaéndahan seni. Hatur Nuhun, Wassalamu'alaikum warahmatullahi wabarokatuh. Wasta : Siti Karmila NIM : 2303325 Kelas : 2 B