Assalamualaikum Wr. Wb Saparantos sim kuring nonton ieu film “Antara D jeung D” kawilang sae pisan. Film ieu kaasup wangun ekranisasi tina carpon. Ekranisasi sorangan nurutkeun Esneste dina Isnendes (2018:23) nyaeta usaha ngarobah hiji carita nu asalna tina novel kana wangun film. Sabada sim kurung maca jeung nonton film na aya babandinganna atawa sawatara parobihan. Sawatara babandingan anu aya dina ieu film teh diantaranya nyaeta: (1) ngaheureutan carita, (2) ayana tambahan carita, (3) ngurangan adegan. Mung sakitu anu tiasa didugikeun, hapunten bilih aya kekecapan anu kirang merenah. Wassalamualaikum Wr. Wb Wasta: Nenden Aisyah Kelas: 6A-Sastra Nim: 2006580
Assalamualaikum warahmatullahi wabarakatuh Sabada sim kuring nongton ieu film "antara D jeung D" karya Chye Retty Isnendes teh sae pisan. Dina ieu ékranisasi ogé hadé, pamaén bisa mawakeun peran tur karakter kalawan hadé. Sabada sim kuring maca jeung nongton film na tangtu waé aya babandinganna atawa sawatara parobihan. Sabab ari karya sastra anu dijieun dina wangun carpon tuluy di transformasi kana film moal bisa sagemblengna divisualisasikeun dina wangun film éta sorangan. Ku kituna tangtu bakal aya babandinganana atawa bédana, naha aya na carita anu bakal ditambahan boh dikurangan. Lian ti éta, adégan ogé bisa robah tapi dina ieu film mah sanajan aya nu ditambahan jeung dikurangan tetep teu ngarobah dina kana inti caritana. Sawatara babandingan anu aya dina ieu film teh diantarana nyaéta: 1. Ngaheureutan carita Aya dina adégan nalika Dude naek mobil ka partere. 2. Ayana tambahan carita Dina ieu film ayana adégan nambahan Carita nalika Enung jeung Dudé dahar éskrim. Lian ti éta oge nalika Dudé meuli kasét, Enung meuli paranti nyetel musik salaku hadiah ulang taun ka Dudé, Dudé muter musik, Enung maca buku, anu pamungkas Dude ngalamun panggih deui jeung Enung di jalan. 3. Ngurangan Adegan Dina ieu film ogé aya parobahan ngurangan adégan, nalika Enung nu keur galau nyaritakeun kasedih yén manéhna jeung Dude di jero mobil sedengkeun dina pilem keur di taman. Mung sakitu anu tiasa didugikeun, hapunten bilih aya kekecapan anu kirang merenah. Wassalamu'alaikum warahmatullahi wabarakatuh. Wasta : Dina Nuraini NIM : 2008193 Kelas : 6A_Sastra
Assalamualaikum warahmatullahi wabarokatuh Alhamdulilah ibu, ieu karya teh saé pisan. Carpon aslina Antara D jeung D karya ibu Chye Retty Isnendes jeung Ekranisasi Carpon Antara D jeung D ieu téh saé pisan. Ngangkatna pilem pondok tina carpon kieu téh numutkeun abi mah sae pisan, sabab bisa ngembangkeun eusi carita ku visual (gambar) sangkan leuwih menarik jeung ningkatkeun kreativitas dina perpileman, khususna ogé beuki loba deui pilem pilem pondok atawa pilem layar lebar anu make basa Sunda jeung diangkat tina carpon basa sunda. Ekranisasi numutkeun Énesté dina (Isnéndés, 2018, kc. 23) nétélakeun yén ekranisasi téh mangrupa usaha ngarobih hiji karya sastra kana wangun filem atawa ngangkat hiji carita anu asalna tina karya sastra kana wangun filem. Tangtuna waé dina Ekranisasi carpon Antara D jeung D kana filem pondok ieu téh aya anu ditambahkeun atawa aya anu dileungitkeun, pasti ogé seueur babandinganana. Sabada dibaca carpon jeung ditingali filem Antara D jeung D ieu teh aya sasabaraha hal babandingannana dina Ekranisasi Antara D jeung D téh nyaéta ; 1. Nambahan dialog anu nganuhunkeun ka Dude yén Enung téh dijajanan es krim, sabab dina carpon mah teu aya dialog atawa yén Enung téh emam es krim jeung Dude. 2. Dina kendaraan ogé anu papanggih di taman partere, na carpon mah Dude téh kuduna mawa mobil, sedengkeun dina filem mah diganti ku motor nyaéta motor Dilan anu ayeuna keur sumebar dimana mana. Jadi numutkeun abi kucara ngaganti kendaraan ieu téh salah sahiji hal anu menarik kitu pikeun panonton. 3. Tokoh Tatan teu pati dicaritakeun 4. Terus tokoh anu dikosan ngobrol jeung Dude, tapi eta teu nyebut ngaranna, duka eta téh emang si Tatan téa atawa lain. 5. Dina adegan ahir, na carpon teu aya Enung ngalungkeun obat atawa barang naon ka balong di taman partere, sedengkeun dina Ekranisasi filem na mah aya. Janten seueur pisan nya bebeda dina Carpon jeung Ekranisasi filem Antara D jeung D téh. Alhamdulilah ibu nambahan pisan pangaweruh. Mung sakitu ibu anu tiasa ku simkuring dugikeun. Hatur nuhun 🙏 Wassalamu'alaikum wr.wb Wasta : Aulia Husna Qotrunnada Nim : 2001146 Kelas : 6C
Assalamualaikum wr. wb Alhamdulillah saparantos sim kuring nongton ieu Pilem pondok "Antara D jeung D" . Sim kuring kénging pangaweruh jeung reeus geuningan leres cariosan ti Kang Tedy nalika milangkala patrem kamari yén, " euweuh wanoja nu leuwih parigel dina sastra, dina ngarang sastra, iwal ti wanoja Sunda. Sok tilikan wé satatar Sunda loba tah pangarang sastra". Kitu sasauran ti Kang Tedi téh. Tah upami dipatalikeun sareng Carpon Antara D jeung D mah karya Chye Retty Isnendes ieu mangrupa salasahiji buktos cariosan yén urang Sunda téh hadé dina widang sastrana. Carpon ieu aya patalina jeung Transformasi. Transformasi nyaéta malih warni, alih wahana, atawa adaptasi. Anu hartina, parobahan nu lumangsung dina Tataran nu katémbong (wujudiah) tapi henteu ngarobah tataran jero tina éta karya ( Ahimsa-Putra dina Isnéndés, 2013:56). Upami dipatalikeun jeung nulis skenario, Carpon antara D jeung D karya Chye Retty Isnendes ieu téh aya hubunganna jeung ékranisasi. Ari éksranisasi téh mangrupa usaha ngarobah hiji karya sastra kana wangun pilem (Énesté, 1991: 60). Nu pastina dina ieu carpon jeung pilem pasti aya bédana. Aya ngaheureutan, aya nambahan, ogé aya robahan variasi. Dina ieu pilem téh aya bédana jeung anu dina carpon. Katitén tina anu nambahanna nya éta : 1. nalika Dudé méré eskrim ka Enung 2. Dudé jeung Enung ngobrol bari emam éskrim 3. Dude meuli kasét 4. Nyaritakeun baheula nalika Dudé ultah, Enung ngucapkeun ultah, bari mere kaset 5. Dude ngobrol jeung Tantan di kamar nyaritakeun Enung. 6. Tantan méré obat. Tah anu ieu mah teu aya dina carponna tapi aya di pilem mah. Tujuanna sangkan panonton téh ngirut kana ieu carita nu divisualisasikeun kana pilem. Satuluyna aya ngurangan. Nya éta nalika si Enungna anu teu pati ceurik teuing. Da dina carpon mah, sim kuring maca téh nu kabayang si Nung téh ceurik eurih-eurihan. Tuluy aya dina adegan patatap jeung nyeupengan leungeun. Nah éta rada dikurangan, sok sanajan aya tapi dina pilem mah dikurangan. Ku sabab mingkin nyingkahan hal hal anu kurang hadé, ku sabab ari pilem mah langsung ditonton ku loba umat. Tuluy aya robahan variasina. Dina carponna mah si Dudé téh maké kandaraan mobil, tapi dina pilemna mah maké kandaraan motor. Mung sakitu ti sim kuring mah Ibu, hapunten bilih seeur nu lepat dina tanggepan sim kuring kana ieu pancén. Wasta : Dewi Lailatun Najah NIM : 2004456 Kelas : 6C
Assalammu'alaikum Warahmatullahi Waabarakatu. Sateuacanna hatur nuhun kana pintonan vidio sarta carponna, masyaallah saé pisan. Karaos kumaha mun urang di posisi Dudé, tapi teu mungkir ogé lamun urang bisa égois bégo ku ngaranna cinta siga Enung. Carita nu digambarkeun dina carpon sarta Ékranisasi carpon "Antara D jeung D" ieu méré gambaran ngeunaan pagaulan rumaja anu keur meumeujeuhna. Meumeujeuhna pahibut ku ka cinta. Bédana didieu ngeunaan cinta segitiga, ngeunaan Dudé anu bogoh ka babaturanana sorangan. Nya da ari ngaranna cinta mah saha nu apal bakal ka saha jeung iraha kaalamanana. Carpon Antara D jeung D ieu mangrupa carpon anu medal dina taun 1995, anu tuluy dijadikeun Ekranisasi Carpon Antara D jeung D ku Jantrakarsa (Mahasiswa Pendidikan Bahasa Sunda entragan 2018) anu tuluy dibandingkeun ku mahasiswa ayeuna (2023). Lantaran atos mindeng dipedar ngeunaan Ékranisasi dina sababaraha koméntar (Ekranisasi carpon séjénna) janten urang lajeng waé kana bébédaan dina carpon jeung pintonan Ekranisasi Carpon "Antara D jeung D". Hal-hal anu bisa dipedar di antarana: 1. Dina carpon mah kacaritakeun Enung téh ceurik eurih-euriheun, tapi dina film mah henteu. Langsung baé ka papanggihna Enung jeung Dudé, naék motor tuluy cicing bari cacarita. Saacanna ogé Dudé mangmeulikeun És krim jang Enung, béda jeung dina carpon. Mangmeulikeun És krim téh teu aya. 2. Aya nyebut-nyebut lantaran si Wini, ari dina pintonan mah teu aya. 3. Dina carpon kagambarkeun pisan sosok Enung téh kumaha sarta sosok Dudi ogé dicaritakeun wujudna saperti kumaha, tapi dina pintonan mah henteu. Malahan mah teu apal éta si Dudi kumaha salian ti kuuleun (ceuk Dudé téa mah). 4. Adégan meuli kasét dina film lantaran inget hadiah anu ti Enung téh teu aya lamun dina carpon mah, kitu ogé adégan disimpenan narkotika kana jakétna (dina carpon mah Dudé nu ménta éta ka Tantan). 5. Dina pintonan ieu mah sanggeus Dudé ngarasa kaleungitan Enung jeung dibéré narkotika ku Tantan téh Dudé indit ka Partere bari diobrolkeun ku awéwé lain nalika ngaliwat, hal ieu tangtu béda lamun nurutkeun adégan dina carpon. Nu mana dina carpon mah Dudé téh ngaheruk bari nangkeup setir mobilna, nalika rék indit ka partere ogé ngajalankeun mobilna ogé kuat kekebutan. Ayana bébédaan dina carpon jeung pintonan ieu mangrupa salasahiji tarékah pikeun ngirut anu séjén sarta nyaluyukeun kana rutinitas jalma harita, dina carpon leuwih kacaritakeun sacara gembleng (detail) siga kumaha gambaran tokoh-tokohna waé ogé disebutkeun, ari dina film mah lantaran kudu ngirut jadi leuwih merhatikeun kana ajén éstétika nu aya. Teu poho ogé sisi mélankolis dina 'percintaan' rumaja. Carpon ieu tangtuna waé bisa tuluy kaguar, lantaran dina caritana gé teu ka gerus ku nu ngaranna jaman. Cinta ka babaturan sorangan masih aya di jaman kiwari, 'penyimpangan' rumaja kana narkotika ogé sok aya kénéh dina sawatara média. Hartina salian jalan carita anu ngirut, carpon "Antara D jeung D" ogé masih kénéh 'relate' dina mangsa kiwari. Mung sakitu anu tiasa didugikeun, hapunten tina samudaya kalepatan. Wassalammu'alaikum Warahmatullahi Waabarakatu. Néng Tanti Séptiani Hidayat 2008437 Menulis Skénario
Assalamu’alaikum Wr. Wb., Alhamdulillah, sabada sim kuring manco vidéo Saba Sastra “Ekranisasi Carita Pondok - Antara D jeung D" karyana ibu Chye Retty Isnendes anu tangtu waé aya pangaweruh hususna dina mata kuliah menulis skenario. Ogé sateuacanna sim kuring badé ngaaprésiasi pisan kana ékranisasi carpon ieu nu mana parantos tiasa dina ngokolakeun carpon ka nu janten film anu hadé tur saé. Teu hilap ogé aprésiasi ka para pamaén dina ieu film anu rancagé pisan. Patali sareng naon anu ditayangkeun dina ieu ékranisasi tangtuna waé aya babandinganana antara film jeung naon anu aya dina carpon, sabab kataji pisan aya adegan adegan anu béda dina sagala bagéanana. Upami nilik kana eusi filmna yén teu sadaya eusina nu katitén dina ieu film téh sarua jeung naon anu aya dina carpon; 1) Aya sawatara adegan nu jadi ngaheureutan, saperti Dude anu nyetir mobil ka partere, éta teu ditampilkeun dina pilem, 2) dina adegan awal, anu basa Enung ceurik teu aya, malihan langsung kana adegan Enung curhat ka Dude sabari nuang es krim, 3) teras aya ogé improvisasi, salah sahijina aya adegan Enung jeung Dude nuang es krim padahal dina dialog carponna ogé teu aya, tuluy Enung méré hadiah ka Dude. Tapi salian kitu, nilik kana pengambilan gambarna, katingal parantos ngahiji jadi hiji kaéndahan anu ngajadikeun panitén tiasa kairut kana naon anu kacaritakeun dina ieu ékranisasi carpon téh sok sanaos teu patos sami pisan adegan per adeganna sapertos anu dina carponna, teras dina audiona, pengambilan gambar jeung nu sanésna tos salaras pisan. sanajan ieu ékarnasi téh kawilang singget, tapi katitén tos saé pisan kusabab tina durasi anu sakitu singgetna, ékranisasi ieu téh geus nepikeun pesen anu jembar tur karasa ku panitén yén dimana urang téh emang saleres-leresna kedah tetep kana jalan kahadéan, ulah kababawa ku pergaulan anu henteu-henteu sapertos ngobat jeung sajabina. Ékranisasi carpon “Antara D jeung D” ogé téh sakumaha anu tos katitén ku sim kuring téh tos miboga kasaimbangan anu hadé tina sagala sisi / sagala aspékna sangkan jadi harmony. Sakitu anu tiasa dipedar ku sim kuring, hatur nuhun ka ibu anu parantos midangkeun video ieu sangkan bisa jadi pangajaran pikeun urang sadaya. Hapunten tina kasalahan kekecapan jeung panulisan. Tuti Ramdiani 2000383 6 A - Sastra Menulis Skénario
Assalamualaikum Wr.Wb. Alhamdulillah sabada nongton Ekranisasi carita pondok "Antara D jeung D" tangtuna waé nambihan pangaweruh anu seueur, sateuacana Sim Kuring bade ngaapresiasi heula ieu Ekranisasi carpon, ieu Ekranisasi cocok pisan kangge rumaja jaman kiwari anu caritana ngeunaan kahirupan sapopoé anu kaalaman ku rumaja jaman kiwari, dina masalah silih asih ogé aya sababaraha kajadian anu nyata dina éta carita. Dina latar ogé tokoh na éta geus saluyu jeung kahirupan mahasiswa sapopoé. Sabada dibaca carpon jeung di tongton ekranisasi carpon na ieu aya sababaraha babandingan dina Ekranisasi carpon Antara D jeung D - Aya nambahan dialog Enung nganuhunkeun ka Dude kulantaran dibere eskrim pas keur cacarita ngeunaan kumaha ayeuna haté Enung. - Dina kendaraan ogee aya beda na nyaéta dina carpon mah Dude téh dina mobil, tapi dina Ekranisasi diganti ku motor jaman kiwari anu keur sumebar jaman kiwari. Tapi dina babandingan éta seueur mangpaat na anu mana bisa nyaluyukeun jeung kahirupan jaman kiwari anu rumaja jaman kiwari hususna mahasiswa dina sapopoé na sok loba kajadian saperti kitu. Alhamdulillah mung sakitu anu tiasa didugikeun, hatur nuhun🙏🏻 Wassalamualaikum Wr Wb. Wasta: Susi Susanti Nim: 2000915 Kelas: 6B/Sastra
Assalamu'alaikum W.W. Neda widi kanggo ngadugikeun sawangan perkawis ieu vidéo, Bu. Ieu vidéo nu jejerna "Ekraninsasi Carpon Antara D jeung D" téh nyaritakeun kahirupan manusa nu teu bireuk deui dina mangsa kiwari. Nyaritakeun kumaha kisah asih antara Enung jeung Dude nu geus jadi mahasiswa, nyaritakeun kahirupan jajaka buraong nu loba kapanggih dina mangsa kiwari, jeung nyaritakeun bahayanya kapangaruhan ku obat-obat nu dipahing boh dina widang agama boh dina widang kaséhatan. Ieu vidéo téh mangrupa saduran tina carpon lawas karya Chye Retty Isnendes nu medal taun 1995, nu ditulis nalika Anjeunna jadi mahasiswa tingkat 2. Tangtu waé karya sastra wangun tulisan nu dirobah jadi wangun vidéo teu salawasna pasti sarua. Ku kituna, sim kuring seja ngadugikeun hal-hal nu jadi pangbéda antara kaduana. Bébédaan nu katitén dina Carpon jeung Vidéo diantarana nyaéta: 1. Dina carpon teu dituliskeun yén Enung jeung Dude amprok tuluy numpak motor babarengan, dina vidéo mah aya. 2. Dina carpon Enung divisualisasikeun ceurik eurih-euriheun, dina vidéo mah teu ceurik-ceurik acan. 3. Dina carpon teu dituliskeun aya adégan Enung ngadahar éskrim, dina vidéo mah aya. 4. Dina carpon disebutkeun yén Enung jeung Dude teu panggih salila sabulan tapi teu digambarkeun kumaha kaayaan kaduna nalika teu papanggih, dina vidéo mah digambarkeun ku ingetan Dude nalika dibéré hadiah kasét minangka hadiah ulang taunna ku Enung. 5. Dina carpon teu dituliskeun aya adégan Dude ngawangkong jeung Tantan (tapi dicaritakeun nalika Dude dibéré obat ku Tantan), dina vidéo mah aya adégan Dude ngawangkong jeung Tantan bari disebutkeun yén éta obat téh dibéré lain dipénta. 6. Dina carpon aya adégan Dude turun tina mobil, sedengkeun dina vidéo mah henteu. Sanajan aya bédana, vidéo ekranisasi minangka karya béh dieu tibatan carponna sorangan teu ngarobah eusi éta carpon. Ti mimiti carita nepi ka ahir carita salawasna sarua udaganana. Ayana pangbéda minangka variasi jeung kréativitas ti tim produksi sangkan bisa ngirut pamiarsa. Sakitu anu tiasa kapihatur, neda dihapunten boh bilih aya kalepatan tina naon anu didugikeun. Hatur nuhun. Wassalamu'alaikum W.W. Wasta : Santi Sukmawati Kelas : 6-Sastra NIM : 2008297
Assalamualaikum, Wr.Wb. Sampurasun! Alhamdulillah, sim kuring ngahaturkeun nuhun ka Ibu Retty nu parantos masihan pangalaman ka sim kuring nu tiasa masihan pangajaran ngaliwatan ieu tongtonan ogé carpon nu dibaca nu sakitu saéna kalawan jejer “ANTARA D JEUNG D”. Sateuacan sim kuring medar ngeunaan babandingan antara film ogé carponna, sim kuring mageuhan pangaweruh ku neuleuman naon ari ekranisasi? Ekranisasi mangrupa prosés baganténna karya sastra ngajadi kasenian séjén nu miboga istilah umum filmisasi/adaptasi. Nurutkeun Erneste (1991:60) ekranisasi mangrupa prosés pelayar putihan atawa pemindahan tina novel kana film. Istilah ekranisasi asal kecap ti basa Prancis nyaéta ecran nu miboga harti layar. Ekranisasi miboga tujuan pikeun méré pamahaman ka masarakat sangkan bisa nyangkem karya sastra ku cara leuwih babari alatan geus bisa ditilik sacara audio-visual nu mangrupa film. Carpon lawas nu jejerna ANTARA D JEUNG D Karya Chye Retty Isnendes mangrupa carpon nu medal di Cilimus taun 1995 mangsa Chye Retty keur jadi mahasiswa tingkat 2. Lamun nilik kana kaayaan dina mangsa harita, pantes waé ieu carpon kalintang gedé ma’na tur galur carita nu sakitu pikaresepeun pamaca. Carita cinta segitiga nu aya disabudeureun mahasiswa pasti moal kalindes ku jaman, sanajan ieu carpon nu medal dina taun 1995 dibaca deui ku mahasiswa dina taun 2023. Leuwih kitu deui, pasualan salasahiji tokoh nu ngarojong kana karakter tokoh, nyaéta pasualan ¬kenakalan remaja nu teu weléh jadi obrolan saréréa dina unggal mangsa, nyaéta ngeunaan NARKOTIKA. Ieu carita pondok nu jadi salasahiji mahakarya Chye Retty téh di ékranisasi ku Jantrakarsa, mahasiswa Pendidikan Bahasa Sunda UPI 2018, Produser M. Triesnaldi Aditia, ogé Sutradara Rizal Kusaendi. Sim kuring ngarasa reueus ka Akang/Teteh sabada nongton film Ekranisasi Carpon “ANTARA D JEUNG D” nu dipaungkeun dina ieu laman TH-cam, sanajan karya carpon nu medal dina taun 1995, tuluy diapungkeun kana TH-cam nu ngajadi film dina taun 2021, tapi ieu eusi carita téh bisa ditarima kalawan sugema, reueus, tur bisa jadi pangajaran dina taun 2023. Sabada sim kuring niténan ieu film, tangtu meunangkeun wawasan anyar, yén dina ekranisasi carpon nu ngajadi film téh tangtu aya hal nu bisa jadi babandingan jeung karya carpon aslina nu mangrupa karya sastra tinulis. Dina hasil paniten sim kuring, tehnik SCAMPER nu digalantangkeun ku Michalko (dina Hamidi, 2006:106-137) kagurat pisan dina ieu film, nyaéta: 1. Subtitution (baganténna unsur variasi, saperti tempat, barang, jalma, atawa ide). Dina Carpon aslina, aya mobil nu dipaké jadi salasahiji latar tempat. Tapi, dina film, ieu mobil téh bagantén visual jadi motor. 2. Combination (Ngahijikeun hal-hal séjén) Dina Carpon aslina, teu dijéntrékeun kumaha cara Enung ngubaran Dude dina kabiasaan neleg narkotika. Tapi dina ieu film, kagambar kumaha cara Enung méré ubar, nyaéta mindahkeun kabiasaan Dude neleg karkotika ku cara mérén kasét nu bisa jadi hiburan. 3. Adaptation (Mindahkeun hal-hal séjén) Dina carpon aslina, narkotika nu dipiboga ku Dude téh ladang ménta ti si Tantan. Tapi dina ieu film, narkotika téh dibéré ku si Tantan. 4. Modification (Mekarkeun ide) Dina carpon aslina, teu dijéntrékeun kumaha kanyaah bukti kanyaah Dude ka Enung. Tapi ngaliwatan ieu film, kagambar ku ngaliwatan es krim nu dibérékeun ku Dude ka Enung téh jadi salasahiji bukti usaha Dude ngabubungah haté Enung. 5. Put to Other Uses (Ngaganti atawa nambahan hal séjén) Kagambar pisan bédana dina latar tempat antara carpon asli jeung film. Dina ieu film leuwih karasa lega sawangan panongton, sabab katitén latar tempat nu béda-béda lamun dibandingkeun jeung carpon aslina nu rada heureut latar tempatna. Lian ti éta, boh carita nu dibaca ngaliwatan carpon nu diapungkeun dina facebook atawa carita nu ditongton ngaliwatan film nu diapungkeun dina TH-cam, urang bisa sarua meunangkeun informasi, pangajaran, ogé hiburan haté dina ieu carpon. Salasahijina, urang kudu bener dina kahirupan, ulah nepikeun ka neleg narkotika, ogé urang kudu bisa ngubaran tur nguatkeun diri dina nyanghareupan pasualan cinta. Sim kuring Ilyasa, hatur nuhun pisan Ibu Retty, parantos medalkeun karya nu kalintang saéna, mugia saterasna nanjeur janten conto sastrawati nu ngahurungkeun obor sumanget dina sastra Sunda, Wassalamualaikum Wr.Wb. WASTA: ILYASA AHMAD MASKAWAIH NIM: 2001484
Assalamu’alaikum wr wb Sateuacanna ngahaturkeun nuhun ka Bu Chye Retty Isnendes nu parantos masihan pangajaran ngeunaan ekranisasi . Istilah ekranisasi asalna tina basa Perancis, nyaéta l’ecran which hartina layar (Damono, 2018: 240). Nurutkeun Erneste (1991:60), ékranisasi mangrupa prosés pelayaran putihan atawa pemindahan novel kana pilem. Sedengkeun nurutkeun Damono (2005:96), ékranisasi atawa alih wahana nyaéta ngarobah karya sastra atawa seni kana rupa seni lianna, nu ogé katelah filmisasi jeung istilah umum adaptasi. Erneste (1991:61-62) ogé nyebutkeun yén ékranisasi ngabalukarkeun rupa-rupa parobahan dina film, parobahanana nyaéta: 1. Ngaheureutan Dina prosés ngaheureutan téh patalina jeung durasi anu ngawatesanan carita. Saupama dibandingkeun jeung carponna, aya sababaraha bagian adegan jeung paguneman nu robih pikeun kaperluan film. Contona bagian carita dina carpon nu ngagambarkeun kaayaan tokoh Enung waktu ceurik teu ditingalikeun kalawan jelas dina film. Kitu deui dina paguneman tokoh Dude dina carpon, “Putuskeun wé atuh lalaki kitu mah, putuskeun! Keun lah da Dudé ogé moal embung ngagantikeunna. Dudé mah moal mangnyerikeun haté Enung.” Leu teu nyampak dina ékranisasi carponna sakumaha anu digambarkeun dina carpon. 2. Nambahan Prosés nambahan dina ékranisasi carpon téh dilakukeun ku sutradara anu tujuanna pikeun mageuhan carita. Saupama dibandingkeun jeung carponna, katitén aya prosés nambahan ku Dudé, “Kumaha Enung? Enung masih sedih?”. 3. Robahna Variasi Dina ieu prosés robahna variasi tina carpon jadi wangun filem pondok téh aya sisi transisi antara transformasi jeung parobahan wangun. Siti Sefira Restian Widhi 2008691
Assalamualaikum, Wr.Wb Katiten ieu pilém sareng carpon “Antara D jeung D” karya Chyé Rétty Isnéndés saé pisan, anu mana nyaritakeun pakait rasa antara Mayang jeung Andi, Yudi jeung Mayang, tokoh ieu geus katempo pisan nyampak. Pangarang ogé kalintang taliti dina pidangkeun eusi carita. Numutkeun Énésté ékranisasi nyaéta pelayar putihan atawa ngangkat novel jadi film. Ku kituna bisa dihartikeun yén ékranisasi nyaéta prosés atawa usaha ngarobah karya sastra kanu wangun film. Lamun dipatalikeun ékranisasi carpon “Antara D jeung D”, ékranisasi ieu mangrupa transpormasi ngaliwatan prosés ngaheureutan, nambahan jeung robahna variasi. Ieu di handap prosés ékranisasi carpon “Antara D jeung D” 1. Ngaheureutan Ngawatesan carita kalawan nyaluyukeun durasi jeung wanda pilemna. Dina carpon “Antara D jeung D” nyaéta aya adégan pas dude “swear”, nonjok setir mobilna tuluy ngaluarkeun sastrip tina sakuna, sarta nyetir mobil ka taman partere dieuweuhkeun dina pilem. 2. Nambahan Aya na tambahan dina ieu wangun ékranisasi nyaéta bagéan dudé jeung enung ngadahar éskrim, dudé meuli kasét sarta nineung nalika babarengan jeung enung, Dudé ngobrol jeung babaturanna, Dudé jeung Enung numpak motor. 3. Robah variasi Dina tokoh dudé anu sapopoé naék mobil katinggali hirupna bagja pisan, tapi dina carpon béda pisan jeung anu digambarkeun dina pilém, sedengkeun dina carpon mah dudé té nyaéta lalaki nu basajan sapopoé naék motor Ieu ékranisasi téh hadé pisan, pamaén na bisa mawakeun peran tur karakter kalawan parigel pisan, nyieun ngaronjatna ogé kréativitas nu maca. Hatur nuhun Anida Nur Habibah 2007623 6C Menulis Skenario
Assalamu'alaikum W.W. Sabada nyakséning ieu video jeung maca carpon “antara D jeung D” tantu waé aya parobihan atawa babandinganna. Lantaran dimana hiji karya dina wangun carpon awalna dina wangun téks tuluy dijieun atawa ekranisasi kana wangun film dimana teu sakabéh nu aya dina carpon bisa di visualisasikeun dina wangun film, tangtu baé aya hiji atawa dua hal anu béda boh éta ditambahan atawa dikurangan, palaku, tuluy adégan-adégan nu sakirana bisa nambahan ngadukung dina film pasti ditambahan. Tapi dina prak-prakanna ieu film sanajan aya nu ditambahan jeung dikurangan, teu ngarobah dina gurat badag caritana, jadi eusi tina carita bisa katepikeun sacara gembelng. Ku kituna bisa dicindeukeun yén dina film ieu 1. Ayana ngaheureutan carita, Saupama dibandingkeun antara carita aslina (dina carpon Antara D jeung D) jeung pilem, ieu unsur téh katitén jelas liwat ti jelas. Geura tingali baé, ti awal kénéh geus katitén aya bédana. Upama dina carponna digambarkeun suasana sedih basa tokoh Nung keur ngagukguk hareupeun tokoh Dude, tur digambarkeun kumaha éksprési jeung déskripsi kaayaanana, dina pilemna mah kapan henteu. 2. Ayana panambahan carita, Dina pilemna, katitén pisan aya adegan nu ditambahan, nu satadina mah teu nyampak dina carponna. Contona, adegan Dude nu dibéré hadiah ku Nung (paranti muter kasét téa), jeung adegan basa Dude nyawang waktu basa éta hadiah dibikeun ka manéhna jrrd. 3. Ayana pangurangan adégan, Robahna variasi carita nu kasampak dina ieu pilem téh nyaéta motif caritana sorangan. 4. Ayana panambahan adégan, robahna degan dina film tangtu aya wae tapi dina tanda kekenteng ulah ngarobah eusi jeung makna tina eta carpon. 5. Tuluy aya ogé robahna carita Mung sakitu hal-hal atawa prosés ékranisasi dina ieu carpon. Mantap pisann pokonna, sae. Sim kuring ngiring reueus. Sumanget kasadayana. HURIP SUNDA!!! Acep Dadang Firmansyah (2007097)
Assalamu’alaikum Warahmatullahi Wabarakatuh. Sateuacanna, sim kuring seja ngahaturkeun nuhun ka ibu sareng lanceuk tingkat anu parantos produksi, ngadokuméntasikeun tur nga-upload ieu video anu judulna “Saba Sastra: Ekranisasi Carpon “Antara D jeung D” Karya Chyé Rétty Isnéndés” nu diékranisasi ku mahasiswa entragan 2018 Pendidikan Bahasa Sunda UPI, nya éta Jantrakarsa. Dina ieu video, nyaritakeun “perjalanan” romansa cinta segitilu antara Enung, Dudi, jeung Dude nu dibarengan ku ayana unsur neleg “obat-obatan” salaku salah sahiji “kenakalan” rumaja nu aya waé unggal mangsa. Sabada nongton pilemna sareng maca carpon na, sim kuring tiasa nyindekeun yén ieu pilem téh saé pisan. Katitén tina para pamaén anu parigel dina merankeun karakter tokohna, musik latar nu ngarojong, téhnik nyokot vidéona sareng sanés sajabana. Numutkeun sim kuring, ieu pilem téh saé dina ngagambarkeun eusi caritana, sanajan aya improvisasi anu ngabédakeun antara carpon sareng pilemna. Ku kituna, sim kuring neda widi kanggé masihan koméntar kana ieu video. Nurutkeun (Énesté, 1991: 60) ékranisasi téh usaha ngarobah hiji karya sastra atawa carita kana wangun pilem. Kusabab kitu, tangtu waé dina ékranisasi téh aya sababaha hal anu dirobah. Aya anu ditambihan, diheureutan, sareng nepi ka robahna variasi. Upami dipatalikeun sareng ékranisasi, aya sababaraha babandingan antara carpon sareng pilem nu judulna “Antara D jeung D” karya Chyé Rétty Isnéndés, di antarana: 1. Dina pilem, tokoh Enung teu katingali ceurik, tapi langsung kana adegan paguneman antara Dude jeung Enung nu guntreng ngeunaan kumaha parobahan sikep Enung nu jadi timburuan tur parasa lantaran bogoh teuing ka Dudi. Salian ti éta, aya nu ditambahan dina pilem téh, nya éta nalika tokoh Dude mangmeulikeun és krim jang Enung. Sedengkeun, dina carpon mah adegan méré és krim téh teu aya. 2. Dina pilem, aya adegan nalika tokoh Enung méré hadiah ka Dude mangrupa wadah pikeun muter kasét nu mangrupa hadiah tepang taun. Tapi, pami nilik kana carpon mah adegan éta téh teu aya. Bisa jadi, ieu hal mangrupa adegan pikeun mageuhan galur carita supaya jelas asal-usul wadah kasét téh timana jeung bisa waé jadi hal nu ngajéntrékeun nalika Dude nénangkeun diri tina “neleg” kana ngadéngékeun lagu (salaku alternatif “pengalihan”). 3. Dina carpon mah teu aya adegan Dude meuli kasét, sedengkeun dina pilem mah aya adegan Dude meuli kasét. 4. Dina carpon, teu dijéntrékeun informasi ngeunaan kumaha sosobatan antara Dude jeung Tantan. Sedengkeun, dina pilem mah aya adegan antara Dude nu keur galau jeung diléma gara-gara Enung, tuluy dibéré obat dina palastik nu disimpen kana saku bajuna Dude nu ngagantung dina panto. Sedengkeun, dina pilem mah informasi ngeunaan obat ieu téh kabéjakeunna Dude ménta obat sasetrip ti si Tantan nu di simpen dina saku calana na. 5. Dina carpon, aya adegan Dude ngagerentes bari nonjok setir mobilna tuluy indit ka taman Partere. Sedengkeun, dina pilemna mah Dude téh leumpang tuluy diuk, jadi teu aya adegan nyetir mobil. Sanajan aya sababaraha bagéan nu ditambihan, diheureutan, dirobah, atanapi teu diayakeun ogé teu aya masalah numutkeun sim kuring mah. Lantaran wajar waé ieu hal téh dilakukeun ku sabab aya sababaraha unsur-unsur nu kedah dipageuhan jeung dijéntrékeun leuwih teleb supaya ngirut jeung ngarti kana jalan caritana. Mung sakitu anu tiasa kapihatur, hapunten bilihna aya kekecapan anu kirang merenah sareng aya kalepatan. Mugia tina ieu chanel TH-cam tiasa medal deui karya lian anu aya patalina sareng kasusastraan Sunda. Wabillahitaufikwalhidayah.. Wassalamu’alaikum Warahmatullahi Wabarakatuh Wasta : Wafiq Nuraini Cumana NIM : 2003924 Kelas : 6B
Assalamu'alaikum warahmatullahi wabarokatuh Alhamdulilah ibu, ieu karya teh saé pisan. Carpon aslina Antara D jeung D karya ibu Chye Retty Isnendes jeung Ekranisasi Carpon Antara D jeung D ieu téh saé. Teras ngangkat ieu carpon kana pilem téh saé ogé mangaruhan kana tingkat kreativitas mahasiswa ogé.khususna ogé beuki loba deui pilem pilem pondok atawa pilem layar lebar anu make basa Sunda jeung diangkat tina carpon basa sunda. Sabada nyakseni pidangan video di luhur, katitén yén ieu pilem téh mangrupa ékranisasi tina carpon anu judulna "Antara D jeung D" Karya Chye Retty Isnéndés. Dina enas-enasna, tangtu pikeun ngarobah kana wangun pilem téh ngalaman prosés ékranisasi, di antarana nyaéta: 1. Ngaheureutan: aya sawatara adegan anu teu dipintonkeun dina pilem saperti adegan Dudé nu nyetiran mobil ka taman Partéré nu dina pilem mah teu ditampilkeun. ditampilkeun. 2. Nambahan: aya sababaraha bagéan anu dina pilem mah ayaa tapi dina carpon mah henteu. Diantarana nyaéta: Nung jeung Dudé dahar és krim babarengan. 3. Robahna variasi Tina variasina, aya sawatara hal anu dirobah, diantarana baé karakter Dudé anu béda pisan jeung dina carpon. Dina carpon mah dicaritakeun yén Dudé téh jelema beunghar malah sapopoéna ogé ngagunakeun mobil pribadi waé, sedengkeun dina pilem mah sabalikna 4. Terus tokoh anu dikosan ngobrol jeung Dude,tapi eta teu nyebut ngaranna, duka eta téh emang si Tatan téa atawa lain. 5. Dina adegan ahir, na carpon teu aya Enung ngalungkeun obat atawa barang naon ka balong di taman partere, sedengkeun dina Ekranisasi filem na mah aya. Janten seueur pisan nya bebeda dina Carpon jeung Ekranisasi filem Antara D jeung D téh. Alhamdulilah ibu nambahan pisan pangaweruh. Mung sakitu ibu anu tiasa ku simkuring dugikeun. Hatur nuhun A Wassalamu'alaikum wr.wb Wasta: Rendy Tresna kusmana Nim : 2007440 Kelas :6C
Masyaallah Sabada nongton film Carita pondok anu judulna " Antara D Jeung D" karya Chye Retty Isnendes,sim Kuring nyindekkeun yen alur film ieu teh sim Kuring jadi panasaran Kana ieu pilem teh.Tina pamaen ge tos katingal parigel pisan Dina maenkeun peranna. Nilik Kana enkranisasi di luhur Aya proses 1. Nambahan Dina ieu proses yen katiten Aya sababraha pasualan anu beda Dina carpon Jeung film seperti nambahan palaku teras adegan anu anyar 2.Robahna versi Dina ieu yen proses robahna wanguna Dina carpon Kana Wangun film 3. Ngahereut nilik Kana waktu Dina film eta katiten panjang saupama jadi film pondok Hatur nuhun ibu🙏 Wasta : Annisa Salsabilla Kelas : 6A Nim : 2003665
Sarengsena sim Kuring nongton pilem nu judulna Ekranisasi Carpon antara D jeung D, ieu pilem teh kawilang sae. Sok sanaos aya parobihan tina sababaraha aspek, nu patali sareng proses Ekranisasi. Ekranisasi teh nyaeta robahna hiji karua saatra kana wangun pilem (dina Isnendes, 2018, kc. 23). Eta parobahan iasa ditalungtik minangka hiji babandinganna karya sastra dina wangun pilem. Nalika dibandingkeun sareng carpon aslina, aya parobahan boh tina segi adegan, waktu atawa versi. Hasil babandinganna dipedar di handap: 1. Dina bubuka eta adegan teh aya adegan nu ditambahan, beda jeung nu dina carpon aslina langsung kana dialog antara Enung jeung Dude 2. Dina carpon aya adegan Enung ceurik, dina pilem mah henteu langsung kana adegan nyarita yen enung teh bogoh teuing ka dudi. Lian ti eta aya aya adegan Enung masihan kado ka Dude, dina carpon mah teu dicaritakeun. Laju, dina film aya sobat dude nu ngaranna tantan, tapi dina carpon mah teu di jelaskeun. 3. Waktu atawa durasi eta pilem teh kawilang Heureut, ieu teh jadi hal biasa lantaran dina proses ekranisasi mah aya proses nambahan jeung ngurangan hiji karya. Tujuanna pikeun kaperluan si short movie nu dijieun. 4. Lian ti eta aya variasi dina pilem nu teu aya dina carpon, contona dipangmawakeun es krim, naek motor, jsb. Seueur hal nu tiasa di bandingkeun antawis capron sareng pilem. Contona dina pilem nu ieu. Sakitu nu tiasa kapihatur, hatur nuhun. Tasya Nur Ilmi (2008293)
Assalamualaikum warahmatullahi wabarakatuh. Sabada sim kuring nongton pilem Ekranisasi carpon: Antara D jeung D anu diangkat tina hasil karya carpon anu sae ti ibu Chye Retty Isnendes nyaeta antara D jeung D. Didieu sim kuring nyindekkeun yen carita dina carpon sareng pilem ieu aya bedana, babandingan, sareng parobahan. Sanaos carita dina carpon sareng pilemna aya parobahan tapi henteu ngarubah gurat badag atawa inti caritana. Pamaenna oge atos parigel dina maenkeun peranna. Dina ekranisasi teh aya sababaraha hal parobahanna, boh dina nambihan carita, ngaheureutan carita sareng ayana parobahan variasi. Kitu na oge parobahan sareng babandingan dina carpon sareng pilem diantawisna. 1. Nambihan carita. Didieu kacaritakeun yen dina carpon mah teu aya Dude sareng Enung dahar eskrim, upami di pilemna mah kacaritakeun yen Enung sareng Dude ngobrol bari dahar eskrim, Dude meuli kaset, Dude naek motor, 2. Ngaheureutan carita Dina carpon kacaritakeun Enung ceurik eueuriheun, upami dina pilem na Enung teu pati sedih teuing nyaritakeun kisahna sareng Dudi. 3. Parobahan variasi Dina carpon di caritakeun Dude teh pake mobil, benten sareng dina pilem Dude naek motor. Sakitu nu tiasa kapihatur, hapunten upami aya kekecepan anu kirang merenah. Hatur nuhun ibu Chye Retty Isnendes anu atos midangkeun karya pilem sareng carpon anu sae. Wasta : Fauzan Noor Rusiana M NIM : 2217294
Bismillah... Assalamu'alaikum warahmatullahi wabarakatuh Sampurasun Alhamdulillah sabada sim kuring nongton ieu pilem ékranisasi carpon Antara D jeung D kawilang saé pisan. Ieu pilem téh bisa mekarkeun eusi carita sangkan leuwih ngirut tur ngaronjatkeun dina manggihan idé-idé nalika nyieun pilem. Nanging tina sawatara hal éta, ditilik analisis carpon jeung pilem Antara D jeung D dumasar kana babandinganana, di antarana : 1. Ngawatesanan carita dina nyaluyukeun durasi jeung sawatara aspék nu aya dina pilem. 2. Bagéan-bagéan nu ditambahan dina ékranisasiékranisasi, saperti Dudé jeung Enung dahar és krim, Dudé meuli kasét tuluy nineung nalika babarengan jeung Enung, Dudé ngobrol jeung babaturanana, Dudé jeung Enung numpak motor. 3. Dina pilem mah Dudé téh katingali beunghar sagala boga lantaran katitén dina aya kendaraan mobil. Sedengkeun dina carpon mah Dudé katingali biasa waé lantaran sapopoéna maké motor. Ieu ékranisasi alus pikeun aprésiasi lantaran dina sisi karakter, carita, jeung unsur séjénna bisa mawakeun panongton miluan kana pilemna. Rupina sakitu ti sim kuring, hapunten bilihna aya kekecapan anu kirang merenah. Hatur nuhun.... Wassalamu'alaikum warahmatullahi wabarakatuh Wasta : Mohamad Danil Rizaldi NIM : 2003283 Kelas : 6-Sastra
Assalamualiakum Wr.Wb Sabada maca carpon karya Chye Retty Isnéndés sareng nyakséni ékranisasina hal-hal naon waé nu aya dina carpon kagambarkeun dina visualisasina kalawan jembar, antukna naon nu dibaca kagambarkeun dina visualisasi nu ditayangkeun dina ieu video. Ngahaturkeun nuhun ka lanceuk tingkat nu parantos ngavisualisasikeun. Nilik kana babandingana tangtuna waé dina Ekranisasi carpon Antara D jeung D kana filem pondok ieu téh aya anu ditambahkeun atawa aya anu dileungitkeun, boh tina latar atawa kekecapana atawa tina hal-hal liana. Ekranisasi numutkeun Énesté dina (Isnéndés, 2018, kc. 23) nétélakeun yén ekranisasi téh mangrupa usaha ngarobih hiji karya sastra kana wangun filem atawa ngangkat hiji carita anu asalna tina karya sastra kana wangun filem. Anggapan sastra bandingan minangka studi kajian bisa ditilik tina segi kaunikan nyaéta krétifitasna ieu ékranisasi téh mangrupa wangun kréatifitas tina bagéan karya sastra. Sabada dibaca carpon jeung ditingali filem Antara D jeung D ieu teh aya sasabaraha hal babandingannana dina Ekranisasi Antara D jeung D téh nyaéta aya nu ditambahan aya nu dikurangan. Adegan prosés anu ditambahan : 1.) Adegan Dudé jeung Enung dahar és krim 2.) Enung méré walkman ka Dudé minangka hadiah ulang taun 3.) Adegan Dudé meuli kasét 4.) Dudé muter walkman di Wisma di kamarna Tantan 5.) Dudé ngobrol jeung Tantan di kamar nyuat ngeunaan Enung 6.) Dudé jeung Enung numpak motor Adegan prosés anu dikréasikeun : 1.) Dina pilem Dude ngan make motor, lain maké mobil. 2.)Dina pilem Enung jadi henteu ceurik 3.) Adegan obrolan ngeunaan obat antara Dudé jeng Tantan 4.) Dina pilem, adegan Dude kan Partere naek mobil dileungitkeun Ku ayana kagiatan ékranisasi téh mangrupa hojah nu alus dina mekarkeun karya sastra. Salian ti mangrupa wujud aprésiasi nu maca karya sastra, ogé bisa ngahudang tur ngaronjatkeun kréativitas anu maca tur nepikeun imajinasi nu variatif. Wasta : Elsa Raysa Agustina NIM : 2000698 Kelas : 6B
Assalamu'alaikum, Ibu. Di dieu sim kuring baris ngadugikeun komentar ngeunaan video di luhur sarengsena maca carpon anu judulna sami, nyaéta "Antara D jeung D" karya Chye Retty Isnendes. Video di luhur mangrupa wangun ekranisasi tina carpon. Ekranisasi sorangan nurutkeun Esneste dina Isnendes (2018: 23) nyaéta usaha ngarobah hiji carita nu asalna tina novel kana wangun film. Ku kituna karya nu diekranisasi saeutik henteuna pasti aya bebedaan ku lantaran nyaluyukeun tina wangun media tinulis kana wangun visual. Babandingan nu bisa katitén tina ieu hasil ekranisasi di antarana: 1. Tokoh Dude dina carpon mah make kendaraan mobil, sedengkeun dina pilem make motor. 2. Adegan dina carpon nalika Dude nyetir mobil ka taman Partere teu ditampilkeun dina ieu pilem. 3. Dina pilem aya adegan Enung masihan kado ulang taun ka Dude, sedengkeun na carpon mah teu aya. 4. Tokoh Tantan teu pati dicaritakeun teleb na carpon, tapi dina ieu pilem aya salasahiji adegan antara Dude jeung Tantan. Sok sanaos aya bebedaan antara carpon jeung pilemna eta hal teu matak ngaleungitkeun esensi/orisinalitas caritana. Malah mah urang emang kudu bisa improvisasi nalika rek ngaekranisasi hiji karya lantaran nyaluyukeun jeung gambaran panitén nalika maca jeung nongton, nu mana eta mangrupa dua hal anu beda. Mung sakitu Ibu, hatur nuhun kana pidangan videona. Wasta: M. Ridwan Alamsyah NIM: 2006118 Kelas; 6A
Bismillah, sabada maca carpon “Antara D jeung D” karya Chyé Rétty Isnéndés jeung nongton filem pondok Saba Sastra: EKRANISASI CARPON “ANTARA D JEUNG D” KARYA CHYE RETTY ISNENDES kapanggih babandinganana pangna tina carpon nu diékranisasi jadi film pondok. Lamun urang niténan deui wangenan ékranisasi nurutkeun Énesté (dina Isnéndés, 2018, kc. 23) nyebutkeun yén ékranisasi nyaéta usaha ngarobah hiji karya sastra kana wangun filem atawa ngangkat hiji carita nu asalna tina karya sastra kana wangun filem. Lamun dipatalikeun ékranisasi carpon “Antara D jeung D” jeung prosésna, geuning ékranisasi ieu mangrupa transformasi nu ngaliwatan prosés ngaheureutan, nambahan, jeung robahna variasi. Ieu di handap pedaran tina hasil babandingan antara carpon “Antara D jeung D” jeung carpon nu diékranisasi jadi filem pondok. 1). Ngaheureutan - Adegan dina carpon pas Dudé "swear", nonjok setir mobilna tuluy ngaluarkeun sasetrip tina sakuna, sarta nyetir mobil ka taman Partere dieuweuhkeun dina pilem. 2). Nambahan - Dina pilem ditambahan adegan Enung jeung Dudé dahar éskrim, Dudé meuli kasét, Enung maca buku, Enung méré pamutar musik salaku hadiah ulang taun ka Dudé, Dudé muter musik, Tantan nu saré tuluy hudang tuluy ngobrol jeung Dudé, Tantan ngasupkeun "obat" kana saku jeket Dudé, Dudé ngalamun inget pas panggih deui jeung Enung di jalan tapi teu dipaliré ku Enung. 3). Robahna variasi - Dina awal carpon waktu Enung nyarita kasedihna, dicaritakeun yén Enung jeung Dude téh keur di jero mobil sedengkeun dina pilem mah keur di bangku taman. Hapunten bilih seueur kalepatan, hatur nuhun ibu. Deni Ramdani 1906307 6B
Bismillaah, neda widi ngadugikeun koméntar. Sateuacanna sim kuring ngaaprésiasi kana ieu karya anu kalintang saéna. Sawatara aspék anu ngawangun hiji film tos saé pisan. Aya sawatara hal nu baris ku sim kuring didugikeun, utamina mah babandingan antara carpon anu judulna Antara D jeung D, jeung hasil ékranisasina. Tangtosna waé dina ékranisasina langkung ngajembaran deui ogé ngavisualisasikeun kalawan teleb tina carponna. Upamana, aya kecap "neleg" anu dina carpon mah teu pati jéntré anu kumaha maksudna, éta ogé aya clue séjén nyaéta sasetrip anu teu puguh naon bentukanana. Dina film-na mah digambarkeun sacara jéntré. Satuluyna, dijembarkeun deui ku scene-scene anu ngarojong kana jalan carita. Anu katitén ku sim kuring, jalan carita mah luyu pisan sareng dina téks carponna, mung ngalegaan hungkul. Wasta : Fajar Garsela NIM : 2004433
Assalammmua'laikum, di dieu sim kuring baris ngadugikeun komenter ngenaan babandingan film sareng carpon "antara D jeung D" karya chye rety isnendes, Dina pedaran vidio yen vidio éta mangrupa bentuk dina enkeanisasi ti carpon ka wangun film, nurutkeun Esneste dina isnendes (2018:23) nyaéta usaha dina ngarobah hiji carita dina wangun novel kana film. Ku ayana enkranisasi tentu bakal aya sababaraha hal anu di robih boh ditambihan adegan jeung penjelasan sacara jentre tina adegan anu aya, ieu sababraha bentuk nu di enkranisasi dina eta vidio : 1. Tokoh dude nu kudu na dina eta vidio kedah na mah aya scene di mobil ngan dina hasil jadina di robih yen dude ngagunakeun motor jeung deui scene nu kudu na ngagebuk stir mobil di gentos kana lalampahan di partere. 2. Palaku sampingan tatan dina ieu vidio di jentrekeun sacara jelas benten deui dina carpon nu ngan sakur karakter tambihan keur pemanis dina alur carita. 3. Aya scene dimana si dude di pasihan kado ti enung sangkan si dude teu jatuh deui kana hal kanakalan remaja khususna kana pemakaian obat-obatan terlarang. Dina hal eta tiasa dicandak ka simpulan yen dina ngadamel film khusus na dina enkranisasi na aya sababaraha hal anu di kitu keun sangkan nu nongton tiasa kairut dina eta film. Mung sakitu nu tiasa ku abi sampaikeun hampura dina sadaya kalepatan sim kuring dina ieu komentar, sakitu nu dipika hatur wasalammualaikum wafahmatulahi wabarakathu Nami : jalalludin noer muktie NIm : 2004625
Sabada sim kuring maca carpon “Antara D jeung D” karya Chye Retty Isnendes jeung nongton film pondok Saba Sastra: Enkranisasi Carpon “Antara D jeung D” karya Chye Retty Isnendes katiten ku ayana enkranisasi ieu ayana babandingan. Saupama nilik kana wangenan enkranisasi numutkeun Eneste ( dina Isnendes,2018 kc 23) nya eta usaha ngarobah dina hiji karya sastra ka wangun film. Saenyana ku ayana enkranisasi ieu ayana parobahan-parobahan ti saacanna. Nilik kana enkranisasi diluhur, aya proses-prosesna diantarana: 1. Nambahan, dina ieu proses yen katiten aya sababaraha pasualan anu beda dina carpon jeung filmna, saperti nambahanna palaku, ayana adegan anu anyar (flashbackna enung), jste 2. Robahna versi, dina ieu proses yen robahna wangun carpon kana wangun film. ieu carpon teh minangka dadasar anu ditransformasi kana wangun film. 3. Ngahereut, nilik kana waktu dina film eta katiten cukup panjang saupama jadi film pondok, namung upama dititen dina segi carponna. Ieu hal teh ayana sababaraha adegan anu cokot dina film. Tri Yoga Saputra 1900924 6B
Sabada maca carpon “Antara D jeung D” karya Chyé Rétty Isnéndés jeung nongton filem pondok Saba Sastra: EKRANISASI CARPON “ANTARA D JEUNG D” KARYA CHYE RETTY ISNENDES kapanggih babandinganana pangna tina carpon nu diékranisasi jadi film pondok. Lamun urang niténan deui wangenan ékranisasi nurutkeun Énesté (dina Isnéndés, 2018, kc. 23) nyebutkeun yén ékranisasi nyaéta usaha ngarobah hiji karya sastra kana wangun filem atawa ngangkat hiji carita nu asalna tina karya sastra kana wangun filem. Tangtu waé aya parobahan-parobahan nu lumangsung, saperti ayana parobahan antara transformasi dina naskah filem (skénario) jeung parobahan tina wangun gambar jadi wangun filem. Lamun dipatalikeun ékranisasi carpon “Antara D jeung D” jeung prosésna, geuning ékranisasi ieu mangrupa transformasi nu ngaliwatan prosés ngaheureutan, nambahan, jeung robahna variasi. Ieu di handap pedaran tina hasil babandingan antara carpon “Antara D jeung D” jeung carpon nu diékranisasi jadi filem pondok. 1. Ngaheureutan Dina ieu prosés téh patalina jeung durasi anu ngawatesanan carita. Carpon nu diékranisasi jadi filem pondok téh durasina 17 menit. Saupama dibandingkeun jeung carponna, aya sababaraha bagian dina adegan jeung paguneman palaku anu robah pikeun kaperluan filem. Upamana matok kana naskah carpon sagemblengna bisa jadi durasi téh leuwih lila. Sanajan kitu, intisarina mah angger aya, tapi aya ogé hal-hal séjén nu dileungitkeun lantaran dianggap teu perelu. Contona bagian carita dina carpon nu ngagambarkeun kaayaan tokoh Enung waktu ceurik teu ditingalikeun kalawan jelas dina filem. Kitu deui dina paguneman tokoh Dude dina carpon, “Putuskeun wé atuh lalaki kitu mah, putuskeun! Keun lah da Dudé ogé moal embung ngagantikeunna. Dudé mah moal mangnyerikeun haté Enung.” Ieu teu nyampak dina ékranisasi carponna sakumaha anu digambarkeun dina carpon. Sanajan dileungitkeun, réréana mah unggal adegan téh dirobah dina sékuél-sékuél filem dina skénario filemna. Aya deui prosés ngaheureutan dina adegan Dudé nonjok setir mobil lantaran kesel, tuluy ménta ‘nu sasetrip’ ti Si Tantan ieu teu digambarkeun dina filem. Saupama ditilik tina paguneman palaku dina carpon jeung ékranisasi carpon téh aya bébédana ogé, malah leuwih heureut bisa jadi lantaran aya improvisasi. 2. Nambahan Katitén pisan prosés nambahan dina ékranisasi carpon téh. Ieu hal dina transformasi mah patali jeung ékspansi. Dumasar hasil analisis, prosés nambahan dina ékranisasi carpon téh dilakukeun ku sutradara anu tujuanna pikeun mageuhan carita. Saupama dibandingkeun jeung carponna, katitén aya prosés nambahan dina ékranisasi carpon téh ti bubuka (opening) filem nu ditandaan ku paguneman palaku Dudé, “Kumaha Enung? Enung masih sedih?”. Ieu paguneman téh teu aya dina carpon, tapi ditambahan ku sutradara dina scenario filem sangkan ngagambarkeun leuwih teleb kaayaan palaku Enung nu kagambar keur sedih bakat ku nyeri hate lantaran hiji lalaki. Prosés nambahan séjénna aya dina paguneman Enung ka Dudé waktu dibéré és krim, “Dudé, nuhun nya és krimna. Dudé mah sok ngahibur waé Enung.” Ieu adegan ogé teu kapanggih dina carpon. Aya deui proses nambahan nya éta dina adegan Dudé nyawang ka tukang (flashback) waktu dibéré player kasét ku Enung, nineung waktu manéhna sakitu deukeutna jeung Enung. Ieu adegan téh teu nyampak dina carponna. 3. Robahna Variasi Dina ieu prosés robahna variasi tina carpon jadi wangun filem pondok téh aya sisi transisi antara transformasi jeung parobahan wangun. Ari carpon di dieu téh bisa disebut salaku hipogram nu dijadikeun dadasar karya nu ditransformasi nu satuluyna diékranisasi jadi wangun filem pondok. Dina enas-enasna mah aya sababara hal nu leungit aya ogé nu nambahan, tapi ieu hal téh jadi kapentingan boh pikeun midangkeun karya anyar tina karya nu geus aya boh pikeun kapereluan ékranisasi filem pondok. Hapunten bilih aya kalepatan. Hatur nuhun Bu 🙏🏻 Cecep Maulana Yusuf_1902905_6A Menulis Skenario
sabada sim kuring nonton Ekranisasi Carpon antara D jeung D, tiasa ditingali yén ieu téh kawilang saé pisan. ékranisasi nyaéta usaha ngarobah hiji karya sastra kana wangun pilem Eneste dina Isnéndés (2017). dina eusi pilemna ogé teu ngarobah pisan eusi carponna, sanajan aya sababaraha adegan nu dirobah, atawa diheureutkeun, atawa teu sarua pisan. dina sadaya eusi pilemna saé pisan, adeganna, dialogna, karakter tokohna, latar suasana jeung latar musikna oge ngarojong kana kaayaan dina carpon, ogé dina téknik pengambilan video na. Ekranisasi Carpon Antara D jeung D disebut ogé transformasi. numutkeun Isnéndés (2017:22) transformasi bisa disebutkeun mangrupa proses kréatif nu maca dina ngaréspon karya sapanjang éta karya orisinalitasna. babandingan "Carpon Antara D jeung D" jeung "Ékranisasi Carpon Antara D jeung D". Ékranisasi ieu ngalaman sababaraha prosés inovatifna, nyaéta dina adegan, aya sababaraha adegan anu di heureutan, di tambahan jeung robahna variasi. dina ngaheureutan, aya sababaraha adegan nu aya di carpon tapi teu aya dina pilem, salah sahiji contona nyaéta di mimiti, nalika Enung carita ka Dude tapi teu bari nangis. dina nambahan, aya ogé salah sahiji adegan nu teu aya di carpon, tapi aya dina pilem na, salah sahijina nyaéta adegan Enung jeung Dude dahar es krim, adegan Dude ka kosanna Tantan terus ngobrol jeung tantan, adegan Dude nginget adegan manéhna panggih jeung Enung. dina robahna variasi, didieu wangun dina carponna ogé geus béda, kusabab dina wangun carpon loba narasi nu ngajelaskeun perasaan, latar jeung suasana, teu siga pilem pondok anu teu bisa ngajelaskeun langsung latar suasana jeung perasaan pamaénna salian ti éksprési jeung dialog pamaén. hapunten bila seueur kakirangan dina basana, ogé kalepatan dina materina🙏 Malinda Ratnapuri 1904170
Sabada nongton “Ekranisasi Carpon Antara D jeung D” sim kuring tiasa nyindekeun yén ieu pilem téh Masya Allah saé pisan. Katitén ti para pamaén anu parigel dina merankeun karakter tokohna, musik latarna, pengambilan vidéona sareng sanés kantenna. Sanggem sim kuring mah ieu pilem téh saé dina ngagambarkeun eusi caritana, sanaos aya improvisasi anu ngabentenkeun antawis dina carpon sareng pilemna. Pilem ieu téh mangrupi ekranisasi tina carpon “Antara D jeung D”. Anapon nu disebat ekranisasi téh usaha ngarobah hiji karya sastra atawa carita kana wangun pilem (Énesté, 1991: 60). Kusabab kitu, tangtos dina ekranisasi téh aya sababaha hal anu dirobah. Aya anu ditambihan, diheureutan, sareng robahna variasi. Kanggo babandingan antawis dina carpon sareng dina pilemna. Seueur pisan béntenna, diantawisna nya éta; 1.Upami dina pilemna mah tokoh Enung henteu aya adegan nangis nungkupan rarayna, tapi langsung kana adegan anu nyaritakeun Enung bogoh teuing ka Dudi. Anu intina mah Enung téh jadi timburuan sareng sanés kantenna. Tah ieu nu jadi pangabéda sareng anu dina carpon. Malihan mah, dina pilem aya adegan Dude masihan ice cream ka Enung padahal mah dina carponna teu aya nyaritakeun éta. 2.Dina pilemna mah, aya adegan Enung masihan hadiah kado ulang taun ka Dude. Upami nilik kana carponna mah henteu aya adegan éta. Hartosna dina ieu pilem téh nambihan adegan anyar pikeun mageuhan caritana. Malihan mah dina pilem téh nyaritakeun Dude anu indit meser kasét ka tukang kasét, sedengkeun dina carponna mah henteu aya. 3.Dina carpon mah henteu nyaritakeun langkung ngeunaan sobatna Dude, nya éta Tantan téa. Tah upami dina pilemna mah aya adegan antawis Dude sareng Tantan. 4.Dina carponna, dicaritakeun Dude téh indit kana mobil ka taman Partere téh. Upami dina pilemna mah henteu kitu, henteu aya adegan nyetir mobil ka taman Partere. Sanaos aya bagéan-bagéan anu ditambihan atanapi dirobih, sanggem sim kuring mah teu janten masalah. Margi eusi caritana tetep kadugikeun ka nu ngongton pilemna. Sawatara adegan anu dirobih atanapi ditambihan éta mah disaluyukeun sareng kabutuhan anu ngadamel pilemna. Sim kuring ngaaprésiasi ka nu parantos ngadamel pilem ieu. Saé pisan, hatur nuhun, hapunten bilih seueur kalepatan Indriani Jaena_6A_1900108
Sabada lalajo vidéo di luhur anu judulna Saba Sastra: Ekranisasi Carpon "Antara D jeung D" Karya Chye Retty Isnendes, bisa ditilik tina judul vidéona yén ieu pilem téh mangrupa hasil ékranisasi tina carpon "Antara D jeung D" karya Chye Retty Isnendes. Ékranisasi téh mangrupa usaha ngarobah hiji karya sastra kana wangun pilem atawa ngangkat hiji carita nu asalna tina karya sastra kana wangun pilem (Énesté dina Isnéndés, 2018:23). Prosés dina ékranisasi téh ngawengku prosés ngaheureutan, nambahan, jeung robahna variasi. Dina ieu pilem, prosés-prosés éta téh di antarana kieu: 1). Ngaheureutan - Aya sabagéan dialog anu dikurangan dina pilem, misalna, dina carpon mah dialog Enung: "Dudé ku naon sih? alim sosobatan deui jeung Enung, nya? Enya, lah, memang Enung mah ogo, Enung mah céngéng..." sedengkeun dina pilem mah kur nepi ka "...alim sosobatan deui jeung Enung, nya?" - Adegan dina carpon pas Dudé "swear", nonjok setir mobilna tuluy ngaluarkeun sasetrip tina sakuna, sarta nyetir mobil ka taman Partere dieuweuhkeun dina pilem. 2). Nambahan - Dina awal pilem ditambahan adegan Dude méré kérésék nu eusina éskrim ka Enung sarta Dudé jeung Enung naék motor. Jadi, henteu langsung kana dialog kawas dina carpon. - Loba dialog nu ditambahan. Salasahijina dina awal pilem dina dialog Dudé: "Kumaha, Nung? Enung masih sedih?". Sedengkeun dina carpon mah langsung kana dialog Enung: "Teu kuat.. Enung mah, nyeri haté, hék..hék..hék.." Ayana tambahan dialog dina pilem téh sabab ayana improvisasi téa jeung ayana tambahan adegan salaku prosés nambahan dina prosés ékranisasi. - Dina pilem ditambahan adegan Enung jeung Dudé dahar éskrim, Dudé meuli kasét, Enung maca buku, Enung méré pamutar musik salaku hadiah ulang taun ka Dudé, Dudé muter musik, Tantan nu saré tuluy hudang tuluy ngobrol jeung Dudé, Tantan ngasupkeun "obat" kana saku jeket Dudé, Dudé ngalamun inget pas panggih deui jeung Enung di jalan tapi teu dipaliré ku Enung. - Dina pilem aya tokoh nu ditambahan nyaéta tukang kasét. Tokoh Tantan ditampilkeun dina pilem sedengkeun dina carpon mah kur dicaritakeun hungkul. 3). Robahna variasi - Dina carpon dicaritakeun yén Enung nyarita dina awal dialog téh bari ceurik sedengkeun dina pilem mah henteu ceurik ukur némbongkeun rasa keuheul. - Dina awal carpon waktu Enung nyarita kasedihna, dicaritakeun yén Enung jeung Dude téh keur di jero mobil sedengkeun dina pilem mah keur di bangku taman. - Dina pilem tokoh Dudé boga motor sedengkeun dina carpon mah boga mobil. Wasta: Rismawati Cahyani NIM: 1906330 Kelas: 6C
Sabada nongton pilem "Ekranisasi Carpon antara D jeung D", tuluy maca kana carpon D jeung D karya Chye Retty Isnendes, katingali yén aya bédana antara carpon jeung pilem tangtuna dina carpon nu aslina leuwih rinci sedengkeun dina pilemna loba divariasi aya anu dipotong tina carpon asli tuluy aya nu ditambahan ogé tuluy aya adegan sarua tapi dibédakeun tempatna. Pilem Ekranisasi Carpon antara D jeung D diluhur mangrupa hasil ekranisasi tina carpon antara D jeung D karya Chye Retty Isnendes. Numutkeun (Énésté, 1991 :60) Ekranisasi mangrupa usaha ngarobah hiji karya sastra kana wangun pilem atawa ngangkat hiji carita anu asalna tina karya sastra kana wangun pilem. Mimitina éta carpon téh pasti di transformasi keun heula kana wangun naskah pilem atawa skénario tuluy di ekranisasi keun kana pilem parobahanna aya dina wangun gambar nu jadi média pilem ku kamahéran nu jadi sutradara. Ekranisasi nu mangrupa transformasi busa katiten dina prosés ngaheureutan, nambahan, jeung robahan variasi (Isnéndés, 2017 :23). Dina pilem diluhur aya ngaheureutan dina bagian bagian percakapan leuwih dibawa kana intina henteu sagemblengna tina carpon, tuluy bagian anu keur dina mobil rék ka partere diheureutan langsung nu leumpang ka partere. Aya ogé bagian anu ditambahan saperti waktu nung méré paranti musik, tuluy waktu ditukan kasét sarta di kamar tuly diayakeun Tantan, nu dimana éta bagian nu ditambahan téh teu aya dina carpon aslina, tuluy aya robahan variasi sakumaha dina carpon mah Dude téh ngalamun dijero mobil sedengkeun dina pilem mah Dude téh ngalamun bari ngamusik dijero kamar. Siti Nurhaliza 1901880 5A
Numutkeun Eneste (1991:60) Ékranisasi nyaéta pelayarputihan atawa pamindahan novel kana wangun Film. Numutkeun lsnéndés (2017:20), transformasi téh robahna hiji hal tapi henteu jiga robah; kawas tanpa prosés, atawa aya prosés tapi henteu dianggap penting. Ayana malih warna hiji karya téh lantaran éta karya populér, atawa kapentingan séjén pikeun ngarobahna. Di luhur aya pintonan wangun Short movie Anu judul na “Antara D jeung D. Tah short movie ieu atanapi mini film ieu dicokot tina Carpon Karya Dr. Chye Retty Isnendes. Nah ieu short movie anu judul na “Antara D jeung D” teh kaasup kana Ekranisasi. Sabab tranformasi tina carpon. Transformasi bisa disebutkeun mangrupa prosés kreéatif nu maca dina ngaréspon karya sapanjang éta karya hasil orisinalitasna. Sabalikna transformasi bisa disebutkeun ukur jadi runtah tina hébatna hipogram, upama éta karya ukur jjieunan nu klise Wujud-wujud réspon kréatif tina karya nu asli disebutna variasi karya. Ku kituna aya dua rupa sesebutan karya dina sisi transformmasi, nyaéta karya asli jeung variasi. Lantaran karya sastra atawa karya seni suméndérna kana pangalanan éstétik jeung gumelar tina guletna aprésiasi jeung éksprési, ku kituna teu aneh upama antara karya asli jeung variasina aya nu disebut tegangan éstétik. Estétika universal nu mutlak téh henteu aya, lantaran unggal masarakat jeung ajén-ajén éstétika. A. Dina adegan aya sababaraha scene anu potong atawa diheureutan, lamun dina carpon na mah kudu na aya palaku paguneman. Tapi dina short movie na mah teu ayakeun sabab waktu na gé 17 menit. Dina carpon aslina mah kuduna panjang durasi, tapi siganamah pikeun kaperluan si short movie ieu. Anu memang geus di analisis heula sarta diheureutkeun. B. Aya adegan anu di tambah sarta di kurangan, conto na bae: tokoh Enung henteu aya adegan nangis nungkupan rarayna, tapi langsung kana adegan anu nyaritakeun Enung bogoh teuing ka Dudi. aya ogé adegan Enung masihan hadiah kado ulang taun ka Dude. Lamun ditilik kana carponna mah henteu aya adegan éta téh. Aya tokoh anu ngarana tantan sobatna si dude. Lamun dina carpon mah teu di caritakeun sacara komprehensif . Tapi lamun dina film na dicaritakeun sobat si dude teh nyaeta tantan. Ogé aya adegan ngobrol sareng dude. Masih keneh seueur adegan2 anu di tambahan dina short filmna mah. Siga di handap ieu: - Dudé jeung Enung dahar és krim; terus - Enung méré walkman ka Dudé; - Dudé meuli Kaset ka si mang kaset - Dudé muter walkman di Wisma. - aya ogé Dudé ngobrol jeung Tantan; - Aya flashback dudé ngahuleng nginget-nginget panggih jeung si Enung: - Dudé jeung Enung naék motor. Dina analisis diluhur urang teh jadi peka karna Kasusastraan ngeunaan Ékranisasi, aslina sim kuring gé hoyong ngahasilkeun karya novel atawa carpon anu menarik jalan caritana, jadi engkéna bisa dijieun kana wangun short movie kawas Carpon “Antara D jeung D. Urang ogé kudu apal lamun rék nyieun short movie kieu kudu aya tata cara na, samisal kana hukum UUD hak karya cipta, Izin kana panulisna, kudu di analisis heula sacara gembleng si karya” sastrana. Jadi ulah sagawayah ogé nyieun Anu kieu téh. Sabab lamun teu madulikeun kana hukum hak cipta antukna urang ogé jadi melanggar kana UUD. Sukur allhamdulillah bisa nganalisis secara kemampuh urang anu kapabilitasna kaum intelek. Mugia urang sadaya bisa ngajieun saperti karya film anu diluhur. Sampurasun.... Sunda sunda sunda jaya..... Yana Eka Pebi Lesmana 1908948 6B.
Sabada nongton film pondok jeung maca carpon "Antara D Jeung D" karya Chyé Rétty Isnéndés katitén yén ieu film pondok téh diékranisasi, sakumaha tiori ekranisasi numutkeun Esnésté dina Isnéndés (2018:23) nyaéta usaha ngarobah hiji Carita nu asalna tina novel kana wangun film. Babandingan nu kapanggih tina carpon jeung pilem "Antara D jeung D" diantarana: a. Digambarkeun dina carpon tokoh Dude ngagunakeun mobil tapi dina ekranisasi pilem, tokoh Dude téh ngagunakeun motor. b. Aya sawatara adegan anu teu dipintonkeun dina pilem saperti adegan Dude nu nyetiran mobil ka taman nu teu ditampilkeun dina pilem. c. Aya adegan nu ditambahan ku sutradara pikeun improfisasi. Pilem diluhur Aya karakter tokoh nu ditambahan jeung ditambah latar tempat. d. Ditilik saliwat atanapi nu teu ilik pisan mah ieu film téh teu loba nu dirobah malahan mah hampir sarua jeung carpon aslina ngan memang henteu sarua sacara gemblengna. Sakitu anu tiasa dipedar ku sim kuring, Hatur nuhun Mia Candrika Dewi 1906153 Kelas 6A
Ékranisasi numutkeun Énesté dina Isnéndés (2018:23) nyaéta usaha ngarobah hiji karya kana wangun pilem atawa ngangkat hiji carita nu asalna tina karya sastra kanu wangun film. Sabada maca carpon "Antara D jeung D" jeung nongton filmna. Sanggem sim kuring mah ieu téh tos kalebet kana proses ékranisasi. Lantaran ayana unsur ngaheureutan, nambahan, jeung robahna variasi. 1. Ngaheureutan Aya sawatara adegan anu aya dina carpon tapi teu diasupkeun kana éta film. Katitén dina adegan ari na carpon di caritakeun Dudé keur ambek dina jero mobil jeung mawa mobilna ka taman Partere. Adegan éta teu di tampilkeun dina film. 2. Nambahan Aya sawatara adegan anu sabénérna mah euweuh dina carpon tapi aya dina film. Katintén dina sawatara adegan saperti Dudé nu pangmeulikeun Nung és krim strawberry, Nung anu méré hadiah ka Dudé, Dudé meuli kaset, adegan Dudé nu aya di kamar kosna, munculna tokoh babaturan Dudé, sarta ayana paguneman Dudé jeung babaturanana nu méré obat. 3. Robahna variasi Ngarobah carita dina hal-hal anu tangtu. Dina ieu film Ékranisasi tina carpon "Antara D jeung D" téh aya robahna variasi. Éta bisa katitén tina gambaran tokoh Dudé nu sapopoéna naék motor jeung katingali hirupna basajan. Béda jeung anu di gambarkeun dina carpon mah yén Dudé téh jalma aya atawa beunghar nu sapopoéna naék mobil pribadi. Sanggem sim kuring video video Sabasastra: Ékranisasi Carpon "Antara D jeung D" karya Chyé Rétty Isnéndés téh atos saè lantaran tiasa ngavisualisasikeun imajinasi pamaca kana bentuk film. Hatur nuhun 🙏🙏 Sinta Puspitasari NIM 1905301 6C Mata kuliah Menulis Skénario
Sabada nyakséning ieu video jeung maca carpon “antara D jeung D” tantu waé aya parobihan atawa babandinganna. Lantaran dimana hiji karya dina wangun carpon awalna dina wangun téks tuluy dijieun atawa transformasi kana wangun film dimana teu sakabéh nu aya dina carpon bisa di visualisasikeun dina wangun film, tangtu baé aya hiji atawa dua hal anu béda boh éta ditambahan atawa dikurangan, palaku, tuluy adégan-adégan nu sakirana bisa nambahan ngadukung dina film pasti ditambahan. Tapi dina prak-prakanna ieu film sanajan aya nu ditambahan jeung dikurangan, teu ngarobah dina gurat badag caritana, jadi inti tina carita bisa kadugikeun sacara maksimal. Ku kituna bisa dicindeukeun yén dina film ieu 1. Ayana ngaheureutan carita 2. Ayana panambahan carita 3. Ayana pangurangan adégan 4. Ayana panambahan adégan 5. Tuluy aya ogé robahna carita Mung sakitu hal-hal atawa prosés ékranisasi dina ieu carpon, hatur nuhun ka sadaya nu parantos ilubiung dina ngatransformasikeun nu asalna dina wangun carpon tuluy dina wangun film nu kawilang saé pisan. Hatur Nuhun😊 Rendy Rustandi Saepuloh 1900201
Sabada nongton pilem pondok jeung maca carpon D jeung D karya Chyé Rétty Isnéndés, kapanggih didieu yén aya babandinganana. Ieu pilem pondok téh diékranisasi, naon harti ékranisasi téh? Éranisasi nurutkeun Ésnesté nyaéta usaha ngarobah hiji carita nu asalna tina karya sastra kana wangun pilem. Tina ieu pilem tangtuna bisa katitén bagéan mana waé anu diékranisasi, nyaéta: a. Anu dirobah: •Dina carpon mah adeganna Enung ceurik, sedengkeun dina pilem mah henteu. •Dina pilem mah Dudé naék motor, sedengkeun dina carponna mah mobil. b. Anu ditambahan: • Enung jeung Dudé dahar és. • Enung jeung Dudé naék motor. • nyawang katukang basa dibéré kasét ku Enung. Hani Suprihatini 1901859 6A
Ieu video téh kaasup kana pilem nu mangrupa hasil ékranisasi ti salasahiji karya sastra nyaéta carpon "Antara D jeung D" karya Chye Retty Isnendes. Nilik tina wangenanna, yén ékranisasi téh nyaéta usaha ngarobah hiji karya sastra kana wangun pilem atawa ngangkat hiji carita nu asalna tina karya sastra kana wangun pilem (Énesté dina Isnendes, 2017: 23). Dina ieu pilem bisa dicindekkeun ku Sim kuring yén aya sababaraha hal nu kaasup ogé kana segi transformasi. Parobahan-parobahan nu aya dina ieu pilem tina karya saacanna nyaéta carpon, bisa katitén dina segi pamaén nu leuwih ngembangkeun kana ekspresi, jeung dina latar tempatna nu ngagambarkeun pisan kana suasana alur carita nu diangkat tina carponna. Parobahan atawa transformasi tina carpon kana ieu pilem bisa jadi saperti naskah jeung skenario nu aya parobahan, wangun gambar nu jadi média pilem nu leuwih dikembangkeun ku sutradara jeung pamaén, ogé hal-hal lianna nu tangtuna teu ngarobah kana eusi jeung unsur inti tina carponna éta sorangan. Éta hal-hal di luhur téh kaasup prosés ékranisasi nu teu leupas tina tilu hal, nyaéta: 1)ngaheureutan, 2)nambahan, 3)robahna variasi. Dina ieu pilem, nu bisa kaasup ogé kana ngaheureutan tina carponna nu diubah kana pilem pondok, saperti ieu pilem nu durasina kurang leuwih 17 menit. Dina proses nambahan, aya sababaraha adegan tina ieu pilem nu ngasupkeun tambahan adegan atawa bisa ogé "inovasi" nu mémang teu digambarkeun dina carponna, tangtuna pikeun némbongkeun maksud-maksud nu tangtu. Dina hal variasi tambahan atawa robahna variasi, tangtuna ieu pilem miboga variasi nu dikembangkeun tina carpon asalna sangkan nyumponan kabutuh tina adegan atawa hal-hal lianna nu mémang tadina can aya dina carita asalna. Sakitu pedaran ti Sim kuring, hatur nuhun. Shamil Sulaksana 1906305 6B
Sabada nongton ieu "Ekranisasi Carpon Antara D jeung D" nu tiasa katiten ku sim kuring nyaeta, para pamaén anu parigel dina merankeun karakter tokohna, musik latarna, pengambilan vidéona kawilang tos sae. Ekranisasi nyaeta tarekah pikeun ngarobah hiji karya sastra/carita kana wangun film. Dina ieu ekranisasi aya babaraha parobahan, aya nu ditambahan, dikurangan atawa dirobah versina. . babandingan parobahanna: >adegan di pilem langsung asup ka nyaritakeun Enung bogoh ka Dudi, di carpon Enung nutupan rarayna lantaran sedih pisan. >dina pilem aya adegan Enung mere hadiah kaset ka Dude, nu mana di carpon mah henteu kitu. >dina pilem teu adegan Dude nyetir mobil ka Partere, naekna ka nu motor. Beda deui jeung carponna nu mana Dude ka Partere naek mobil. . Proses ekranisasi tiasa ngaronjatkeun kamampuh visual paniten, lantaran nu asalna ti media tinulis jadi media visual. Rafli Prayoga Ramadhan 6B 1904075
Sabada nongton Ekranisasi Carpon "Antara D jeung D" karya Chye Retty Isnendes. Transformasi téh robahna hiji hal bari henteu jiga robah; bet kawas tanpa prosés, atawa aya proses tapi henteu dianggap penting. Transformasi disebut ogé malih warni. alih wahana, atawa adaptasi. Hartina téh parobahan nu lumangsung dina Tataran nu katémbong (wujudiah) tapi henteu ngarobah Tataran jero tina éta karya. Parobahan hiji karya sastra disababkeun ku dua hal, nyaéta tina sisi téks-na nu popilër pikeun direspon jeung tina sisi nu maca, nu ngaréspon éta karya dumasar kana kapentingan jeung tujuanna. Malih warni hiji karya téh patali jeung konsép intertekstual atawa hubungan antartéks nu ngawengku téori hipogram. Dina hipogram aya unsur-unsur transformasi nu disebut: ékspansi, konvérsi, modifikasi, jeung éksérp. Transformasi ngagelarkeun variasi karya nu upama disurahan bakal ngagelarkeun rupaning interprétasi, lantaran kapanggih situasi méntal éstétik nu disebut tegangan éstétik. Anapon ékranisasi patali jeung dirobahna téks kana gambar (pilem). Ékranisasi mangrupa transisi antara transformasi jeung parobahan wangun. Ékranisasi nu mangrupa transformasi dina pilem bisa katitén dina prosés: ngaheureutan, nambahan, jeung robahna variasi. Mukarovsky nyebutkeun yén kualitas karya seni lain gumantung kana hal-hal nu objektif tapi gumantung kana aktivitas ku nu ngararasakeun ni'matna éta karya (penikmat seni). Komo deui perkara karya sastra nu beda jeung karya seni séjénna. Lantaran karya sastra mah mediumna basa, sedengkeun basa téh tanda, tah dina karya sastra mah éta tanda téh mangrupa tanda nu dinamis lain tanda nu tetep. Ku kituna, maksud dina hiji karya sastra mah kudu ditimukeun ku nu macana (Teeuw, 1988:356). Hartina nu maca kudu ngarebut maksud tina téks nu dibacana. Cindekna, ajén éstétik nu nyangkaruk dina karya sastra téh gumelar tina ayana ketegangan atawa tegangan éstétik antara nu maca jeung karya nu dibacana. Dina tilikan nu nulis, hal ieu mangrupa transisi antara transformasi jeung change. Transformasina aya dina naskah pilem atawa skénario, parobahanna aya dina wangun gambar nu jadi média pilem ku kamahérna sutradara nu rancagé. Neulis Fitria 1904503 6B
Masyaallah sabada maca sareng nongton carpon (carita pondok) “Antara D jeung D” karya Chyѐ Rѐtty Isnѐndѐs sim kuring tiasa nyindekkeun yѐn ieu pilem tѐh saѐ pisan. Dina alur caritana anu ngadamel sim kuring janten panasaran kana ieu carpon sareng pilem. Tina pamaѐn pilemna anu katinggal tos parigel dina maѐnkeun peranna. Salian ti ѐta ogѐ, aya sababaraha babandingan dina carpon jeung pilem nu diѐkranisasi jadi pilem pondok ieu tѐh. Numutkeun Isnѐndѐs (2017:20), transformasi tѐh robahna hiji hal tapi henteu cigah robah; kawas tanpa prosѐs, atawa aya prosѐs tapi henteu dianggap penting. Ayana malih warna hiji karya tѐh lantaran ѐta karya populѐr, atawa kapentingan sѐjѐn pikeun ngarobahna. Numutkeun Isnѐndѐs (2017:22) transformasi bisa disebutkeun mangrupa prosѐs krѐatif nu maca dina ngarѐspon karya sapanjang ѐta karya hasil orisinalitasna. Numutkeun Enѐstѐ dina Isnѐndѐs (2017:23) ѐkranisasi nyaѐta usaha ngarobah hiji karya sastra kana wangun pilem atawa ngangkat hiji carita anu asalna tina karya sastra kana wangun pilem. Ekranisasi anu mangrupa transformasi bisa katitѐn dina prosѐs ngaheureutan, nambahan, jeung robahna variasi. 1. Ngaheureutan nyaѐta maksudna ngawatesanan carita dina durasi-durasi anu tangtu. Hal ieu sarua prinsipna jueng ѐksѐrp nu ngaleungitkeun hal-hal anu dianggap teu perlu. Dina prosѐs ngaheureutan ieu aya sababaraha adegan anu teu saluyu jeung dina carpon aslina nyaѐta salah sahijina aya adegan anu Enung jeung Dude kur ngobrol kuduna Enung ceurik eurih-euriheun, tapi dina pilem Enung lain ceurik kalah leuwih ngarasa ka kesel jeung keuheul. 2. Nambahan, dina ieu prosѐs aya kalana adegan ditambahan ku sutradara pikeun magehan carita. Eta tambahan tѐh bisa waѐ mangrupa tѐhnik ngawangun carita ku ngaѐksplorasi adegan boh ku cara pembayangan, boh ku cara ketegangan, boh ku cara penundaan. Dina prosѐs nambahan ieu aya sababaraha adegan anu teu saluyu jeung dina carpon aslina nayѐta salah sahijina aya adegan Dude mѐrѐ ѐskrim rasa strobѐri ka Enung, padahal dina carpon aslina adegan ѐta tѐh teu aya. 3. Robahna variasi, tangtu waѐ prosѐs ieu ngarobah hal-hal anu pasti. Misalna dina maksud carita atawa motif carita. Parobahan variasi ieu tangtu waѐ jadi hiji hal anu anu mungkin dilarapkeun dina pilem. Dina prosѐs robahna variasi aya sababaraha adegan anu teu saluyu jeung dina carpon aslina nyaѐta salah sahijina aya adegan dina tokoh Dude anu sapopoѐna naѐk motor jeung katinggali hirupna basajan pisan. Tapi dina carpon aslina bѐda jeung anu digambarkeun dina pilem kahirupan Dude tѐh nyaѐta jelema benghar anu sapopoѐna naѐk mobil. Hatur nuhun ibu videona saѐ pisan, diantos video-video salajengna🙏 Nurul Istiqomah 1908204 6A
"Antara D jeung D", hiji judul carpon nu ditransformasi kana pilem pondok dina judul nu sarua, mangrupa salah sahiji wujud transformasi karya sastra dina wangun ékranisasi. Nuturkeun wangenan ékranisasi nu nétélakeun yén ékranisasi téh usaha ngarobah hiji karya sastra kana wangun pilem, écés pisan "usaha" nu disebutkeun téh nyampak dina ieu pilem. Lantaran aya ungkara "usaha ngarobah hiji karya sastra kana wangun pilem", tangtuna waé parobahan-parobahan nu nyampak téh tumalina jeung unsur-unsur dina carita éta sorangan, boh nu ditambahan atawa dikurangan, nu satuluyna bakal ngawujud ngajadi babandingan saupama disalusur antara carita dina karya sastrana jeung hasil ékranisasina. Geura urang tataan hiji-hiji. 1. Ngaheureutan. Saupama dibandingkeun antara carita aslina (dina carpon Antara D jeung D) jeung pilem, ieu unsur téh katitén jelas liwat ti jelas. Geura tingali baé, ti awal kénéh geus katitén aya bédana. Upama dina carponna digambarkeun suasana sedih basa tokoh Nung keur ngagukguk hareupeun tokoh Dude, tur digambarkeun kumaha éksprési jeung déskripsi kaayaanana, dina pilemna mah kapan henteu. Adegan ukur ditémbongkeun tokoh Nung nu nyarita masalah hubunganana jeung beubeureuhna ka tokoh Dude, nu geus sosobatan jeung manéhna salila opat bulan. Di dinya, tokoh Nung ukur némbongkeun rasa kesel lantaran masalah hubunganana jeung Dudi kitu-kitu baé. Dialog nu dikedalkeun ku Nung jeung Dude gé ngalaman parobahan tina dialog aslina nu aya dina carpon, saperti dileungitkeunna sababaraha kecap jeung sababaraha bagian dialog, nu dina pilemna mah nujul langsung kana inti masalah nu keur karandapan ku tokoh Nung. Prosés leungitna sababaraha kecap dina dialog gé katitén dina adegan-adegan satuluyna. Lian tina dialog, dina pilemna nyampak sababaraha penggelan carita nu dileungitkeun, kayaning malikkeun awak tokoh Nung sina nyanghareup ka tokoh Dude (dina pilemna mah apan pahareup-hareup éta dua tokoh téh), nyupiran mobil bari ambek, ménta 'setrip' ka Tantan (sabab dina pilemna mah éta setrip téh dibikeun langsung ku Tantan, lain dipénta) jeung nu lianna. Ébréh pisan yén ieu ékranisasi téh ngalaman prosés ngaheureutan, nu tujuanana ngaleungitkeun sababaraha adegan nu dianggap teu perelu téa. 2. Nambahan. Dina pilemna, katitén pisan aya adegan nu ditambahan, nu satadina mah teu nyampak dina carponna. Contona, adegan Dude nu dibéré hadiah ku Nung (paranti muter kasét téa), jeung adegan basa Dude nyawang waktu basa éta hadiah dibikeun ka manéhna. Latarna kapan keur aya di tukang kasét. Dina carita aslina mah éta adegan téh teu nyampak. Lian ti éta, tokoh Tantan nu ukur dicaritakeun saliwat jeung ukur disebutkeun ngaranna wungkul dina carita aslina, di dieu mah ditémbongkeun, malah dijieun adegan wangkonganana jeung tokoh Dude. Ku lantaran kitu, nya ieu pilem téh ngalaman prosés nambahan dina ékranisasina. Adegan tambahan nu lianna gé kasampak di awal carita, ku ayana dialog bubuka ti Dude, lain ku tokoh Nung. 3. Robahna variasi. Robahna variasi carita nu kasampak dina ieu pilem téh nyaéta motif caritana sorangan. Dina carita aslina (carpon), lalakon tokohna ukur némbongkeun hiji kaayaan nu teu ngimbang perkara cinta nu disumputkeun dina kecap sosobatan, nu nuduhkeun kumaha eusi haté tokoh Dude nu nyaah ka tokoh Nung tapi hésé kapimilik lantara haté Nung geus montél ka Dudi, sanajan dina ahirna mah kacinta Dude ka Nung téh tinekanan. Dina pilemna (numutkeun sawangan pribadi), jalan caritana lain saukur nyaritakeun lalakon Dude jeung Nung wungkul, tapi kumaha héséna ngugudag cintq hiji wanoja nu haténa geus cumantél ka nu lian, kumaha seuseutna mopohokeun hiji jalma nu dipikacinta, tur kumaha héséna hiji jalma nu katalimbeng ku cinta ngaleupaskeun diri, sarta kumaha hiji jalma leuwih milih pasrah saupama cintana teu tinekanan tur leuwih milih jadi sobat kawas sawatara waktu nu geus kaliwat daripada kaleungitan salawasna. "Antara D jeung D", hiji carita cinta nu dibungkus dina kecap 'sosobatan' nu saenyana dasarna tina kanyeri jeung kanyaah nu dipibanda ku para tokoh-tokohna. Pun Asri Nurdiyanti, 1905446
Sabada sim kuring nongton pilem "Ékranisasi Carpon : Antara D jeung D" karya Chye Retty Isnendes, numutkeun sim kuring ieu pilem teh kaasup kana pilem nu hadé, rasa nu diciptakeun dina ieu pilem karasa ku nu nongton hususna nu karasa ku sim kuring, visualna jelas luyu jeung nu aya dina carpon. Sanajan aya sababaraha hal nu patali jeung prosés ékranisasi téa. Bebedaan anu aya dina pilem téh mangrupa prosés kréatif nu maca dina ngaréspon karya sapanjang éta karya hasil orisinalitasna, nyaeta carpon téa. Ieu prosés teh nu disebut transformasi. Kusabab pilem téh kaasup kana transformasi dina wangun ékranisasi, nyaeta tina carpon jadi pilem, aya sababaraha prosés nu katitén tina ieu pilem nyaeta dina prosés nambahan jeung robahna variasi : a. Dina prosés nambahan, aya sababaraha adegan anu dina carpon teu aya, tapi dina pilem aya, diantarana waé nyaéta : 1) Dude jeung Enung dahar eskrim, 2) Enung méré hadiah Walkman ka Dude, 3) Dude meuli kasét, 4) Dude nyetel kaset di kamar Tantan, 5) Dude jeung Enung naek motor. b. Dina prosés robahna variasi, katitén aya sababaraha anu robahna saperti : 1) Dina pilem Enung jadi henteu ceurik, 2) Dina pilem, adegan Dude kan Partere naek mobil dileungitkeun, 3) Dina pilem Dude ngan make motor, lain maké mobil, 4) aya adegan Dude ngobrol jeung Tantan. Ieu Ékranisasi téh mangrupa wujudiah ti ngaprésiasi hiji karya sastra anu diwangun kana wangun pilem, sangkan katingali kumaha réngkak paripolah tokoh nu aya dina carpon saméméhna. Ieu hal téh jadi hal nu hadé, lantaran bisa ngaronjatkeun kreativitas anu maca atawa nongton. Siti Rahmah 1901633 6C
Sabada nongton Ékranisasi carpon antara D jeung D ieu téh saé pisan ditilik ti kasaluruhan unsur filmna. Kagambar saéna gawé bareng jalma di tukangeun layar, hususna produser, sutradara, panulis naskah (writter script), boh para pamaénna. Karempegan gawé bareng ieu jadi cirinén transformasi, biasana karya sastra téh dijieunna ku sorangan atawa mangrupa kréasi pribadi ditransformasi kana film anu kaasup kana projék gawé bareng atawa kelompok. Ku kituna, transformasi carpon kana film ieu téh kaasup kana ékranisasi anu mangrupa prosés robahna hiji karya nu hasilkeun sacara pribadi jadi karya anu dihasilkeun sacara babarengan atawa gotong royong. Nurutkeun Énésté ékranisasi téh nyaéta pelayarputihan atawa ngangkat novel jadi film. Ku kituna bisa dihartikeun yén ékranisasi téh nyaéta prosés atawa usaha ngarobah karya sastra kana wangun film. Ékranisasi téh miboga sababaraha prosés, diantarana: 1. Ngaheureutan Ngawatesan carita kalawan nyaluyukeun durasina jeung wanda pilemna. Film di luhur nunjukeun ayana prosés ngaheureutan carita, kasampak dina paguneman anu digunakeun dina ieu film leuwih diheureutan deui langsung kana point badag pagunemanna. 2. Nambahan Aya kalana adegan ditambahan ku sutradara pikeun mageuhan carita. Film di luhur aya karakter tokoh anu di tambahan ngaranna Tantan jeung ditambahan scene di tukang kasét. Anisa Julianingrum 1908837 Mata Kuliah Nulis Skénario
Sabada simkuring nongton pilem "Ekranisasi Carpon : Antara D jeung D" karya Chye Retty Isnendes, numutkeun simkuring ieu pilem hadè pisan luyu jeung carponna ogè visual anu ditongtongkeun ka panongton. Dina sawatara hal ngeunaan Ekranisasi tinangtu jadi hal kreatif atawa poin leuwih nalika dina pilem loba bèbèdana. Dina transformasi karya sastra aya ekranisasi nyaèta ngarubah karya sastra kana pilem sakumaha dina video di luhur. Aya sababraha hal anu katiten dina pilem di luhur pakait jeung ekranisasi: A. Proses nambahan, aya sababarha hal anu kagiatan anu euweuh dina carponna 1) Dude jeung Enung dahar eskrim 2) Dude jeung Enung naèk motor B. Proses robahna variasi, lolobana katingali dimana dude kudu mawa mobil dina pilem mah kalah kana motor. Ekranisasi ieu mangrupa wujudiah dina carpon, rèk èta nambahan boh ngurangan tinangtu jadi hal atawa ciri has dimana sutradara bisa sabebas mungkin ngaliarkeun hayalanna tapi matak teu leungit alur carita aslina atawa orsinalitas tina carpona Rizal Fauzi 1909205 6C
Vidéo di luhur téh katilikna saé pisan, ku sabab vidéona anu cékas sinareng éfék-éfék anu ngarojong kana sauasana alur carita, pidangan vidéo di luhur téh mangrupi vidéo ékranisasi tina carpon anu jejerna “Antara D jeung D”, Tinangtos aya prosés dina ngaékranisasikeun carpon diantarana: 1) Ngaheureutan 2) Nambahan 3) Ngarobah Vérsi. Anu katilik dina ékranisasi di luhur mah diantarana: 1) Nambahan Dina prosésna ieu carita téh diwuwuhan ku sababaraha perkara anu taya dina carpon aslina, diantarana aya tokoh tantan dipidangkeun dina ékranisasi nanging dina carpona mah wungkul disebutkeun wungkul ku tokoh “Dudé”, ayana tokoh tukang kasét, sinareng adegan “saacan ahir sabada awal” (anu tukang kasét). 2) Ngarobah vérsi Mémang tos cindek ari dina adegan tukang kasét mah mangrupa vérsi anu aya dina ieu ékranisasi, ogé ayana adegan dipangjajankeun És Krim rasa strobéri. Sakitu anu kapedar, hapunten bilih aya kalepatan, hatur nuhun Yudistira Fitra Sabarudin 1903453 6B Menulis Sekenario
Numutkeun Isnéndés (2017:20), transformasi téh robahna hiji hal tapi henteu jiga robah; kawas tanpa prosés, atawa aya prosés tapi henteu dianggap penting. Ayana malih warna hiji karya téh lantaran éta karya populér, atawa kapentingan séjén pikeun ngarobahna. Transformasi, numutkeun Isnéndés (2017:22), bisa disebutkeun mangrupa prosés kréatif nu maca dina ngaréspon karya sapanjang éta karya hasil orisinalitasna. Ékranisasi nyaéta usaha ngarobah hiji karya sastra kana wangun pilem atawa ngangkat hiji carita nu asalna tina karya sastra kana wangun pilem (Énesté dina Isnéndés, 2017:23). Ékranisasi anu mangrupa transformasi bisa katitén dina prosés: ngaheureutan, nambahan, jeung robahna variasi. Sabada nyakséni vidio "ÉKRANISASI CARPON "ANTARA D JEUNG D" KARYA CHYÉ RÉTTY ISNÉNDÉS", katitén yén carpon "Antara D jeung D" téh ngalaman prosés-prosés ékranisasi sangkan jadi ieu pilem. Carpon "Antara D jeung D" diheureutan, diwatesanan sangkan luyu jeung durasi pilem indie anu pondok. Sangkan jadi ieu pilem, sawatara eusi carita dina carpon aya nu ditambahan. Dina ieu ékranisasi, eusi carita nu ditambahan nyaéta: (1) Dudé jeung Enung dahar és krim; (2) Enung méré walkman ka Dudé; (3) Dudé meuli kasét; (4) Dudé muter walkman di Wisma di kamarna Tantan; (5) Dudé ngobrol jeung Tantan; (6) dudé ngahuleng nginget-nginget panggih jeung Enung; jeung (7) Dudé jeung Enung numpak motor. Salian ti ditambahan, eusi carita dina carpon "Antara D jeung D" ogé aya nu dirobah. Dina ieu ékranisasi, eusi carita nu dirobah nyaéta: (1) Enung nu ceurik jadi henteu ceurik; (2) adegan di jero mobil dileungitkeun; (3) adegan mawa mobil ti wisma ka Partere dileungitkeun; jeung (4) Dudé teu numpak mobil tapi numpak motor. Ieu kagiatan ékranisasi téh éstu hiji hal nu alus. Salian ti mangrupa wujud aprésiasi nu maca karya sastra, ogé bisa ngahudang tur ngaronjatkeun kréativitas anu maca. Hatur nuhun. Naufariza Beno Santana 1904982 6C Mata Kuliah Nulis Skénario
Sabada sim kuring nyakséni video Saba Sastra: EKRANASI CARPON “Antara D jeung D” karya Chye Retty Isnéndés sareng maca carpon “Antara D jeung D”. Katitén aya parobahan atawa nu ilahar disebut transformasi. Numutkeun KBBI (1997, dina Isnéndés, 2018:23) transformasi nyaéta parobahan bentuk, boh wangunna, sifatna jeung sajabana. Transformasi patali jeung struktur atawa wujudiah hiji hal, bisa ogé disebut malih nu hartina nyaéta parobahan nu lumangsung dina tataran nu katembong (wujudiah) tapi henteu ngarobah tataran jero tina éta karya, bisa ogé disebutkeun mangrupa prosés kréatif nu maca dina ngaréspon karya sapanjang éta karya hasil orisinalitasna, alih wahana jeung adaptasi. Salah sahiji wangun transformasi karya anu ngarobah karya sastra kana wangun pilem nya éta ékranisasi. Numutkeun Énesté (1991, dina Isnéndés, 2018:23) ékranisasi mangrupa usaha ngarobah hiji karya sastra kana wangun pilem atawa ngangkat hiji carita anu asalna tina karya sastra kana wangun pilem, dina ieu wangun karya carpon nu dikranisasi kana pilem, miboga dua parobahan transformasi jeung Change diantarana nyaéta ayana naskah pilem atawa anu ilahar disebut skénario jeung wangun gambar nu jadi media pilem nu nyampak saperti dina ieu video. Numutkeun Isnéndés (2018:23) nu mangrupa transformasi bisa katitén tina tilu prosés, diantarana nyaéta ngaheureutan, nambahan jeung robahna variasi, tangtuna dina robahna karya sastra kana pilem pasti miboga tilu prosés éta, saperti dina “Ekranisasi carpon: antara D jeung D” Karya Chyé Rétty Isnéndés bisa katitén babandinganana antara carpon jeung pilemna (skénario). a. Ngaheureutan, prosés ieu ayana kawatesanan durasi nu ngabalukarkeun aya sababaraha hal anu dipangkas tina caritana, dina pilem diluhur nuduhkeun ayana prosés ngaheureutan nu kasampak dina awal carita nu leungitna adegan ceurik eurih-euriheun, bari nungkupan beunget, sarta lobana kekecapan anu diliwat sarta dicokot gurat badagna. b. Nambahan, ayana tambahan dina ieu wangun ékranasi téh nyaéta dina bagéan Dudé jeung Enung ngadahar és krim, Dudé meuli kasét sarta nineung nalika babarengan jeung Enung, Dudé ngobrol jeung babaturanna, Dudé jeung Enung numpak motor. c. Robahna variasi, dina robahna variasi ieu katitén tina kaayaan anu dipimilik ku Dudé, ari dina carpon mah Dudé téh digambarkeun jelema beunghar boga mobil, ari dina pilem mah leuwih basajan. hatur nuhun, mung sakitu anu tiasa didugikeun hapunten bilih seueur kalepatan. Sri Intan Mulyani_1908944_6B
Sabada maca carpon “Antara D jeung D” karya Chyè Rètty Isnèndès jeung nongton “Enkranisasi Carpon Anatara D jeung D” katitèn ayana babandingan khususna tina carpon nu diènkranisasi kana pilem. Saluyu jeung nu ditètèlakeun ku Enestè (1991:60) yèn ènkranisasi nyaèta usaha ngarobah hiji karya sastra kana wangun pilem atawa ngangkat hiji carita nu asalna tina karya sastra kana wangun pilem. lantaran kasebutna ngarobah, tangtu aya unsur-unsur nu dirobah jeung aya unsur-unsur nu dicipta. Ènkranisasi mangrupa wangun transformasi nu aya dina naskah pilem atawa skenario, parobahan aya dina wangun gambar nu jadi media pilem ku kamahèran sutradara nu rancagè. Nurutkeun Isnèndès (2017: 20), transformasi tèh robahna hiji hal tapi henteu jiga robah; kawas tanpa prosès, atawa aya prosès tapi henteu dianggap penting. Ènkranisasi ogè mangrupa transformasi bisa katitèn dina prosès: ngaheureutan, nambahan, jeung robahna variasi. 1. Ngaheureutan Ngaheureutan nyaèta ngawatesanan carita dina durasi nu tangtu. Durasi dina ieu pilem nyaèta 17 menit 4 detik. Tangtu dina prosès ngaheureutan tèh aya episode atawa adegan-adegan nu riobah dina sèkuèl-sèkuèl pilem dumasar kana tujuan nu dijanggèlèkeun dina scenario. Saperti adegan Enung nu digambarkeun dina carita ceurik eurih-eurihan tapi dina pilem ngan saukur jiga nu keuheul. Ieu hal bisa disebut ogè eksèrp nu ngaleungitkeun hal-hal nu dianggap teu perlu. 2. Nambahan Ieu konsèp sarua jeung èkpansi dina wangun transformasi karya sastra. aya kalana adegan ditambahan ku sutradara pikeun mageuhan carita. Saperti dina adegan Nung keur dahar èskrim jeung ayana tokoh tukang kasèt dina pilem. 3. Robahna variasi Robahna variasi tangtu baè ngarobah dina hal-hal nu tangtu, misalna maksud carita atawa motif carita. Sapeti nu digambarkeun dina carpon tokoh Dude ngagunakeun mobil tapi dina èkranisasi pilem tokoh Dude tèh ngagunakeun motor. Hatur Nuhun Novita Inggrit 1908815
Transformasi bisa disebutkeun mangrupa prosés kréatif nu maca dina ngaréspon karya sapanjang éta karya hasil orisinalitasna (Isnéndés, 2018:22). Numutkeun Énesté dina Isnéndés (2018:23), ékranisasi téh usaha ngarobah hiji karya sastra kana wangun pilem atawa ngangkat hiji carita nu asalna tina karya sastra kana wangun pilem. Sabada nyakséni pidangan video di luhur, katitén yén ieu pilem téh mangrupa ékranisasi tina carpon anu judulna "Antara D jeung D" Karya Chye Retty Isnéndés. Dina enas-enasna, tangtu pikeun ngarobah kana wangun pilem téh ngalaman prosés ékranisasi, di antarana nyaéta: 1. Ngaheureutan: aya sawatara adegan anu teu dipintonkeun dina pilem saperti adegan Dudé nu nyetiran mobil ka taman Partéré nu dina pilem mah teu ditampilkeun. 2. Nambahan: aya sababaraha bagéan anu dina pilem mah ayaa tapi dina carpon mah henteu. Diantarana nyaéta: Nung jeung Dudé dahar és krim babarengan, Nung méré kado hadiah ka Dudé, Dudé meuli kasét, jsb 3. Robahna variasi Tina variasina, aya sawatara hal anu dirobah, diantarana baé karakter Dudé anu béda pisan jeung dina carpon. Dina carpon mah dicaritakeun yén Dudé téh jelema beunghar malah sapopoéna ogé ngagunakeun mobil pribadi waé, sedengkeun dina pilem mah sabalikna Dudé digambarkeun lalaki nu basajan, sapopoéna mawa motor. Ieu pidangan ékranisasi téh hadé pisan, puguh ning tina caritana mah, katambah ku pamaén anu bisa mawakeun peran tur karakterna kalawan parigel. Hadé pisan. Tika Resti Safitri NIM 1906316
Sabada maca sareng nongton carpon (carita pondok) “Antara D jeung D” karya Chyѐ Rѐtty Isnѐndѐs sim kuring tiasa nyindekkeun yѐn dina alur caritana anu ngadamel sim kuring janten panasaran kana ieu carpon sareng pilem. Tina pamaѐn pilemna anu katinggal tos parigel dina maѐnkeun peranna. Salian ti ѐta ogѐ, aya sababaraha babandingan dina carpon jeung pilem nu diѐkranisasi jadi pilem pondok ieu tѐh. Numutkeun KBBI (1997, dina Isnéndés, 2018:23) transformasi nyaéta parobahan bentuk, boh wangunna, sifatna jeung sajabana. Transformasi patali jeung struktur atawa wujudiah hiji hal, bisa ogé disebut malih nu hartina nyaéta parobahan nu lumangsung dina tataran nu katembong (wujudiah) tapi henteu ngarobah tataran jero tina éta karya, bisa ogé disebutkeun mangrupa prosés kréatif nu maca dina ngaréspon karya sapanjang éta karya hasil orisinalitasna, alih wahana jeung adaptasi. Nilik kana enkranisasi diluhur, aya proses-prosesna diantarana: 1. Nambahan, dina ieu proses yen katiten aya sababaraha pasualan anu beda dina carpon jeung filmna, saperti nambahanna palaku, ayana adegan anu anyar (flashbackna enung), jste 2. Robahna versi, dina ieu proses yen robahna wangun carpon kana wangun film. ieu carpon teh minangka dadasar anu ditransformasi kana wangun film. 3. Ngahereut, nilik kana waktu dina film eta katiten cukup panjang saupama jadi film pondok, namung upama dititen dina segi carponna. Ieu hal teh ayana sababaraha adegan anu cokot dina film. Hatur nuhun ibu🙏 Fikri Firmansyah 6B 1900684
Sabada nongton video "Énkranisasi Antara D jeung D" ieu téh katitén saé pisan utamana tina penggambaran visualna ogé dina caritaanana. Ekranisasi teh usaha ngarobah hiji karya sastra kana wangun pilem atawa ngangkat hiji carita nu asalna tina karya sastra kana wangun pilem (Énesté, 1991:60). Lantaran kasebutna ngarobah,tangtu aya unsur-unsur nu dirobah jeung aya unsur- unsur anyar nu dicipta. Nu paling kaciri nyaéta robahna wangun kekecapan kana wangun gambar. Naha ékranisasi mangrupa wangun transformasi atawa parobahan tina kecap change téa? Dina tilikan nu nulis, hal ieu mangrupa transisi antara transformasi jeung change. Transformasina aya dina naskah pilem atawa skénario, parobahanna aya dina wangun gambar nu jadi média pilem ku kamahėma sutradara nu rancagé. Ékranisasi nu mangrupa transformasi bisa katitén dina prosés: ngaheureutan, nambahan, jeung robahna variasi. Ngaheureutan. Ngaheureutan maksudna ngawatesanan carita dina durasi nu tangtu, naha dumasar kana durasi pilem indie nu pondok antara 10-15 menit, naha dumasar kana pilem biasa nu panjangna antara 90-120 menit, naha pilm-pilem panjang siga pilem India nu bisa méakkeun waktu IS0 menit atawa tilu jam. Tangtu aya épisode atawa adegan-adegan nu dirobah dina sékuél-sékuél pilem dumasar kana tujuan nu dijanggélékkeun dina skénario jeung maksud-maksud nu tangtu. leu hal sarua prinsipna jeung éksérp nu ngaleungitkeun hal-hal nu dianggap teu perelu. Contona waé unsur nambahan carita téh aya dina dina pilem pondok Lemah Cai Kulup nu ditransformasi tina carita pondok Hadi AKS dina judul nu sarua. Dina éta pilem ditembongkeun adegan Aki Ajuk nu disalib ku masarakat pédah disangka dukun teluh, sedengkeun dina carponna mah henteu kitu. Aya deui adegan anyar nu taya dina carponna nyacta dihadirkeunna awéwé gélo pédah salakina dipaćhan ku masarakat. sarua disangka dukun teluh. Robahna Variasi Robahna variasi tangtu baé ngarobah carita dina hal-hal nu tangtu, misalna wae maksud carita atawa motif carita. Hal icu dina Tataran sastra kungsi sababaraha kali kajadian. Misalna waé roman Siti Nurbaya karya Marah Rusli. Éta roman téh saméméh jadi roman nu dipikawonoh ku nu maca kiwari, kapan kungi ditolak ku Balai Pustaka lantaran dianggap mawa ideologi babarontakan nu diwakilan ku Datuk Maringgih. Ahirna mah Rusli ngarobah caritana nepi ka nu maca kiwari wanoh ka Datuk Maringgih téh salaku palaku antagonis nu jahatna kabina-bina. Kitu deui dina karya sastra Sunda aya roman Baruang ka nu Ngarara karya D.K. Ardiwinata nu nyaritakeun masarakat ku tatanan sistem kolonial sosial cacah-ménak. utamana nu tumiba ka Nyi Rapiah jeung Ujang Kusén. Éta roman téh dituluykeun ku M.A. Salmun dina judul Gogoda ka nu Ngarora, nu nyulayaan sistem sosial cacah-menak katut dirobahna nasib Nyi Rapiah jeung Ujang Kusén tina katideresa jadi bagja. Tah naha dina pilem hal icu aya? Tangtu baé aya, sahab pilem aya dina sisi transisi antara transformasi jeung parobahan wangun. Parobahan variasi jadi hiji hal nu mungkin dilarapkeun dina pilem. Contona waé pilem pondok Lemah Cai Kulup. Dina éta pilem, salian ti ayana unsur ngaheureutan jeung nambahan, ogé aya unsur robahna variasi tina téks nu nyaritakeun sisi atikan masarakat dina latar kajadian- kajadian sangar perkara hukum nu jarah jeung kondisi sosial masarakat nu gering (teluh, sangar. ngahukuman sakahayang. jrrd) alatan pulitik di Indonésia, kana sisi kondisi sosial tanah Sunda jeung masarakat nu gering. Perkara atikanna ukur jadi pésen moral nu langsung disulayaan deui ku kajadian-kajadian tragik. Hartina leuwih loba éksploitasi tragikna batan muatan atikanna. Éta mangrupa parobahan variasi nu nilem. Sakitu nu tiasa didugikeun ku simkuring, hapunten bilih aya kalepatan. Hatur nuhun Mohamad Fajar Harja Ramdhani 1900299
Dina Novél "Handeuleum na haté beureum" bisa ditilik dina Cara ngatransfromasikeun kana pidangan anu geus garap kalayan écés, jeung dibeundeul deui ku singgetna caritaan nu nyampak tangtu waé bakal nyieun eusi carita beuki singget tur beunang gurat badagna. Tina téma anu kapidangkeun téh aya téma anu maluruh kana sababaraha hal anu pakaitna rasa antara Mayang jeung Andi, Yudi jeung Mayang, ieu tokoh téh geus katempo kana unsur carita anu nyampak, sanajan sabada kuring neuleuman tadi lalajo pidanganana can kaharti, leuwih kaharti nalika kuring maca bukuna. Tangtu baé anu ngaranna sastra kudu bisa ngigelan jaman, sangkan nepi ka nu lalajo, jeung salahiji tarékah pikeun ngamekarkeun deui dina kamekaran karya sastra anu mimitina ngaliwatan prosa, ayeuna ngajanggélék jadi pilem pondok. Pangarang anu nyieun carita ogé kalintang talitina dina pidangkeun eusi carita, teu sagawayah pangarang bisa méré carita anu hadé jeung teu sagawayah, lantaran bisa jadi pangarang kungsi ngalaman kajadian anu sarua, tuluy diébréhkeun kana carita anu nyampak téa. Elin Marlina 7A 1802173
Sabada nyakséni ieu video jeung maca carpon “antara D jeung D” tantu waé aya parobihan atawa babandinganna. Lantaran dimana hiji karya dina wangun carpon awalna dina wangun téks tuluy dijieun atawa transformasi kana wangun film dimana teu sakabéh nu aya dina carpon bisa di visualisasikeun dina wangun film, tangtu baé aya hiji atawa dua hal anu béda boh éta ditambahan atawa dikurangan, palaku, tuluy adégan-adégan nu sakirana bisa nambahan ngadukung dina film pasti ditambahan. Tapi dina prak-prakanna ieu film sanajan aya nu ditambahan jeung dikurangan, teu ngarobah dina gurat badag caritana, jadi inti tina carita bisa kadugikeun sacara maksimal. Ku kituna bisa dicindeukeun yén dina film ieu ayana ngaheureutan carita, ayana panambahan carita, ayana pangurangan adégan, ayana panambahan adégan, tuluy aya ogé robahna carita Mung sakitu hal-hal atawa prosés ékranisasi dina ieu carpon, hatur nuhun ka sadaya nu parantos ilubiung dina ngatransformasikeun nu asalna dina wangun carpon tuluy dina wangun film nu kawilang saé pisan. Hatur Nuhun Wasta: Dhafa Haikal NIM: 2004542 Kelas: 6C
Numutkeun Isnéndés (2017:20), transformasi téh robahna hiji hal tapi henteu jiga robah; kawas tanpa prosés, atawa aya prosés tapi henteu dianggap penting. Ayana malih warna hiji karya téh lantaran éta karya populér, atawa kapentingan séjén pikeun ngarobahna. Transformasi, numutkeun Isnéndés (2017:22), bisa disebutkeun mangrupa prosés kréatif nu maca dina ngaréspon karya sapanjang éta karya hasil orisinalitasna. Ékranisasi nyaéta usaha ngarobah hiji karya sastra kana wangun pilem atawa ngangkat hiji carita nu asalna tina karya sastra kana wangun pilem (Énesté dina Isnéndés, 2017:23). Ékranisasi anu mangrupa transformasi bisa katitén dina prosés: ngaheureutan, nambahan, jeung robahna variasi. Sabada nyakséni vidio "ÉKRANISASI CARPON "ANTARA D JEUNG D" KARYA CHYÉ RÉTTY ISNÉNDÉS", katitén yén carpon "Antara D jeung D" téh ngalaman prosés-prosés ékranisasi sangkan jadi ieu pilem. Carpon "Antara D jeung D" diheureutan, diwatesanan sangkan luyu jeung durasi pilem indie anu pondok. Sangkan jadi ieu pilem, sawatara eusi carita dina carpon aya nu ditambahan. Dina ieu ékranisasi, eusi carita nu ditambahan nyaéta: (1) Dudé jeung Enung dahar és krim; (2) Enung méré walkman ka Dudé; (3) Dudé meuli kasét; (4) Dudé muter walkman di Wisma di kamarna Tantan; (5) Dudé ngobrol jeung Tantan; (6) dudé ngahuleng nginget-nginget panggih jeung Enung; jeung (7) Dudé jeung Enung numpak motor. Salian ti ditambahan, eusi carita dina carpon "Antara D jeung D" ogé aya nu dirobah. Dina ieu ékranisasi, eusi carita nu dirobah nyaéta: (1) Enung nu ceurik jadi henteu ceurik; (2) adegan di jero mobil dileungitkeun; (3) adegan mawa mobil ti wisma ka Partere dileungitkeun; jeung (4) Dudé teu numpak mobil tapi numpak motor. Ieu kagiatan ékranisasi téh éstu hiji hal nu alus. Salian ti mangrupa wujud aprésiasi nu maca karya sastra, ogé bisa ngahudang tur ngaronjatkeun kréativitas anu maca. Hatur nuhun. Zulfahmi Romadona 2007887 6A Menulis Skénario Pendidikan Bahasa Sunda FPBS UPI
Sabada sim kuring nongton pilem "Ékranisasi Carpon : Antara D jeung D" karya Chye Retty Isnendes, numutkeun sim kuring ieu pilem teh kaasup kana pilem nu hadé, rasa nu diciptakeun dina ieu pilem karasa ku nu nongton hususna nu karasa ku sim kuring, visualna jelas luyu jeung nu aya dina carpon. Sanajan aya sababaraha hal nu patali jeung prosés ékranisasi téa. Bebedaan anu aya dina pilem téh mangrupa prosés kréatif nu maca dina ngaréspon karya sapanjang éta karya hasil orisinalitasna, nyaeta carpon téa. Ieu prosés teh nu disebut transformasi. Kusabab pilem téh kaasup kana transformasi dina wangun ékranisasi, nyaeta tina carpon jadi pilem, aya sababaraha prosés nu katitén tina ieu pilem nyaeta dina prosés nambahan jeung robahna variasi : a. Dina prosés nambahan, aya sababaraha adegan anu dina carpon teu aya, tapi dina pilem aya, diantarana waé nyaéta : 1) Dude jeung Enung dahar eskrim, 2) Enung méré hadiah Walkman ka Dude, 3) Dude meuli kasét, 4) Dude nyetel kaset di kamar Tantan, 5) Dude jeung Enung naek motor. b. Dina prosés robahna variasi, katitén aya sababaraha anu robahna saperti : 1) Dina pilem Enung jadi henteu ceurik, 2) Dina pilem, adegan Dude kan Partere naek mobil dileungitkeun, 3) Dina pilem Dude ngan make motor, lain maké mobil, 4) aya adegan Dude ngobrol jeung Tantan. Ieu Ékranisasi téh mangrupa wujudiah ti ngaprésiasi hiji karya sastra anu diwangun kana wangun pilem, sangkan katingali kumaha réngkak paripolah tokoh nu aya dina carpon saméméhna. Ieu hal téh jadi hal nu hadé, lantaran bisa ngaronjatkeun kreativitas anu maca atawa nongton. Wasta : Asep Suhendar Nugraha Kelas : 6A NIM : 2005323
Keren a
Assalamualaikum Wr. Wb
Saparantos sim kuring nonton ieu film “Antara D jeung D” kawilang sae pisan. Film ieu kaasup wangun ekranisasi tina carpon. Ekranisasi sorangan nurutkeun Esneste dina Isnendes (2018:23) nyaeta usaha ngarobah hiji carita nu asalna tina novel kana wangun film. Sabada sim kurung maca jeung nonton film na aya babandinganna atawa sawatara parobihan. Sawatara babandingan anu aya dina ieu film teh diantaranya nyaeta: (1) ngaheureutan carita, (2) ayana tambahan carita, (3) ngurangan adegan.
Mung sakitu anu tiasa didugikeun, hapunten bilih aya kekecapan anu kirang merenah.
Wassalamualaikum Wr. Wb
Wasta: Nenden Aisyah
Kelas: 6A-Sastra
Nim: 2006580
Assalamualaikum warahmatullahi wabarakatuh
Sabada sim kuring nongton ieu film "antara D jeung D" karya Chye Retty Isnendes teh sae pisan. Dina ieu ékranisasi ogé hadé, pamaén bisa mawakeun peran tur karakter kalawan hadé. Sabada sim kuring maca jeung nongton film na tangtu waé aya babandinganna atawa sawatara parobihan. Sabab ari karya sastra anu dijieun dina wangun carpon tuluy di transformasi kana film moal bisa sagemblengna divisualisasikeun dina wangun film éta sorangan. Ku kituna tangtu bakal aya babandinganana atawa bédana, naha aya na carita anu bakal ditambahan boh dikurangan. Lian ti éta, adégan ogé bisa robah tapi dina ieu film mah sanajan aya nu ditambahan jeung dikurangan tetep teu ngarobah dina kana inti caritana.
Sawatara babandingan anu aya dina ieu film teh diantarana nyaéta:
1. Ngaheureutan carita
Aya dina adégan nalika Dude naek mobil ka partere.
2. Ayana tambahan carita
Dina ieu film ayana adégan nambahan Carita nalika Enung jeung Dudé dahar éskrim. Lian ti éta oge nalika Dudé meuli kasét, Enung meuli paranti nyetel musik salaku hadiah ulang taun ka Dudé, Dudé muter musik, Enung maca buku, anu pamungkas Dude ngalamun panggih deui jeung Enung di jalan.
3. Ngurangan Adegan
Dina ieu film ogé aya parobahan ngurangan adégan, nalika Enung nu keur galau nyaritakeun kasedih yén manéhna jeung Dude di jero mobil sedengkeun dina pilem keur di taman.
Mung sakitu anu tiasa didugikeun, hapunten bilih aya kekecapan anu kirang merenah.
Wassalamu'alaikum warahmatullahi wabarakatuh.
Wasta : Dina Nuraini
NIM : 2008193
Kelas : 6A_Sastra
Assalamualaikum warahmatullahi wabarokatuh
Alhamdulilah ibu, ieu karya teh saé pisan. Carpon aslina Antara D jeung D karya ibu Chye Retty Isnendes jeung Ekranisasi Carpon Antara D jeung D ieu téh saé pisan. Ngangkatna pilem pondok tina carpon kieu téh numutkeun abi mah sae pisan, sabab bisa ngembangkeun eusi carita ku visual (gambar) sangkan leuwih menarik jeung ningkatkeun kreativitas dina perpileman, khususna ogé beuki loba deui pilem pilem pondok atawa pilem layar lebar anu make basa Sunda jeung diangkat tina carpon basa sunda.
Ekranisasi numutkeun Énesté dina (Isnéndés, 2018, kc. 23) nétélakeun yén ekranisasi téh mangrupa usaha ngarobih hiji karya sastra kana wangun filem atawa ngangkat hiji carita anu asalna tina karya sastra kana wangun filem. Tangtuna waé dina Ekranisasi carpon Antara D jeung D kana filem pondok ieu téh aya anu ditambahkeun atawa aya anu dileungitkeun, pasti ogé seueur babandinganana.
Sabada dibaca carpon jeung ditingali filem Antara D jeung D ieu teh aya sasabaraha hal babandingannana dina Ekranisasi Antara D jeung D téh nyaéta ;
1. Nambahan dialog anu nganuhunkeun ka Dude yén Enung téh dijajanan es krim, sabab dina carpon mah teu aya dialog atawa yén Enung téh emam es krim jeung Dude.
2. Dina kendaraan ogé anu papanggih di taman partere, na carpon mah Dude téh kuduna mawa mobil, sedengkeun dina filem mah diganti ku motor nyaéta motor Dilan anu ayeuna keur sumebar dimana mana. Jadi numutkeun abi kucara ngaganti kendaraan ieu téh salah sahiji hal anu menarik kitu pikeun panonton.
3. Tokoh Tatan teu pati dicaritakeun
4. Terus tokoh anu dikosan ngobrol jeung Dude, tapi eta teu nyebut ngaranna, duka eta téh emang si Tatan téa atawa lain.
5. Dina adegan ahir, na carpon teu aya Enung ngalungkeun obat atawa barang naon ka balong di taman partere, sedengkeun dina Ekranisasi filem na mah aya.
Janten seueur pisan nya bebeda dina Carpon jeung Ekranisasi filem Antara D jeung D téh. Alhamdulilah ibu nambahan pisan pangaweruh. Mung sakitu ibu anu tiasa ku simkuring dugikeun.
Hatur nuhun 🙏
Wassalamu'alaikum wr.wb
Wasta : Aulia Husna Qotrunnada
Nim : 2001146
Kelas : 6C
Assalamualaikum wr. wb Alhamdulillah saparantos sim kuring nongton ieu Pilem pondok "Antara D jeung D" . Sim kuring kénging pangaweruh jeung reeus geuningan leres cariosan ti Kang Tedy nalika milangkala patrem kamari yén, " euweuh wanoja nu leuwih parigel dina sastra, dina ngarang sastra, iwal ti wanoja Sunda. Sok tilikan wé satatar Sunda loba tah pangarang sastra". Kitu sasauran ti Kang Tedi téh.
Tah upami dipatalikeun sareng Carpon Antara D jeung D mah karya Chye Retty Isnendes ieu mangrupa salasahiji buktos cariosan yén urang Sunda téh hadé dina widang sastrana.
Carpon ieu aya patalina jeung Transformasi. Transformasi nyaéta malih warni, alih wahana, atawa adaptasi. Anu hartina, parobahan nu lumangsung dina Tataran nu katémbong (wujudiah) tapi henteu ngarobah tataran jero tina éta karya ( Ahimsa-Putra dina Isnéndés, 2013:56).
Upami dipatalikeun jeung nulis skenario, Carpon antara D jeung D karya Chye Retty Isnendes ieu téh aya hubunganna jeung ékranisasi. Ari éksranisasi téh mangrupa usaha ngarobah hiji karya sastra kana wangun pilem (Énesté, 1991: 60).
Nu pastina dina ieu carpon jeung pilem pasti aya bédana. Aya ngaheureutan, aya nambahan, ogé aya robahan variasi.
Dina ieu pilem téh aya bédana jeung anu dina carpon. Katitén tina anu nambahanna nya éta :
1. nalika Dudé méré eskrim ka Enung
2. Dudé jeung Enung ngobrol bari emam éskrim
3. Dude meuli kasét
4. Nyaritakeun baheula nalika Dudé ultah, Enung ngucapkeun ultah, bari mere kaset
5. Dude ngobrol jeung Tantan di kamar nyaritakeun Enung.
6. Tantan méré obat.
Tah anu ieu mah teu aya dina carponna tapi aya di pilem mah. Tujuanna sangkan panonton téh ngirut kana ieu carita nu divisualisasikeun kana pilem.
Satuluyna aya ngurangan. Nya éta nalika si Enungna anu teu pati ceurik teuing. Da dina carpon mah, sim kuring maca téh nu kabayang si Nung téh ceurik eurih-eurihan.
Tuluy aya dina adegan patatap jeung nyeupengan leungeun. Nah éta rada dikurangan, sok sanajan aya tapi dina pilem mah dikurangan. Ku sabab mingkin nyingkahan hal hal anu kurang hadé, ku sabab ari pilem mah langsung ditonton ku loba umat.
Tuluy aya robahan variasina. Dina carponna mah si Dudé téh maké kandaraan mobil, tapi dina pilemna mah maké kandaraan motor.
Mung sakitu ti sim kuring mah Ibu, hapunten bilih seeur nu lepat dina tanggepan sim kuring kana ieu pancén.
Wasta : Dewi Lailatun Najah
NIM : 2004456
Kelas : 6C
Assalammu'alaikum Warahmatullahi Waabarakatu. Sateuacanna hatur nuhun kana pintonan vidio sarta carponna, masyaallah saé pisan. Karaos kumaha mun urang di posisi Dudé, tapi teu mungkir ogé lamun urang bisa égois bégo ku ngaranna cinta siga Enung. Carita nu digambarkeun dina carpon sarta Ékranisasi carpon "Antara D jeung D" ieu méré gambaran ngeunaan pagaulan rumaja anu keur meumeujeuhna. Meumeujeuhna pahibut ku ka cinta. Bédana didieu ngeunaan cinta segitiga, ngeunaan Dudé anu bogoh ka babaturanana sorangan. Nya da ari ngaranna cinta mah saha nu apal bakal ka saha jeung iraha kaalamanana. Carpon Antara D jeung D ieu mangrupa carpon anu medal dina taun 1995, anu tuluy dijadikeun Ekranisasi Carpon Antara D jeung D ku Jantrakarsa (Mahasiswa Pendidikan Bahasa Sunda entragan 2018) anu tuluy dibandingkeun ku mahasiswa ayeuna (2023).
Lantaran atos mindeng dipedar ngeunaan Ékranisasi dina sababaraha koméntar (Ekranisasi carpon séjénna) janten urang lajeng waé kana bébédaan dina carpon jeung pintonan Ekranisasi Carpon "Antara D jeung D". Hal-hal anu bisa dipedar di antarana:
1. Dina carpon mah kacaritakeun Enung téh ceurik eurih-euriheun, tapi dina film mah henteu. Langsung baé ka papanggihna Enung jeung Dudé, naék motor tuluy cicing bari cacarita. Saacanna ogé Dudé mangmeulikeun És krim jang Enung, béda jeung dina carpon. Mangmeulikeun És krim téh teu aya.
2. Aya nyebut-nyebut lantaran si Wini, ari dina pintonan mah teu aya.
3. Dina carpon kagambarkeun pisan sosok Enung téh kumaha sarta sosok Dudi ogé dicaritakeun wujudna saperti kumaha, tapi dina pintonan mah henteu. Malahan mah teu apal éta si Dudi kumaha salian ti kuuleun (ceuk Dudé téa mah).
4. Adégan meuli kasét dina film lantaran inget hadiah anu ti Enung téh teu aya lamun dina carpon mah, kitu ogé adégan disimpenan narkotika kana jakétna (dina carpon mah Dudé nu ménta éta ka Tantan).
5. Dina pintonan ieu mah sanggeus Dudé ngarasa kaleungitan Enung jeung dibéré narkotika ku Tantan téh Dudé indit ka Partere bari diobrolkeun ku awéwé lain nalika ngaliwat, hal ieu tangtu béda lamun nurutkeun adégan dina carpon. Nu mana dina carpon mah Dudé téh ngaheruk bari nangkeup setir mobilna, nalika rék indit ka partere ogé ngajalankeun mobilna ogé kuat kekebutan.
Ayana bébédaan dina carpon jeung pintonan ieu mangrupa salasahiji tarékah pikeun ngirut anu séjén sarta nyaluyukeun kana rutinitas jalma harita, dina carpon leuwih kacaritakeun sacara gembleng (detail) siga kumaha gambaran tokoh-tokohna waé ogé disebutkeun, ari dina film mah lantaran kudu ngirut jadi leuwih merhatikeun kana ajén éstétika nu aya. Teu poho ogé sisi mélankolis dina 'percintaan' rumaja. Carpon ieu tangtuna waé bisa tuluy kaguar, lantaran dina caritana gé teu ka gerus ku nu ngaranna jaman. Cinta ka babaturan sorangan masih aya di jaman kiwari, 'penyimpangan' rumaja kana narkotika ogé sok aya kénéh dina sawatara média. Hartina salian jalan carita anu ngirut, carpon "Antara D jeung D" ogé masih kénéh 'relate' dina mangsa kiwari.
Mung sakitu anu tiasa didugikeun, hapunten tina samudaya kalepatan.
Wassalammu'alaikum Warahmatullahi Waabarakatu.
Néng Tanti Séptiani Hidayat
2008437
Menulis Skénario
Assalamu’alaikum Wr. Wb.,
Alhamdulillah, sabada sim kuring manco vidéo Saba Sastra “Ekranisasi Carita Pondok - Antara D jeung D" karyana ibu Chye Retty Isnendes anu tangtu waé aya pangaweruh hususna dina mata kuliah menulis skenario. Ogé sateuacanna sim kuring badé ngaaprésiasi pisan kana ékranisasi carpon ieu nu mana parantos tiasa dina ngokolakeun carpon ka nu janten film anu hadé tur saé. Teu hilap ogé aprésiasi ka para pamaén dina ieu film anu rancagé pisan.
Patali sareng naon anu ditayangkeun dina ieu ékranisasi tangtuna waé aya babandinganana antara film jeung naon anu aya dina carpon, sabab kataji pisan aya adegan adegan anu béda dina sagala bagéanana.
Upami nilik kana eusi filmna yén teu sadaya eusina nu katitén dina ieu film téh sarua jeung naon anu aya dina carpon;
1) Aya sawatara adegan nu jadi ngaheureutan, saperti Dude anu nyetir mobil ka partere, éta teu ditampilkeun dina pilem,
2) dina adegan awal, anu basa Enung ceurik teu aya, malihan langsung kana adegan Enung curhat ka Dude sabari nuang es krim,
3) teras aya ogé improvisasi, salah sahijina aya adegan Enung jeung Dude nuang es krim padahal dina dialog carponna ogé teu aya, tuluy Enung méré hadiah ka Dude.
Tapi salian kitu, nilik kana pengambilan gambarna, katingal parantos ngahiji jadi hiji kaéndahan anu ngajadikeun panitén tiasa kairut kana naon anu kacaritakeun dina ieu ékranisasi carpon téh sok sanaos teu patos sami pisan adegan per adeganna sapertos anu dina carponna, teras dina audiona, pengambilan gambar jeung nu sanésna tos salaras pisan. sanajan ieu ékarnasi téh kawilang singget, tapi katitén tos saé pisan kusabab tina durasi anu sakitu singgetna, ékranisasi ieu téh geus
nepikeun pesen anu jembar tur karasa ku panitén yén dimana urang téh emang saleres-leresna kedah tetep kana jalan kahadéan, ulah kababawa ku pergaulan anu henteu-henteu sapertos ngobat jeung sajabina.
Ékranisasi carpon “Antara D jeung D” ogé téh sakumaha anu tos katitén ku sim kuring téh tos miboga kasaimbangan anu hadé tina sagala sisi /
sagala aspékna sangkan jadi harmony.
Sakitu anu tiasa dipedar ku sim kuring, hatur nuhun ka ibu anu parantos midangkeun video ieu sangkan bisa jadi pangajaran pikeun urang
sadaya.
Hapunten tina kasalahan kekecapan jeung panulisan.
Tuti Ramdiani
2000383
6 A - Sastra
Menulis Skénario
Assalamualaikum Wr.Wb.
Alhamdulillah sabada nongton Ekranisasi carita pondok "Antara D jeung D" tangtuna waé nambihan pangaweruh anu seueur, sateuacana Sim Kuring bade ngaapresiasi heula ieu Ekranisasi carpon, ieu Ekranisasi cocok pisan kangge rumaja jaman kiwari anu caritana ngeunaan kahirupan sapopoé anu kaalaman ku rumaja jaman kiwari, dina masalah silih asih ogé aya sababaraha kajadian anu nyata dina éta carita. Dina latar ogé tokoh na éta geus saluyu jeung kahirupan mahasiswa sapopoé.
Sabada dibaca carpon jeung di tongton ekranisasi carpon na ieu aya sababaraha babandingan dina Ekranisasi carpon Antara D jeung D
- Aya nambahan dialog Enung nganuhunkeun ka Dude kulantaran dibere eskrim pas keur cacarita ngeunaan kumaha ayeuna haté Enung.
- Dina kendaraan ogee aya beda na nyaéta dina carpon mah Dude téh dina mobil, tapi dina Ekranisasi diganti ku motor jaman kiwari anu keur sumebar jaman kiwari.
Tapi dina babandingan éta seueur mangpaat na anu mana bisa nyaluyukeun jeung kahirupan jaman kiwari anu rumaja jaman kiwari hususna mahasiswa dina sapopoé na sok loba kajadian saperti kitu.
Alhamdulillah mung sakitu anu tiasa didugikeun, hatur nuhun🙏🏻
Wassalamualaikum Wr Wb.
Wasta: Susi Susanti
Nim: 2000915
Kelas: 6B/Sastra
Assalamu'alaikum W.W.
Neda widi kanggo ngadugikeun sawangan perkawis ieu vidéo, Bu. Ieu vidéo nu jejerna "Ekraninsasi Carpon Antara D jeung D" téh nyaritakeun kahirupan manusa nu teu bireuk deui dina mangsa kiwari. Nyaritakeun kumaha kisah asih antara Enung jeung Dude nu geus jadi mahasiswa, nyaritakeun kahirupan jajaka buraong nu loba kapanggih dina mangsa kiwari, jeung nyaritakeun bahayanya kapangaruhan ku obat-obat nu dipahing boh dina widang agama boh dina widang kaséhatan. Ieu vidéo téh mangrupa saduran tina carpon lawas karya Chye Retty Isnendes nu medal taun 1995, nu ditulis nalika Anjeunna jadi mahasiswa tingkat 2. Tangtu waé karya sastra wangun tulisan nu dirobah jadi wangun vidéo teu salawasna pasti sarua. Ku kituna, sim kuring seja ngadugikeun hal-hal nu jadi pangbéda antara kaduana.
Bébédaan nu katitén dina Carpon jeung Vidéo diantarana nyaéta:
1. Dina carpon teu dituliskeun yén Enung jeung Dude amprok tuluy numpak motor babarengan, dina vidéo mah aya.
2. Dina carpon Enung divisualisasikeun ceurik eurih-euriheun, dina vidéo mah teu ceurik-ceurik acan.
3. Dina carpon teu dituliskeun aya adégan Enung ngadahar éskrim, dina vidéo mah aya.
4. Dina carpon disebutkeun yén Enung jeung Dude teu panggih salila sabulan tapi teu digambarkeun kumaha kaayaan kaduna nalika teu papanggih, dina vidéo mah digambarkeun ku ingetan Dude nalika dibéré hadiah kasét minangka hadiah ulang taunna ku Enung.
5. Dina carpon teu dituliskeun aya adégan Dude ngawangkong jeung Tantan (tapi dicaritakeun nalika Dude dibéré obat ku Tantan), dina vidéo mah aya adégan Dude ngawangkong jeung Tantan bari disebutkeun yén éta obat téh dibéré lain dipénta.
6. Dina carpon aya adégan Dude turun tina mobil, sedengkeun dina vidéo mah henteu.
Sanajan aya bédana, vidéo ekranisasi minangka karya béh dieu tibatan carponna sorangan teu ngarobah eusi éta carpon. Ti mimiti carita nepi ka ahir carita salawasna sarua udaganana. Ayana pangbéda minangka variasi jeung kréativitas ti tim produksi sangkan bisa ngirut pamiarsa.
Sakitu anu tiasa kapihatur, neda dihapunten boh bilih aya kalepatan tina naon anu didugikeun. Hatur nuhun.
Wassalamu'alaikum W.W.
Wasta : Santi Sukmawati
Kelas : 6-Sastra
NIM : 2008297
Assalamualaikum, Wr.Wb.
Sampurasun! Alhamdulillah, sim kuring ngahaturkeun nuhun ka Ibu Retty nu parantos masihan pangalaman ka sim kuring nu tiasa masihan pangajaran ngaliwatan ieu tongtonan ogé carpon nu dibaca nu sakitu saéna kalawan jejer “ANTARA D JEUNG D”.
Sateuacan sim kuring medar ngeunaan babandingan antara film ogé carponna, sim kuring mageuhan pangaweruh ku neuleuman naon ari ekranisasi? Ekranisasi mangrupa prosés baganténna karya sastra ngajadi kasenian séjén nu miboga istilah umum filmisasi/adaptasi. Nurutkeun Erneste (1991:60) ekranisasi mangrupa prosés pelayar putihan atawa pemindahan tina novel kana film. Istilah ekranisasi asal kecap ti basa Prancis nyaéta ecran nu miboga harti layar. Ekranisasi miboga tujuan pikeun méré pamahaman ka masarakat sangkan bisa nyangkem karya sastra ku cara leuwih babari alatan geus bisa ditilik sacara audio-visual nu mangrupa film.
Carpon lawas nu jejerna ANTARA D JEUNG D Karya Chye Retty Isnendes mangrupa carpon nu medal di Cilimus taun 1995 mangsa Chye Retty keur jadi mahasiswa tingkat 2. Lamun nilik kana kaayaan dina mangsa harita, pantes waé ieu carpon kalintang gedé ma’na tur galur carita nu sakitu pikaresepeun pamaca. Carita cinta segitiga nu aya disabudeureun mahasiswa pasti moal kalindes ku jaman, sanajan ieu carpon nu medal dina taun 1995 dibaca deui ku mahasiswa dina taun 2023. Leuwih kitu deui, pasualan salasahiji tokoh nu ngarojong kana karakter tokoh, nyaéta pasualan ¬kenakalan remaja nu teu weléh jadi obrolan saréréa dina unggal mangsa, nyaéta ngeunaan NARKOTIKA.
Ieu carita pondok nu jadi salasahiji mahakarya Chye Retty téh di ékranisasi ku Jantrakarsa, mahasiswa Pendidikan Bahasa Sunda UPI 2018, Produser M. Triesnaldi Aditia, ogé Sutradara Rizal Kusaendi. Sim kuring ngarasa reueus ka Akang/Teteh sabada nongton film Ekranisasi Carpon “ANTARA D JEUNG D” nu dipaungkeun dina ieu laman TH-cam, sanajan karya carpon nu medal dina taun 1995, tuluy diapungkeun kana TH-cam nu ngajadi film dina taun 2021, tapi ieu eusi carita téh bisa ditarima kalawan sugema, reueus, tur bisa jadi pangajaran dina taun 2023.
Sabada sim kuring niténan ieu film, tangtu meunangkeun wawasan anyar, yén dina ekranisasi carpon nu ngajadi film téh tangtu aya hal nu bisa jadi babandingan jeung karya carpon aslina nu mangrupa karya sastra tinulis.
Dina hasil paniten sim kuring, tehnik SCAMPER nu digalantangkeun ku Michalko (dina Hamidi, 2006:106-137) kagurat pisan dina ieu film, nyaéta:
1. Subtitution (baganténna unsur variasi, saperti tempat, barang, jalma, atawa ide).
Dina Carpon aslina, aya mobil nu dipaké jadi salasahiji latar tempat. Tapi, dina film, ieu mobil téh bagantén visual jadi motor.
2. Combination (Ngahijikeun hal-hal séjén)
Dina Carpon aslina, teu dijéntrékeun kumaha cara Enung ngubaran Dude dina kabiasaan neleg narkotika. Tapi dina ieu film, kagambar kumaha cara Enung méré ubar, nyaéta mindahkeun kabiasaan Dude neleg karkotika ku cara mérén kasét nu bisa jadi hiburan.
3. Adaptation (Mindahkeun hal-hal séjén)
Dina carpon aslina, narkotika nu dipiboga ku Dude téh ladang ménta ti si Tantan. Tapi dina ieu film, narkotika téh dibéré ku si Tantan.
4. Modification (Mekarkeun ide)
Dina carpon aslina, teu dijéntrékeun kumaha kanyaah bukti kanyaah Dude ka Enung. Tapi ngaliwatan ieu film, kagambar ku ngaliwatan es krim nu dibérékeun ku Dude ka Enung téh jadi salasahiji bukti usaha Dude ngabubungah haté Enung.
5. Put to Other Uses (Ngaganti atawa nambahan hal séjén)
Kagambar pisan bédana dina latar tempat antara carpon asli jeung film. Dina ieu film leuwih karasa lega sawangan panongton, sabab katitén latar tempat nu béda-béda lamun dibandingkeun jeung carpon aslina nu rada heureut latar tempatna.
Lian ti éta, boh carita nu dibaca ngaliwatan carpon nu diapungkeun dina facebook atawa carita nu ditongton ngaliwatan film nu diapungkeun dina TH-cam, urang bisa sarua meunangkeun informasi, pangajaran, ogé hiburan haté dina ieu carpon. Salasahijina, urang kudu bener dina kahirupan, ulah nepikeun ka neleg narkotika, ogé urang kudu bisa ngubaran tur nguatkeun diri dina nyanghareupan pasualan cinta.
Sim kuring Ilyasa, hatur nuhun pisan Ibu Retty, parantos medalkeun karya nu kalintang saéna, mugia saterasna nanjeur janten conto sastrawati nu ngahurungkeun obor sumanget dina sastra Sunda, Wassalamualaikum Wr.Wb.
WASTA: ILYASA AHMAD MASKAWAIH
NIM: 2001484
Assalamu’alaikum wr wb
Sateuacanna ngahaturkeun nuhun ka Bu Chye Retty Isnendes nu parantos masihan pangajaran ngeunaan ekranisasi . Istilah ekranisasi asalna tina basa Perancis, nyaéta l’ecran which hartina layar (Damono, 2018: 240). Nurutkeun Erneste (1991:60), ékranisasi mangrupa prosés pelayaran putihan atawa pemindahan novel kana pilem. Sedengkeun nurutkeun Damono (2005:96), ékranisasi atawa alih wahana nyaéta ngarobah karya sastra atawa seni kana rupa seni lianna, nu ogé katelah filmisasi jeung istilah umum adaptasi.
Erneste (1991:61-62) ogé nyebutkeun yén ékranisasi ngabalukarkeun rupa-rupa parobahan dina film, parobahanana nyaéta:
1. Ngaheureutan
Dina prosés ngaheureutan téh patalina jeung durasi anu ngawatesanan carita. Saupama dibandingkeun jeung carponna, aya sababaraha bagian adegan jeung paguneman nu robih pikeun kaperluan film. Contona bagian carita dina carpon nu ngagambarkeun kaayaan tokoh Enung waktu ceurik teu ditingalikeun kalawan jelas dina film. Kitu deui dina paguneman tokoh Dude dina carpon, “Putuskeun wé atuh lalaki kitu mah, putuskeun! Keun lah da Dudé ogé moal embung ngagantikeunna. Dudé mah moal mangnyerikeun haté Enung.” Leu teu nyampak dina ékranisasi carponna sakumaha anu digambarkeun dina carpon.
2. Nambahan
Prosés nambahan dina ékranisasi carpon téh dilakukeun ku sutradara anu tujuanna pikeun mageuhan carita. Saupama dibandingkeun jeung carponna, katitén aya prosés nambahan ku Dudé, “Kumaha Enung? Enung masih sedih?”.
3. Robahna Variasi
Dina ieu prosés robahna variasi tina carpon jadi wangun filem pondok téh aya sisi transisi antara transformasi jeung parobahan wangun.
Siti Sefira Restian Widhi
2008691
Assalamualaikum, Wr.Wb
Katiten ieu pilém sareng carpon “Antara D jeung D” karya Chyé Rétty Isnéndés saé pisan, anu mana nyaritakeun pakait rasa antara Mayang jeung Andi, Yudi jeung Mayang, tokoh ieu geus katempo pisan nyampak.
Pangarang ogé kalintang taliti dina pidangkeun eusi carita.
Numutkeun Énésté ékranisasi nyaéta pelayar putihan atawa ngangkat novel jadi film. Ku kituna bisa dihartikeun yén ékranisasi nyaéta prosés atawa usaha ngarobah karya sastra kanu wangun film.
Lamun dipatalikeun ékranisasi carpon “Antara D jeung D”, ékranisasi ieu mangrupa transpormasi ngaliwatan prosés ngaheureutan, nambahan jeung robahna variasi. Ieu di handap prosés ékranisasi carpon “Antara D jeung D”
1. Ngaheureutan
Ngawatesan carita kalawan nyaluyukeun durasi jeung wanda pilemna. Dina carpon “Antara D jeung D” nyaéta aya adégan pas dude “swear”, nonjok setir mobilna tuluy ngaluarkeun sastrip tina sakuna, sarta nyetir mobil ka taman partere dieuweuhkeun dina pilem.
2. Nambahan
Aya na tambahan dina ieu wangun ékranisasi nyaéta bagéan dudé jeung enung ngadahar éskrim, dudé meuli kasét sarta nineung nalika babarengan jeung enung, Dudé ngobrol jeung babaturanna, Dudé jeung Enung numpak motor.
3. Robah variasi
Dina tokoh dudé anu sapopoé naék mobil katinggali hirupna bagja pisan, tapi dina carpon béda pisan jeung anu digambarkeun dina pilém, sedengkeun dina carpon mah dudé té nyaéta lalaki nu basajan sapopoé naék motor
Ieu ékranisasi téh hadé pisan, pamaén na bisa mawakeun peran tur karakter kalawan parigel pisan, nyieun ngaronjatna ogé kréativitas nu maca.
Hatur nuhun
Anida Nur Habibah
2007623
6C Menulis Skenario
Assalamu'alaikum W.W.
Sabada nyakséning ieu video jeung maca carpon “antara D jeung D” tantu waé aya parobihan atawa babandinganna. Lantaran dimana hiji karya dina wangun carpon awalna dina wangun téks tuluy dijieun atawa ekranisasi kana wangun film dimana teu sakabéh nu aya dina carpon bisa di visualisasikeun dina wangun film, tangtu baé aya hiji atawa dua hal anu béda boh éta ditambahan atawa dikurangan, palaku, tuluy adégan-adégan nu sakirana bisa nambahan ngadukung dina film pasti ditambahan. Tapi dina prak-prakanna ieu film sanajan aya nu ditambahan jeung dikurangan, teu ngarobah dina gurat badag caritana, jadi eusi tina carita bisa katepikeun sacara gembelng. Ku kituna bisa dicindeukeun yén dina film ieu
1. Ayana ngaheureutan carita, Saupama dibandingkeun antara carita aslina (dina carpon Antara D jeung D) jeung pilem, ieu unsur téh katitén jelas liwat ti jelas. Geura tingali baé, ti awal kénéh geus katitén aya bédana. Upama dina carponna digambarkeun suasana sedih basa tokoh Nung keur ngagukguk hareupeun tokoh Dude, tur digambarkeun kumaha éksprési jeung déskripsi kaayaanana, dina pilemna mah kapan henteu.
2. Ayana panambahan carita, Dina pilemna, katitén pisan aya adegan nu ditambahan, nu satadina mah teu nyampak dina carponna. Contona, adegan Dude nu dibéré hadiah ku Nung (paranti muter kasét téa), jeung adegan basa Dude nyawang waktu basa éta hadiah dibikeun ka manéhna jrrd.
3. Ayana pangurangan adégan, Robahna variasi carita nu kasampak dina ieu pilem téh nyaéta motif caritana sorangan.
4. Ayana panambahan adégan, robahna degan dina film tangtu aya wae tapi dina tanda kekenteng ulah ngarobah eusi jeung makna tina eta carpon.
5. Tuluy aya ogé robahna carita Mung sakitu hal-hal atawa prosés ékranisasi dina ieu carpon.
Mantap pisann pokonna, sae. Sim kuring ngiring reueus. Sumanget kasadayana. HURIP SUNDA!!!
Acep Dadang Firmansyah (2007097)
Assalamu’alaikum Warahmatullahi Wabarakatuh.
Sateuacanna, sim kuring seja ngahaturkeun nuhun ka ibu sareng lanceuk tingkat anu parantos produksi, ngadokuméntasikeun tur nga-upload ieu video anu judulna “Saba Sastra: Ekranisasi Carpon “Antara D jeung D” Karya Chyé Rétty Isnéndés” nu diékranisasi ku mahasiswa entragan 2018 Pendidikan Bahasa Sunda UPI, nya éta Jantrakarsa.
Dina ieu video, nyaritakeun “perjalanan” romansa cinta segitilu antara Enung, Dudi, jeung Dude nu dibarengan ku ayana unsur neleg “obat-obatan” salaku salah sahiji “kenakalan” rumaja nu aya waé unggal mangsa. Sabada nongton pilemna sareng maca carpon na, sim kuring tiasa nyindekeun yén ieu pilem téh saé pisan. Katitén tina para pamaén anu parigel dina merankeun karakter tokohna, musik latar nu ngarojong, téhnik nyokot vidéona sareng sanés sajabana. Numutkeun sim kuring, ieu pilem téh saé dina ngagambarkeun eusi caritana, sanajan aya improvisasi anu ngabédakeun antara carpon sareng pilemna. Ku kituna, sim kuring neda widi kanggé masihan koméntar kana ieu video.
Nurutkeun (Énesté, 1991: 60) ékranisasi téh usaha ngarobah hiji karya sastra atawa carita kana wangun pilem. Kusabab kitu, tangtu waé dina ékranisasi téh aya sababaha hal anu dirobah. Aya anu ditambihan, diheureutan, sareng nepi ka robahna variasi.
Upami dipatalikeun sareng ékranisasi, aya sababaraha babandingan antara carpon sareng pilem nu judulna “Antara D jeung D” karya Chyé Rétty Isnéndés, di antarana:
1. Dina pilem, tokoh Enung teu katingali ceurik, tapi langsung kana adegan paguneman antara Dude jeung Enung nu guntreng ngeunaan kumaha parobahan sikep Enung nu jadi timburuan tur parasa lantaran bogoh teuing ka Dudi. Salian ti éta, aya nu ditambahan dina pilem téh, nya éta nalika tokoh Dude mangmeulikeun és krim jang Enung. Sedengkeun, dina carpon mah adegan méré és krim téh teu aya.
2. Dina pilem, aya adegan nalika tokoh Enung méré hadiah ka Dude mangrupa wadah pikeun muter kasét nu mangrupa hadiah tepang taun. Tapi, pami nilik kana carpon mah adegan éta téh teu aya. Bisa jadi, ieu hal mangrupa adegan pikeun mageuhan galur carita supaya jelas asal-usul wadah kasét téh timana jeung bisa waé jadi hal nu ngajéntrékeun nalika Dude nénangkeun diri tina “neleg” kana ngadéngékeun lagu (salaku alternatif “pengalihan”).
3. Dina carpon mah teu aya adegan Dude meuli kasét, sedengkeun dina pilem mah aya adegan Dude meuli kasét.
4. Dina carpon, teu dijéntrékeun informasi ngeunaan kumaha sosobatan antara Dude jeung Tantan. Sedengkeun, dina pilem mah aya adegan antara Dude nu keur galau jeung diléma gara-gara Enung, tuluy dibéré obat dina palastik nu disimpen kana saku bajuna Dude nu ngagantung dina panto. Sedengkeun, dina pilem mah informasi ngeunaan obat ieu téh kabéjakeunna Dude ménta obat sasetrip ti si Tantan nu di simpen dina saku calana na.
5. Dina carpon, aya adegan Dude ngagerentes bari nonjok setir mobilna tuluy indit ka taman Partere. Sedengkeun, dina pilemna mah Dude téh leumpang tuluy diuk, jadi teu aya adegan nyetir mobil.
Sanajan aya sababaraha bagéan nu ditambihan, diheureutan, dirobah, atanapi teu diayakeun ogé teu aya masalah numutkeun sim kuring mah. Lantaran wajar waé ieu hal téh dilakukeun ku sabab aya sababaraha unsur-unsur nu kedah dipageuhan jeung dijéntrékeun leuwih teleb supaya ngirut jeung ngarti kana jalan caritana.
Mung sakitu anu tiasa kapihatur, hapunten bilihna aya kekecapan anu kirang merenah sareng aya kalepatan. Mugia tina ieu chanel TH-cam tiasa medal deui karya lian anu aya patalina sareng kasusastraan Sunda. Wabillahitaufikwalhidayah..
Wassalamu’alaikum Warahmatullahi Wabarakatuh
Wasta : Wafiq Nuraini Cumana
NIM : 2003924
Kelas : 6B
Assalamu'alaikum warahmatullahi wabarokatuh
Alhamdulilah ibu, ieu karya teh saé pisan. Carpon aslina Antara D jeung D karya ibu Chye Retty Isnendes jeung Ekranisasi Carpon Antara D jeung D ieu téh saé. Teras ngangkat ieu carpon kana pilem téh saé ogé mangaruhan kana tingkat kreativitas mahasiswa
ogé.khususna ogé beuki loba deui pilem pilem pondok atawa pilem layar lebar anu make basa Sunda jeung diangkat tina carpon basa sunda.
Sabada nyakseni pidangan video di luhur, katitén yén ieu pilem téh mangrupa ékranisasi tina carpon anu judulna "Antara D jeung D" Karya Chye Retty Isnéndés. Dina enas-enasna, tangtu pikeun
ngarobah kana wangun pilem téh ngalaman prosés ékranisasi, di antarana nyaéta:
1. Ngaheureutan: aya sawatara adegan anu teu dipintonkeun dina pilem saperti adegan Dudé nu nyetiran mobil ka taman Partéré nu dina pilem mah teu ditampilkeun.
ditampilkeun.
2. Nambahan: aya sababaraha bagéan anu dina pilem mah ayaa tapi dina carpon mah henteu. Diantarana nyaéta: Nung jeung Dudé dahar és krim babarengan.
3. Robahna variasi
Tina variasina, aya sawatara hal anu dirobah, diantarana baé karakter Dudé anu béda pisan jeung dina carpon. Dina carpon mah dicaritakeun yén Dudé téh jelema beunghar malah sapopoéna ogé ngagunakeun mobil pribadi waé, sedengkeun dina pilem mah sabalikna
4. Terus tokoh anu dikosan ngobrol jeung Dude,tapi eta teu nyebut ngaranna, duka eta téh emang si Tatan téa atawa lain.
5. Dina adegan ahir, na carpon teu aya Enung ngalungkeun obat atawa barang naon ka balong di taman partere, sedengkeun dina Ekranisasi filem na mah aya.
Janten seueur pisan nya bebeda dina Carpon jeung Ekranisasi filem Antara D jeung D téh. Alhamdulilah ibu nambahan pisan pangaweruh. Mung sakitu ibu anu tiasa ku simkuring dugikeun.
Hatur nuhun A
Wassalamu'alaikum wr.wb
Wasta: Rendy Tresna kusmana
Nim : 2007440
Kelas :6C
Masyaallah Sabada nongton film Carita pondok anu judulna " Antara D Jeung D" karya Chye Retty Isnendes,sim Kuring nyindekkeun yen alur film ieu teh sim Kuring jadi panasaran Kana ieu pilem teh.Tina pamaen ge tos katingal parigel pisan Dina maenkeun peranna.
Nilik Kana enkranisasi di luhur Aya proses
1. Nambahan Dina ieu proses yen katiten Aya sababraha pasualan anu beda Dina carpon Jeung film seperti nambahan palaku teras adegan anu anyar
2.Robahna versi Dina ieu yen proses robahna wanguna Dina carpon Kana Wangun film
3. Ngahereut nilik Kana waktu Dina film eta katiten panjang saupama jadi film pondok
Hatur nuhun ibu🙏
Wasta : Annisa Salsabilla
Kelas : 6A
Nim : 2003665
Dua jempol Teh Chye.....
Hehehe hatur nuhun
mantap pisan pokonamah....kieu 👍👍👍
Nuhun
Sarengsena sim Kuring nongton pilem nu judulna Ekranisasi Carpon antara D jeung D, ieu pilem teh kawilang sae. Sok sanaos aya parobihan tina sababaraha aspek, nu patali sareng proses Ekranisasi. Ekranisasi teh nyaeta robahna hiji karua saatra kana wangun pilem (dina Isnendes, 2018, kc. 23).
Eta parobahan iasa ditalungtik minangka hiji babandinganna karya sastra dina wangun pilem.
Nalika dibandingkeun sareng carpon aslina, aya parobahan boh tina segi adegan, waktu atawa versi. Hasil babandinganna dipedar di handap:
1. Dina bubuka eta adegan teh aya adegan nu ditambahan, beda jeung nu dina carpon aslina langsung kana dialog antara Enung jeung Dude
2. Dina carpon aya adegan Enung ceurik, dina pilem mah henteu langsung kana adegan nyarita yen enung teh bogoh teuing ka dudi. Lian ti eta aya aya adegan Enung masihan kado ka Dude, dina carpon mah teu dicaritakeun. Laju, dina film aya sobat dude nu ngaranna tantan, tapi dina carpon mah teu di jelaskeun.
3. Waktu atawa durasi eta pilem teh kawilang
Heureut, ieu teh jadi hal biasa lantaran dina proses ekranisasi mah aya proses nambahan jeung ngurangan hiji karya. Tujuanna pikeun kaperluan si short movie nu dijieun.
4. Lian ti eta aya variasi dina pilem nu teu aya dina carpon, contona dipangmawakeun es krim, naek motor, jsb.
Seueur hal nu tiasa di bandingkeun antawis capron sareng pilem. Contona dina pilem nu ieu. Sakitu nu tiasa kapihatur, hatur nuhun.
Tasya Nur Ilmi (2008293)
Assalamualaikum warahmatullahi wabarakatuh.
Sabada sim kuring nongton pilem Ekranisasi carpon: Antara D jeung D anu diangkat tina hasil karya carpon anu sae ti ibu Chye Retty Isnendes nyaeta antara D jeung D.
Didieu sim kuring nyindekkeun yen carita dina carpon sareng pilem ieu aya bedana, babandingan, sareng parobahan. Sanaos carita dina carpon sareng pilemna aya parobahan tapi henteu ngarubah gurat badag atawa inti caritana. Pamaenna oge atos parigel dina maenkeun peranna.
Dina ekranisasi teh aya sababaraha hal parobahanna, boh dina nambihan carita, ngaheureutan carita sareng ayana parobahan variasi.
Kitu na oge parobahan sareng babandingan dina carpon sareng pilem diantawisna.
1. Nambihan carita.
Didieu kacaritakeun yen dina carpon mah teu aya Dude sareng Enung dahar eskrim, upami di pilemna mah kacaritakeun yen Enung sareng Dude ngobrol bari dahar eskrim, Dude meuli kaset, Dude naek motor,
2. Ngaheureutan carita
Dina carpon kacaritakeun Enung ceurik eueuriheun, upami dina pilem na Enung teu pati sedih teuing nyaritakeun kisahna sareng Dudi.
3. Parobahan variasi
Dina carpon di caritakeun Dude teh pake mobil, benten sareng dina pilem Dude naek motor.
Sakitu nu tiasa kapihatur, hapunten upami aya kekecepan anu kirang merenah.
Hatur nuhun ibu Chye Retty Isnendes anu atos midangkeun karya pilem sareng carpon anu sae.
Wasta : Fauzan Noor Rusiana M
NIM : 2217294
Bismillah...
Assalamu'alaikum warahmatullahi wabarakatuh
Sampurasun
Alhamdulillah sabada sim kuring nongton ieu pilem ékranisasi carpon Antara D jeung D kawilang saé pisan. Ieu pilem téh bisa mekarkeun eusi carita sangkan leuwih ngirut tur ngaronjatkeun dina manggihan idé-idé nalika nyieun pilem. Nanging tina sawatara hal éta, ditilik analisis carpon jeung pilem Antara D jeung D dumasar kana babandinganana, di antarana :
1. Ngawatesanan carita dina nyaluyukeun durasi jeung sawatara aspék nu aya dina pilem.
2. Bagéan-bagéan nu ditambahan dina ékranisasiékranisasi, saperti Dudé jeung Enung dahar és krim, Dudé meuli kasét tuluy nineung nalika babarengan jeung Enung, Dudé ngobrol jeung babaturanana, Dudé jeung Enung numpak motor.
3. Dina pilem mah Dudé téh katingali beunghar sagala boga lantaran katitén dina aya kendaraan mobil. Sedengkeun dina carpon mah Dudé katingali biasa waé lantaran sapopoéna maké motor.
Ieu ékranisasi alus pikeun aprésiasi lantaran dina sisi karakter, carita, jeung unsur séjénna bisa mawakeun panongton miluan kana pilemna. Rupina sakitu ti sim kuring, hapunten bilihna aya kekecapan anu kirang merenah. Hatur nuhun....
Wassalamu'alaikum warahmatullahi wabarakatuh
Wasta : Mohamad Danil Rizaldi
NIM : 2003283
Kelas : 6-Sastra
Assalamualiakum Wr.Wb
Sabada maca carpon karya Chye Retty Isnéndés sareng nyakséni ékranisasina hal-hal naon waé nu aya dina carpon kagambarkeun dina visualisasina kalawan jembar, antukna naon nu dibaca kagambarkeun dina visualisasi nu ditayangkeun dina ieu video. Ngahaturkeun nuhun ka lanceuk tingkat nu parantos ngavisualisasikeun. Nilik kana babandingana tangtuna waé dina Ekranisasi carpon Antara D jeung D kana filem pondok ieu téh aya anu ditambahkeun atawa aya anu dileungitkeun, boh tina latar atawa kekecapana atawa tina hal-hal liana.
Ekranisasi numutkeun Énesté dina (Isnéndés, 2018, kc. 23) nétélakeun yén ekranisasi téh mangrupa usaha ngarobih hiji karya sastra kana wangun filem atawa ngangkat hiji carita anu asalna tina karya sastra kana wangun filem.
Anggapan sastra bandingan minangka studi kajian bisa ditilik tina segi kaunikan nyaéta krétifitasna ieu ékranisasi téh mangrupa wangun kréatifitas tina bagéan karya sastra.
Sabada dibaca carpon jeung ditingali filem Antara D jeung D ieu teh aya sasabaraha hal babandingannana dina Ekranisasi Antara D jeung D téh nyaéta aya nu ditambahan aya nu dikurangan.
Adegan prosés anu ditambahan :
1.) Adegan Dudé jeung Enung dahar és krim
2.) Enung méré walkman ka Dudé minangka hadiah ulang taun
3.) Adegan Dudé meuli kasét
4.) Dudé muter walkman di Wisma di kamarna Tantan
5.) Dudé ngobrol jeung Tantan di kamar nyuat ngeunaan Enung
6.) Dudé jeung Enung numpak motor
Adegan prosés anu dikréasikeun :
1.) Dina pilem Dude ngan make motor, lain maké mobil.
2.)Dina pilem Enung jadi henteu ceurik
3.) Adegan obrolan ngeunaan obat antara Dudé jeng Tantan
4.) Dina pilem, adegan Dude kan Partere naek mobil dileungitkeun
Ku ayana kagiatan ékranisasi téh mangrupa hojah nu alus dina mekarkeun karya sastra. Salian ti mangrupa wujud aprésiasi nu maca karya sastra, ogé bisa ngahudang tur ngaronjatkeun kréativitas anu maca tur nepikeun imajinasi nu variatif.
Wasta : Elsa Raysa Agustina
NIM : 2000698
Kelas : 6B
Assalamu'alaikum, Ibu.
Di dieu sim kuring baris ngadugikeun komentar ngeunaan video di luhur sarengsena maca carpon anu judulna sami, nyaéta "Antara D jeung D" karya Chye Retty Isnendes.
Video di luhur mangrupa wangun ekranisasi tina carpon. Ekranisasi sorangan nurutkeun Esneste dina Isnendes (2018: 23) nyaéta usaha ngarobah hiji carita nu asalna tina novel kana wangun film. Ku kituna karya nu diekranisasi saeutik henteuna pasti aya bebedaan ku lantaran nyaluyukeun tina wangun media tinulis kana wangun visual. Babandingan nu bisa katitén tina ieu hasil ekranisasi di antarana:
1. Tokoh Dude dina carpon mah make kendaraan mobil, sedengkeun dina pilem make motor.
2. Adegan dina carpon nalika Dude nyetir mobil ka taman Partere teu ditampilkeun dina ieu pilem.
3. Dina pilem aya adegan Enung masihan kado ulang taun ka Dude, sedengkeun na carpon mah teu aya.
4. Tokoh Tantan teu pati dicaritakeun teleb na carpon, tapi dina ieu pilem aya salasahiji adegan antara Dude jeung Tantan.
Sok sanaos aya bebedaan antara carpon jeung pilemna eta hal teu matak ngaleungitkeun esensi/orisinalitas caritana. Malah mah urang emang kudu bisa improvisasi nalika rek ngaekranisasi hiji karya lantaran nyaluyukeun jeung gambaran panitén nalika maca jeung nongton, nu mana eta mangrupa dua hal anu beda.
Mung sakitu Ibu, hatur nuhun kana pidangan videona.
Wasta: M. Ridwan Alamsyah
NIM: 2006118
Kelas; 6A
Hahay deuhhh kang Ulul aahhhhh wkwkwkwk
Hayu ngiringan
Bismillah, sabada maca carpon “Antara D jeung D” karya Chyé Rétty Isnéndés jeung nongton filem pondok Saba Sastra: EKRANISASI CARPON “ANTARA D JEUNG D” KARYA CHYE RETTY ISNENDES kapanggih babandinganana pangna tina carpon nu diékranisasi jadi film pondok. Lamun urang niténan deui wangenan ékranisasi nurutkeun Énesté (dina Isnéndés, 2018, kc. 23) nyebutkeun yén ékranisasi nyaéta usaha ngarobah hiji karya sastra kana wangun filem atawa ngangkat hiji carita nu asalna tina karya sastra kana wangun filem.
Lamun dipatalikeun ékranisasi carpon “Antara D jeung D” jeung prosésna, geuning ékranisasi ieu mangrupa transformasi nu ngaliwatan prosés ngaheureutan, nambahan, jeung robahna variasi. Ieu di handap pedaran tina hasil babandingan antara carpon “Antara D jeung D” jeung carpon nu diékranisasi jadi filem pondok.
1). Ngaheureutan
- Adegan dina carpon pas Dudé "swear", nonjok setir mobilna tuluy ngaluarkeun sasetrip tina sakuna, sarta nyetir mobil ka taman Partere dieuweuhkeun dina pilem.
2). Nambahan
- Dina pilem ditambahan adegan Enung jeung Dudé dahar éskrim, Dudé meuli kasét, Enung maca buku, Enung méré pamutar musik salaku hadiah ulang taun ka Dudé, Dudé muter musik, Tantan nu saré tuluy hudang tuluy ngobrol jeung Dudé, Tantan ngasupkeun "obat" kana saku jeket Dudé, Dudé ngalamun inget pas panggih deui jeung Enung di jalan tapi teu dipaliré ku Enung.
3). Robahna variasi
- Dina awal carpon waktu Enung nyarita kasedihna, dicaritakeun yén Enung jeung Dude téh keur di jero mobil sedengkeun dina pilem mah keur di bangku taman.
Hapunten bilih seueur kalepatan, hatur nuhun ibu.
Deni Ramdani
1906307
6B
Bismillaah,
neda widi ngadugikeun koméntar. Sateuacanna sim kuring ngaaprésiasi kana ieu karya anu kalintang saéna. Sawatara aspék anu ngawangun hiji film tos saé pisan.
Aya sawatara hal nu baris ku sim kuring didugikeun, utamina mah babandingan antara carpon anu judulna Antara D jeung D, jeung hasil ékranisasina. Tangtosna waé dina ékranisasina langkung ngajembaran deui ogé ngavisualisasikeun kalawan teleb tina carponna. Upamana, aya kecap "neleg" anu dina carpon mah teu pati jéntré anu kumaha maksudna, éta ogé aya clue séjén nyaéta sasetrip anu teu puguh naon bentukanana. Dina film-na mah digambarkeun sacara jéntré. Satuluyna, dijembarkeun deui ku scene-scene anu ngarojong kana jalan carita. Anu katitén ku sim kuring, jalan carita mah luyu pisan sareng dina téks carponna, mung ngalegaan hungkul.
Wasta : Fajar Garsela
NIM : 2004433
Assalammmua'laikum, di dieu sim kuring baris ngadugikeun komenter ngenaan babandingan film sareng carpon "antara D jeung D" karya chye rety isnendes,
Dina pedaran vidio yen vidio éta mangrupa bentuk dina enkeanisasi ti carpon ka wangun film, nurutkeun Esneste dina isnendes (2018:23) nyaéta usaha dina ngarobah hiji carita dina wangun novel kana film.
Ku ayana enkranisasi tentu bakal aya sababaraha hal anu di robih boh ditambihan adegan jeung penjelasan sacara jentre tina adegan anu aya, ieu sababraha bentuk nu di enkranisasi dina eta vidio :
1. Tokoh dude nu kudu na dina eta vidio kedah na mah aya scene di mobil ngan dina hasil jadina di robih yen dude ngagunakeun motor jeung deui scene nu kudu na ngagebuk stir mobil di gentos kana lalampahan di partere.
2. Palaku sampingan tatan dina ieu vidio di jentrekeun sacara jelas benten deui dina carpon nu ngan sakur karakter tambihan keur pemanis dina alur carita.
3. Aya scene dimana si dude di pasihan kado ti enung sangkan si dude teu jatuh deui kana hal kanakalan remaja khususna kana pemakaian obat-obatan terlarang.
Dina hal eta tiasa dicandak ka simpulan yen dina ngadamel film khusus na dina enkranisasi na aya sababaraha hal anu di kitu keun sangkan nu nongton tiasa kairut dina eta film.
Mung sakitu nu tiasa ku abi sampaikeun hampura dina sadaya kalepatan sim kuring dina ieu komentar, sakitu nu dipika hatur wasalammualaikum wafahmatulahi wabarakathu
Nami : jalalludin noer muktie
NIm : 2004625
Keuna kana mamaras, paguneman katut konflikna, Bu..
Alhamdulillah hehe. Mung aya keneh dialog nu teu acan merenah, misalna: mirasa, rasa, kedahna ngarasakeun. Tapi peran utama tos ekspresif pisan 👍
Sabada sim kuring maca carpon “Antara D jeung D” karya Chye Retty Isnendes jeung nongton film pondok Saba Sastra: Enkranisasi Carpon “Antara D jeung D” karya Chye Retty Isnendes katiten ku ayana enkranisasi ieu ayana babandingan. Saupama nilik kana wangenan enkranisasi numutkeun Eneste ( dina Isnendes,2018 kc 23) nya eta usaha ngarobah dina hiji karya sastra ka wangun film. Saenyana ku ayana enkranisasi ieu ayana parobahan-parobahan ti saacanna.
Nilik kana enkranisasi diluhur, aya proses-prosesna diantarana:
1. Nambahan, dina ieu proses yen katiten aya sababaraha pasualan anu beda dina carpon jeung filmna, saperti nambahanna palaku, ayana adegan anu anyar (flashbackna enung), jste
2. Robahna versi, dina ieu proses yen robahna wangun carpon kana wangun film. ieu carpon teh minangka dadasar anu ditransformasi kana wangun film.
3. Ngahereut, nilik kana waktu dina film eta katiten cukup panjang saupama jadi film pondok, namung upama dititen dina segi carponna. Ieu hal teh ayana sababaraha adegan anu cokot dina film.
Tri Yoga Saputra
1900924
6B
92
Punten neda widi ngakonfirmasi, saleresna parantos ngoméntaran, tapi teu acan aya notifikasi niléyna. Hatur nuhun.
Sabada maca carpon “Antara D jeung D” karya Chyé Rétty Isnéndés jeung nongton filem pondok Saba Sastra: EKRANISASI CARPON “ANTARA D JEUNG D” KARYA CHYE RETTY ISNENDES kapanggih babandinganana pangna tina carpon nu diékranisasi jadi film pondok. Lamun urang niténan deui wangenan ékranisasi nurutkeun Énesté (dina Isnéndés, 2018, kc. 23) nyebutkeun yén ékranisasi nyaéta usaha ngarobah hiji karya sastra kana wangun filem atawa ngangkat hiji carita nu asalna tina karya sastra kana wangun filem. Tangtu waé aya parobahan-parobahan nu lumangsung, saperti ayana parobahan antara transformasi dina naskah filem (skénario) jeung parobahan tina wangun gambar jadi wangun filem.
Lamun dipatalikeun ékranisasi carpon “Antara D jeung D” jeung prosésna, geuning ékranisasi ieu mangrupa transformasi nu ngaliwatan prosés ngaheureutan, nambahan, jeung robahna variasi. Ieu di handap pedaran tina hasil babandingan antara carpon “Antara D jeung D” jeung carpon nu diékranisasi jadi filem pondok.
1. Ngaheureutan
Dina ieu prosés téh patalina jeung durasi anu ngawatesanan carita. Carpon nu diékranisasi jadi filem pondok téh durasina 17 menit. Saupama dibandingkeun jeung carponna, aya sababaraha bagian dina adegan jeung paguneman palaku anu robah pikeun kaperluan filem. Upamana matok kana naskah carpon sagemblengna bisa jadi durasi téh leuwih lila. Sanajan kitu, intisarina mah angger aya, tapi aya ogé hal-hal séjén nu dileungitkeun lantaran dianggap teu perelu. Contona bagian carita dina carpon nu ngagambarkeun kaayaan tokoh Enung waktu ceurik teu ditingalikeun kalawan jelas dina filem. Kitu deui dina paguneman tokoh Dude dina carpon, “Putuskeun wé atuh lalaki kitu mah, putuskeun! Keun lah da Dudé ogé moal embung ngagantikeunna. Dudé mah moal mangnyerikeun haté Enung.” Ieu teu nyampak dina ékranisasi carponna sakumaha anu digambarkeun dina carpon. Sanajan dileungitkeun, réréana mah unggal adegan téh dirobah dina sékuél-sékuél filem dina skénario filemna. Aya deui prosés ngaheureutan dina adegan Dudé nonjok setir mobil lantaran kesel, tuluy ménta ‘nu sasetrip’ ti Si Tantan ieu teu digambarkeun dina filem. Saupama ditilik tina paguneman palaku dina carpon jeung ékranisasi carpon téh aya bébédana ogé, malah leuwih heureut bisa jadi lantaran aya improvisasi.
2. Nambahan
Katitén pisan prosés nambahan dina ékranisasi carpon téh. Ieu hal dina transformasi mah patali jeung ékspansi. Dumasar hasil analisis, prosés nambahan dina ékranisasi carpon téh dilakukeun ku sutradara anu tujuanna pikeun mageuhan carita. Saupama dibandingkeun jeung carponna, katitén aya prosés nambahan dina ékranisasi carpon téh ti bubuka (opening) filem nu ditandaan ku paguneman palaku Dudé, “Kumaha Enung? Enung masih sedih?”. Ieu paguneman téh teu aya dina carpon, tapi ditambahan ku sutradara dina scenario filem sangkan ngagambarkeun leuwih teleb kaayaan palaku Enung nu kagambar keur sedih bakat ku nyeri hate lantaran hiji lalaki. Prosés nambahan séjénna aya dina paguneman Enung ka Dudé waktu dibéré és krim, “Dudé, nuhun nya és krimna. Dudé mah sok ngahibur waé Enung.” Ieu adegan ogé teu kapanggih dina carpon. Aya deui proses nambahan nya éta dina adegan Dudé nyawang ka tukang (flashback) waktu dibéré player kasét ku Enung, nineung waktu manéhna sakitu deukeutna jeung Enung. Ieu adegan téh teu nyampak dina carponna.
3. Robahna Variasi
Dina ieu prosés robahna variasi tina carpon jadi wangun filem pondok téh aya sisi transisi antara transformasi jeung parobahan wangun. Ari carpon di dieu téh bisa disebut salaku hipogram nu dijadikeun dadasar karya nu ditransformasi nu satuluyna diékranisasi jadi wangun filem pondok. Dina enas-enasna mah aya sababara hal nu leungit aya ogé nu nambahan, tapi ieu hal téh jadi kapentingan boh pikeun midangkeun karya anyar tina karya nu geus aya boh pikeun kapereluan ékranisasi filem pondok.
Hapunten bilih aya kalepatan. Hatur nuhun Bu 🙏🏻
Cecep Maulana Yusuf_1902905_6A Menulis Skenario
Sae
sabada sim kuring nonton Ekranisasi Carpon antara D jeung D, tiasa ditingali yén ieu téh kawilang saé pisan. ékranisasi nyaéta usaha ngarobah hiji karya sastra kana wangun pilem Eneste dina Isnéndés (2017). dina eusi pilemna ogé teu ngarobah pisan eusi carponna, sanajan aya sababaraha adegan nu dirobah, atawa diheureutkeun, atawa teu sarua pisan. dina sadaya eusi pilemna saé pisan, adeganna, dialogna, karakter tokohna, latar suasana jeung latar musikna oge ngarojong kana kaayaan dina carpon, ogé dina téknik pengambilan video na. Ekranisasi Carpon Antara D jeung D disebut ogé transformasi. numutkeun Isnéndés (2017:22) transformasi bisa disebutkeun mangrupa proses kréatif nu maca dina ngaréspon karya sapanjang éta karya orisinalitasna.
babandingan "Carpon Antara D jeung D" jeung "Ékranisasi Carpon Antara D jeung D". Ékranisasi ieu ngalaman sababaraha prosés inovatifna, nyaéta dina adegan, aya sababaraha adegan anu di heureutan, di tambahan jeung robahna variasi. dina ngaheureutan, aya sababaraha adegan nu aya di carpon tapi teu aya dina pilem, salah sahiji contona nyaéta di mimiti, nalika Enung carita ka Dude tapi teu bari nangis. dina nambahan, aya ogé salah sahiji adegan nu teu aya di carpon, tapi aya dina pilem na, salah sahijina nyaéta adegan Enung jeung Dude dahar es krim, adegan Dude ka kosanna Tantan terus ngobrol jeung tantan, adegan Dude nginget adegan manéhna panggih jeung Enung. dina robahna variasi, didieu wangun dina carponna ogé geus béda, kusabab dina wangun carpon loba narasi nu ngajelaskeun perasaan, latar jeung suasana, teu siga pilem pondok anu teu bisa ngajelaskeun langsung latar suasana jeung perasaan pamaénna salian ti éksprési jeung dialog pamaén.
hapunten bila seueur kakirangan dina basana, ogé kalepatan dina materina🙏
Malinda Ratnapuri
1904170
93
Sabada nongton “Ekranisasi Carpon Antara D jeung D” sim kuring tiasa nyindekeun yén ieu pilem téh Masya Allah saé pisan. Katitén ti para pamaén anu parigel dina merankeun karakter tokohna, musik latarna, pengambilan vidéona sareng sanés kantenna. Sanggem sim kuring mah ieu pilem téh saé dina ngagambarkeun eusi caritana, sanaos aya improvisasi anu ngabentenkeun antawis dina carpon sareng pilemna. Pilem ieu téh mangrupi ekranisasi tina carpon “Antara D jeung D”. Anapon nu disebat ekranisasi téh usaha ngarobah hiji karya sastra atawa carita kana wangun pilem (Énesté, 1991: 60). Kusabab kitu, tangtos dina ekranisasi téh aya sababaha hal anu dirobah. Aya anu ditambihan, diheureutan, sareng robahna variasi.
Kanggo babandingan antawis dina carpon sareng dina pilemna. Seueur pisan béntenna, diantawisna nya éta;
1.Upami dina pilemna mah tokoh Enung henteu aya adegan nangis nungkupan rarayna, tapi langsung kana adegan anu nyaritakeun Enung bogoh teuing ka Dudi. Anu intina mah Enung téh jadi timburuan sareng sanés kantenna. Tah ieu nu jadi pangabéda sareng anu dina carpon. Malihan mah, dina pilem aya adegan Dude masihan ice cream ka Enung padahal mah dina carponna teu aya nyaritakeun éta.
2.Dina pilemna mah, aya adegan Enung masihan hadiah kado ulang taun ka Dude. Upami nilik kana carponna mah henteu aya adegan éta. Hartosna dina ieu pilem téh nambihan adegan anyar pikeun mageuhan caritana. Malihan mah dina pilem téh nyaritakeun Dude anu indit meser kasét ka tukang kasét, sedengkeun dina carponna mah henteu aya.
3.Dina carpon mah henteu nyaritakeun langkung ngeunaan sobatna Dude, nya éta Tantan téa. Tah upami dina pilemna mah aya adegan antawis Dude sareng Tantan.
4.Dina carponna, dicaritakeun Dude téh indit kana mobil ka taman Partere téh. Upami dina pilemna mah henteu kitu, henteu aya adegan nyetir mobil ka taman Partere.
Sanaos aya bagéan-bagéan anu ditambihan atanapi dirobih, sanggem sim kuring mah teu janten masalah. Margi eusi caritana tetep kadugikeun ka nu ngongton pilemna. Sawatara adegan anu dirobih atanapi ditambihan éta mah disaluyukeun sareng kabutuhan anu ngadamel pilemna. Sim kuring ngaaprésiasi ka nu parantos ngadamel pilem ieu. Saé pisan, hatur nuhun, hapunten bilih seueur kalepatan
Indriani Jaena_6A_1900108
95
Sabada lalajo vidéo di luhur anu judulna Saba Sastra: Ekranisasi Carpon "Antara D jeung D" Karya Chye Retty Isnendes, bisa ditilik tina judul vidéona yén ieu pilem téh mangrupa hasil ékranisasi tina carpon "Antara D jeung D" karya Chye Retty Isnendes. Ékranisasi téh mangrupa usaha ngarobah hiji karya sastra kana wangun pilem atawa ngangkat hiji carita nu asalna tina karya sastra kana wangun pilem (Énesté dina Isnéndés, 2018:23). Prosés dina ékranisasi téh ngawengku prosés ngaheureutan, nambahan, jeung robahna variasi. Dina ieu pilem, prosés-prosés éta téh di antarana kieu:
1). Ngaheureutan
- Aya sabagéan dialog anu dikurangan dina pilem, misalna, dina carpon mah dialog Enung: "Dudé ku naon sih? alim sosobatan deui jeung Enung, nya? Enya, lah, memang Enung mah ogo, Enung mah céngéng..." sedengkeun dina pilem mah kur nepi ka "...alim sosobatan deui jeung Enung, nya?"
- Adegan dina carpon pas Dudé "swear", nonjok setir mobilna tuluy ngaluarkeun sasetrip tina sakuna, sarta nyetir mobil ka taman Partere dieuweuhkeun dina pilem.
2). Nambahan
- Dina awal pilem ditambahan adegan Dude méré kérésék nu eusina éskrim ka Enung sarta Dudé jeung Enung naék motor. Jadi, henteu langsung kana dialog kawas dina carpon.
- Loba dialog nu ditambahan. Salasahijina dina awal pilem dina dialog Dudé: "Kumaha, Nung? Enung masih sedih?". Sedengkeun dina carpon mah langsung kana dialog Enung: "Teu kuat.. Enung mah, nyeri haté, hék..hék..hék.." Ayana tambahan dialog dina pilem téh sabab ayana improvisasi téa jeung ayana tambahan adegan salaku prosés nambahan dina prosés ékranisasi.
- Dina pilem ditambahan adegan Enung jeung Dudé dahar éskrim, Dudé meuli kasét, Enung maca buku, Enung méré pamutar musik salaku hadiah ulang taun ka Dudé, Dudé muter musik, Tantan nu saré tuluy hudang tuluy ngobrol jeung Dudé, Tantan ngasupkeun "obat" kana saku jeket Dudé, Dudé ngalamun inget pas panggih deui jeung Enung di jalan tapi teu dipaliré ku Enung.
- Dina pilem aya tokoh nu ditambahan nyaéta tukang kasét. Tokoh Tantan ditampilkeun dina pilem sedengkeun dina carpon mah kur dicaritakeun hungkul.
3). Robahna variasi
- Dina carpon dicaritakeun yén Enung nyarita dina awal dialog téh bari ceurik sedengkeun dina pilem mah henteu ceurik ukur némbongkeun rasa keuheul.
- Dina awal carpon waktu Enung nyarita kasedihna, dicaritakeun yén Enung jeung Dude téh keur di jero mobil sedengkeun dina pilem mah keur di bangku taman.
- Dina pilem tokoh Dudé boga motor sedengkeun dina carpon mah boga mobil.
Wasta: Rismawati Cahyani
NIM: 1906330
Kelas: 6C
Sabada nongton pilem "Ekranisasi Carpon antara D jeung D", tuluy maca kana carpon D jeung D karya Chye Retty Isnendes, katingali yén aya bédana antara carpon jeung pilem tangtuna dina carpon nu aslina leuwih rinci sedengkeun dina pilemna loba divariasi aya anu dipotong tina carpon asli tuluy aya nu ditambahan ogé tuluy aya adegan sarua tapi dibédakeun tempatna.
Pilem Ekranisasi Carpon antara D jeung D diluhur mangrupa hasil ekranisasi tina carpon antara D jeung D karya Chye Retty Isnendes. Numutkeun (Énésté, 1991 :60) Ekranisasi mangrupa usaha ngarobah hiji karya sastra kana wangun pilem atawa ngangkat hiji carita anu asalna tina karya sastra kana wangun pilem. Mimitina éta carpon téh pasti di transformasi keun heula kana wangun naskah pilem atawa skénario tuluy di ekranisasi keun kana pilem parobahanna aya dina wangun gambar nu jadi média pilem ku kamahéran nu jadi sutradara.
Ekranisasi nu mangrupa transformasi busa katiten dina prosés ngaheureutan, nambahan, jeung robahan variasi (Isnéndés, 2017 :23). Dina pilem diluhur aya ngaheureutan dina bagian bagian percakapan leuwih dibawa kana intina henteu sagemblengna tina carpon, tuluy bagian anu keur dina mobil rék ka partere diheureutan langsung nu leumpang ka partere. Aya ogé bagian anu ditambahan saperti waktu nung méré paranti musik, tuluy waktu ditukan kasét sarta di kamar tuly diayakeun Tantan, nu dimana éta bagian nu ditambahan téh teu aya dina carpon aslina, tuluy aya robahan variasi sakumaha dina carpon mah Dude téh ngalamun dijero mobil sedengkeun dina pilem mah Dude téh ngalamun bari ngamusik dijero kamar.
Siti Nurhaliza
1901880
5A
90
Numutkeun Eneste (1991:60) Ékranisasi nyaéta pelayarputihan atawa pamindahan novel kana wangun Film.
Numutkeun lsnéndés (2017:20), transformasi téh robahna hiji hal tapi henteu jiga robah; kawas tanpa prosés, atawa aya prosés tapi henteu dianggap penting.
Ayana malih warna hiji karya téh lantaran éta karya populér, atawa kapentingan séjén pikeun ngarobahna.
Di luhur aya pintonan wangun Short movie Anu judul na “Antara D jeung D. Tah short movie ieu atanapi mini film ieu dicokot tina Carpon Karya Dr. Chye Retty Isnendes. Nah ieu short movie anu judul na “Antara D jeung D” teh kaasup kana Ekranisasi. Sabab tranformasi tina carpon.
Transformasi bisa disebutkeun mangrupa prosés kreéatif nu maca dina ngaréspon karya sapanjang éta karya hasil orisinalitasna.
Sabalikna transformasi bisa disebutkeun ukur jadi runtah tina hébatna hipogram, upama éta karya ukur jjieunan nu klise Wujud-wujud réspon kréatif tina karya nu asli disebutna variasi karya.
Ku kituna aya dua rupa sesebutan karya dina sisi transformmasi, nyaéta karya asli jeung variasi.
Lantaran karya sastra atawa karya seni suméndérna kana pangalanan éstétik jeung gumelar tina guletna aprésiasi jeung éksprési, ku kituna teu aneh upama antara karya asli jeung variasina aya nu disebut tegangan éstétik.
Estétika universal nu mutlak téh henteu aya, lantaran unggal masarakat jeung ajén-ajén éstétika.
A. Dina adegan aya sababaraha scene anu potong atawa diheureutan, lamun dina carpon na mah kudu na aya palaku paguneman. Tapi dina short movie na mah teu ayakeun sabab waktu na gé 17 menit. Dina carpon aslina mah kuduna panjang durasi, tapi siganamah pikeun kaperluan si short movie ieu. Anu memang geus di analisis heula sarta diheureutkeun.
B. Aya adegan anu di tambah sarta di kurangan, conto na bae: tokoh Enung henteu aya
adegan nangis nungkupan rarayna, tapi langsung kana
adegan anu nyaritakeun Enung bogoh teuing ka Dudi.
aya ogé adegan Enung masihan hadiah
kado ulang taun ka Dude. Lamun ditilik kana carponna mah
henteu aya adegan éta téh.
Aya tokoh anu ngarana tantan sobatna si dude. Lamun dina carpon mah teu di caritakeun sacara komprehensif . Tapi lamun dina film na dicaritakeun sobat si dude teh nyaeta tantan. Ogé aya adegan ngobrol sareng dude.
Masih keneh seueur adegan2 anu di tambahan dina short filmna mah. Siga di handap ieu:
- Dudé jeung Enung dahar és krim; terus
- Enung méré walkman ka Dudé;
- Dudé meuli Kaset ka si mang kaset
- Dudé muter walkman di Wisma.
- aya ogé Dudé ngobrol jeung Tantan;
- Aya flashback dudé ngahuleng nginget-nginget panggih jeung si Enung:
- Dudé jeung Enung naék motor.
Dina analisis diluhur urang teh jadi peka karna Kasusastraan ngeunaan Ékranisasi, aslina sim kuring gé hoyong ngahasilkeun karya novel atawa carpon anu menarik jalan caritana, jadi engkéna bisa dijieun kana wangun short movie kawas Carpon “Antara D jeung D.
Urang ogé kudu apal lamun rék nyieun short movie kieu kudu aya tata cara na, samisal kana hukum UUD hak karya cipta, Izin kana panulisna, kudu di analisis heula sacara gembleng si karya” sastrana. Jadi ulah sagawayah ogé nyieun Anu kieu téh. Sabab lamun teu madulikeun kana hukum hak cipta antukna urang ogé jadi melanggar kana UUD.
Sukur allhamdulillah bisa nganalisis secara kemampuh urang anu kapabilitasna kaum intelek. Mugia urang sadaya bisa ngajieun saperti karya film anu diluhur.
Sampurasun....
Sunda sunda sunda jaya.....
Yana Eka Pebi Lesmana
1908948
6B.
94
Sabada nongton film pondok jeung maca carpon "Antara D Jeung D" karya Chyé Rétty Isnéndés katitén yén ieu film pondok téh diékranisasi, sakumaha tiori ekranisasi numutkeun Esnésté dina Isnéndés (2018:23) nyaéta usaha ngarobah hiji Carita nu asalna tina novel kana wangun film.
Babandingan nu kapanggih tina carpon jeung pilem "Antara D jeung D" diantarana:
a. Digambarkeun dina carpon tokoh Dude ngagunakeun mobil tapi dina ekranisasi pilem, tokoh Dude téh ngagunakeun motor.
b. Aya sawatara adegan anu teu dipintonkeun dina pilem saperti adegan Dude nu nyetiran mobil ka taman nu teu ditampilkeun dina pilem.
c. Aya adegan nu ditambahan ku sutradara pikeun improfisasi. Pilem diluhur Aya karakter tokoh nu ditambahan jeung ditambah latar tempat.
d. Ditilik saliwat atanapi nu teu ilik pisan mah ieu film téh teu loba nu dirobah malahan mah hampir sarua jeung carpon aslina ngan memang henteu sarua sacara gemblengna.
Sakitu anu tiasa dipedar ku sim kuring, Hatur nuhun
Mia Candrika Dewi
1906153
Kelas 6A
Ékranisasi numutkeun Énesté dina Isnéndés (2018:23) nyaéta usaha ngarobah hiji karya kana wangun pilem atawa ngangkat hiji carita nu asalna tina karya sastra kanu wangun film.
Sabada maca carpon "Antara D jeung D" jeung nongton filmna. Sanggem sim kuring mah ieu téh tos kalebet kana proses ékranisasi. Lantaran ayana unsur ngaheureutan, nambahan, jeung robahna variasi.
1. Ngaheureutan
Aya sawatara adegan anu aya dina carpon tapi teu diasupkeun kana éta film.
Katitén dina adegan ari na carpon di caritakeun Dudé keur ambek dina jero mobil jeung mawa mobilna ka taman Partere. Adegan éta teu di tampilkeun dina film.
2. Nambahan
Aya sawatara adegan anu sabénérna mah euweuh dina carpon tapi aya dina film.
Katintén dina sawatara adegan saperti Dudé nu pangmeulikeun Nung és krim strawberry, Nung anu méré hadiah ka Dudé, Dudé meuli kaset, adegan Dudé nu aya di kamar kosna, munculna tokoh babaturan Dudé, sarta ayana paguneman Dudé jeung babaturanana nu méré obat.
3. Robahna variasi
Ngarobah carita dina hal-hal anu tangtu.
Dina ieu film Ékranisasi tina carpon "Antara D jeung D" téh aya robahna variasi. Éta bisa katitén tina gambaran tokoh Dudé nu sapopoéna naék motor jeung katingali hirupna basajan. Béda jeung anu di gambarkeun dina carpon mah yén Dudé téh jalma aya atawa beunghar nu sapopoéna naék mobil pribadi.
Sanggem sim kuring video video Sabasastra: Ékranisasi Carpon "Antara D jeung D" karya Chyé Rétty Isnéndés téh atos saè lantaran tiasa ngavisualisasikeun imajinasi pamaca kana bentuk film. Hatur nuhun 🙏🙏
Sinta Puspitasari
NIM 1905301
6C
Mata kuliah Menulis Skénario
92
Sabada nyakséning ieu video jeung maca carpon “antara D jeung D” tantu waé aya parobihan atawa babandinganna. Lantaran dimana hiji karya dina wangun carpon awalna dina wangun téks tuluy dijieun atawa transformasi kana wangun film dimana teu sakabéh nu aya dina carpon bisa di visualisasikeun dina wangun film, tangtu baé aya hiji atawa dua hal anu béda boh éta ditambahan atawa dikurangan, palaku, tuluy adégan-adégan nu sakirana bisa nambahan ngadukung dina film pasti ditambahan.
Tapi dina prak-prakanna ieu film sanajan aya nu ditambahan jeung dikurangan, teu ngarobah dina gurat badag caritana, jadi inti tina carita bisa kadugikeun sacara maksimal. Ku kituna bisa dicindeukeun yén dina film ieu
1. Ayana ngaheureutan carita
2. Ayana panambahan carita
3. Ayana pangurangan adégan
4. Ayana panambahan adégan
5. Tuluy aya ogé robahna carita
Mung sakitu hal-hal atawa prosés ékranisasi dina ieu carpon, hatur nuhun ka sadaya nu parantos ilubiung dina ngatransformasikeun nu asalna dina wangun carpon tuluy dina wangun film nu kawilang saé pisan. Hatur Nuhun😊
Rendy Rustandi Saepuloh
1900201
Sabada nongton pilem pondok jeung maca carpon D jeung D karya Chyé Rétty Isnéndés, kapanggih didieu yén aya babandinganana. Ieu pilem pondok téh diékranisasi, naon harti ékranisasi téh? Éranisasi nurutkeun Ésnesté nyaéta usaha ngarobah hiji carita nu asalna tina karya sastra kana wangun pilem.
Tina ieu pilem tangtuna bisa katitén bagéan mana waé anu diékranisasi, nyaéta:
a. Anu dirobah:
•Dina carpon mah adeganna Enung ceurik, sedengkeun dina pilem mah henteu.
•Dina pilem mah Dudé naék motor, sedengkeun dina carponna mah mobil.
b. Anu ditambahan:
• Enung jeung Dudé dahar és.
• Enung jeung Dudé naék motor.
• nyawang katukang basa dibéré kasét ku Enung.
Hani Suprihatini
1901859
6A
Ieu video téh kaasup kana pilem nu mangrupa hasil ékranisasi ti salasahiji karya sastra nyaéta carpon "Antara D jeung D" karya Chye Retty Isnendes.
Nilik tina wangenanna, yén ékranisasi téh nyaéta usaha ngarobah hiji karya sastra kana wangun pilem atawa ngangkat hiji carita nu asalna tina karya sastra kana wangun pilem (Énesté dina Isnendes, 2017: 23).
Dina ieu pilem bisa dicindekkeun ku Sim kuring yén aya sababaraha hal nu kaasup ogé kana segi transformasi. Parobahan-parobahan nu aya dina ieu pilem tina karya saacanna nyaéta carpon, bisa katitén dina segi pamaén nu leuwih ngembangkeun kana ekspresi, jeung dina latar tempatna nu ngagambarkeun pisan kana suasana alur carita nu diangkat tina carponna.
Parobahan atawa transformasi tina carpon kana ieu pilem bisa jadi saperti naskah jeung skenario nu aya parobahan, wangun gambar nu jadi média pilem nu leuwih dikembangkeun ku sutradara jeung pamaén, ogé hal-hal lianna nu tangtuna teu ngarobah kana eusi jeung unsur inti tina carponna éta sorangan.
Éta hal-hal di luhur téh kaasup prosés ékranisasi nu teu leupas tina tilu hal, nyaéta: 1)ngaheureutan, 2)nambahan, 3)robahna variasi. Dina ieu pilem, nu bisa kaasup ogé kana ngaheureutan tina carponna nu diubah kana pilem pondok, saperti ieu pilem nu durasina kurang leuwih 17 menit. Dina proses nambahan, aya sababaraha adegan tina ieu pilem nu ngasupkeun tambahan adegan atawa bisa ogé "inovasi" nu mémang teu digambarkeun dina carponna, tangtuna pikeun némbongkeun maksud-maksud nu tangtu. Dina hal variasi tambahan atawa robahna variasi, tangtuna ieu pilem miboga variasi nu dikembangkeun tina carpon asalna sangkan nyumponan kabutuh tina adegan atawa hal-hal lianna nu mémang tadina can aya dina carita asalna.
Sakitu pedaran ti Sim kuring, hatur nuhun.
Shamil Sulaksana
1906305
6B
Sabada nongton ieu "Ekranisasi Carpon Antara D jeung D" nu tiasa katiten ku sim kuring nyaeta, para pamaén anu parigel dina merankeun karakter tokohna, musik latarna, pengambilan vidéona kawilang tos sae. Ekranisasi nyaeta tarekah pikeun ngarobah hiji karya sastra/carita kana wangun film. Dina ieu ekranisasi aya babaraha parobahan, aya nu ditambahan, dikurangan atawa dirobah versina.
.
babandingan parobahanna:
>adegan di pilem langsung asup ka nyaritakeun Enung bogoh ka Dudi, di carpon Enung nutupan rarayna lantaran sedih pisan.
>dina pilem aya adegan Enung mere hadiah kaset ka Dude, nu mana di carpon mah henteu kitu.
>dina pilem teu adegan Dude nyetir mobil ka Partere, naekna ka nu motor. Beda deui jeung carponna nu mana Dude ka Partere naek mobil.
.
Proses ekranisasi tiasa ngaronjatkeun kamampuh visual paniten, lantaran nu asalna ti media tinulis jadi media visual.
Rafli Prayoga Ramadhan
6B
1904075
90
Sabada nongton Ekranisasi Carpon "Antara D jeung D" karya Chye Retty Isnendes.
Transformasi téh robahna hiji hal bari henteu jiga robah; bet kawas tanpa prosés, atawa aya proses tapi henteu dianggap penting. Transformasi disebut ogé malih warni. alih wahana, atawa adaptasi. Hartina téh parobahan nu lumangsung dina Tataran nu katémbong (wujudiah) tapi henteu ngarobah Tataran jero tina éta karya. Parobahan hiji karya sastra disababkeun ku dua hal, nyaéta tina sisi téks-na nu popilër pikeun direspon jeung tina sisi nu maca, nu ngaréspon éta karya dumasar kana kapentingan jeung tujuanna. Malih warni hiji karya téh patali jeung konsép intertekstual atawa hubungan antartéks nu ngawengku téori hipogram. Dina hipogram aya unsur-unsur transformasi nu disebut: ékspansi, konvérsi, modifikasi, jeung éksérp.
Transformasi ngagelarkeun variasi karya nu upama disurahan bakal ngagelarkeun rupaning interprétasi, lantaran kapanggih situasi méntal éstétik nu disebut tegangan éstétik. Anapon ékranisasi patali jeung dirobahna téks kana gambar (pilem). Ékranisasi mangrupa transisi antara transformasi jeung parobahan wangun. Ékranisasi nu mangrupa transformasi dina pilem bisa katitén dina prosés: ngaheureutan, nambahan, jeung robahna variasi.
Mukarovsky nyebutkeun yén kualitas karya seni lain gumantung kana hal-hal nu objektif tapi gumantung kana aktivitas ku nu ngararasakeun ni'matna éta karya (penikmat seni). Komo deui perkara karya sastra nu beda jeung karya seni séjénna. Lantaran karya sastra mah mediumna basa, sedengkeun basa téh tanda, tah dina karya sastra mah éta tanda téh mangrupa tanda nu dinamis lain tanda nu tetep. Ku kituna, maksud dina hiji karya sastra mah kudu ditimukeun ku nu macana (Teeuw, 1988:356). Hartina nu maca kudu ngarebut maksud tina téks nu dibacana. Cindekna, ajén éstétik nu nyangkaruk dina karya sastra téh gumelar tina ayana ketegangan atawa tegangan éstétik antara nu maca jeung karya nu dibacana.
Dina tilikan nu nulis, hal ieu mangrupa transisi antara transformasi jeung change. Transformasina aya dina naskah pilem atawa skénario, parobahanna aya dina wangun gambar nu jadi média pilem ku kamahérna sutradara nu rancagé.
Neulis Fitria
1904503
6B
92
Masyaallah sabada maca sareng nongton carpon (carita pondok) “Antara D jeung D” karya Chyѐ Rѐtty Isnѐndѐs sim kuring tiasa nyindekkeun yѐn ieu pilem tѐh saѐ pisan. Dina alur caritana anu ngadamel sim kuring janten panasaran kana ieu carpon sareng pilem. Tina pamaѐn pilemna anu katinggal tos parigel dina maѐnkeun peranna. Salian ti ѐta ogѐ, aya sababaraha babandingan dina carpon jeung pilem nu diѐkranisasi jadi pilem pondok ieu tѐh.
Numutkeun Isnѐndѐs (2017:20), transformasi tѐh robahna hiji hal tapi henteu cigah robah; kawas tanpa prosѐs, atawa aya prosѐs tapi henteu dianggap penting. Ayana malih warna hiji karya tѐh lantaran ѐta karya populѐr, atawa kapentingan sѐjѐn pikeun ngarobahna.
Numutkeun Isnѐndѐs (2017:22) transformasi bisa disebutkeun mangrupa prosѐs krѐatif nu maca dina ngarѐspon karya sapanjang ѐta karya hasil orisinalitasna.
Numutkeun Enѐstѐ dina Isnѐndѐs (2017:23) ѐkranisasi nyaѐta usaha ngarobah hiji karya sastra kana wangun pilem atawa ngangkat hiji carita anu asalna tina karya sastra kana wangun pilem. Ekranisasi anu mangrupa transformasi bisa katitѐn dina prosѐs ngaheureutan, nambahan, jeung robahna variasi.
1. Ngaheureutan nyaѐta maksudna ngawatesanan carita dina durasi-durasi anu tangtu. Hal ieu sarua prinsipna jueng ѐksѐrp nu ngaleungitkeun hal-hal anu dianggap teu perlu. Dina prosѐs ngaheureutan ieu aya sababaraha adegan anu teu saluyu jeung dina carpon aslina nyaѐta salah sahijina aya adegan anu Enung jeung Dude kur ngobrol kuduna Enung ceurik eurih-euriheun, tapi dina pilem Enung lain ceurik kalah leuwih ngarasa ka kesel jeung keuheul.
2. Nambahan, dina ieu prosѐs aya kalana adegan ditambahan ku sutradara pikeun magehan carita. Eta tambahan tѐh bisa waѐ mangrupa tѐhnik ngawangun carita ku ngaѐksplorasi adegan boh ku cara pembayangan, boh ku cara ketegangan, boh ku cara penundaan. Dina prosѐs nambahan ieu aya sababaraha adegan anu teu saluyu jeung dina carpon aslina nayѐta salah sahijina aya adegan Dude mѐrѐ ѐskrim rasa strobѐri ka Enung, padahal dina carpon aslina adegan ѐta tѐh teu aya.
3. Robahna variasi, tangtu waѐ prosѐs ieu ngarobah hal-hal anu pasti. Misalna dina maksud carita atawa motif carita. Parobahan variasi ieu tangtu waѐ jadi hiji hal anu anu mungkin dilarapkeun dina pilem. Dina prosѐs robahna variasi aya sababaraha adegan anu teu saluyu jeung dina carpon aslina nyaѐta salah sahijina aya adegan dina tokoh Dude anu sapopoѐna naѐk motor jeung katinggali hirupna basajan pisan. Tapi dina carpon aslina bѐda jeung anu digambarkeun dina pilem kahirupan Dude tѐh nyaѐta jelema benghar anu sapopoѐna naѐk mobil.
Hatur nuhun ibu videona saѐ pisan, diantos video-video salajengna🙏
Nurul Istiqomah
1908204
6A
"Antara D jeung D", hiji judul carpon nu ditransformasi kana pilem pondok dina judul nu sarua, mangrupa salah sahiji wujud transformasi karya sastra dina wangun ékranisasi. Nuturkeun wangenan ékranisasi nu nétélakeun yén ékranisasi téh usaha ngarobah hiji karya sastra kana wangun pilem, écés pisan "usaha" nu disebutkeun téh nyampak dina ieu pilem. Lantaran aya ungkara "usaha ngarobah hiji karya sastra kana wangun pilem", tangtuna waé parobahan-parobahan nu nyampak téh tumalina jeung unsur-unsur dina carita éta sorangan, boh nu ditambahan atawa dikurangan, nu satuluyna bakal ngawujud ngajadi babandingan saupama disalusur antara carita dina karya sastrana jeung hasil ékranisasina. Geura urang tataan hiji-hiji.
1. Ngaheureutan. Saupama dibandingkeun antara carita aslina (dina carpon Antara D jeung D) jeung pilem, ieu unsur téh katitén jelas liwat ti jelas. Geura tingali baé, ti awal kénéh geus katitén aya bédana. Upama dina carponna digambarkeun suasana sedih basa tokoh Nung keur ngagukguk hareupeun tokoh Dude, tur digambarkeun kumaha éksprési jeung déskripsi kaayaanana, dina pilemna mah kapan henteu. Adegan ukur ditémbongkeun tokoh Nung nu nyarita masalah hubunganana jeung beubeureuhna ka tokoh Dude, nu geus sosobatan jeung manéhna salila opat bulan. Di dinya, tokoh Nung ukur némbongkeun rasa kesel lantaran masalah hubunganana jeung Dudi kitu-kitu baé. Dialog nu dikedalkeun ku Nung jeung Dude gé ngalaman parobahan tina dialog aslina nu aya dina carpon, saperti dileungitkeunna sababaraha kecap jeung sababaraha bagian dialog, nu dina pilemna mah nujul langsung kana inti masalah nu keur karandapan ku tokoh Nung. Prosés leungitna sababaraha kecap dina dialog gé katitén dina adegan-adegan satuluyna. Lian tina dialog, dina pilemna nyampak sababaraha penggelan carita nu dileungitkeun, kayaning malikkeun awak tokoh Nung sina nyanghareup ka tokoh Dude (dina pilemna mah apan pahareup-hareup éta dua tokoh téh), nyupiran mobil bari ambek, ménta 'setrip' ka Tantan (sabab dina pilemna mah éta setrip téh dibikeun langsung ku Tantan, lain dipénta) jeung nu lianna. Ébréh pisan yén ieu ékranisasi téh ngalaman prosés ngaheureutan, nu tujuanana ngaleungitkeun sababaraha adegan nu dianggap teu perelu téa.
2. Nambahan. Dina pilemna, katitén pisan aya adegan nu ditambahan, nu satadina mah teu nyampak dina carponna. Contona, adegan Dude nu dibéré hadiah ku Nung (paranti muter kasét téa), jeung adegan basa Dude nyawang waktu basa éta hadiah dibikeun ka manéhna. Latarna kapan keur aya di tukang kasét. Dina carita aslina mah éta adegan téh teu nyampak. Lian ti éta, tokoh Tantan nu ukur dicaritakeun saliwat jeung ukur disebutkeun ngaranna wungkul dina carita aslina, di dieu mah ditémbongkeun, malah dijieun adegan wangkonganana jeung tokoh Dude. Ku lantaran kitu, nya ieu pilem téh ngalaman prosés nambahan dina ékranisasina. Adegan tambahan nu lianna gé kasampak di awal carita, ku ayana dialog bubuka ti Dude, lain ku tokoh Nung.
3. Robahna variasi. Robahna variasi carita nu kasampak dina ieu pilem téh nyaéta motif caritana sorangan. Dina carita aslina (carpon), lalakon tokohna ukur némbongkeun hiji kaayaan nu teu ngimbang perkara cinta nu disumputkeun dina kecap sosobatan, nu nuduhkeun kumaha eusi haté tokoh Dude nu nyaah ka tokoh Nung tapi hésé kapimilik lantara haté Nung geus montél ka Dudi, sanajan dina ahirna mah kacinta Dude ka Nung téh tinekanan. Dina pilemna (numutkeun sawangan pribadi), jalan caritana lain saukur nyaritakeun lalakon Dude jeung Nung wungkul, tapi kumaha héséna ngugudag cintq hiji wanoja nu haténa geus cumantél ka nu lian, kumaha seuseutna mopohokeun hiji jalma nu dipikacinta, tur kumaha héséna hiji jalma nu katalimbeng ku cinta ngaleupaskeun diri, sarta kumaha hiji jalma leuwih milih pasrah saupama cintana teu tinekanan tur leuwih milih jadi sobat kawas sawatara waktu nu geus kaliwat daripada kaleungitan salawasna.
"Antara D jeung D", hiji carita cinta nu dibungkus dina kecap 'sosobatan' nu saenyana dasarna tina kanyeri jeung kanyaah nu dipibanda ku para tokoh-tokohna.
Pun Asri Nurdiyanti, 1905446
Sabada sim kuring nongton pilem "Ékranisasi Carpon : Antara D jeung D" karya Chye Retty Isnendes, numutkeun sim kuring ieu pilem teh kaasup kana pilem nu hadé, rasa nu diciptakeun dina ieu pilem karasa ku nu nongton hususna nu karasa ku sim kuring, visualna jelas luyu jeung nu aya dina carpon. Sanajan aya sababaraha hal nu patali jeung prosés ékranisasi téa. Bebedaan anu aya dina pilem téh mangrupa prosés kréatif nu maca dina ngaréspon karya sapanjang éta karya hasil orisinalitasna, nyaeta carpon téa. Ieu prosés teh nu disebut transformasi.
Kusabab pilem téh kaasup kana transformasi dina wangun ékranisasi, nyaeta tina carpon jadi pilem, aya sababaraha prosés nu katitén tina ieu pilem nyaeta dina prosés nambahan jeung robahna variasi :
a. Dina prosés nambahan, aya sababaraha adegan anu dina carpon teu aya, tapi dina pilem aya, diantarana waé nyaéta : 1) Dude jeung Enung dahar eskrim, 2) Enung méré hadiah Walkman ka Dude, 3) Dude meuli kasét, 4) Dude nyetel kaset di kamar Tantan, 5) Dude jeung Enung naek motor.
b. Dina prosés robahna variasi, katitén aya sababaraha anu robahna saperti : 1) Dina pilem Enung jadi henteu ceurik, 2) Dina pilem, adegan Dude kan Partere naek mobil dileungitkeun, 3) Dina pilem Dude ngan make motor, lain maké mobil, 4) aya adegan Dude ngobrol jeung Tantan.
Ieu Ékranisasi téh mangrupa wujudiah ti ngaprésiasi hiji karya sastra anu diwangun kana wangun pilem, sangkan katingali kumaha réngkak paripolah tokoh nu aya dina carpon saméméhna. Ieu hal téh jadi hal nu hadé, lantaran bisa ngaronjatkeun kreativitas anu maca atawa nongton.
Siti Rahmah
1901633
6C
Sabada nongton Ékranisasi carpon antara D jeung D ieu téh saé pisan ditilik ti kasaluruhan unsur filmna. Kagambar saéna gawé bareng jalma di tukangeun layar, hususna produser, sutradara, panulis naskah (writter script), boh para pamaénna. Karempegan gawé bareng ieu jadi cirinén transformasi, biasana karya sastra téh dijieunna ku sorangan atawa mangrupa kréasi pribadi ditransformasi kana film anu kaasup kana projék gawé bareng atawa kelompok. Ku kituna, transformasi carpon kana film ieu téh kaasup kana ékranisasi anu mangrupa prosés robahna hiji karya nu hasilkeun sacara pribadi jadi karya anu dihasilkeun sacara babarengan atawa gotong royong.
Nurutkeun Énésté ékranisasi téh nyaéta pelayarputihan atawa ngangkat novel jadi film. Ku kituna bisa dihartikeun yén ékranisasi téh nyaéta prosés atawa usaha ngarobah karya sastra kana wangun film. Ékranisasi téh miboga sababaraha prosés, diantarana:
1. Ngaheureutan
Ngawatesan carita kalawan nyaluyukeun durasina jeung wanda pilemna. Film di luhur nunjukeun ayana prosés ngaheureutan carita, kasampak dina paguneman anu digunakeun dina ieu film leuwih diheureutan deui langsung kana point badag pagunemanna.
2. Nambahan
Aya kalana adegan ditambahan ku sutradara pikeun mageuhan carita. Film di luhur aya karakter tokoh anu di tambahan ngaranna Tantan jeung ditambahan scene di tukang kasét.
Anisa Julianingrum
1908837
Mata Kuliah Nulis Skénario
Sabada simkuring nongton pilem "Ekranisasi Carpon : Antara D jeung D" karya Chye Retty Isnendes, numutkeun simkuring ieu pilem hadè pisan luyu jeung carponna ogè visual anu ditongtongkeun ka panongton. Dina sawatara hal ngeunaan Ekranisasi tinangtu jadi hal kreatif atawa poin leuwih nalika dina pilem loba bèbèdana.
Dina transformasi karya sastra aya ekranisasi nyaèta ngarubah karya sastra kana pilem sakumaha dina video di luhur.
Aya sababraha hal anu katiten dina pilem di luhur pakait jeung ekranisasi:
A. Proses nambahan, aya sababarha hal anu kagiatan anu euweuh dina carponna 1) Dude jeung Enung dahar eskrim 2) Dude jeung Enung naèk motor
B. Proses robahna variasi, lolobana katingali dimana dude kudu mawa mobil dina pilem mah kalah kana motor.
Ekranisasi ieu mangrupa wujudiah dina carpon, rèk èta nambahan boh ngurangan tinangtu jadi hal atawa ciri has dimana sutradara bisa sabebas mungkin ngaliarkeun hayalanna tapi matak teu leungit alur carita aslina atawa orsinalitas tina carpona
Rizal Fauzi
1909205
6C
Vidéo di luhur téh katilikna saé pisan, ku sabab vidéona anu cékas sinareng éfék-éfék anu ngarojong kana sauasana alur carita, pidangan vidéo di luhur téh mangrupi vidéo ékranisasi tina carpon anu jejerna “Antara D jeung D”, Tinangtos aya prosés dina ngaékranisasikeun carpon diantarana: 1) Ngaheureutan 2) Nambahan 3) Ngarobah Vérsi. Anu katilik dina ékranisasi di luhur mah diantarana:
1) Nambahan
Dina prosésna ieu carita téh diwuwuhan ku sababaraha perkara anu taya dina carpon aslina, diantarana aya tokoh tantan dipidangkeun dina ékranisasi nanging dina carpona mah wungkul disebutkeun wungkul ku tokoh “Dudé”, ayana tokoh tukang kasét, sinareng adegan “saacan ahir sabada awal” (anu tukang kasét).
2) Ngarobah vérsi
Mémang tos cindek ari dina adegan tukang kasét mah mangrupa vérsi anu aya dina ieu ékranisasi, ogé ayana adegan dipangjajankeun És Krim rasa strobéri.
Sakitu anu kapedar, hapunten bilih aya kalepatan, hatur nuhun
Yudistira Fitra Sabarudin
1903453
6B
Menulis Sekenario
Numutkeun Isnéndés (2017:20), transformasi téh robahna hiji hal tapi henteu jiga robah; kawas tanpa prosés, atawa aya prosés tapi henteu dianggap penting. Ayana malih warna hiji karya téh lantaran éta karya populér, atawa kapentingan séjén pikeun ngarobahna. Transformasi, numutkeun Isnéndés (2017:22), bisa disebutkeun mangrupa prosés kréatif nu maca dina ngaréspon karya sapanjang éta karya hasil orisinalitasna. Ékranisasi nyaéta usaha ngarobah hiji karya sastra kana wangun pilem atawa ngangkat hiji carita nu asalna tina karya sastra kana wangun pilem (Énesté dina Isnéndés, 2017:23). Ékranisasi anu mangrupa transformasi bisa katitén dina prosés: ngaheureutan, nambahan, jeung robahna variasi.
Sabada nyakséni vidio "ÉKRANISASI CARPON "ANTARA D JEUNG D" KARYA CHYÉ RÉTTY ISNÉNDÉS", katitén yén carpon "Antara D jeung D" téh ngalaman prosés-prosés ékranisasi sangkan jadi ieu pilem. Carpon "Antara D jeung D" diheureutan, diwatesanan sangkan luyu jeung durasi pilem indie anu pondok. Sangkan jadi ieu pilem, sawatara eusi carita dina carpon aya nu ditambahan. Dina ieu ékranisasi, eusi carita nu ditambahan nyaéta: (1) Dudé jeung Enung dahar és krim; (2) Enung méré walkman ka Dudé; (3) Dudé meuli kasét; (4) Dudé muter walkman di Wisma di kamarna Tantan; (5) Dudé ngobrol jeung Tantan; (6) dudé ngahuleng nginget-nginget panggih jeung Enung; jeung (7) Dudé jeung Enung numpak motor. Salian ti ditambahan, eusi carita dina carpon "Antara D jeung D" ogé aya nu dirobah. Dina ieu ékranisasi, eusi carita nu dirobah nyaéta: (1) Enung nu ceurik jadi henteu ceurik; (2) adegan di jero mobil dileungitkeun; (3) adegan mawa mobil ti wisma ka Partere dileungitkeun; jeung (4) Dudé teu numpak mobil tapi numpak motor.
Ieu kagiatan ékranisasi téh éstu hiji hal nu alus. Salian ti mangrupa wujud aprésiasi nu maca karya sastra, ogé bisa ngahudang tur ngaronjatkeun kréativitas anu maca.
Hatur nuhun.
Naufariza Beno Santana
1904982
6C
Mata Kuliah Nulis Skénario
92
Sabada sim kuring nyakséni video Saba Sastra: EKRANASI CARPON “Antara D jeung D” karya Chye Retty Isnéndés sareng maca carpon “Antara D jeung D”. Katitén aya parobahan atawa nu ilahar disebut transformasi. Numutkeun KBBI (1997, dina Isnéndés, 2018:23) transformasi nyaéta parobahan bentuk, boh wangunna, sifatna jeung sajabana. Transformasi patali jeung struktur atawa wujudiah hiji hal, bisa ogé disebut malih nu hartina nyaéta parobahan nu lumangsung dina tataran nu katembong (wujudiah) tapi henteu ngarobah tataran jero tina éta karya, bisa ogé disebutkeun mangrupa prosés kréatif nu maca dina ngaréspon karya sapanjang éta karya hasil orisinalitasna, alih wahana jeung adaptasi.
Salah sahiji wangun transformasi karya anu ngarobah karya sastra kana wangun pilem nya éta ékranisasi. Numutkeun Énesté (1991, dina Isnéndés, 2018:23) ékranisasi mangrupa usaha ngarobah hiji karya sastra kana wangun pilem atawa ngangkat hiji carita anu asalna tina karya sastra kana wangun pilem, dina ieu wangun karya carpon nu dikranisasi kana pilem, miboga dua parobahan transformasi jeung Change diantarana nyaéta ayana naskah pilem atawa anu ilahar disebut skénario jeung wangun gambar nu jadi media pilem nu nyampak saperti dina ieu video.
Numutkeun Isnéndés (2018:23) nu mangrupa transformasi bisa katitén tina tilu prosés, diantarana nyaéta ngaheureutan, nambahan jeung robahna variasi, tangtuna dina robahna karya sastra kana pilem pasti miboga tilu prosés éta, saperti dina “Ekranisasi carpon: antara D jeung D” Karya Chyé Rétty Isnéndés bisa katitén babandinganana antara carpon jeung pilemna (skénario).
a. Ngaheureutan, prosés ieu ayana kawatesanan durasi nu ngabalukarkeun aya sababaraha hal anu dipangkas tina caritana, dina pilem diluhur nuduhkeun ayana prosés ngaheureutan nu kasampak dina awal carita nu leungitna adegan ceurik eurih-euriheun, bari nungkupan beunget, sarta lobana kekecapan anu diliwat sarta dicokot gurat badagna.
b. Nambahan, ayana tambahan dina ieu wangun ékranasi téh nyaéta dina bagéan Dudé jeung Enung ngadahar és krim, Dudé meuli kasét sarta nineung nalika babarengan jeung Enung, Dudé ngobrol jeung babaturanna, Dudé jeung Enung numpak motor.
c. Robahna variasi, dina robahna variasi ieu katitén tina kaayaan anu dipimilik ku Dudé, ari dina carpon mah Dudé téh digambarkeun jelema beunghar boga mobil, ari dina pilem mah leuwih basajan.
hatur nuhun, mung sakitu anu tiasa didugikeun hapunten bilih seueur kalepatan.
Sri Intan Mulyani_1908944_6B
Sabada maca carpon “Antara D jeung D” karya Chyè Rètty Isnèndès jeung nongton “Enkranisasi Carpon Anatara D jeung D” katitèn ayana babandingan khususna tina carpon nu diènkranisasi kana pilem. Saluyu jeung nu ditètèlakeun ku Enestè (1991:60) yèn ènkranisasi nyaèta usaha ngarobah hiji karya sastra kana wangun pilem atawa ngangkat hiji carita nu asalna tina karya sastra kana wangun pilem. lantaran kasebutna ngarobah, tangtu aya unsur-unsur nu dirobah jeung aya unsur-unsur nu dicipta.
Ènkranisasi mangrupa wangun transformasi nu aya dina naskah pilem atawa skenario, parobahan aya dina wangun gambar nu jadi media pilem ku kamahèran sutradara nu rancagè. Nurutkeun Isnèndès (2017: 20), transformasi tèh robahna hiji hal tapi henteu jiga robah; kawas tanpa prosès, atawa aya prosès tapi henteu dianggap penting. Ènkranisasi ogè mangrupa transformasi bisa katitèn dina prosès: ngaheureutan, nambahan, jeung robahna variasi.
1. Ngaheureutan
Ngaheureutan nyaèta ngawatesanan carita dina durasi nu tangtu. Durasi dina ieu pilem nyaèta 17 menit 4 detik. Tangtu dina prosès ngaheureutan tèh aya episode atawa adegan-adegan nu riobah dina sèkuèl-sèkuèl pilem dumasar kana tujuan nu dijanggèlèkeun dina scenario. Saperti adegan Enung nu digambarkeun dina carita ceurik eurih-eurihan tapi dina pilem ngan saukur jiga nu keuheul. Ieu hal bisa disebut ogè eksèrp nu ngaleungitkeun hal-hal nu dianggap teu perlu.
2. Nambahan
Ieu konsèp sarua jeung èkpansi dina wangun transformasi karya sastra. aya kalana adegan ditambahan ku sutradara pikeun mageuhan carita. Saperti dina adegan Nung keur dahar èskrim jeung ayana tokoh tukang kasèt dina pilem.
3. Robahna variasi
Robahna variasi tangtu baè ngarobah dina hal-hal nu tangtu, misalna maksud carita atawa motif carita. Sapeti nu digambarkeun dina carpon tokoh Dude ngagunakeun mobil tapi dina èkranisasi pilem tokoh Dude tèh ngagunakeun motor.
Hatur Nuhun
Novita Inggrit
1908815
Transformasi bisa disebutkeun mangrupa prosés kréatif nu maca dina ngaréspon karya sapanjang éta karya hasil orisinalitasna (Isnéndés, 2018:22).
Numutkeun Énesté dina Isnéndés (2018:23), ékranisasi téh usaha ngarobah hiji karya sastra kana wangun pilem atawa ngangkat hiji carita nu asalna tina karya sastra kana wangun pilem.
Sabada nyakséni pidangan video di luhur, katitén yén ieu pilem téh mangrupa ékranisasi tina carpon anu judulna "Antara D jeung D" Karya Chye Retty Isnéndés. Dina enas-enasna, tangtu pikeun ngarobah kana wangun pilem téh ngalaman prosés ékranisasi, di antarana nyaéta:
1. Ngaheureutan: aya sawatara adegan anu teu dipintonkeun dina pilem saperti adegan Dudé nu nyetiran mobil ka taman Partéré nu dina pilem mah teu ditampilkeun.
2. Nambahan: aya sababaraha bagéan anu dina pilem mah ayaa tapi dina carpon mah henteu. Diantarana nyaéta: Nung jeung Dudé dahar és krim babarengan, Nung méré kado hadiah ka Dudé, Dudé meuli kasét, jsb
3. Robahna variasi
Tina variasina, aya sawatara hal anu dirobah, diantarana baé karakter Dudé anu béda pisan jeung dina carpon. Dina carpon mah dicaritakeun yén Dudé téh jelema beunghar malah sapopoéna ogé ngagunakeun mobil pribadi waé, sedengkeun dina pilem mah sabalikna Dudé digambarkeun lalaki nu basajan, sapopoéna mawa motor.
Ieu pidangan ékranisasi téh hadé pisan, puguh ning tina caritana mah, katambah ku pamaén anu bisa mawakeun peran tur karakterna kalawan parigel. Hadé pisan.
Tika Resti Safitri
NIM 1906316
Sabada maca sareng nongton carpon (carita pondok) “Antara D jeung D” karya Chyѐ Rѐtty Isnѐndѐs sim kuring tiasa nyindekkeun yѐn dina alur caritana anu ngadamel sim kuring janten panasaran kana ieu carpon sareng pilem. Tina pamaѐn pilemna anu katinggal tos parigel dina maѐnkeun peranna. Salian ti ѐta ogѐ, aya sababaraha babandingan dina carpon jeung pilem nu diѐkranisasi jadi pilem pondok ieu tѐh.
Numutkeun KBBI (1997, dina Isnéndés, 2018:23) transformasi nyaéta parobahan bentuk, boh wangunna, sifatna jeung sajabana. Transformasi patali jeung struktur atawa wujudiah hiji hal, bisa ogé disebut malih nu hartina nyaéta parobahan nu lumangsung dina tataran nu katembong (wujudiah) tapi henteu ngarobah tataran jero tina éta karya, bisa ogé disebutkeun mangrupa prosés kréatif nu maca dina ngaréspon karya sapanjang éta karya hasil orisinalitasna, alih wahana jeung adaptasi.
Nilik kana enkranisasi diluhur, aya proses-prosesna diantarana:
1. Nambahan, dina ieu proses yen katiten aya sababaraha pasualan anu beda dina carpon jeung filmna, saperti nambahanna palaku, ayana adegan anu anyar (flashbackna enung), jste
2. Robahna versi, dina ieu proses yen robahna wangun carpon kana wangun film. ieu carpon teh minangka dadasar anu ditransformasi kana wangun film.
3. Ngahereut, nilik kana waktu dina film eta katiten cukup panjang saupama jadi film pondok, namung upama dititen dina segi carponna. Ieu hal teh ayana sababaraha adegan anu cokot dina film.
Hatur nuhun ibu🙏
Fikri Firmansyah
6B
1900684
Sabada nongton video "Énkranisasi Antara D jeung D" ieu téh katitén saé pisan utamana tina penggambaran visualna ogé dina caritaanana.
Ekranisasi teh usaha ngarobah hiji karya sastra kana wangun pilem atawa
ngangkat hiji carita nu asalna tina karya sastra kana wangun pilem (Énesté, 1991:60).
Lantaran kasebutna ngarobah,tangtu aya unsur-unsur nu dirobah jeung aya unsur-
unsur anyar nu dicipta. Nu paling kaciri nyaéta robahna wangun kekecapan kana
wangun gambar.
Naha ékranisasi mangrupa wangun transformasi atawa parobahan tina kecap
change téa? Dina tilikan nu nulis, hal ieu mangrupa transisi antara transformasi jeung
change. Transformasina aya dina naskah pilem atawa skénario, parobahanna aya dina
wangun gambar nu jadi média pilem ku kamahėma sutradara nu rancagé.
Ékranisasi nu mangrupa transformasi bisa katitén dina prosés: ngaheureutan,
nambahan, jeung robahna variasi.
Ngaheureutan. Ngaheureutan maksudna ngawatesanan carita dina durasi nu
tangtu, naha dumasar kana durasi pilem indie nu pondok antara 10-15 menit, naha
dumasar kana pilem biasa nu panjangna antara 90-120 menit, naha pilm-pilem panjang
siga pilem India nu bisa méakkeun waktu IS0 menit atawa tilu jam. Tangtu aya
épisode atawa adegan-adegan nu dirobah dina sékuél-sékuél pilem dumasar kana
tujuan nu dijanggélékkeun dina skénario jeung maksud-maksud nu tangtu. leu hal
sarua prinsipna jeung éksérp nu ngaleungitkeun hal-hal nu dianggap teu perelu.
Contona waé unsur nambahan carita téh aya dina dina pilem pondok Lemah Cai Kulup nu ditransformasi tina carita pondok Hadi AKS dina judul nu sarua. Dina éta pilem ditembongkeun adegan Aki Ajuk nu disalib ku masarakat pédah disangka dukun teluh, sedengkeun dina carponna mah henteu kitu. Aya deui adegan anyar nu taya dina carponna nyacta dihadirkeunna awéwé gélo pédah salakina dipaćhan ku masarakat. sarua disangka dukun teluh.
Robahna Variasi Robahna variasi tangtu baé ngarobah carita dina hal-hal nu tangtu, misalna wae maksud carita atawa motif carita. Hal icu dina Tataran sastra kungsi sababaraha kali kajadian. Misalna waé roman Siti Nurbaya karya Marah Rusli. Éta roman téh saméméh jadi roman nu dipikawonoh ku nu maca kiwari, kapan kungi ditolak ku Balai Pustaka lantaran dianggap mawa ideologi babarontakan nu diwakilan ku Datuk Maringgih. Ahirna mah Rusli ngarobah caritana nepi ka nu maca kiwari wanoh ka Datuk Maringgih téh salaku palaku antagonis nu jahatna kabina-bina.
Kitu deui dina karya sastra Sunda aya roman Baruang ka nu Ngarara karya D.K. Ardiwinata nu nyaritakeun masarakat ku tatanan sistem kolonial sosial cacah-ménak. utamana nu tumiba ka Nyi Rapiah jeung Ujang Kusén. Éta roman téh dituluykeun ku M.A. Salmun dina judul Gogoda ka nu Ngarora, nu nyulayaan sistem sosial cacah-menak katut dirobahna nasib Nyi Rapiah jeung Ujang Kusén tina
katideresa jadi bagja.
Tah naha dina pilem hal icu aya? Tangtu baé aya, sahab pilem aya dina sisi
transisi antara transformasi jeung parobahan wangun. Parobahan variasi jadi hiji hal
nu mungkin dilarapkeun dina pilem. Contona waé pilem pondok Lemah Cai Kulup.
Dina éta pilem, salian ti ayana unsur ngaheureutan jeung nambahan, ogé aya unsur
robahna variasi tina téks nu nyaritakeun sisi atikan masarakat dina latar kajadian-
kajadian sangar perkara hukum nu jarah jeung kondisi sosial masarakat nu gering
(teluh, sangar. ngahukuman sakahayang. jrrd) alatan pulitik di Indonésia, kana sisi
kondisi sosial tanah Sunda jeung masarakat nu gering. Perkara atikanna ukur jadi
pésen moral nu langsung disulayaan deui ku kajadian-kajadian tragik. Hartina leuwih
loba éksploitasi tragikna batan muatan atikanna. Éta mangrupa parobahan variasi nu nilem.
Sakitu nu tiasa didugikeun ku simkuring, hapunten bilih aya kalepatan. Hatur nuhun
Mohamad Fajar Harja Ramdhani
1900299
Dina Novél "Handeuleum na haté beureum" bisa ditilik dina Cara ngatransfromasikeun kana pidangan anu geus garap kalayan écés, jeung dibeundeul deui ku singgetna caritaan nu nyampak tangtu waé bakal nyieun eusi carita beuki singget tur beunang gurat badagna.
Tina téma anu kapidangkeun téh aya téma anu maluruh kana sababaraha hal anu pakaitna rasa antara Mayang jeung Andi, Yudi jeung Mayang, ieu tokoh téh geus katempo kana unsur carita anu nyampak, sanajan sabada kuring neuleuman tadi lalajo pidanganana can kaharti, leuwih kaharti nalika kuring maca bukuna. Tangtu baé anu ngaranna sastra kudu bisa ngigelan jaman, sangkan nepi ka nu lalajo, jeung salahiji tarékah pikeun ngamekarkeun deui dina kamekaran karya sastra anu mimitina ngaliwatan prosa, ayeuna ngajanggélék jadi pilem pondok.
Pangarang anu nyieun carita ogé kalintang talitina dina pidangkeun eusi carita, teu sagawayah pangarang bisa méré carita anu hadé jeung teu sagawayah, lantaran bisa jadi pangarang kungsi ngalaman kajadian anu sarua, tuluy diébréhkeun kana carita anu nyampak téa.
Elin Marlina 7A
1802173
Naha Lin di palih dieu? heheh nya wios atuh, kintun deui di palih ditu.
Sabada nyakséni ieu video jeung maca carpon “antara D jeung D” tantu waé aya parobihan atawa babandinganna. Lantaran dimana hiji karya dina wangun carpon awalna dina wangun téks tuluy dijieun atawa transformasi kana wangun film dimana teu sakabéh nu aya dina carpon bisa di visualisasikeun dina wangun film, tangtu baé aya hiji atawa dua hal anu béda boh éta ditambahan atawa dikurangan, palaku, tuluy adégan-adégan nu sakirana bisa nambahan ngadukung dina film pasti ditambahan.
Tapi dina prak-prakanna ieu film sanajan aya nu ditambahan jeung dikurangan, teu ngarobah dina gurat badag caritana, jadi inti tina carita bisa kadugikeun sacara maksimal. Ku kituna bisa dicindeukeun yén dina film ieu ayana ngaheureutan carita, ayana panambahan carita, ayana pangurangan adégan, ayana panambahan adégan, tuluy aya ogé robahna carita
Mung sakitu hal-hal atawa prosés ékranisasi dina ieu carpon, hatur nuhun ka sadaya nu parantos ilubiung dina ngatransformasikeun nu asalna dina wangun carpon tuluy dina wangun film nu kawilang saé pisan. Hatur Nuhun
Wasta: Dhafa Haikal
NIM: 2004542
Kelas: 6C
Numutkeun Isnéndés (2017:20), transformasi téh robahna hiji hal tapi henteu jiga robah; kawas tanpa prosés, atawa aya prosés tapi henteu dianggap penting. Ayana malih warna hiji karya téh lantaran éta karya populér, atawa kapentingan séjén pikeun ngarobahna. Transformasi, numutkeun Isnéndés (2017:22), bisa disebutkeun mangrupa prosés kréatif nu maca dina ngaréspon karya sapanjang éta karya hasil orisinalitasna. Ékranisasi nyaéta usaha ngarobah hiji karya sastra kana wangun pilem atawa ngangkat hiji carita nu asalna tina karya sastra kana wangun pilem (Énesté dina Isnéndés, 2017:23). Ékranisasi anu mangrupa transformasi bisa katitén dina prosés: ngaheureutan, nambahan, jeung robahna variasi.
Sabada nyakséni vidio "ÉKRANISASI CARPON "ANTARA D JEUNG D" KARYA CHYÉ RÉTTY ISNÉNDÉS", katitén yén carpon "Antara D jeung D" téh ngalaman prosés-prosés ékranisasi sangkan jadi ieu pilem. Carpon "Antara D jeung D" diheureutan, diwatesanan sangkan luyu jeung durasi pilem indie anu pondok. Sangkan jadi ieu pilem, sawatara eusi carita dina carpon aya nu ditambahan. Dina ieu ékranisasi, eusi carita nu ditambahan nyaéta: (1) Dudé jeung Enung dahar és krim; (2) Enung méré walkman ka Dudé; (3) Dudé meuli kasét; (4) Dudé muter walkman di Wisma di kamarna Tantan; (5) Dudé ngobrol jeung Tantan; (6) dudé ngahuleng nginget-nginget panggih jeung Enung; jeung (7) Dudé jeung Enung numpak motor. Salian ti ditambahan, eusi carita dina carpon "Antara D jeung D" ogé aya nu dirobah. Dina ieu ékranisasi, eusi carita nu dirobah nyaéta: (1) Enung nu ceurik jadi henteu ceurik; (2) adegan di jero mobil dileungitkeun; (3) adegan mawa mobil ti wisma ka Partere dileungitkeun; jeung (4) Dudé teu numpak mobil tapi numpak motor.
Ieu kagiatan ékranisasi téh éstu hiji hal nu alus. Salian ti mangrupa wujud aprésiasi nu maca karya sastra, ogé bisa ngahudang tur ngaronjatkeun kréativitas anu maca.
Hatur nuhun.
Zulfahmi Romadona
2007887
6A Menulis Skénario
Pendidikan Bahasa Sunda FPBS UPI
Sabada sim kuring nongton pilem "Ékranisasi Carpon : Antara D jeung D" karya Chye Retty Isnendes, numutkeun sim kuring ieu pilem teh kaasup kana pilem nu hadé, rasa nu diciptakeun dina ieu pilem karasa ku nu nongton hususna nu karasa ku sim kuring, visualna jelas luyu jeung nu aya dina carpon. Sanajan aya sababaraha hal nu patali jeung prosés ékranisasi téa. Bebedaan anu aya dina pilem téh mangrupa prosés kréatif nu maca dina ngaréspon karya sapanjang éta karya hasil orisinalitasna, nyaeta carpon téa. Ieu prosés teh nu disebut transformasi.
Kusabab pilem téh kaasup kana transformasi dina wangun ékranisasi, nyaeta tina carpon jadi pilem, aya sababaraha prosés nu katitén tina ieu pilem nyaeta dina prosés nambahan jeung robahna variasi :
a. Dina prosés nambahan, aya sababaraha adegan anu dina carpon teu aya, tapi dina pilem aya, diantarana waé nyaéta : 1) Dude jeung Enung dahar eskrim, 2) Enung méré hadiah Walkman ka Dude, 3) Dude meuli kasét, 4) Dude nyetel kaset di kamar Tantan, 5) Dude jeung Enung naek motor.
b. Dina prosés robahna variasi, katitén aya sababaraha anu robahna saperti : 1) Dina pilem Enung jadi henteu ceurik, 2) Dina pilem, adegan Dude kan Partere naek mobil dileungitkeun, 3) Dina pilem Dude ngan make motor, lain maké mobil, 4) aya adegan Dude ngobrol jeung Tantan.
Ieu Ékranisasi téh mangrupa wujudiah ti ngaprésiasi hiji karya sastra anu diwangun kana wangun pilem, sangkan katingali kumaha réngkak paripolah tokoh nu aya dina carpon saméméhna. Ieu hal téh jadi hal nu hadé, lantaran bisa ngaronjatkeun kreativitas anu maca atawa nongton.
Wasta : Asep Suhendar Nugraha
Kelas : 6A
NIM : 2005323