PUPUH GAMBUH - TANPA VOCAL+ LIRIK

แชร์
ฝัง
  • เผยแพร่เมื่อ 24 ก.ย. 2024
  • "PUPUH GAMBUH"
    ( ᮕᮥᮕᮥᮂ ᮌᮙ᮪ᮘᮥᮂ )
    Sanggian : Mang Koko
    Juru Sekar : Ida Rosida - GJ Sétra
    Tuh itu.. beurit lintuh..
    Meni rendeuy anakna sapuluh
    Arilikan gambarna masing taliti
    Anakna kabéh ngariung
    Saregep hormat ka.. kolot
    Indungna pok mitutur..
    Anaking kudu.. waspada hirup
    Lamun manggih hakaneun ngagantung seungit
    Omat ulah rék katipu..
    Sabab enggeus.. réa conto..
    Indung.. beurit, di kukuntit
    Ku anakna nu sapuluh
    Indung.. gerah
    Anak.. bungah
    Sempal guyon jeung ngaguruh
    Terus jempé
    Simpé.. réhé
    Kabéh anak ngarariung
    Bari sikep, sing saregep
    Ngabandungan fatwa indung..
    Indung.. beurit
    Pok wawangsit
    Anaking.. kudu waspada
    Entong.. mohok, ku pangolo
    Bisa témana cilaka
    Kedah.. haram jadi eupan
    Ngagntung matak kabita
    Lamun gawek, popolohok
    Raga papisah jeung nyawa..
    • 17 SEKAR PUPUH SUNDA
    #pupuh #gambuh #minusone #lirik

ความคิดเห็น •