PUPUH DURMA - TANPA VOCAL + LIRIK

แชร์
ฝัง
  • เผยแพร่เมื่อ 24 ก.ย. 2024
  • "PUPUH DURMA"
    ( ᮕᮥᮕᮥᮂ ᮓᮥᮁᮙ )
    Sanggian : Mang Koko
    Juru Sekar : Ida Rosida - GJ Sétra
    Dimamana penjajah pada marudah
    Lantaran di kiritik..
    Ku ahli nagara yén éta lampah jahat
    Tatapi kalah mudidig ambek-ambekan
    Dasar nu buta tuli..
    Beuki bengis adatna teu suda-suda
    Dasar nu kasar budi..
    Ngagawékeun jalma..
    Henteu jeung kira-kira..
    Anu.. teu nurut di bui..
    Nandang siksaan
    Kejem teu aya ta..nding
    Dimamana si.. penjajah..
    Pada.. aparah marudah
    Manan kapok, anggur.. dawok
    Najan.. di poyok di rojok
    Nagri sabuana, ukurna nyarela
    Nyempad, dosa.. politik penjajah
    Tapi penjajah teu pasrah teu sadrah
    Terus meres ngahina ngarinah..
    Nu sarakah neuki nista
    Adat, kakurung ku iga
    Ngerja bodo ka sasama..
    Nyokcrok, nyesepan.. hasilna
    Nasib nu di jajah singgah susuh payah
    Ringkus, bangkol nandangan siksaan
    Nu ngajajah kejem
    Di punjung di alem
    Weureu seubeuh
    Hirup roroyalan..
    Dimamana penjajah pada marudah
    Lantaran di kiritik
    Ku ahli nagara yén éta lampah jahat
    Tatapi kalah mudidig ambek-ambekan
    Dasar.. nu buta tuli..
    Beuki bengis adatna teu suda-suda
    Dasar.. nu kasar budi
    Ngagawékeun jalma
    Henteu jeung kira-kira
    Anu teu nurut di bui
    Nandang siksaan
    Kejem teu aya tanding..
    Link 17 SEKAR PUPUH • 17 SEKAR PUPUH SUNDA
    #pupuh #durma #minusone #lirik

ความคิดเห็น • 1

  • @prayitno3267
    @prayitno3267 2 ปีที่แล้ว

    Kintun pupuh asmarandan kang,versi mang koko