Syair Santri Sedih Putus Cinta

แชร์
ฝัง
  • เผยแพร่เมื่อ 16 ก.ย. 2024
  • #syairan #syairansantrisalafi #syairsantrisalafi #syairsantriputuscinta
    Syair Santri Putus Cinta
    Syair Santri Sedih Putus Cinta
    Syairan santri salafi
    ~ PUTUS CINTA ~
    Geuning kieu karasana
    Putus cinta teh sedihna
    Aduh teu aya landongna
    Iwal pendak jeung anjena
    Teu di sangka teu di duga
    Anjen ku tega-tega na
    Dimana akal salira
    Ka abdi janten merana
    Abi reuwas reujeung bengong
    Teu benten jeng jalmi Oon
    Waktos anjeuna teh ngomong
    Ka abdi lewat telepon
    Wayahna urang papisah
    Ayeuna jeng salawasna
    Ku sim abdi di walerna
    Naon rek kitu hoyongna
    Sim abdi mah moal maksa
    Ri anjeun geus henteu suka
    Karna abimah rumasa
    Sim abdi teh jalmi hina
    Sateuacan abi ngarti
    Arti hirup tau diri
    Mungkin ieu tos takdirna
    Abi jeung anjeun papisah
    Karna abi teh manusa
    Teu kawasa jeung teu daya
    Saukur bisa ngadu'a
    Supados anjeun bahagia
    Abi moal putus asa
    Tibang leungit hiji cinta
    Sugan we aya gentosna
    Langkung tibatan salira
    Anjeunamah seuseurian
    Sim abdi mah seseggrukan
    Soca ngalirkeun ci soca
    Ngaraos asa di hina
    Abi ikhlas jeung narima
    Kana sadaya dayana
    Karna abimah rumasa
    Narimakeun lapang dada
    Teu kapikir tidituna
    Teu di sangka ti dinyana
    Anjeun ngomong rek satia
    Horeng mah ngan modal dusta
    Duh gusti abdi tulungan
    Manah nuju kanyerian
    Kakasih nu janten idaman
    Ayeuna janten sang mantan
    Pameunteu anjeun kabayang
    Dipangkuan di lamunan
    Siangna janten kenangan
    Wengina janten impenan
    Sim abdi gering emutan
    Sepertos jalmi nu edan
    Tumbuh na tangkal percintaan
    Akhirna kanalangsaan
    Ieu syiir landong manah
    Ka abdi nu nyeri manah
    Dari pada di lamunan
    Mending jantenkeun syiiran
    Mun sakieu riwayatna
    Sim abdi keur galau cinta
    Abdi ge hoyong bahagia
    Sanaos te jeung anjeuna
    .
    Tamat
    syair santri sedih
    syair santri salafi
    syair santri salafi sunda
    syair santri salafi putus cinta
    syair putus cinta zaadul muslim
    syair putus cinta
    syair putus cinta santri salafi
    syairan santri salafi
    syairan santri salafi sunda sedih
    syairan santri salafi rindu kekasih
    syair putus cinta versi santri salafi
    nadhom putus cinta
    lagu putus cinta versi sunda
    lagu sedih galau patah hati
    syairan santri salafi sunda lucu
    syairan santri salafi sunda lirik

ความคิดเห็น • 4