Saba Seni: DRAMA SUNDA "NU GARERING"

แชร์
ฝัง
  • เผยแพร่เมื่อ 19 ก.พ. 2021
  • #saba
    #drama
    #sunda
    #budaya
    #sastra
    #seni
    #pertunjukan
    Ieu drama minangka pengganti UAS Mata Kuliah Apresiasi Drama. Salah sahiji pintonan drama nu kapuji. Kantenan masih seueur kakiranganana tina sisi seni pertunjukan. Tapi nu dipiharep tina ieu pintonan, tujuan utamana mahasiswa parigel ngagunakeun basa Sunda.

ความคิดเห็น • 191

  • @firdausadzdzahaby3886
    @firdausadzdzahaby3886 3 หลายเดือนก่อน

    Naon nya istilah drama tina basa sunda? Aya nu terang?

  • @ismanuralami1555
    @ismanuralami1555 2 ปีที่แล้ว +1

    Assalamualaikum nepangkeun simkuring Isma Nuralami ti kelas 5C
    NIM 1905651
    Apresiasi nu pangluhurna nyaéta ku nyiptakeun karya jeung ieu pintonan drama mangrupa salah sahijina. Ku kituna saparantos simkuring nongton drama nu judulna " Nu Gareuring" karya Dhipa Galuh Purba simkuring ngaaprésiasi pisan sabab pintoneunna saé sarta miboga amanat nu bisa dilarapkeun dina kahirupan nyéta satiap paripolah nu hadé atawa goréng pasti aya babalesna jeung ulah mopohokeun saha saha waé nu ngabantuan urang. Dramana menarik sabab dina tiap babakna aya rasa kapanasaran simkuring kumaha carita salajengna katambih tokoh nu diperankeun ku kelompok 1 kelas 5A nu parantos maksimal sahingga ngajieun simkuring betah ku nongtonna.
    Pagelaran Drama ieu tangtuna teu didamel kitu waé tapi aya nu ngapingna nyéta dosen urang sadaya Bu Dr. Retty Isnendes S.Pd M.Hum sareng Pa Dr. Dedi Koswara M.Hum nu tos masihan élmu élmu ngeunaan apresiasi drama sahingga pintonan ieu janten saé. Hatur nuhun ibu sareng bapa.
    Numutkeun Retty Isnendes Drama nyaéta karangan sastra nu midangkeun carita atawa lalakon dina wangun dialog, ajangkeuneun dilakonkeun ku aktor dina pagelaran.Dina ieu pintonan nyumponan unsur unsur drama nyaéta :
    1. Eksposisi, nyaéta bagéan awal tina drama. Ieu hal dibuktikeun yén aya warung Warung Sangu deukeut Rumah Sakit nu diladangan ku Ceu Popon
    2. Komplikasi, nyaéta eusina ngeunaan konflik nu kajadian contona
    3. Resolusi, bagéan klimaks tina drama nyaéta dina ieu drama téh sad ending lantaran Omah ditinggalkeun ku Sarkim nu leuwih milih wanoja séjén sarta di akhir pintonan dagangan ceu popon dibawa ku Satpol PP
    Salianti éta dina ieu drama ogé nyumponan kana unsur unsur pagelaran nyaéta 1. Naskah Drama 2. Sutradara 3. Pameran 4. Panggung 5. Cahaya 6. Sound effect 7. Kostum 8. Rias 9. Pamilon. Tos katingal ku urang sadaya pintonan ieu didukung ku ayana unsur unsur pagelaran sahingga pintonan langkung saé. Hatur Nuhun.

  • @user-qp7vk1kr7f
    @user-qp7vk1kr7f 6 หลายเดือนก่อน

    Abi mah te resep 😂😊

  • @robbymaulanasidik1152
    @robbymaulanasidik1152 2 ปีที่แล้ว

    sabada simkuring nongton jeung nitènan drama ieu, anu di pintonkeun ku kelompok ieu sae pisan kitu. ditilik dina caritaan, drama ieu katawisna atos ngadugikeun eusi dina caritana, sapertos teori nu di pedar ku Tjahjono(1988) nilik dina istilah drama bisa diartikeun salaku bentuk seni anu narekahan ngungkabkeun ngeunaan kahirupan manusia ngaliwatan gerak di na paguneman atawa dialog.
    Teras, anu katawis ku simkuring unggal tokohna teh tiasa ngadugikeun maksad atanapi amanat nu rek dicaritakeun, dialog jeung artikulasi antara tokoh oge jentre. properti sae, lighting leuwih sae. galurna sae pisan, teu matak simkuring nundutan hehe, Tos rapih. Tah numutkeun teori yen galur carita drama biasana nyekel kana teori Aristoteles, nyaeta 1.Eksposisi 2.Komunikasi 3.Klimaks 4.Resolusi 5.konklusi (Isnendes 2010:78)
    Namung sapertosna bakal leuwih sae deui ieu saalit ti simkuring, upami ditambihan backsound kanggo sababaraha adegan supados rasa nu rek di dugikeun dina eta adegan tiasa langkung karasa klimaksna ku nu nongtong. Hatur nuhun
    Robi Maulana Sidik
    5A

  • @kbnmlkx
    @kbnmlkx 2 ปีที่แล้ว

    Sabada simkuring nongton drama ieu, anu di pintonkeun ku kelompok ieu sae. ditilik dina caritaan, drama ieu katawisna atos ngadugikeun eusi dina caritana, sapertos teori nu di pedar ku Tjahjono(1988) nilik dina istilah drama bisa diartikeun salaku bentuk seni anu narekahan ngungkabkeun ngeunaan kahirupan manusia ngaliwatan gerak di na paguneman atawa dialog.
    Teras, anu katawis ku simkuring unggal tokohna teh tiasa ngadugikeun maksad atanapi amanat nu rek dicaritakeun, dialog jeung artikulasi antara tokoh oge jentre. properti sae, lighting leuwih sae. galurna sae pisan, teu matak simkuring nundutan hehe, Tos rapih. Tah numutkeun teori yen galur carita drama biasana nyekel kana teori Aristoteles, nyaeta 1.Eksposisi 2.Komplikasi 3.Klimaks 4.Resolusi 5.konklusi (Isnendes 2010:78)
    Namung sapertosna bakal leuwih sae deui ieu saalit ti simkuring, upami ditambihan backsound kanggo sababaraha adegan supados rasa nu rek di dugikeun dina eta adegan tiasa langkung karasa klimaksna ku nu nongtong. Hatur nuhun
    Kevin
    5A

  • @vladimirillychulyanov699
    @vladimirillychulyanov699 ปีที่แล้ว +1

    Ddieu ge sadudulur garering panyakit syulit cari duit hayang kaya raya meni hese

  • @sylviafebrianty2665
    @sylviafebrianty2665 2 ปีที่แล้ว

    Numutkeun Hassanuddin (2000:7) ngébréhkeun yén drama téh mangrupa hiji génré sastra nu ditulis dina wangun dialog nu tujuanna keur di péntaskeun salaku hiji seni pertunjukan.
    Unggal drama miboga cirina masing-masing. Drama miboga sifat panokohan nu miboga peranan penting dina ngaguar eusi hiji carita. Ku kituna unggal pamaén miboga sifat-sifat kritis salaku jalma nu nepikeun amanat ti pangarangna.
    Sabada nonton sareng ngaregepkeun pintonan drama nu judulna “Nu garering” karya Dhipa Galuh Purba, drama ieu téh saé pisan, kajaba dina video téh di dukung ku tata rias, sareng tata panggung anu ngadukung jalanna ieu drama. Salian ti éta, panokohan unggal jalma béda béda nu ngajantenkeun nu nonton ge teu bosen nalika nonton ieu drama. Eusi drama ieuge miboga sababaraha amanat nu ngajadikeun drama ieutéh lain saukur tongtonan biasa, tapi pépéling keur urang sadaya. drama ieutéh kalebet drama sunda modern. Sanajan modern ge tapi tetep aya seni tradisionalna contohna waé nalika bubuka, ieu drama téh aya nu ngahaleuang teras dipirig ku sababaraha waditra ti tatar sunda. Sateuacanna ieu drama di péntaskeun, tangtu aya sababara hal nu kudu diperhatikeun. Contona waé téks na, palaku, péntas, parlengkepan péntas, tata rias, tata busana, cahaya, dékorasi, jeung nu mirig na.
    Hatur nuhun kanggo ibu sareng kelompok 1 5A anu tos midangkeun ieu video . hapunten bilihna seueur kekecapan anu kirang merenah.🙏
    Wasta : Sylvia Febrianty
    NIM : 1909399
    Kelas : 5C

  • @user-qp7vk1kr7f
    @user-qp7vk1kr7f 6 หลายเดือนก่อน

  • @putriameliasyawalidina7778
    @putriameliasyawalidina7778 2 ปีที่แล้ว

    Anu tiasa katiten ku simkuring sabada nongton ieu drama Sunda judulna “Nu Garering” anu parantos dipintonkeun kalawan saé ku entragan 2018, nyaéta ieu drama didugikeun kalawan hadé ku unggal pamaén. Tiasa ditilik tina akting unggal pamaén, ogé dialogna anu tiasa kakuping kalawan jéntré. Musik tur haleuangna di awal drama ogé halimpu pisan. Aya amanat anu tiasa kacangkem dina ieu drama, ogé seueur mangpaatna pikeun kahirupan urang sapopoé. Contona; nalika batur geus nulungan urang téh ulah dipohokeun, jeung tong sagawayah dina lakulampah atawa paripolah urang lantaran pasti aya akibatna, boh hadé boh goréng. Lamun dikaitkeun jeung judul dramana, ieu drama téh nunjukkeun yén gering téh lain saukur gering jasmani hungkul, tapi ogé gering méntal anu matak bisa mangaruhan kana jalma séjén jeung ka diri sorangan. Numutkeun simkuring, ieu drama tos nyumponan dua aspék, nyaéta aspék caritaan; aya opat adegan anu diruntuykeun jadi hiji caritaan jeung aspék paméntasan; tiasa katiten tina properti-propertina, lightingna jeung tata rias ogé tata kostum pamaénna. Ieu drama kaasup kana drama modérn lantaran aya téks naskah anu mana dialogna dipaké ku unggal pamaén. Ieu drama teu matak bosen ditongton lantaran aya bodorna atawa guyon. Hatur nuhun ka Ibu Retty anu parantos ngapungkeun ieu drama ka youtube sangkan tiasa ditongton ku réa jalma komo deui nalika pandemi kieu. Sakitu anu tiasa dipedar ku simkuring, hapunten kana samudaya kalepatan.
    Putri Amelia Syawalidina
    1908809
    5A

  • @user-qp7vk1kr7f
    @user-qp7vk1kr7f 6 หลายเดือนก่อน

    Abi mah te resep

  • @fatiyanurul9815
    @fatiyanurul9815 2 ปีที่แล้ว

    Sabada nyakséni drama ieu, numutkeun simkuring katawis yén aya dua aspék penting pikeun drama. Nu kahiji aspék carita, anu ngaguar ngeunaan kajadian nu aya dina ieu drama. Kualitas carita mangaruhan pisan kana kualitas pementasan. Naskah drama téh miboga dialog, alur jeung épisode, dialog biasana disusun dina wangun skenario. Nu kadua aspék peméntasan. Aspék peméntasan drama nyaéta pintonan di panggung nu mangrupa peméntasan carita ti tokoh. Peméntasan ogé kudu didukung ku dékorasi, tata lampu, tata musik, tata rias jeung kostum nu dianggo ku aktorna. Nalika sadaya aspék ieu bisa ngadukung kana jalanna carita, bakal kacipta peméntasan drama anu hadé pisan.
    Numutkeun Chyé Rétty Isnéndés (2010 :75) Drama nyaéta karangan sastra nu midangkeun carita atawa lalakon dina wangun dialog, ajangkeuneun dilakonkeun ku aktor dina pagelaran drama.
    Dina drama aya unsur nu katingal tina salian ti konsép nyaéta (1) ayana pupuhunan, nu ngaturna : sutradara,(2) ayana wujud virtual artistik panggung (sanajan basajan), (3) ayana naskah (sanajan ukur gurat badag pintonan) (Isnéndés, Chyé Rétty 2010:76)
    Numutkeun Waluyo (2001 : 6-30) struktur drama nyaéta (1) penokohan atawa watak, (2) alur/ plot/ kerangka carita, (3) latar/setting, (4) téma, (5) dialog, (6) petunjuk téhnis, (7) drama pikeun interprétasi kahirupan, (8) amanat.
    Sacara lahiriah, wujud karangan drama mah biasana sok aya pertélaan ngeunaan palaku jeung paripolah palaku. Dieuyeuban ogé pertélaan séjénna kayaning babak jeung adegan, déskripsi dina awal babak, guneman (dialog para palaku, ogé prolog jeung épilog.
    Hatur nuhun ibu, hapunten bilih seeur kalepatan.
    Fatiya Nurul Fauzia
    1906148
    5A

  • @tejafahmiazis6076
    @tejafahmiazis6076 2 ปีที่แล้ว

    Sabada simkuring nyakséni ieu pintonan drama téh, katawis saé pisan tur ngandung ajén-ajén pikeun kahirupan sapopoé. Saupama nilik kana aspék drama, sasanggem simkuring mah aspék nu aya dina drama téh aya dua. Nu kahiji aya aspék carita jeung anu kadua aya aspek peméntasan.
    Nu ngaranna aspék carita téh nyaéta cara ngungkapkeun peristiawa atawa kajadian nu dialaman para palaku drama. Tah kukituna dina ieu drama nu jejerna “Nu Garering” téh kajadiannana keur di rumah sakit jeung di warung sangu, didinya para palaku gagambarkeun loba peristiwa atawa kajadian saperti nu keur ngaropi di warung, nu keur ngajagaan nu gering, reé-réa kajadian nu dibawakeun ku para palakuna. Ogé teu poho dina carita, bahal aya pesen nu bakal ditepikeun ka para pamiarsa nu nonton éta drama. Katitén salahsahiji pesen natéh urang kudu inget ka jalma nu nulungan urang keur dina kasusahan, ulah nepi ka mopohokeun, sarta kudu jujur dina laku lampah jeung paripolah.
    Ai nu ngaranna aspék pementasan drama mah nyaéta pagelaran diluhur panggung nu eusina pementasan hiji carita ku para palaku drama. Tah saupama dina pementasan mah dirojong ku dekorasi panggung conto na dina drama ieu mah aya warung jeung plang rumah sakit jeung korsi-korsi. Ogé aya tata lampu katawis pisan dina ieu drama mah maén pisan tata lampu téh matak bisa ngabéda-bédakeun kajadian nu keur dipidangkeun, ogé aya tata music na, ditambihan ku kostum katawis dina ieu drama aya nu make baju satpol pp jeung sajabana.
    Tah kukituna sagala aspek nu aya dina ieu pintonan drama “Nu Gareting” téh, penting pisan pikeun kasuksésan hiji drama. Sabab lamun aspék pementasan ieu mampu ngarojong jalanna carita, tangtuna drama nu luar biasa bakal kacipta.
    Hatur Nuhun.

  • @shamilsulaksana3822
    @shamilsulaksana3822 2 ปีที่แล้ว +1

    Saatos sim kuring nyakséni video drama sunda “Nu Garering” di luhur, kedah pisan diapresiasi dina sagala halna, boh dina paméntasanana, kaonjoyanana sareng sagala hal kalebet para pamaén, musik, tur perangkat nu ngarojong kana éta drama.
    Upami ditilik sacara segi teoritis, drama mangrupa karya tulis dina wangun dialog nu tujuanna pikeun dibawakeun ku pelakuna. Numutkeun Tjahjono (1988) drama nu kaasup dina karya sastra nyaéta naskah caritana, drama nyaéta salaku bentuk seni anu narekahan jeung ngungkabkeun ngeunaan kahirupan manusa ngaliwatan gerak dina paguneman atawa dialog. Drama mangrupa karya sastra nu unik. Drama diciptakeun pikeun digelarkeun atawa dipintonkeun, teu ngan saukur jadi bahan bacaan hungkul. Drama salaku tongtonan atawa pagelaran sering disebut ogé ku istilah téater.
    Video drama di luhur magelarkeun carita ngeunaan kahirupan sosial masarakat nu karandapan di jaman kiwari. Tina segi caritana, ieu drama lumayan alus, gampil katangkep eusina ku para panongton, sabab mawa konflik nu teu jauh tina kahirupan sosial urang Sunda.
    Amanat nu katangkep ku sim kuring tina drama di luhur di antarana, saupama urang ngalakukeun hiji kagiatan bakal aya akibatna, mun laku goreng bakal meunang karma, mun alus malikna ge alus. Terus nu kadua, ulah sok mopohokeun jalma anu ngabantuan nalika aya kasusah.
    Tina segi pamentasan, tata panggung, rias, lampu jeung alat-alat pangrojong nu lianna kana ieu drama kawilang lumayan lengkep, bisa dicindekkeun yén pagelaran drama di luhur téh geus lumayan alus. Jadi ieu drama téh cocok pisan keur ditongton ku sakabéh kalangan masarakat Sunda di jaman kiwari.
    Shamil Sulaksana 1906305
    Kelas 5B

  • @Lavienrosii
    @Lavienrosii 2 ปีที่แล้ว +1

    Numutkeun Isnéndes(2010:75) drama nyaéta karangan sastra nu midangkeun carita atawa lakon dina wangun dialog, ajangkeuneun ku aktor dina pagelaran drama. Drama bisa dipagelarkeun langsung ditempat terbuka boh dina panggung, di lapang, di latar, jeung di tempat sejenna, atawa di tempat tertutup dina panggung-panggung nu blockingna memang disadiakeun keur pintonan drama.
    Carita drama téh nyaéta karangan sastra anu midangkeun carita atawa lalakon ku dialog, diajangkeuneun pikeun dilakonkeun ku para pamaén (aktor) dina pagelaran. Dina awal wacana biasana mah ditataan heula ku palaku, watekna, umurna, jeung ditétélakeun ogé di mana latarna, kumaha kaayaanna di panggung, ilustrasi musik, jsté
    Aspék nu aya dina pintonan drama “Nu Garering" karya Dhipa Galuh Purba anu dipintonkeun ku kelompok 1, 5A Entragan 2018 diantarana:
    1. Aspék caritaan, Papasing drama téh aya dua, drama tradisional jeung drama modern. Numutkeun Sim kuring pintonan drama “Nu Garering" karya Dhipa Galuh Purba nu dipintonkeun ku kelompok 1, 5A Entragan 2018 téh katitén saé pisan, pintonan éta téh kalebet kana wangun drama modern. Ayana pertélaan, kayaning babak jeung adegan, deskripsi dina awal babak, guneman (dialog) para palaku, prolog jeung épilog. Galur carita na ogé nyidekel kana téori aristoteles nyaéta: eksposisi, komplikasi, klimaks, resolusi jeung konklusi. Amanat anu aya dina pintonan drama ieu ogé saé pisan, yén urang jadi jalma nalika ngalakukeun kagiatan pasti aya akibatna boh éta kagoréngan boh éta kahadéana, ogé urang ulah mopohokeun jalma anu geus mantuan urang nalika susah.
    2. Aspék paméntasan, dina pintonan drama ieu téh dipagelarkeun di tempat anu tertutup dina panggung-panggung, blockingna ogé disadiakeun keur pintonan drama. Aya sababaraha unsur drama nu katingal nyaéta : ayana sutradara, asisten sutradara, pimpinan produksi, visual artistik panggung, tata lampu, tata rias, tata kostum, editor, ogé ayana naskah, nya éta naskah “Nu Garering" karya Dhipa Galuh Purba. Salian ti éta aya pamaén atanapi tokoh anu aya dina pintonan ieu nyaéta: Ceu isah, Ceu Popon, Neng Tata, Sarkim ,Omah, Satpol pp, Neng Uu, Dokter Ibrahim, Ijah, Salaki Ijah.
    3. Aspek Sosial, salian ti aspék caritaan jeung paméntasan dina pintonan drama ieu ogé aya aspék sosial nyaéta aspék anu nétélakeun ngeunaan kahirupan jeung pasualan dina kahirupan masyarakat. Anu dituliskeun dina naskah teras dipintonkeun.
    Hatur nuhun ibu, saé pisan pintonana.
    Siti Hapsya Humaira
    1904900
    5C

  • @syifawulandari2536
    @syifawulandari2536 2 ปีที่แล้ว

    Isnendes (2010 kc. 75) nétélakeun yén drama nyaéta karangan sastra nu midangkeun carita atawa lalakon dina wangun dialog, ajangkeuneun dilakonkeun ku aktor dina pagelaran drama. Sacara jembar, drama minangka salasahiji wangun sastra anu eusina nyaritakeun kahirupan, numana dipintonkeun atawa dipagelarkeun ngaliwatan media éksprési (Gerakan/laku jeung sora). Saperti nu katitén tina pintonan Kelompok 1 Kelas A entragan 2018 di luhur anu kacida apikna mintonkeun ieu drama. Matak resep nu nongton. Saupama nilik kana wangenan drama mah, tinangtos ieu pintonan téh tiasa disebat drama, alatan aya unsur pangwanguna nu jadi ciri utama dina drama nyaéta dialog antar tokohna ogé aya laku lampah nu diéksprésikeun ku unggal tokoh.
    Salian ti éta, hiji pintonan bisa disebut drama upama nyumponan aspék caritaan jeung aspék paméntasan.
    - Aspék caritaan : drama téh aya nu tradisional, anu sumberna tina sastra lisan. Aya ogé drama modern, anu sumberna tina naskah tinulis. Drama “Nu Garering” mangrupa salasahiji karya nu ditulis ku Dhipa Galuh Purba. Upama ditataan mah ieu drama téh katitén aya 4 adegan. Ku kituna ieu drama téh kaasup kana drama modern.
    - Aspék paméntasan : drama bisa dipagelarkeun sacara langsung di tempat terbuka boh dina panggung, saperti pintonan di luhur, gumantung kana kaayaan. Dina drama aya unsur nu katingal salian tina konsép, diantarana; (1) aya pupuhunan nu ngatur tur ngarahkeun pamaén, (2) aya wujud visual artistik panggung (sanajan basajan) dirojong ku dékorasi panggung/properti nu digunakeun, tata lampu, tata musik, tata rias, ogé kostum nu digunakeun ku para pamaén tangtuna nambahan kesan artistik kana pintonannana. Nu paling penting, (3) ayana naskah nu jadi benang merah pintonan.
    Sacara keseluruhan ieu pintonan drama nu dipidangkeun ku Kelompok 1 Kelas A entragan 2018 téh kalintang saéna, matak kataji nu nongton. Salasahiji paktor suksésna hiji pintonan ogé lantaran ayana gawé bareng tur komunikasi nu hadé antara pamaén jeung sakabéh tim kaproduksian nu kalibet dina ieu pintonan. Sim kuring ogé ngahaturkeun nuhun ka ibu Retty anu parantos masihan kasempetan pikeun nongton ieu pintonan drama anu janten lajuning laku tina mata kuliah aprésiasi drama.
    Syifa Wulandari
    1905335
    5C

  • @raflyprayogaramadhan5687
    @raflyprayogaramadhan5687 2 ปีที่แล้ว +1

    Assalamu'alaikum.w.w,
    Sabada niténan ieu pintonan drama, sim kuring ngaapresiasi ka kelompok nu mintonkeun ieu drama, nu parantos rengse ngalaksanakeun pancen ti Mata Kuliah Apresiasi Drama, apingan Dr. Retty Isnendes, S.Pd., M.Hum. sinareng Dr. Dedi Koswara, M.Hum.
    Tapi dina galur carita, aya babaraha hal anu tiasa sim kuring kritisi, nyaéta ayana blocking ti babaraha pamaen. Tuluy kurangna kajelasan artikulasi nu ngabalukarkeun kana kateu jelasan naon anu diobrolkeun ku pamaen, aya oge sora anu bocor nu nyababkeun suasana panggung teu kondusip. Tuluy oge tata lampu anu teu pas dina nyorot properti pamaen, antukna teu pati katingali tulisan naon anu aya dina properti eta. Saluareun ti eta, amanah nu ditepikeun saeutikna aya nu kacangking, lobana teu pati katepikeun lantaran pamaen teu puguh cara nepikeun eta amanah, antukna eta amanah teh dijentrekeun ku narator sabada pintonan réngsé, nyaeta aya hukum karma téa.
    .
    Rafli Prayoga Ramadhan
    1904075

  • @anisaapriliyani4272
    @anisaapriliyani4272 2 ปีที่แล้ว

    Herman J. Waluyo (2001) nétélakeun yén drama di Indonesia hususna, mimiti dikenalna ku masarakat téh disebuta téater. Téater anu dikenal dina mangsana nya éta téater tradisional. Téater tradisional miboga sipat anu sederhana, spontan, bisa dipentaskeun dimana waé, sarta ngahiji jeung kabudayaan rahayat. Pon kitu deui drama téh minangka geus dikenal dina ratusan taun saacan Maséhi.
    Kecap drama asalna tina basa Yunani nya éta “draomai” anu hartina lalakon/ngalakonan. Istilah drama séjénna nya éta “sandiwara” anu asalna tina basa Jawa (sandi jeung warah), sandi hartina rahasia/rusiah jeung warah hartina ajaran. Dina dasarna drama téh miboga dua harti nya éta drama salaku sastra jeung drama salaku seni péntas atawa pertunjukan (Angkasa Putra ,2018:4)
    Dina drama aya sababaraha istilah anu kudu dipikanyaho diantarana nyaéta babak, adegan, lakon, péntas, dialog, prolog, épilog, monolog, mimik, pantomim, pantomimik, géstur, blocking, akting, jsb.
    Unsur pembangun drama dina umumna nyaéta aya karangka carita atawa alur, penokohan jeung perwatakan, dialog, latar, téma, jeung amanah. Anapon dina pementasan drama g3 tangtu waé aya sabaraha elemén pendukungna nyaéta aya aktor/aktris, sutradara, panata péntas, jeung panata artistik.
    Drama téh lain sakur jadi sarana hiburan, tapi dina drama téh loba pisan mangpaatna pikeun panongtonna/penikmatna salah sahijina méré amanat pikeun kahirupan. Drama téh tangtu waé méré mangpaat pikeun anu mintonna ogé, nya éta bisa numuwuhkeun rasa percayadiri, tanggung jawab, sabar, disiplin, jsb. Anapon dina pintonan drama “Nu Garering” ieu, anu katawis ku simkuring geus nyumponan aspék-aspék dina drama jeung tangtu waé ieu pintonan téh kudu pisan diaprésiasi ku balaréa.
    Anisa Apriliyani
    1909182
    5C

  • @saungnyingkurofficial556
    @saungnyingkurofficial556 2 ปีที่แล้ว

    Sae pisaan

  • @sasitarii6408
    @sasitarii6408 6 หลายเดือนก่อน

    punteun ibu,tiasa nyuhunkeun naskahna??kumargi abi peryogi kanggo praktek drama di sakola
    haturnhun🙏

  • @ajenglestari1409
    @ajenglestari1409 2 ปีที่แล้ว +1

    Saparantos nongton sareng ngaregepkeun vidéo pintonan drama ti kelompok 1 Kelas A entragan 2018 tiasa dicindekkeun yén nu disebut drama teh nyaéta genre (jenis) sastra anu nerangkeun gerak kahirupan manusa, biasana dilakonkeun ku aktor dina pagelaran drama.
    Drama "Nu Garering" karya Dhipa Galuh Purba téh ka lebet kana drama modérn lantaran dipagelarkeun ngagunakeun naskah. Téhnisna, para aktor bakal maén saluyu jeung dialog dina naskah drama. Sanaos kitu, para aktor gé tiasa ngalakukeun improvisasi nalika pagelaran. Dina Drama "Nu Garering" aya 15 aktor nu maén dina panggung. Topik nu diangkat tina ieu naskah nyaéta sabudeureun kahirupan jelema-jelema di rumah sakit anu ngawengku pasién nu geringna, jelema nu nganteurna, tukang dagang di sabudeureun rumah sakit, jsb. Carita utamana nyaéta tokoh-tokoh nu sabenerna "garering" nyanghareupan satpol PP nu "garering" ogé nimbulkeun konflik di antara unggal tokoh, nu ahirna sakabéh kagiatan di éta warung dibubarkeun. Galur carita drama biasana nyindekel kana tiori Aristoteles nyaéta : a). éksposisi, b). komplikasi, c). klimaks, d). résolusi, jeung e). konklusi. Umumna dina naskah sok dibagi kana sababaraha babak, nu unggal babakna aya sababaraha adegan. Dina drama "Nu garering" aya 4 adegan, nu unggal adeganna dicirian ku lampu nu pareum. Numutkeun simkuring mah tina setting tata lampuna kurang maksimal lantaran sakapeung lampu téh teu nyorot ka jalma nu keur dialog tapi kalah ka nu séjén. Tapi nu sanésna tos saraé.
    Dumasar kana média penyampaianna, drama ieu téh ka lebet kana drama panggung sabab dipagelarkeun dina panggung sarta teu aya tayangan ulang, dilakukeun sacara langsung di payuneun panongton. Ku kituna, para pamaén atanapi aktor ditungtut kudu sampurna dina maénkeun peran. Tapi ku lantaran ieu mah dina wangun vidéo urang janten tiasa nongton sababaraha kali. Salian dina panggung, drama gé tiasa dipagelarkeun di tempat terbuka boh di lapang, di latar jeung tempat-tempat séjénna. Saluareun hal éta, ilaharna pagelaran téh, boh pagelaran tari atanapi drama sok aya nu namina tim produksi nu dipingpin ku pingpinan produksi, tugasna téh nyaéta pikeun ngaorganizir hiji pagelaran. Dirojong ku nu lianna saperti sutradara, tim artistik, tata panggung, tata kostum, tata rias, tata lampu, tata musik jsb. Artikulasi nu diucapkeun ku narator jeung pamaén gé kakuping jelas tur écés pisan. Amanat nu tiasa dicandak tina drama "Nu Garering" ieu téh nyaéta urang salaku jalma nalika ngalakukeun hiji kagiatan pasti aya akibatna boh éta kagoréngan atanapi kahadéan. Urang ulah mopohokeun jalma nu sok nulungan urang nalika keur kasusahan.
    Hatur nuhun ibu, hapunten bilih seueur kalepatan.
    5A_Ajeng Lestari_1901712

  • @eliswidia6762
    @eliswidia6762 2 ปีที่แล้ว +1

    Wasta : Elis Widia
    kelas : 5B
    Numutkeun Dian Permanasari (dina Jurnal stkippgri) drama teh mangrupa karangan anu eusina carita atawa lakon. Dina drama teh ngawengku: ngaran ngaran tokoh dina carita, dialog para tokoh, jeung kaayaan panggung nu diperlukeun.
    Unsur unsur pangwangun drama nya eta: tema, amanat, plot/galur carita, panokohan, dialog, jeung setting.
    Drama teh aya rupa rupa, aya tragedi, komedi, opera, melodrama, tablo jeung sendratari
    Saatos ningali pintonan drama di luhur, tos katiten yen ieu drama teh kalebet jenis drama tragedi, sabab eusi dramana sedih, jeung tungtung caritana oge sedih.
    Unsur drama dina pintonan di luhur nya eta:
    Tema : nu garering, karya Dhipa Galuh Purba
    Tokoh jeung panokahan: omah, sifatna bageur turut ka salaki, sabar nungguan salaki nu gering
    Salkim: salaki omah nu gering wae, miboga sifat goreng, sabab nalika cageur sifatna jadi sombong tur teu nyaah ka pamajikan
    Ceu isah: nu boga warung, bageur sarta cerewed, bisaan ngobrol
    Ceu popon: bageur
    Suminta: cerewed, nyaah ka pamajikan
    Ibro: nu gelo, loba ngomong sarta hayang jadi dokter
    Ijah: pamajikan Suminta, anu bela ka Suminta
    Neng Uu: cerewed, tukang ngagosip, tukang jajan
    Neng Tata: resep nulungan, tapi kudu diburuhan
    Patugas: tegas
    Galur: maju
    Latar: tempat: rumah sakit jeung warung sangu
    Waktu: berang
    Suasana: sedih, keueung.
    Dialog: anu diperankeun tokoh
    Amanat: jadi jalma kudu inget nalika keur susah, saha nu nulungan, ulah nepi ka poho.
    Paripolah nu digawean ku urang, bakal jadi hal nu hade/goreng kana kaharepna, ku kituna, urang kudu ngalakonan hal anu hade.
    Kaayaan panggung mah tos sae, ngadukung pisan kana pamentasan, lightingna ge sae pisan. Properti sareng anggoan ngadukung pisan kana carita.

  • @hanisuprihatini1708
    @hanisuprihatini1708 2 ปีที่แล้ว

    Sabada nongton ieu pintonan drama nu judulna "Nu Garerinh" karya Dhipa Galuh Purba, nu dipidangkeun ku kelompok 1 kelas A entragan 2018, bisa dicindekkeun yén nu disebut drama téh nyaéta jenis sastra nu nerangkeun gerakna kahirupan manusa. Biasana mah dilakonkeun ku para aktor dina pagelaran drama.
    Drama téh dibagi jadi dua, aya drama tradisional jeung drama modern. Katitén tina ieu drama, kaasup kana drama modern, lantaran drama modern mah bahanna tina naskah, nu miboga konsép tur unsur-unsur kayaning sutradara jeung wujud visual artistik panggung. Ari drama tradisional mah bahanna tina sastra lisan. Umumna naskah dibagi jadi sababaraha babak, tina sababak téh dibagi deui jadi sababaraha adegan.
    Dina ieu drama bisa kasebut drama pondok atawa drama sababak nu ngawengku opat adegan. Video drama ieu kawilang saé, boh tina galur, iringan soranan, sarta para tokoh nu ngalakonkeun peranna parigel dina nampilkeun jeung ngadugikeun amanat nu aya dina carita.
    Sim kuring Hani Suprihatini ti Kelas 5A NIM 1901859.

  • @iffaaeniah2635
    @iffaaeniah2635 2 ปีที่แล้ว

    Sabada Simkuring nyakséni ieu drama nu saé pisan tina naskah karya Dhipa Galuh Purba nu judulna “ Nu Garering”. Simkuring baris matalikeun jeung tiori drama. Nilik tina naon anu dipintonkeun, ieu pintonan téh nyumponan pikeun disebut salaku drama. Kusabab sakumahana ngarujuk kana tiori Tjahyono (1988, kc. 186) nu nétélakeun yén sisi drama nu kaasup kana karya sastra téh nyaéta naskah caritana. Namung salaku karya sastra, drama téh unik sabab drama diciptakeun lain ukur keur dibaca hungkul, nanging keur dipéntaskeun/dipagelarkeun ogé . Kukituna ieu pintonan geus bisa ngamunculkeun sisi unik drama sabab lain ngan ukur dibaca tapi ogé geus hasil bisa dipagelarkeun kalawan hadé pisan kitu lamun patali jeung tiori drama nurutkeun Tjahyono mah.
    Dipatalikeun kana tiori drama nurutkeun E. R. Reaske (1966, kc. 5) nu nétélakeun yén drama mangrupa karya sastra nu ngagambarkeun ngeunaan kahirupan sarta aktivitas manusa dina sagala kaayaan, aksi jeung ogé ngandung dialog antar kelompok tokoh. Patali jeung éta, ieu drama kapanggih mangrupa wangun ébréhan atawa gambaran kahirupan manusa (dina kontéks ieu drama: jalma-jalma nu aya di rumah sakit nu silih berhubungan) nu di interpretasikeun ngaliwatan gerak jeung paguneman kalayan aya dialog ku para pamaen drama “Nu garering” diluhur.
    Dina ieu pintonan drama katawis unsur-unsurna lengkep kacumponan. Kahiji ayana unsur palaku (jalma nu boga peran dina drama), dina ieu pintonan katawis aya tokoh protagonis jeung tokoh antagonis. Conto tokoh protagonis dina ieu drama nyaeta Ceu Isah sabab manéhna béréhan, aya oge tokoh antagonisna nyaéta Sarkim nu manéhna nganyenyeri pamajikanana. Kadua ayana unsur dialog , dina ieu drama pamaen silih nembalan silih berdialog. Katilu ayana galur atawa runtuyan kajadian dina carita anu ngawangun hiji lalakon ti awal nepi ka akhir. Kaopat ayana unsur latar (nyaéta patempatan, waktu, jeung suasana carita), dina ieu pintonan écés pisan katara nu ngajadikeun urang bisa ngarasakeun jeung rada kabayang kusabab hadé pisan dina setting latar boh éta waktu, tempat oge suasanana. Kalima aya unsur amanat (nyaéta pesen atawa hikmah nu rék ditepikeun tina ieu carita), dina ieu drama amanat nu nyangkarukna nyaéta yén nalika ngalakukeun hiji kagiatan pasti aya waé akibatna luyu jeung naon nu dipigawé lamun migawé kahadéan bakal meunang kahadéan lamun migawé kagoréngan bakal meunang kagoréngan. Aya ogé amanat yén urang ulah poho ka jalma nu sok mantuan urang nalika keur kasusahan.
    Lamun ditilik tina hasil pintonan, ieu pintonan drama téh katawis asak dina nataharkeunnana nepi ka bisa hadé prung alus saperti kitu. Hadéna ieu pintonan drama tangtuna ku ayana konsép nu hadé dina sagala aspék jeung gawé bareng nu hadé ti sakabeh bagian boh éta tim produksi boh pamaénna. Dina magelarkeun drama aya sawatara hal nu kudu ditataharkeun mulai ti tim produksi nu dipingpin ku pingpinan produksi, sutradara, tim artistik, tata panggung, tata kostum, tata rias, tata lampu, tata musik oge pamaen éta drama sareng sanés kantenna. Pintonan drama nu katingal ku urang ayeuna mangrupa hasil tina cara jalmi-jalmi diluhur ngaaprésiasi kana kaya sastra drama (Apresiasi Drama). Sabab sakumaha nu kantos kakuping ku simkuring nurutkeun pun Dosen Ibu Retty Isnendes nétélakeun yén aprésiasi panghadéna téh nyaéta nalika urang bisa ngaaprésiasi hiji karya kucara ngahasilkeun karya séjén tina éta karya.
    Haturnuhun, Hapunten bilih aya kalepatan.
    Iffa Aeniah (1903615)_5B

  • @mutiarahikmawati1431
    @mutiarahikmawati1431 2 ปีที่แล้ว

    Numutkeun Budianta (2002:95) drama mangrupa hiji genre karya sastra nu tampilan fisikna nembongkeun sacara verbal ayana dialog di antara tokoh-tokoh nu aya. Numutkeun Moulton (2004:6) drama mangrupa hirup nu digambarkeun ku gerak.
    Sabada nyaksèni drama di luhur nu judulna “Nu Garering” karya Dhipa Galuh Purba, drama ieu saè pisan katingal tina tokoh nu maènkeun peranna menghayati pisan nyieun drama jadi hirup, dina setting jeung tata lampuna saè nyieun panongton teu bosen nongtonna, drama ieu ogè dipirig ku musik nu nyieun suasana hadè.
    Drama “Nu Garering” di luhur miboga amanat yèn lamun urang ngalakukeun hiji hal atawa kagiatan pasti bakal aya akibatna boh kagorengan atawa kahadean, ogè urang ulah mohokeun jalma nu mantuan urang nalika susah.
    Mutiara hikmawati
    1902640
    5A

  • @indrianijaena6485
    @indrianijaena6485 2 ปีที่แล้ว

    Naskah drama “Nu Garering” karya Dhipa Galuh Purba anu dipintonkeun, kalintang unik tur saé kanggo bahan tongtonan urang sadaya. Numutkeun Hasanudin (1996, kaca 1) drama téh salah sahiji genre sastra modérn anu miboga dua diménsi karakter. Nya éta genre sastra jeung genre seni lakon, seni peran, sarta seni pintonan. Tangtuna naskah drama “Nu Garering” mangrupa genre sastra anu aya unsur niléy-niléy kahirupan. Tur genre seni anu aya unsur seni peran kreativitas.
    Dumasar hasil analisis, téma dina ieu naskah ngeunaan jalma anu garering. Anu aya patalina sareng unsur sosial masarakat. Kacatet aya 11 urang palaku nya éta; Tukang warung, petugas kaamanan dua urang, Omah, Sarkim, Ibro, Uu, Suminta, Ijah, popon, sareng Isah. Salianti kitu, aya ogé pamaén séjénna dina naskah drama ieu. Anapon ari kajadian-kajadian anu aya dina carita didugikeun sacara kronologis. Latar anu digunakeun aya dua nya éta di warung sangu jeung rumah sakit. Basa anu digunakeun ogé, ngagunakeun basa Sunda anu loma. Dina lumangsungna pintonan, para pamaén lancar pisan ngadugikeun emosi nu aya dina carita. Intonasina saé, dialogna aktorna jelas, tur ékspresina saé. Kukituna, amanah anu aya dina carita ogé sacara langsung kadugikeun ka panongton.
    Naskah drama anu dipintonkeun ieu, saé pisan utamina ditilik tina kakompakanna. Para aktor anu fokus maénkeun bagéanna, para tata lampu sarta tata musik anu kréatif ngahirupkeun suasana, tur tim kréatif sanesna anu kompak ngahirupkeun carita. Namung dina ieu pintonan téh, asa kirang kondusif. Kadangu aya sora-sora séjén salianti aktor anu maénna. Tatapina naskah drama ieu tiasa didugikeun sacara saé pisan.
    5A_Indriani Jaena_1900108

  • @sitimaesaroh1772
    @sitimaesaroh1772 2 ปีที่แล้ว

    Wasta : Siti Maesaroh
    Kelas : 5C
    Saatos ninggali pintonan drama ieu, anu miboga judul "Nu Garering" karya Dhipa Galuh Purba, abdi hoyong ngaapresiasi kana pambawaan unggal tokoh tur cara panokohan ngadugikeun eusi carita anu kawilang tos saé pisan. Mulai tina alat paraga, kostum, makeup, panggung éta sadayana téh tos cumpon. Ka sorot ogé kana peran unggal tokoh anu ditampilkeun sacara apik, unggal babak anu dipintonkeun jeung sora anu ngiringna tos saé pisan ngaguluyur.
    Upami anu disebut drama téh kedahna merhatoskeun aspek-aspek sareng unsur-unsur dijerona, tangtuna ieu drama téh kalebet drama anu minuhan éta syarat. Contona dina éta drama téh miboga naskah atawa dialog anu mangrula unsur penting dina drama, teras miboga pamaén atawa tokoh-tokoh anu maén, miboga panggung atawa tempat keur lumangsungna éta pentas drama, jeung seting tempat atawa panggungna. Ari dina pintonan drama hal anu bakal ngajieun panongton ngirut téh nyaéta tina kostumna, makeup na, sarta jalan caritana.
    Video drama ieu numutkeun sim kuring kawilang saé pisan, boh tina galur jeung iringan sorana, sarta para tokoh anu maén keun peranna ogé tos parigel dina ngadugikeun jeung nampilkeun amanat tina ieu carita.

  • @SitiRahmah-xp2cv
    @SitiRahmah-xp2cv 2 ปีที่แล้ว

    Siti Rahmah
    5C
    1901633
    Saparantos ningal pintonan video drama nu judulna "Nu Garering", numutkeun sim kuring drama nu dipintonkeun teh tos sae, lantaran tos aya aspek-aspek nu cumpon, saperti pamaen, latar, ekspresi, tim produksi jrrd. Ditilik tina wanda na ieu drama teh kaasup kana drama modern.
    Ditilik tina struktur na, dina ieu drama ngawengku adegan, prolog, epilog. Numutkeun sim kuring, panganteur dina bubuka jeung panutup sae, mung rada kurang ngirut deui. Upama dina adegan na mah tos rinci pisan, tiap perpindahan na sae, namung dina tata lampu na aya nu kurang anu ngabalukarkeun waktu pa hansip asup dina adegan awal, teu pati katingali rada poek. Oge dina video di awalan kakuping sora tina kamera, sora cetrék cetrék.
    Ditilik tina eusina mah, ieu drama teh mintonkeun sagala hal nu karandapan atawa nu nyatana aya di kahirupan masarakat boh dina widang, politik, sosial, atikan jrrd. Bisa ditilik dina adegan ngeunaan kasalahan ngaran dina kartu BPJS ngalantarankeun kartu na teu bisa dipake, hal eta luyu pisan aya dina kahirupan sapopoé.
    Namung tina sadaya hal nu aya, numutkeun sim kuring drama ieu teh sae pisan, dirojong ku pamaen nu sae dina ekspresina, tata kostum nu luyu jeung peranna, jeung pilihan drama na luyu pisan jeung hal naon nu aya di sabudeureun masarakat, bisa ngirut pamiarsa pikeun lalajo ieu video. Hatur nuhun.

  • @muhamadmiftah1116
    @muhamadmiftah1116 2 ปีที่แล้ว

    Wasta : Muhamad Miftah Ulumuddin
    Kelas : 5C
    Sabada simkuring nongton drama ieu, anu katawis ku simkuring, pagelaran anu dipintonkeun ku kelompok ieu saé pisan. Ditilik dina caritaan, paguneman drama ieu kataawisna atos ngadugikeun eusi dina caritana sapertos teori nu dipedar ku Tjahjono (1988) Nilik dina istilah drama bisa diartikeun salaku bentuk seni anu narekahan ngungkabkeun ngeunaan
    kahirupan manusa ngaliwatan gerak dina paguneman atawa dialog. Ogé Numutkeun Brockett (1964) dinaa umumna, drama mangrupa representasi manusa dina gerak.
    Nilik din unsur drama ogé, pintonan diluhur atos katingal saé pisan sabab atos rapih dina konsepna, katinggal tos ngawengku sababaraha unsur anu tos disebatkeun ku Sumardjo (1984) unsur-unsur anu
    wengku drama nyaétaa (a) tema, (b) galur carita, (c) setting, (d) karakter, (e) dialog, (f) Babak,
    (g) efek, (e) retorika. Lantraran drama téh struktur, dina hartian drama téh karya sastra teh ngawengku unsur-unsur anu miboga sistem nyaéta silih pakuat pakait. Kukituna katawis ku simkuring, pintonan diluhur atos nyangkem strukturalna.
    Katambih carita anu ngirut abdi. Galurna saé pisan, teu matak nundutan, tos rapih sapertos numutkeun teori yén galur cariata drama biasana nyekel kana téori Aristoteles, nyaéta 1. Eksposisi 2. Komolikasi 3. Klimaks 4. Resolusi 5. Jeung konklusi. (Isnendes 2010: 78)

  • @wardahramdaningsih4993
    @wardahramdaningsih4993 2 ปีที่แล้ว

    Pintonan drama “Nu Garering” karya Dhipa Galuh Purba, kalebet karya drama anu saé tur unik. Ieu drama téh lebet kana katégori drama modern, sabab dipagelarkeun ngagunakeun naskah. Anu hartina, aktor ngalakukeun tiap adegan sarta dialog saluyu jeung naskah. Ari nu disebut drama numutkeun Isnendes (2010, kaca 75) nyaéta karangan sastra nu midangkeun carita atawa lalakon dina wangun dialog, ajangkeuneun dilakonkeun ku aktor dina pagelaran drama. Drama téh bisa dipidangkeun atawa dipagelarkeun di tempat terbuka saperti dina panggung atawa di lapang, ogé bisa dipagelarkeun di tempat tertutup.
    Saupama ditilik tina aspék peméntasan, drama “Nu Garering” tos nyumponan éta aspék, diantara aspék-aspékna nyaéta, 1) lakon atawa drama nu dipéntaskeun, nyaéta tina naskah drama “Nu Garering” téa; 2) Pamaén atawa tokoh. Aya 11 tokoh dina ieu drama téh, diantarana, Omah, Sarkim, Ceu Isah, Ceu Popon, Suminta, Ibro, Ijah, Néng UU, Néng Tata, sarta dua patugas keamanan; 3) Péntas atawa tempat lumangsungna pagelaran drama. Ieu drama “Nu Garering” nu dipidangkeun ku kelompok 1 kelas A 2018 téh dipagelarkeun dina luhur panggung; 4) Setting tempat dina ieu drama nyaéta di warung sangu jeung rumah sakit. Katitén tina dékorasi jeung propérti dina luhur panggung anu nampilkeun hiji warung sangu sarta plang “Rumah Sakit.” Lian ti éta, tata kostum jeung tata rias sakabéh pamaén geus cocok pisan jeung watak atawa karakter ti unggal tokohna. Ogé tata lampu nu hadé ngarojong pisan kana kasuksésan ieu pintonan drama.
    Simkuring resep pisan nongton ieu pintonan, lian ti naskahna anu kacida saéna, acting ti sakabéh pamaén ogé harébat pisan. Sakabéh aktor bisa kompak sarta fokus dina maénkeun peranna. Kitu deui tim kaproduksianana anu kompak ilu biung dina ngahirupkeun pintonan drama “Nu Garering”
    Hatur nuhun Ibu, hapunten bilih seueur kalepatan sareng kekecapan anu kirang merenah.
    5A_Wardah Ramdaningsih_1908600

  • @divairvianurseptyatami5237
    @divairvianurseptyatami5237 2 ปีที่แล้ว

    Drama mangrupa jinis karya sastra anu ngagambarkeun kahirupan manusa ku cara gerak. Drama téh ngagambarkeun réalita kahirupan, watak, sarta tingkah laku manusa ngaliwatan peran jeung dialog anu dipintonkeun. Kisah sarta carita dina drama ngamuat konflik jeung émosi anu sacara khusus ditujukeun pikeun pintonan téater.
    Numutkeun Seni Handayani, drama téh mangrupa komposisi ti dua cabang seni, nyaéta sastra jeung pertunjukan anu ngkéna bakal ngabagi drama jadi dua bentuk, nyaéta drama téks tinulis jeung drama anu dipintonkeun.
    Nuturkeun hartina video diluhur téh kaasup kana drama sabab videona ngagambarkeun réalita kahirupan ogé miboga tokoh anu aya watakna séwang-séwang. Dumasar kana jinisna drama diluhur kaasup kana drama modérn lantaran dramana ngagunakeun naskah anu saacanna pasti dibaca/dihapalkeun heula.
    Unsur pintonan drama diluhur geus ngacakup sadayana saperti ayana téma, alurna anu jelas, tokohna anu rupa-rupa ogé watak tiap tokohna, latarna tempatna anu jelas ku cara setting tempatna nu hadé, ogé amanat nu rék ditepikeunna gé katepikeun ka panongton. Tapi numutkeun kamandang simkuring aya nu kurang nyaéta sorana anu samar-samar nu matak nyieun nu nongton kedah ngulang deui videona. Saleuwihna atos saé pisan ieu pintonan drama téh.
    Hapunten bilih kekecapan nu didugikeun kirang merenah
    Wasta : Diva Irvia Nurseptyatami
    NIM : 1905404
    Kelas : 5C

  • @nengulpalatifah8642
    @nengulpalatifah8642 2 ปีที่แล้ว +1

    Wasta : Neng Ulpa Latifah
    NIM : 1902216
    Kelas : 5C
    Numutkeun Isnéndes (2010:75) drama téh nyaéta karangan sastra nu midangkeun carita atawa lakon dina wangun dialog, ajangkeuneun ku aktor dina pagelaran drama. Drama busa dipagelarkeun langsung ditempat terbuka boh dina panggung, di lapang, di latar jeung di tempat sejenna, atawa ditempat tertutup dina panggung-panggung nu blockingna memang disadiakeun keur pintoanan drama.
    Numutkeun endraswara (2011: 265) drama téh nyaéta karya sastra nu geus disusun pikeun ngagambarkeun hirup jeung aktivitas ngagunakeun rineka kalakuan, paguneman jeung pamaenan karakter.
    Numutkeun Isnéndes (2010: 78) aya unsur-unsur pangwangun, nu utama jadi ciri drma nyaéta ayana dialog, prolog, wawancang, babak, épisode, adegan, aside, solilokui, épilog.
    Aspék - aspék drama nyaéta:
    1) Aspék Caritaan
    Drama téh aya dua nyaéta drama tradisional jeung modern.
    2) Aspék Paméntasan
    Aspék paméntasan téh nyaéta drama bisa dipagelarkeun sacara langsung ditempat terbuka boh dina panggung, sapertos pintonan diluhur jeung gumantung kana kaayaan.
    Sabada nonton drama "Nu Garering" karya Dhipa Galuh Purba anu dipintonkeun ku kelompok 1 5A (angkatan 2018) téh numutkeun simkuring ieu drama téh tos saé, dina drama diluhur téh tos miboga unsur-unsur drama jeung aspék-aspék drama dijérona.
    Drama diluhur kaasup kana drama modern kulantaran drama diluhur ngagunakeun naskah drama. Drama diluhur miboga alur anu jelas, tokoh anu hadé, latar tempat anu alus. Dina dekorasi panggung geus hadé pisan dina panataanna, tata kostum jeung tata rias alus sakabeh tokoh maké kostum jeung make up anu sesuai jeung watakna. Dina tata lampu jeung bloking pamaén atawa tokoh geus lumayan hadé, amanat dina caritaan bisa katepikeun kapanongton. Amanat dina ieu drama nyaéta urang salaku jalma nalika ngalakukeun hiji kagiatan pasti waé aya akibatna boh éta kahadéan atawa kagoréngan. Urang ulah sok ngapohokeun saha waé jalma nu geus nulungan urang nalika susah.
    Drama diluhur ogé tiasa jantén hiburan pikeun panonton. Dina drama diluhur aya hal-hal anu kirang tina musik awal anu rada pabalap balap, teras kurangna backsound lagu dina adégan-adégan tertentu anu bisa nambahan rasa ka panonton. Hatur nuhun, hapunten bilih aya kalepatan.

  • @tanriwobi1623
    @tanriwobi1623 2 ปีที่แล้ว

    Wasta : Tanri Wobi
    NIM : 1905496
    Kelas : 5C
    Numutkeun Isnéndés (2010: 75) drama dihartikeun salaku
    karangan sastra anu midangkeun carita atawa lalakon dina wangun dialog,
    ajangkeuneun dilakonan ku para aktor dina pagelaran drama.
    Numutkeun Tambojang (1981: 15) drama téh mangrupa hiji
    carita anu unik. Tina sababaraha sawangan di luhur, bisa disimpulkeun yén drama
    Sunda "Nu Garering" karya Dhipa Galuh Purba téh luyu jeung dua tiori
    éta.
    Numutkeun simkuring sabada nyakseni ieu pintonan drama, anu
    mimiti simkuring ngahaturkeun apresiasi ka para pemaen jeung tim kaproduksian
    anu geus gawe maksimal, anu mana ieu drama jadi leuwih hirup deui ku sabab
    sababaraha faktor nyaeta: pamilihan sudut kamera, lightning, stage, jeung property
    anu mana ngadukung ka sakabeh pintonan drama ieu. Anu mana drama ieu the mangrupa
    drama ciptaan dipa galuh purba nu judulna “Nu Garering”.

  • @ilmasyahidaafifah9491
    @ilmasyahidaafifah9491 2 ปีที่แล้ว

    Nama : Ilma Syahida Afifah
    Kelas : 5B
    Drama anu judulna “NU GARERING” karya Dhipa Galuh Purba, nu di perankeun ku Jantrakarsa 2018 téh saé pisan. Sabada nonton seeur pisan amanat nu nyangkaruk dina eta drama. Diantarana Ngaboogaan amanat urang salaku jalma nalika ngalakukeun hiji kagiatan pasti waae aya akibatna. Boh eta karma nu goreng jeung nu alus. Urang oge ulah mohpohokeun jalma nu nulungan urang nalika keur susah.
    Upama ditilik tina bag bagan drama, drama “Nu Garering” téh kaasup kana drama modern. Kusabab dina pagelarana geus aya jarak antara nu lalajo jeung nu maen (panggung, make-up,dialog ), sarta aya naskah (teks).
    Sakumaha anu ditetelakeun ku Tarigan (1993 : 82) yen sipat drama kabagi kana opat jenis, nya eta tragedi, komedi, melodrama, jeung farce. Drama “NU GARERING” KARYA Dhipa Galuh Purba kaasup kana sipat drama tragedi kusabab drama anu pinuh ku hal-hal anu pikasediheun, katunggaraan, alatan ku teu biasa ngalawan nasib, carita (drama) anu enas-enasna mah nyaritakeun hal-hal anu pikasediheun nu kaalaman ku palaku utama ku sabab nasib anu mihak ka manehna.
    Ditilik tina aspek na, drama téh bisaa ditilik tina aspek carita jeung aspek pementasan. Carita na ngagalur, drama dipintonkeun kalawan tokoh nu sae jeung saluyu, amanat na bisa kadugikeun, sareng carita nu diangkat dina ieu drama mangrupa drama nu hade pisan. Kesan jeung pesan dina ieun drama saluyu pisan. Rencana lakon na disuse kalayan runtut. Aspek pementasan ieu drama didukung ku dekorasi panggung, tata lampu, tata musik, tata kostum.
    Drama “NU GARERING” the nyumponan kana saakabeh unsur drama.. Luyu jeung keterangan di luhur, Rusyana (1982:3) netelakeun cirri-ciri karangan drama anu unina, “Karangan drama isinya memaparkan percakapan dan perilaku. Dari percakapan dan perilaku itu tersusun suatu cerita, perwatakan, dan suatu cerita. Karangan drama biasanya disuse untuk dipertujukan”. Keterangan sejenna ngeunaan drama. Nya eta carita anu ngadung tema tangtu, diebrehkeun make dialog jeung rengkak paripolah palakuna (Sumardjo &Saini K. M. 1986:3).
    Hatur nuhun ibu…

  • @fikrifirmansyah1257
    @fikrifirmansyah1257 2 ปีที่แล้ว

    Numutkeun Isnéndés (2010: 75) drama dihartikeun salaku karangan sastra anu midangkeun carita atawa lalakon dina wangun dialog, ajangkeuneun dilakonan ku para aktor dina pagelaran drama.
    Numutkeun Tambojang (1981: 15) drama téh mangrupa hiji carita anu unik. Ieu Drama anu judulna "Nu Garering" karya Dhipa Galuh Purba anu dipidangkeun ku para aktor ogé aktrisna atos saé.
    Sabada nitenan ieu video teh kaasup drama tragikomedik sabab di jero drama ieu aya kejadian-kejadian nu lumrah di masarakat saperti jalma leutik nu kudu ngarempak aturan jang meunangkeun duit tuluy lamun nu boga jabatan bisa ngalakukeun naon nu dipikahayang na dipikasieun padahal can tangtu eta teh bener pejabat tuluy anu kagegeloan kusabab kahayang na teu katedunan, jalir jangji jeung sajabana lian ti nampilkeun kajadian nu mineng kajadian dina kahirupan sapopoe pintonan drama ieu ge méré bumbu komedi na di sababaraha dialog jeung adegan na.
    Nilik tina pintonan drama di luhur anu judulna "Nu Garering" karya Dhipa Galuh purba teh geus nyumponan 2 aspek éta. nya éta
    - Aspék Caritaan.
    Ieu drama téh miboga opat adegan. Ti adegan ka hiji nepi satuluyna ngaruntuy, ngajadikeun éta adegan téh jadi hiji caritaan.
    - Aspék Paméntasan.
    Ku ayana properti, tata panggung, tata lampu, ogé aya dékorasi nu dibutuhkeun téh ngabuktikeun yén ieu drama miboga aspék paméntasan.
    Wasta : Fikri Firmansyah
    Kelas : 5B
    NIM : 1900684

  • @yanaekapebilesmana325
    @yanaekapebilesmana325 2 ปีที่แล้ว

    Omsawastiastu (salom nama budaya)
    Sampurasun (Sampurna ingsun)
    Drama téh salah sahiji wangun kasenian anu ngebréhkeun bubudén jalma ku tingkah laku, ucap réngkak, tata peta anu bobodoan. Drama sok dipaénkeun di panggung. Drama ku M.A Salmun digolongkeun kana Kasenian Mindocipta (herschepping), maksudna léngkah kadua sanggeus ayana naskah drama.
    Di Sunda mah drama dina lingkungan kasusasteraan téh kawilang barang anyar. Nu mimiti naratasna téh dina wangun gending karesmén, meunang nyusun: R.Machyar Anggakusumadinata, R. Memed Sastrahadiprawira, M.A. Salmun, R. Djajaatmadja, jeung D. Suriasaputra.
    Numutkeun sim kuring mah, drama nyaeta salah sahiji karya seni budaya anu ngandung makna, moral, sikap, jeung Kahirupan anu di pintonkeun ku Pamaén.
    Conto-conto nu kawengku seni drama (théater) di Sunda di antarana:
    Gending Karesmén
    Sandiwara
    Longsér
    Langenswara, jsté
    Sabada Sim kuring Nyakseni atawa nongton Pintonan Drama anu Judul na " Nu Garering". Naskah Dhipa Galuh Purba. Bubuka Aya Musik kasundaan na heula sateuacan di mulai pintonannana.
    Dina bubuka pintonan aya Prolog heula ti Narator ngagambarkeun sacara kasar Pintonan drama "Nu Garering" . Numutkeun sim kuring eta saé jadi si penonton di ajak nganalisis sacara gambaran umum na heula sateuacan di buka Pintonan drama "Nu Garering".
    Secara Aspek dramatisasi Aya sababaraha anu di kritik nyaeta tata letak sorot lighting, pamaén, sora, jeung kamaremen.
    Lighting= dina lighting numutkeun sim kuring aya nu mencrang ngahalangan tulisan "Rumah Sakit Cenah", sabab pas sim kuring nongton rada teu kabaca atawa samar" lah.
    Dina kameramen: Leuwih teliti deui anu bagian nyorot para pamaén nalika Akting keur berjalan.
    Dina Sora pamaén: aya sora anu teu kadangu atawa samar". Contona pas pamaén satpol pp di bagian ahir jeung Ibu" warung anu keur dahar duaan.
    Dina pamaen: aya hiji atawa dua anu teu kahaja ngalakukeun blocking pas prung pintonan drama.
    Tapi sacara Peran mah numutkeun sim kuring tos totalitas sadayana, aya klimaks komedina dina sababaraha Adegan. Saé Tata rias, tata panggung, jeung Tata baju pamaén
    Drama ieu cocok jadi Muhasabah diri dina kayaan sasalad kieu, loba pesan moral na dina kahirupan saenyana.
    Amanat nu katangkep ku sim kuring nyaeta, saupama urang ngalakukeun hiji hal anu patalina sareng kagiatan atawa paripolah pasti aya hukum karma anu berjalan. Anu kadua, ulah sok mopohokeun jalma anu ngabantuan urang nalika keur kasusah (balangsak, gering).
    Dina pintonan drama ieu saleresna bisa jadi bahan mini riset numutkeun sim kuring mah, sabab bisa di nalungtik leuwih jero. Bisa oge jadi bahan sastra bandingan jeung pintonan drama" nu sejenna. Hatur Nuhun, salam Apresiasi jeung kritik.
    Yana eka pebi lesmana
    1908948

  • @anisajulianingrum3348
    @anisajulianingrum3348 2 ปีที่แล้ว

    Sabada nongton pintonan drama anu jejerna "Nu Garering" ieu anu pintonan dramana téh lancar ti awal nepi ka ahir ngaguluyur kalawan saé, sim kuring panasaran hal-hal naon waé anu kudu ditataharkeun sangkan bisa jadi drama anu hadé?
    pintonan drama téh kaasup seni pagelaran. Saacan mintonkeun drama aya sababaraha hal anu kudu ditataharkeun, nurutkeun Asul Wiyanto dina buku Terampil Bermain Drama (2004), drama mangrupa seni pintonan anu ngagabungkeun unsur gerak atawa akting dina mawakeun hiji carita.
    pikeun mintonkeun pintonan drama anu lancar ngaguluyur kalawan hadé, di handap aya sababaraha hal nu kudu ditataharkeun diantarana: 1) Naskah drama, mangrupa dadasar ayana pintonan drama eusina aya téma carita, carita, tokoh, panokohan, galur, adegan jsb, 2) Pamaén, biasana jadi bintang di pintonan drama jadi nataharkeun pamaén ogé hal anu penting, 3) Tata rias, salah sahiji faktor anu ngarojong kaéndahan drama ditilik tina pamaénna, 4) Dekorasi/tata panggung, salah sahiji faktor anu ngarojong kaéndahan pintonan drama ditilik tina tempat mintokeun drama, 5) Tata lampu ogé dihurung-pareumkeun di pintonan drama sangkan bisa méré kesan dramatis dina drama, 6) Efek sora, dipaké pikeun nambahan suasana dina pintonan drama.
    sangkan pintonan drama lancar dipintonkeun kalawan saé, urang kudu nataharkeun hal-hal diluhur anu sacara optimal.
    Anisa Julianingrum
    Nim. 1908837
    5B

  • @user-os4sb9zd8l
    @user-os4sb9zd8l 2 ปีที่แล้ว

    Sabada kuring nonton drama diluhur anu judulna “Nu Garering” karya Dipha Galuh Purba, simkuring nga apresiasi pisan kana dramana. Naha pintonan diluhur teh tiasa disebut drama kusabab pintonan ti kelompok 1 kelas 5A teh ngandung unsur-unsur jeung nilei-nilei anu sakuduna aya dina hiji drama. Istilah drama asalna tina kecap draomai nu muncul di Yunani kuno kurang leuwih 6000taun saacan masehi nu miboga arti nurutan hiji kajadian. Nurutkeun Hasanuddin (2009: 4) yen drama nyaeta karya anu ngagaduhan dua dimensi karakteristik nya eta (1) dimensi sastra jeung (2) dimensi seni pertunjukan. Drama diluhur ngagaduhan dua dimensi eta, anu kahiji tina dimensi sastrana anu ngagunakeun naskah drama “Nu Garering” karya Dipha Galuh Purba dijerona ngandung carita anu nunjukeun hiji kajadian, anu kadua nyaeta seni pertunjukan nyaeta pintonan dramana, drama diluhur mintonkeun carita anu dipaenkeun ku para palaku drama anu dirojong ku latar jeung properti saperti wawarungan, tempat diuk, jsb. Dina ngaapresiasi drama tangtu aya sababaraha tahapan diantarana aya tahap nga ni’mati hartina urang nonton pintonanana teras aya tahap ngahargaan urang ngarasakeun naon mangpaat tina pintonan diluhur teh, nyaeta masihan hiburan pikeun nu nontonna. Aya oge tahap pamahaman nyaeta naliti unsur-unsur nu ngawangun drama diluhur boh unsur intrinsik boh unsur ekstrinsik. Unsur instrinsik na aya tokoh , tema, alur, latar, amanat jeung dialogna. Nurutkeun Isnendes (2019:78) Nu jadi ciri utama tina hiji drama nyaeta ayana dialog. Teu wungkul pintonanana anu di apresiasi, pangrojong tina saena pintonan diluhur oge aya tata rias, tata lampu, oge tata letak nu nempatkeun latar anu saluyu jeung pintonanana janten katinggalna sae. Kukituna simkuring tiasa nyimpulkeun yen pintonan diluhur teh kalebet kana drama. Haturnuhun 🙏🏼
    Wasta : Fany Amalia
    NIM : 1904391
    Kelas : 5B

  • @istihamidah2703
    @istihamidah2703 2 ปีที่แล้ว

    Sabada sim kuring nonton drama " Nu Garering" karya Dhipa Galuh Purba anu dipintonkeun ku kelompok 1 5 A entragan 2018, numutkeun sim kuring mah ieu drama téh kawilang saé kusabab geus nyumponan unsur-unsur drama nu aya dijerona kitu ogé aspék-aspékna saperti aspék caritaan jeung aspék pamentasan.Mimiti disebutkeun saha waé tokoh-tokohna bari dikawihkeun, alur caritana ogé jelas, sanajan aya sababaraha amanat anu kurang katepikeun antukna di jelaskeun deui ku naratorna.
    Drama asalna tina basa Yunani (draomai) anu hartina hiji pagawéan, paripolah, atawa aksi. Jadi drama nyaéta hiji tindakan atawa paripolah. Suwardi Endraswara (2011:11) nepikeun yén kecap konci dina drama nya éta gerak. Unggal drama ngandelkeun gerak minangka ciri hususna drama. Ieu kecap konci téh ngabédakeun drama jeung karya saperti puisi sarta prosa puisi. Dina pintonan drama di luhur katitén pisan aya gerak aya parobahan posisi anu jadi ciri hasna drama.
    Numutkeun Isnendes (2010:75) drama nyaéta karya sastra anu midangkeun carita atawa lalakon dina wangun dialog, ajangkeuneun dilakonkeun ku aktor dina pagelaran drama. Ditingali tina wangenanna, drama " Nu Garering" midangkeun carita ngeunaan jalma nu geuring di deket rumah sakit, kumaha kaayanana, anu ditepikeun ngaliwatan dialog antar aktorna dina pagelaran drama. Sumber utama dina drama nya éta masalah dina hirup kumbuhna manusa. Pintonan di luhur kaasup kana drama. Drama ieu téh salasahiji genre karya sastra lantaran média anu digunakeun pikeun nepikeun gagasan atawa pikiran pangarangna nya éta basa. Drama jadi hiji-hijina seni paling kompléks.
    Unsur-unsur pamentasan drama diantarana téma, tokoh jeung panokohan, galur, latar, dialog, konflik, jeung amanat. Isnendes (2010:78) nyebutkeun yén unsur drama nu jadi ciri utama dina drama nya éta prolog, dialog, babak, épisode, adegan, wawancang, aside, solilokui, jeung epilog. Tah ditilik tina unsur-unsur na mah drama" Nu Garering" atos nyumponan kumaha pamentasan drama téh.
    Aya ogé bagian tina drama anu ngarojong kana lancarna éta pintonan drama saperti pamaén, carita, tata panggung, tata busana, tata lampu, tata suara, jeung tata rias. Pintonan di luhur geus nyumponan hal-hal éta, aya tata busana, tata lampu jeung sanés kantenna. Tangtuna ieu kaproduksian ogé penting dina magelarkeun drama. Namung aya hiji hal anu kudu dievaluasi saperti tata cahaya nu caang teuing antukna aya tulisan dina properti anu kurang katingal jeung leuwih saé deui saupama aya backsound dina adeganna supaya leuwih hirup. Tiasa dicindekkeun yén drama di luhur kawilang saé tur lumayan kompléks.
    Ditilik tina aya atawa henteuna naskah. Drama dibagi jadi dua. Kahiji, drama tradisional anu teu maké naskah, hasil kréativitas masarakat tina karya sastra lisan. Kadua, drama modérn anu maké naskah. Ku kituna drama "Nu Garering" téh kaasup drama modérn kusabab aya naskahna. Ieu drama cocok pisan keur masarakat jaman kiwari.
    Aprésiasi drama ieu téh kaasup kana aprésiasi sastra sacara langsung lantaran urang bisa ningali, maham, mikawanoh, ngarasakeun ogé bisa meunteun kumaha pintonan drama "Nu Garering" ngaliwatan média TH-cam.
    Anapon amanah tina ieu drama, urang téh ulah asal ngomong bisi jadi kanyataan, ulah sok mopohokeun jalma anu ngabantuan nalika keur susah, jeung sagala hal nu dipilampah goréng hasilna bakal goréng, kitu ogé sabalikna hal- hal nu dilakukeun ku kahadéan bakal malik jadi kahadéan.
    Hatur nuhun ibu.
    Isti Hamidah
    1902065
    5B

  • @sitiwidaningsih4360
    @sitiwidaningsih4360 2 ปีที่แล้ว

    Isnendes (2010:75) nétélakeun yén drama mangrupa karangan sastra nu midangkeun carita atawa lakon dina wangun dialog, ajangkeuneun dilakonkeun ku aktor dina pagelaran drama. Dumasar kana wangenan diluhur, drama "Nu Garering" karya Dhipa Galuh Purba ieu téh geus nyumponan aspék nu aya dina wangenan, lantaran dina ieu drama téh midangkeun hiji carita tur dilakonkeun ku aktor dina pagelaran dramana.
    Nurutkeun Hasanudin (Suliani, 2014:5) drama mangrupa karya anu miboga dua dimensi karakteristik, nyaéta dimensi sastra jeung dimensi seni pertunjukan. Lamun ditilik tina pintonan drama "Nu Garering", éta drama téh geus nyumponam dua dimensi éta, dina ieu drama téh aya dimensi sastrana, nya éta naskah dramana anu mangrupa hasil tina karya sastra. Aya ogé dimensi pertunjukanna, nya éta pintonan drama anu dilakonkeun ku aktor-aktorna.
    Salian éta, ieu pintonan drama téh nyumponan unsur-unsur nu aya dina drama. Isnendes(2010:76) nétélakeun yén salian konsép, aya unsur-unsur nu katingal dina drama, diantarana:
    a. Ayana pupuhunan, nu ngaturna sutradara. Dina ieu pintonan drama téh katitén aya pupuhu ogé sutradara anu ngatur ieu pintonan.
    b. Aya wujud visual artistik panggung. Katitén yén dina ieu drama téh aya wujud visual artistikna, saperti warung sangu jeung rumah sakit sok sanajan wangunna basajan, tapi éta hal téh penting pisan dina pagelaran drama.
    c. Ayana naskah. Tangtos dina ieu pintonan téh aya naskah anu diguarna, dina ieu drama téh naskah nu dipaké nya éta naskah drama anu judulna "Nu Garering".
    Saupama ditilik kana galur carita nu dicutat ku S. Tasrif, ieu drama téh geus ngawengku eksposisi/situation, generating circumstances, rising action, climax, jeung denouement.
    Sanggem sim kuring Eksposisi dimimitian ku nyaritakeun Bi Isah anu ngawarung ogé aya Omah jeung Sarkim anu tuang di tempat éta. Generating circumstances, sanggem sim kuring nalika aya patugas anu ngadatangan warung Bi Isah, lantaran teu meunang dagang di tempat éta. Rising action nalika Bi Isah didatangan deui patugas, tapi henteu bisa dibantuan ku Omah. Climax nalika warung Bi Isah téh digusur, jeung Omah téh gering tapi Sarkim embung ngurus. Denouement nalika Bi Isah nulungan Omah nu ditinggalkeun Sarkim jeung salingkuhanna.
    Panginten sakitu Ibu sanggem sim kuring, hapunten bilih aya kalepatan. Hatur nuhun Ibu.
    5A_1902728_Siti Widaningsih

  • @millydwiyaniputri4525
    @millydwiyaniputri4525 2 ปีที่แล้ว

    Sateuacan simkuring nongton video drama "Nu Garering" simkuring maca heula materi ngeunaan drama. Numana drama teh mangrupa salasahiji wangun karya sastra Sunda.
    Drama nyaeta karangan sastra nu midangkeun carita atawa lalakon dina wangun dialog, ajengkeuneun dilakonkeun ku aktor dina pagelaran drama (Chye Retty, 2010:21).
    Aya oge sababaraha unsur-unsur drama, nurutkeun Isnendes (2010:93) nyaeta (1) prolog, (2) dialog, (3) babak, (4) episode, (5) adegan/scene, (6) wawancang, (7) solikokui, (8) aside,(9) epilog.
    Tos tangtu unsur nu pentingna dina drama nyaeta ayana dialog antara aktor nu hiji sareng nu sejenna.
    Tapi, hiji pintonan/pagelaran teu acan tiasa disebut drama upamana teu nyumponan dua aspek, nyaeta aspek caritaan jeung aspek pamentasan. Dina video drama "Nu Garering" diluhur nurutkeun simkuring atos nyumponan dua aspek eta. Lantaran dina latar caritaan oge parantos ngagambarkeun kumaha kaayaan caritana, kajadian etateh dimana, saha nu ngaalamanana, amanat naon nu tiasa dicandak tina drama eta. Aspek pamentasanna oge parantos nyumponan, lantaran dina video diluhur jentre pisan tempatna dimana kaayaanna kumaha teh didukung ku ayana properti warung jeung rumah sakit, oge dekorasi, lighting sareng nu sanesna anu ngadukung kaayaan carita.
    Ditilik tina wangunan drama jeung unsur drama, video drama "Nu Garering" teh parantos nyumponan. Lantaran ayana unsur pentingna nyaeta aya dialog antar aktor. Ti prolog dugika epilog na oge aya. Teu hilap dina dramana oge dibungkus ku guyonan.
    Nurutkeun simkuring ieu drama teh kaasup kana drama modern, lantaran asalna tina wangun sastra tulis.
    Drama "Nu Garering" teh kawilang drama anu sae, lantaran aktor/pamaenna tiasa nyandak peran anu pas. Dina sababaraha adegan oge aya hal anu guyon/lucuna, nu matak henteu bosen nalika nongtonna, numana hal eta teh sae pami aya dina drama sabab eta nu nyieun penonton matak resep kana drama teh. Amanatna oge tiasa nepi ka urang salaku panongton, yen urang teh pami ngalakukeun hiji hal pasti aya balukarna saperti dina adegan Ceu Isah ngabohong yen aya ibu anggota tni nu sok jajan di warung, teras dina adegan Suminta maok helm tuluy digebugan.
    Hal-hal nu negatif etateh ulah nepika dilakukeun ku urang salaku panongton oge warga masarakat di lingkungan sakitar urang.
    Dramana parantos sae, mung dina bagian blocking pamaenna rada kirang kaatur.
    Hatur nuhun Ibu, hapunten bilih aya kalepatan🙏
    Milly Dwiyani Putri (1903233)
    5A

  • @nurfitri7563
    @nurfitri7563 2 ปีที่แล้ว

    Drama nyaéta karangan sastra nu midangkeun Carita atawa lalakon Dina Wangun dialog, ajengkeuneun dilakonkeun ku aktor Dina pagelaran drama (Isnendes, 2010:75). Dialog mangrupa maniféstasi Tina kahirupan masarakat. Aristoteles dina Luxemberg (1992:108) nyebutkeun Yén Ayana dua jenis sastra Aya nu sipatna Carita jeung Aya oge nu sipatna drama. Pintonan mu nampilkeun Ayana tokoh Kalawan medalkeun basana sewang-sewangan kaasup jenis dramatik.
    Galur carita drama biasana nyindekel Kana teori Aristotéles nyaéta éksposisi, komplikasi, klimaks, Resolusi, jeung Konklusi .
    Sakumaha umumna drama, Aya unsur-unsur pangwangunna. Nu utama nu ogé jadi ciri drama nyaéta Ayana dialog. Upama ditataan mah, unsur-unsur téh nyaéta prolog, dialog, wawancang, babak, episode, adegan, aside, solilokui jeung epilog.
    Pintonan drama diluhur nu judulna "Nu Garering" karya Dipa Galuh katiten kaasup drama anu saé pisan, kusabab ngandung unsur-unsur sareng aspék-aspék nu Aya Dina drama. Tina unsur palaku kacaritaleun Dina ieu drama Ayana tokoh Ceu Isah jeung Sarkim Nu miboga watakl sewang-sewangan, tina unsur latar jeung Galur Ayana latar tempat jeung waktu, tuluy Dina ieu drama oge kakandung unsur amanat numana mangrupa pesen mu ditepikeun ka jalma réa. Pon kitu deui persiapan, konsep, Carita dirarancang ku tim produksi Kalawan hadé, tina tata panggung, tata rias, tata lampu, sarta hal-hal nu ngarojong Kana lumangsungna ieu pintonan drama nu saé. Ngaliwatan aprésiasi drama, panongton bisa maham kalawan hadé Tina Sagala aspek nu aya dina ieu drama.
    Sakitu ti sim kuring, hapunten bilih Aya kalepatan.
    ______
    5A_Nur Fitri_1908291

  • @pujaaulianisa6310
    @pujaaulianisa6310 2 ปีที่แล้ว

    Saparantos ninggali pintonan drama anu judulna "NU GERING" karya Dhipa Galuh Purba éta téh tos kawilang saé anu miboga ajén kahirupan sapopoé. Ditilik tina pamaén anu saluyu jeung adeganna tur naskahna, galur carita sarta kekecapannana anu jéntré nu matak teu bingung ka nu nongton.
    Numutkeun isnendes (2010:75). Drama nyaéta karangan sastra anu midangkeun carita atawa lalakon dina wangun dialog. Aya unsur- unsur pangwangunna ogé dina drama nya éta prolog, dialog, wawancang, babak, episode, adegan, aside, solilokui, jeung epilog. Unsur anu utama nya éta ku ayana dialog.
    Pintonan diluhur teh kaasup drama, kusabab miboga unsur-unsur pangwangunna téa. Nya éta tokoh atawa pamaén, dialog, pamentasan, jrrd. Numutkeun Isnendes (2010:76) struktur drama teh aya penokohan atawa watak, alur atawa plot, latar atawa setting, tema, dialog, petunjuk tehnis, drama pikeun interpretasi kahirupan, sarta amanat
    Puja Aulia Nisa
    1900805

  • @dikdiksonjaya1815
    @dikdiksonjaya1815 2 ปีที่แล้ว

    Numutkeun kamandang simkuring, ieu pagelaran drama anu judulna "Nu Garering" karya Dipa Galuh Purba atos saé lantaran unsur unsur dramana atos kawilang lengkep. Dina pagelaran drama biasana kudu nyumponan sababaraha unsur anu diantarana palaku atawa pamaén, dialog, galur, latar jeung amanah. Tah upami ditilik tina drama tadi tos nyumponan éta unsur. Mung aya sababaraha kakirangan dina masalah téhnis salah sawiosna nyaéta dina masalah musik bubuka anu kirang pas sareng si nada anu ngahaleuang anu ngabalukarkeun suasana settingna rada kirang merenah.
    Tapi salian ti masalah éta sadayana aspek anu ngarojong kana éta pagelaran drama kawilang saé boh dina setting panggungna, perangkat rekamna jeung sanes kantena ogé dina dialog sareng adeganna parantos saé tur resep kanggo ditongton. Hatur nuhun.

  • @hendakamelina2778
    @hendakamelina2778 2 ปีที่แล้ว

    Drama téh mangrupa genré karya sastra nu ngagambarkeun kahirupan manusa ngaliwatan gerak. Numutkeun Budianta (2002:12) asupna drama kana kelompok karya sastra téh kusabab media nu dipaké pikeun nepikeun gagasan atawa pamikiran pangarang dina drama téh nya éta ngaliwatan basa. Drama ngagambarkeun réalita kahirupan, watek, sarta paripolah manusa ngaliwatan peran jeung dialog nu dipentaskeun. Carita nu diangkat dina drama téh ngawengku konflik sarta émosi nu sacara husus ditujukeun pikeun pagelaran téater. Numutkeun isnéndés (2010: 75) dumasar kana papasinganana drama dibagi jadi dua nya éta drama klasik/ tradisional sarta drama modérn. Ari drama klasik téh nya éta wangun téater anu dihasilkeun tina kreativitas masarakat étnik. Sedengkeun drama modérn mah ayana téks naskah nu dipaké ku pamaén pikeun dilakonkeun.
    Sabada nongton drama “Nu Garering” ieu katitén yén unggal palaku di ieu carita téh pada pada miboga peran anu mangaruhan kana jalan na carita. Ogé réspon anu hadé ti unggal pamaén nalika salasahiji palaku poho kana dialogna sangkan teu ngabalukarkeun cacatna ieu pintonan. Réspon nu gancang téh jadi salasahiji paktor pikeun nyukséskeun salasawios pagelaran drama, sabab nalika réspon urang gancang, urang bisa surti kana kaayaan disabudeureun nalika keur dipanggung. Tangtu waé ngeunaan réspon ieu téh teu ujug-ujug aya, tapi kudu dibarengan ku latihan nu lila ogé penghayatan nu leuwih jero kana masing-masing watek anu dilakonkeun. Hatur nuhun 🙏
    Henda Kamelina
    1902134
    5B

  • @novitainggritnugraeni8285
    @novitainggritnugraeni8285 2 ปีที่แล้ว

    Sabada simkuring nyaksèni drama “Nu Garering” karya Dipa Galuh Purba, simkuring jadi maham kana naon ai drama tèh. Istilah drama asalna tina basa yunani nya éta draomai hartina berbuat, berlaku, bertindak, atau beraksi. Nalika mimiti muncul dina kasenian Indonesia drama disebut toneel. Istilah éta dibawa ku urang walanda, dina basa Walanda drama téh toneel nu hartina pintonan. Istilah toneel ditarjamahkeun ku PKG Mangkunegara VII jadi Sandiwara. Sandiwara asalna tina basa Jawa, sandi hartina simbol atawa rusiah, wara/ warah miboga harti pangajaran. Jadi sacara etimologis mah sandiwara téh pangajaran tina simbol-simbol nu sipatna rahasiah. Nurutkeun Iskandarwassid (1996:32) netelakeun yen drama teh nya eta karangan sastra anu medar hiji carita atawa lakon ngaliwatan dialog anu diperankeun ku para pamaen (aktor) dina hiji pagelaran.
    Saujratna mah, drama téh mangrupa seni kolektif. Drama mangrupa gabungan tina seni musik, seni laku, seni sora, seni tari, sarta seni sastra. Dumasar pintonan dina drama “Nu garering” karya Dhipa Galuh Purba sababaraha strukturna geus nyumponan di antarana, tèma nu nyaritakeun sabudeureun kahirupan jelema-jelema dirumah sakit nu ngawengku pasien nu geringna, jelema nu nganteurna, tukang dagang disabudeureun rumah sakit,jsb. Tokoh dina ieu drama diantarana aya Omah, Sarkim, Ceu Isah, Mang Jatma, Ujang, Janta, Suminta, Ijah, Satpol 1, Satpol 2, jeung Iren. Alur nu digunakeun dina ieu drama ogè nya èta alur maju, latar tempat nu dipidangkeun dina drama ieu nyaeta warung di sisi rumah sakit jeung latar waktuna nyaeta mangsa jam istirahat rumah sakit. Galur dina carita drama “Nu garering” oge nyindekel kana teori Aristoteles, nyaèta: (1) eksposisi, dimana ayana deskripsi kaayaan (2) komplikasi, kajadian mimiti bagerak (3) klimaks, dimana kajadiana ngahontal puncakna jeung (4) resolusi, dimana mereskeun sakabeh pasualan tina kajadian-kajadian nu karandapan.
    Drama “Nu garering” ogè geus nyumponan unsur-unsur pangwangunna. Nu utamana ogè jadi ciri drama nyaèta ayana prolog, dialog, wawancang, babak, episode, adegan, asidem solilokui jeung epilog. Salian pikeun sarana hiburan, drama “Nu garering” ogè bisa dijadikeun sarana atikan, lantaran dramana nyaritakeun kahirupan sapopoè nu dijerona miboga ajèn moral, pangaweruh, wawasan,jsb. Kaèndahan dina segi visualitasna ogè nyumponan kana ajèn èstètika, dimimitian tina gerakana, dialog, èksprèsi, jeung kostum.
    Novita Inggrit - 1908815

  • @padiahanida9900
    @padiahanida9900 2 ปีที่แล้ว

    Drama téh nyaéta carita anu ngandung téma nu tangtu diébréhkeun maké dialog jeung réngkak paripolah palakuna.(Sumardjo &Saini K. M. 1986:31).
    Nurutkeun Rusyana (1982 : 3) nétélakeun ciri-ciri karangan drama téh nyaéta yén karangan drama téh eusina ngajéntrékeun paguneman jeung paripolah, tina paguneman jeung paripolah téh kasusun perwatakan jeung hiji carita.
    Drama ogé dipasing-pasing dumasar kana :
    1). Cara mintonkeunna, kabagi jadi opat bagéan nyaéta :
    - Drama rakyat, drama anu asalna ti rahayat, sarta tumuwuh dikalangan rahayat, biasana aya jeung dipaké dina kagiatan atawa upacara-upacara nu sipatna tradisi. Luyu jeung nu ditétélakeun ku Sudjiman (1990 : 23) yén anu dimaksud drama rakyat téh nyaéta kagiatan dramatik anu dilakukeun ku masarakat dina rupa-rupa upacara sosial kaagamaan, drama anu asal sarta tumuwuh di kalangan masarakat.
    Contona : Longsér
    - Drama modern, nyaéta sok disebut tunil atawa sandiwara, disebut drama modern kusabab dina pagelarana geus aya jarak antara nu lalajo jeung nu maén (panggung, make-up,dialog ), sarta aya naskah (téks).
    - Drama Klasik, nyaéta drama carita anu medar caritana ngeunaan kahirupan dewa-dewi (Yunani).
    - Gending Karesmen, Gending karesmen sok biasa disebut drama swara, nyaéta carita nu dialogna dina wangun kawih, dipirig ku waditra (Iskandarwassid, 2003 : 6).
    2). Dumasar Sipatna
    - Tragédi, nyaéta drama anu pinuh ku hal-hal nu pikasediheun, katunggaraan, alatan ku teu biasa ngalawan nasib (Asmara, 1979 : 50),
    - Komédi, nurutkeun Asmara (1979 : 500) ngécéskeun yén komédi téh nyaéta drama anu pinuh kupikaseurieun sarta dipungkas ku kagumbiraan atawa hiji pananya ka nu lalajo.
    3). Babagian Caritana
    - Babak, Babak téh nyaéta gabungan atawa kumpulan tina sababaraha adegan dina hiji drama (Eneste, 1994 : 18).
    - Adegan, Adegan nyaéta tempat lumangsungna hiji kajadian, nu mangrupa bagian tina babak dina drama nu ngahasilkeun hiji pasualan atawa hiji akibat nu tangtu (Sudjiman, 1990 : 2).
    - Pasemon, numutkeun Asmara (1979 : 49) nyebutkeun yén pasemon atawa mimik nya eta éksprési robahna beungeut pikeun méré gambaran emosi anu kaalaman ku palaku.
    - Prolog, nurutkeun Sumardjo jeung Saini (1988 : 138) prolog nyaéta bubuka tina bagéan naskah, mangrupa panganteur naskah anu eusina aya sababaraha katerangan atawa pamadegan pangarang ngeunaan carita nu rék ditepikeun.
    - Dialog, Nurutkeun Hartoko (1992 : 128) yén dialog téh mangrupa bagéan tina naskah nu mangrupa paguneman antara hiji palaku jeung palaku nu séjénna.
    - Epilog, nurutkeun Sudjiman (1990 : 28) yén epilog téh nyaéta bagian panutup anu di tambahan kana hiji karya sastra.
    4). Unsur-unsur drama nyaéta aya Tema, Palaku, Latar jeung Amanat.
    Dipatalikeun jeung drama nu diluhur "Nu Garering" Karya Dhipa Galuh Purba, nu dipintonkeun ku kelompok 1 kelas A, entragan 2018, tangtu kaasup kana ciri-ciri drama nyaéta ayana paguneman (percakapan) jeung paripolah, nurutkeun sawangan sim kuring dumasar kana sifatna ieu drama téh kaasup kana komédi anu dipungkas ku tragédi, sedengkeun dina babagian caritana, tina adegan katitén rapih, intonasi jelas, ogé saluyu jeung tata panggung atawa panempatanna, kitu deui dina babakna katitén sistimatis, pasemon tokoh dina ieu drama katitén rapih antara mimik wajah ti adegan hiji ka adegan séjén, kitu ogé gerakna kawilang rapih teu kaku ti hiji adegan ka adegan séjén, dina ieu drama ogé ngawengku prolog, dialog tur epilogna, anu dina epilogna diwuwuhan ku unsur-unsur drama nyaéta amanat, nu mana amanat dina ieu drama téh yén urang salaku jalma dina ngalakonan kahirupan kitu téa teu leupas tina kahadéan jeung kagoréngan, amanat dina ieu drama kasebut ogé yén nu gering téh lain saukur gering lahir waé, tapi di sabudeureun urang réa ogé nu garering batin jeung pola pikirna.
    Hatur nuhun Ibu.
    5A_Padia Hanida_1906263

  • @mohamadfajarharjaramdhani4998
    @mohamadfajarharjaramdhani4998 2 ปีที่แล้ว

    Mohamad Fajar Harja Ramdhani
    1900299
    5A
    Sabada simkuring nyakséni pintonan drama anu judulna "Nu Garering", simkuring bade nétélakeun naon définisi atawa wangenan tinu drama teh.
    -Drama nurutkeun Budianta dkk (2002), mangrupa genre sastra nu nuduhkeun pintonan sacara fisik atawa lisan tiap-tiap obrolan atawa dialog nu aya diantara tokoh di panggung drama.
    -Sedengkeun nurutkeun Tim Matrix Media Literata, Drama mangrupa wangun narasi nu ngagambarkeun kahirupan jeung alam manusa ngaliwatan paripolah (akting) nu dipintonkeun.
    Tah, ari ti sawangan simkuring, Drama mangrupa karya sastra nu asal wangunna dina narasi nu ahirna dipintonkeun sacara digambarkeun ngaliwatan éksprési sarta géstur para pamaén drama di pentas panggung.
    Anapon ciri-ciri drama, diantarana :
    1. Drama mangrupa prosa modérn nu dihasilkeun salaku naskah pikeun dibaca jeung dipintonkeun.
    2. Naskah drama bisa jadi wangunna prosa atawa puisi.
    3. Drama cirina aya dialog nu diruntuy ku pangarang sarta ngagambarkeun watek nu diwujudkeun.
    4. Pamikiran jeung gagasan pangarang didugikeun ngaliwatan dialog-dialog watek tokohna.
    5. Konflik nya éta unsur penting dina drama. Konflik digerakkeun ku watek di plot, elemén penting dina skrip drama.
    6. Skrip nu teu didasaran ku konflik teu dianggap drama hadé.
    7. Gaya basa dina drama ogé penting lantaran nuduhkeun latar masa jeung masarakat nu diwakilanana, sakaligus drama téh pieuntengeun pikeun amanah nu di dugikeun ku pangarang.
    Lamun ditilik dina ciri-ciri drama, drama "Nu Garering" minuhan sadayana ciri-ciri drama éta lantaran, saperti gaya, konflik, sarta panggambaran tokoh sarta watekna ka dugikeun ku pamaén atawa tokohna ogé dina dialog ka dugikeun amanah pangarangna.
    Ogé sateuacanna dina perkuliahan dijéntrékeun yén ayana dua aspék drama nya éta aspék caritaan jeung aspék paméntasan
    Ditilik dina drama "Nu Garering" aspék caritaan katingali dina ayana sababaraha properti siga warung sangu nu ditulisan diluhurna sedengkeun rumah sakit ditunjukkeun ku tulisan ogé sarta didinya miboga unsur bodorna oge lantaran maké kecap "rumah sakit cenah".
    Sedengkeun dina aspék paméntasan ieu katingal pisan dina cara para pamaén atawa tokoh nepikeun dialog antar dialogna sarta nuduhkeun kaayaan nu di warung nasi katingali loba nu narongkrong sarta nu di rumah sakit katingali aya nu keur garering.
    Ku kituna nurutkeun sawangan simkuring, ieu drama téh kawilang saé tur ide carita sarta latar jeung propertina ogé kreatif. Ka dukung oge ku ayana "bumbu-bumbu" bodorna nu mana éta sangkan penonton teu bosen atawa jenuh nalika nongton ieu drama. Sakitu nu tiasa dipedar ku simkuring. Hatur nuhun🙏

  • @TCFF1345
    @TCFF1345 3 ปีที่แล้ว

    👍

  • @lleennii07
    @lleennii07 2 ปีที่แล้ว

    Pintonan di luhur teh nyaeta salah sahiji conto drama. Drama nyaeta salah sahiji karya sastra anu sipatna fiktif saperti puisi. Sacara etimologis, drama asalna tina kecap draoami anu hartina ngalakukeun (Hassanuddin, 2009:2). Moulton miboga pamadeg sorangan, yen drama teh mangrupa gambaran kahirupan anu ditampilkeun ku gerakan jeung dialog (Hassanuddin, 2009:2). Para palaku nu aya diluhur teh mintonkeun drama saluyu jeung kahirupan urang sapopoe nyaeta ngeunaan tukang dagang nu sok digusur ku Satpol PP.
    Drama teh salaku karya sastra nu miboga dua dimensi nyaeta salaku genre sastra jeung salaku seni pertunjukan. Drama di luhur teh kaasup kana seni pertunjukan. Drama salaku seni pertunjukan teh diwangun ku gabungan musik, dekorasi, tata rias, kostum, tata lampu, jsb. Dekorasi drama di luhur teh sae. Sanajan sederhana, tapi pamiarsa bisa ngarti kana caritana.
    Aya sababaraha unsur dina drama, diantarana:
    1. Tokoh atawa penokohan. Tokoh teh salah sahiji unsur nu penting kusabab miboga tugas pikeun nepikeun carita drama sacara gembleng di luhureun panggung. Ku kituna, tokoh dina drama teh mangrupa unsur nu pang aktifna nu jadi penggerak carita.
    2. Alur atawa jalan carita. Alur teh nyaeta jalan carita ti mimiti nepika ahir nu aya dina drama.
    3. Dialog. Dialog nyaeta kalimah-kalimah anu ditepikeun ku tokoh jeung kudu saluyu jeung peranna. Ku kituna, para palaku kudu bener-bener dina dialogna sangkan para pamiarsa ngarti kana jalan caritana.
    4. Latar. Latar atawa setting nyaeta panempatan ruang jeung waktu, sarta suasana carita.
    5. Tema. Tema drama nyaeta ide pokok atawa gagasan dina drama. Saacan ngalakukeun drama, urang kudu nangtukeun yen tema eta bisa teu dipikangarti ku pamiarsa. Urang kudu milih tema anu saluyu jeung kahirupan urang.
    6. Amanat. Amanat teh nyaeta pesan moral nu aya dina drama. Contona, mun urang ngalakukeun kagorengan, pasti babalesna ge bakal ku kagorengan.

  • @ekanurra
    @ekanurra 2 ปีที่แล้ว

    Ieu pintonan "Nu Garering" karya Dhipa Galuh Purba téh kalebet drama Sunda, sabab dina Isnéndés (2010: 75) nétélakeun yén drama dihartikeun salaku karangan sastra anu midangkeun carita atawa lalakon dina wangun dialog, ajangkeuneun dilakonan ku para aktor dina pagelaran drama.
    Aya ogé numutkeun Tambojang (1981: 15) nu miboga pamadegan yén drama téh mangrupa hiji carita anu unik. Drama lain ngan saukur pikeun bacaeun, tapi pikeun dipintonkeun salaku pintonan. Salaku pintonan, drama mangrupa seni fana, nu hartina dimimitian dina hiji peuting tuluy bérés dina peuting éta kénéh. Tah tina sababaraha sawangan di luhur, bisa disimpulkeun yén ieu drama Sunda téh luyu jeung dua tiori éta.
    Salajengna, dina drama téh miboga dua aspék.
    Nu kahiji nya éta Aspék Caritaan.
    Ieu drama téh miboga opat adegan. Ti adegan ka hiji nepi satuluyna ngaruntuy, ngajadikeun éta adegan téh jadi hiji caritaan.
    Nu kadua aya Aspék Paméntasan.
    Ku ayana properti, tata panggung, tata lampu, ogé aya dékorasi nu dibutuhkeun téh ngabuktikeun yén ieu drama miboga aspék paméntasan.
    Ieu drama ogé tos ngawengku unsur-unsur pangwangun drama numutkeun Isnéndés (2010: 78) nu diantarana aya prolog, dialog, wawancang, babak, episode, adegan, aside, solilokui, epilog. Contona waé aya adegan nalika petugas satpol pp datang ka warung, jsb.
    Dina lighting ogé audio musikna kawilang saé, tina sorana ogé kawilang saé sanajan aya sababaraha sora nu rada kurang jelas, para pamaénna ogé tos sariap pisan, setting jsb. na oge kawilang saé. Salian ti sangkan mahasiswana parigel ngagunakeun basa Sunda, di unggah ka youtube ogé saé pisan, sabab tiasa ngawanohkeun deui basa Sunda jeung ieu pintonan ka balaréa.
    Réa amanat dina ieu drama, sa kumaha siga nu ditepikeun nalika dramana réngsé, nya éta urang salaku jalma nalika ngalakukeun hiji kagiatan tangtu waé aya akibatna, boh kahadéan atawa kagoréngan. Tuluy nalika teu satia ogé tangtu waé aya akibatna. Urang ogé ulah sok mopohokeun jalma nu sok nulungan urang nalika meunang kasusah. Salian ti nu disebutkeun dina video, aya ogé pesen yén urang kudu taliti dina ngeusi data nanaon, salah sahuruf ogé bakal pimasalaheun kahareupna. Tuluy dina éta drama ogé méré conto yén nu gering téh lain ngan saukur gering fisik hungkul, jrrd.
    5A_Eka Nur R.

  • @naditarizkyramadhina5284
    @naditarizkyramadhina5284 2 ปีที่แล้ว

    Numutkeun Isnendes (2010: 75) drama téh nya éta karangan sastra anu midangkeun carita atawa lalakon dina wangun dialog, ajangkeuneun dilakonkeun ku aktor dina pagelaran drama. Sakumaha umumna (naskah) drama, aya unsur-unsur pangwangunna. Nu utamana ogé jadi ciri drama nya éta ayana dialog. Upama ditataan mah, unsur-unsurna nya éta: 1) prolog, 2) dialog, 3) wawancang, 4) babak, 5) épisode, 6) adegan, 7) aside, 8) solilokui, jeung 9) épilog (dikutip dina Isnendes 2010: 78).
    Nurutkeun sim kuring salaku panongton sacara daring, sabada nonton drama "Nu Garering" karya Dhipa Galuh Purba téh drama anu dipintonkeun geus saé pisan. Para aktor jeung aktrisna ogé geus pas pisan dina merankeun karakterna masing-masing. Drama nu dipintonkeun téh kaasup kana drama modérn. Saupama ditilik dina aspék peméntasan, drama nu dipintonkeun ku kelompok 5A entragan 2018 téh tos nyumponan kana sadaya aspék éta, diantarana:
    1) Lakon, nya éta hiji jinis naskah carita. Naskah drama ieu téh judulna "Nu Garering" karya Dhipa Galuh Purba;
    2) Tokoh, nya éta jalma-jalma nu merankeun carita dramana. Dina drama ieu téh dipintonkeun ku sababaraha jalma, nya éta Satpol PP, Ceu Popon, Ceu Isah, Dokter Ibrahim, Neng Uu, Ijah, Salaki Ijah, Omah, Sarkim, jeung pamaén lianna;
    3) Tempat pintonan, nya éta lokasi nu digunakeun pikeun pintonan drama. Tempat pintonan nu dipaké téh nya éta hiji ruangan nu jeung diluyukeun kana kaayaan carita dramana; jeung
    4) Panongton, nya éta jalma anu nongton, nilik, jeung ngajén pintonan drama éta.
    Teu hilap tina carita drama nu dipintonkeun téh kaasup hiburan ogé, lantaran alur caritana nu hadé anu nyaritakeun kaayaan kahirupan nyata sapopoé di masarakat.
    Hatur nuhun, hapunten bilih aya kalepatan.

  • @rudicahradiputra126
    @rudicahradiputra126 2 ปีที่แล้ว

    Wasta : Rudi Cahra Diputra
    Kelas : 5C
    NIM : 1902238
    Sabada nongton pintonan drama diluhur, sanggem sim kuring ieu pintonan drama teh tos kawilang sae, lantaran nu minton ge mendalami kana peran sewang-sewangan. Lian ti eta, ieu pintonan drama teh tos nyumponan kana unsur-unsur drama, diantarana aya tokoh jeung penokohan, latar, alur/plot, dialog jeung amanat. Ditambah aspek nu ngarojong kana ieu pintonan drama teh sae boh dina tata panggungna boh dina tata lampuna sok sanaos basajan, tapi ieu aspek teh kawilang penting pisan.
    Numutkeun Suyoto (2006:1) yen drama nyaeta kisah kahirupan manusa nu ditampilkeun di pentas dumasar kana naskah, ngagunakeun percakapan/dialog, gerak laku, unsur-unsur pembantu saperti tata panggung, tata lampu, sarta disaksikeun ku panongton. Drama bisa dipagelarkeun di tempat terbuka saperti di panggung, dilapang, jsb atawa bisa di tempat tertutup dina panggung-panggung nu memang blockingna disadiakeun keur pintonan drama. (Isnendes, 2010:75). Dina drama oge aya unsur nu katingalna salian ti konsep, nyaeta ayana sutradara (nu ngartur), aya wujud visual artistik panggung, jeung ayana naskah. (Isnendes, 2010: 76)

  • @septianardiansyah2507
    @septianardiansyah2507 2 ปีที่แล้ว

    Numutkeun Isnéndés (2010: 75) drama dihartikeun salaku karangan sastra anu midangkeun carita atawa lalakon dina wangun dialog, ajangkeuneun dilakonan ku para aktor dina pagelaran drama.
    Numutkeun Tambojang (1981: 15) drama téh mangrupa hiji carita anu unik. Tina sababaraha sawangan di luhur, bisa disimpulkeun yén drama Sunda "Nu Garering" karya Dhipa Galuh Purba téh luyu jeung dua tiori éta.
    Drama téh miboga dua aspék. Nya éta Aspék Caritaan.
    Ieu drama téh miboga opat adegan. Ti adegan ka hiji nepi satuluyna ngaruntuy, ngajadikeun éta adegan téh jadi hiji caritaan.
    Tuluy aya Aspék Paméntasan.
    Ku ayana properti, tata panggung, tata lampu, ogé aya dékorasi nu dibutuhkeun téh ngabuktikeun yén ieu drama miboga aspék paméntasan.
    Dina lighting ogé audio musikna kawilang saé, nu bisa nyieun ieu drama karasa pisan. Sorana ogé kawilang saé sanajan aya sababaraha sora nu rada kurang jelas, réa pisan amanat dina ieu drama, nya éta urang salaku jalma nalika ngalakukeun hiji kagiatan tangtu waé aya akibatna, boh kahadéan atawa kagoréngan. Urang ulah sok mopohokeun jalma nu sok nulungan urang nalika meunang kasusah.
    Septian Ardiansyah
    5A
    1903216

  • @rismadayanti9978
    @rismadayanti9978 2 ปีที่แล้ว

    Sabada nyakseni drama "Nu Garering" karya Dipha Galuh Purba, drama ieu hade pisan sarta dilaksanakeun lancar ngaguluyur dina midangkeunana. Numutkeun Isnendes (2010:75) drama nyaeta karangan sastra anu midangkeun carita atawa lalakon dina wangun dialog, ajangkeuneun dilakonkeun ku aktor dinu pagelaran drama.
    Ditilik dina aspek pamentasanna, drama "Nu Garering" geus nyumponan aspek-aspek dina pamentasan, saperti dekorasi panggungna, kostum, tata rias, tata musik, jeung lakon-lakon aktorna. Para aktor kompak, bisa neuleuman bageann, jeung narasina oge dibacakeun kalawan jentre. Hal ieu pikeun aktor-aktor miboga ciri khas sewang-sewanganna.
    Drama "Nu Garering" kaasup drama modern, dina jenisna drama "Nu Garering" kaasup drama panggung sabab dipagelarkeun di panggung. Drama ieu tos hade pisan, drama ieu tiasa nyieun panonton ngarti jeung nyangkem naon amanat anu ditepikeun.
    Wasta : Risma Dayanti
    NIM : 1903882
    Kelas : 5B

  • @triyogasaputra1082
    @triyogasaputra1082 2 ปีที่แล้ว

    Tri Yoga Saputra
    5 B
    1900924
    Sabada nongton pintonan drama "Nu Garering" karya Dipa Galuh katilik yen aya sababaraha aspek drama anu kacangking nya eta aspek caritaan jeung pamentasan. Nilik kana aspek carita, éta drama miboga carita anu hadé alatan didieu panongton dijieun mikir jeung plottwis pisan, salian éta ieu drama ogé ka asup kana jenis tragikomedi lantaran dina ahir caritana ayana kasedih atawa dukacita, namung dina alur caritana aya ogé bobodoran anu sederhana anu matak jadi pamanis dina pintonanna. Nilik kana aspek pamentasan, ieu drama kawilang nyumponan kana aspekna. Lantaran dina ieu pintonan, ayana unsur-unsur pandukung minangka kasebutna sukses dina mintonkeunieu drama. Kahiji aya tata rias, sakabeh pamaen tangtuna maké make-up sasuai karakterna sewang-sewangan, namung anu kudu dititen téh dina katebalan make-up lantaran kurang kaciri ku katutupna ku cahaya lighting. Kadua ayana tata kostum , sakabéh pamaen geus ngagunakeun kostum anu cocok sasuai jeung watakna. Katilu tata lampu, katiten yén dina ieu pintonan ayana lampu paranti nyaangan jeung nambah suasana dina caritana, namung katilik kurangna cahaya anu antukna si ekspresi pamaen kurang katempo. Kaopat artistik, dina ieu drama pasualan artistik kaasup total contona dina artistik warung geus katiten niat pisan ku ayana kadaharan anu nyata. Kalima tata musik, ku ayana musik jadi nambah rasa dina ieu drama saperti dina adegan sedih ku ayana musik jadi nambah nyata suasanana. Salian éta perihal kaproduksian ogé kawilang penting pisan dina magelarkeun hiji pintonan, saupama eweuhna kaproduksian tangtuna ieu pintonan moal kalaksana sacara hade.
    Hatur Nuhun ibu.

  • @annisa_b3324
    @annisa_b3324 2 ปีที่แล้ว

    Wasta : Annisa
    Kelas : 5B
    NIM : 1903493
    Sabada nonton drama ieu,anu judulna “nu garering” karya Dhipa Galuh Purba, numutkeun simkuring ieu drama teh atos dipintonkeun kalawan sae pisan. Dina ieu drama katawis nyangkaruk amanat nu mangpaat pisan pikeun kahirupan sapopoe, numana eta amanat teh geus ditepikeun ku para pamaen dina ieu drama kalawan hade pisan.
    Upama ditilik tina wangenan, drama teh hakekatna nyaeta paguneman, drama nyaeta (endraswara, 2011:265) karya sastra nu geus disusun pikeun ngagambarkeun hirup jeung aktivitas ngagunakeun rineka kalakuan, paguneman jeung pamaenan karakter.
    Lajeung tina pertemuan mata kuliah apresiasi drama minggon kamari, anu parantos kacangkem nyaeta drama teh miboga aspek nyaeta aya aspek caritaan oge aspek pamentasan. Upama tina aspek caritaan, nyaeta aspek nu ngagambarkeun naon wae kajadian nu geus atawa keur dialaman ku para pamaen, dina drama diluhur teh caritaan nu katawis teh nyaeta aya kajadian nu latar tempat na teh di rumah sakit jeung di warung sangu nu aya di eta rumah sakit, saperti ayana sababaraha urang nu keur jarajan di eta warung sangu, aya oge nu keur berobat di eta rumah sakit, teras aya caritaan satpol pp nu rek ngusir warung sangu sabab di eta rumah sakit teh teu menang aya nu dagang. Teras aya aspek pamentasan, nyaeta aspek pagelaran dina luhur panggung nu mentaskeun hiji caritaan ku para pamaen drama. Numana dina aspek pamentasan drama diluhur teh atos sae pisan katinggal dina aya dekorasi panggung nu dipapantes ku sababaraha property saperti ayana warung nu dijieun tina meja oge aya plang tulisan rumah sakit, tuluy aya korsi korsi pikeun nu jarajan di eta warung sangu oge aya jajanan na. Salian ti dekorasi panggung, aya tata musik, tata lampu dina pamentasan drama diluhur katawis maen pisan oge hade, oge tata kostum nu katawis tos sarae pisan.
    Numutkeun simkuring drama diluhur teh atos nyanggeman pisan tina dua aspek drama caritaan jeung pamentasan. Teu hilap tina caritaan drama nu dipentaskeun diluhur nyangkaruk amanat nu sae pisan, nyaeta urang teh jadi jelema ulah mopohokeun saha bae nu nulungan urang nalika keur susah. Ieu drama teh ngahibur pikeun panonton oge mere amanat nu hade oge.
    Hapunten bilih lepat, hatur nuhun.

  • @tetisakinah6754
    @tetisakinah6754 2 ปีที่แล้ว

    Sabada simkuring nongton ieu video, simkuring tiasa nyindekeun yén video nu miboga judul "Nu Garering" karya Dhipa Galuh Purba ieu téh mangrupa salah sahiji pagelaran drama. Naha disebut drama?
    Lantaran Budianta, spk. (2002) ngébréhkeun yén drama téh salah sahiji géndre sastra numana mangrupa pintonan fisik sacara verbal nu nunjukeun dialog antar tokohna.
    Pagelaran drama "Nu Garering" dina video ieu téh, sanggem simkuring mah kawilang saé sok sanaos dina éksprési sareng mimik tokoh masih aya nu kirang, tapi tisagédéngeun éta mah drama téh lumangsung sacara lancar ti kawit dugika ahir ogé tangtuna karojong ku tata lampu anu saé jeung perangkat-perangkat anu kalibet dina éta drama. Simkuring pribados ngaprésiasi pisan kana ieu pintonan drama, lantaran amanat nu ditepikeun tina ieu drama téh bisa nepi ka nu nongton.
    Dina jero drama tangtu waé miboga struktur drama, pon kitu ogé dina video drama diluhur nu tangtu miboga struktur, diantarana nyaéta:
    -Prolog, mangrupa bubuka/pangjajap nalika bakal asup kana hiji drama nu méré gambaran umum ngeunaan drama nu bakal dipintonkeun, kitu deui dina pintonan diluhur, sateuacan mulai kana drama aya nu ngahaleuangkeun gambaran umum tina caritana, ogé aya narator anu muka acara ku nyaritakeun heula saulas ngeunaan eusi dramana;
    - Dialog, mangrupa obrolan nu dilakukeun ku dua atawa sababaraha tokoh dina drama, dialog téh hiji hal nu utama dina ngabédakeun drama jeung karya sastra séjénna;
    - Epilog, nyaéta bagian ahir tina hiji drama, numana eusina ngajelaskeun kacindekan, amanat, jeung pesen tina drama nu geus dipintonkeun. Dina pintonan diluhur ogé aya amanat nu dibacakeun sabada réngsé drama.
    Salian ti éta dina drama aya ogé nu disebut babak atawa épisode, nyaéta bagian tina naskah nu ngarangkum kajadian atawa peristiwa dina hiji tempat ngagunakeun urutan waktu anu tangtu. Aya ogé nu disebut adegan, nyaéta bagian tina drama anu nunjukeun parobahan kajadian nu ditandaan ku pagentina séting waktu, tempat jeung tokoh. Sok sanaos dina pintonan diluhur mah séting tempatna angger, tapi tiasa ngagambarkeun pindahna adegan hiji ka adegan séjén nu ditandaan ku pareumna lampu jeung sorotna lampu kanu keur dialog.
    Ilaharma dina pagelaran drama aya unsur-unsur séjén nu ngarojong kana lumangsungna ieu drama sangkan pintonan téh tiasa lumangsung kalawan lancar, kitu deui dina pintonan diluhur disebatkeun dina video aya unsur-unsur nu ngarojong kana lumangsungna kagiatan nyaéta: Pamaén, Sutradara, Asistén sutradara, Pimpinan produksi, jeung Tim keproduksian (Tata lampu, tata rias, tata kostum, éditor, jsb.) Saleresna sakabéh unsur nu kalebet dina hiji pagelaran drama tangtu miboga peran anu penting, kitu deui tim keproduksian, lantaran lamun teu aya tim keproduksian mangka pagelaran drama anu hadé téh bakal hésé kalaksana.
    Mungsakitu waé anu tiasa didugikeun, hapunten tina samudaya kalepatan, Hatur nuhun
    Teti Sakinah Purnamasari_1901884_5A

  • @rinasiti9261
    @rinasiti9261 2 ปีที่แล้ว

    Drama "Nu Garering" karya Dhipa Galuh Purba anu di pintonkeun dina video di luhur teh tos Saé . Numutkeun simkuring drama dina video diluhur mangrupa campuran antara teater modern jeung teater tradisional sunda atawa sok di sebut longser, jadi bisa disebut drama ieu teh semi longser kusabab tina naskah na drama ieu memang dijieun jang longser tapi kusabab aya sababaraha aspek lonser anu lengit di drama ieu saperti oncor, panonton, nayaga jeung ronggeng jadi drama ieu teu bisa di sebut longser.
    Sabada nitenan ieu video teh kaasup drama tragikomedik sabab di jero drama ieu aya kejadian-kejadian nu lumrah di masarakat saperti jalma leutik nu kudu ngarempak aturan jang meunangkeun duit tuluy lamun nu boga jabatan bisa ngalakukeun naon nu dipikahayang na dipikasieun padahal can tangtu eta teh bener pejabat tuluy anu kagegeloan kusabab kahayang na teu katedunan, jalir jangji jeung sajabana lian ti nampilkeun kajadian nu mineng kajadian dina kahirupan sapopoe pintonan drama ieu ge méré bumbu komedi na di sababaraha dialog jeung adegan na.
    Dina drama aya 2 aspek nyaéta aspek caritaan jeung aspek pamentasan. Nilik tina pintonan drama di luhur anu judulna "Nu Garering" karya Dhipa Galuh purba teh geus nyumponan 2 aspek éta.
    Aspek caritaan dina ieu drama teh carita nu ditepikeun singget tur jentre pisan di tepikeun na. alur carita anu akhirna teu katebak bakal salingkuh jadi panungtung dina ieu drama. Amanat dina ieu carita kawilang loba jeung bisa dijadikeun pangajaran jang kahirupan sapopoé. Carita na logis jeung aya dina kahirupan sapopoé urang sadaya. Dialog na ringan gampil di pikapaham ku balarea. Konflik dina pintonan ieu kawilang rumit ditambah aya konflik tambahan di akhir carita.
    Dina pintonan drama ieu teh aya kabagi 4 babak anu papasinganna tos jentre pisan nyaeta nalika lampu parem ditambah di jelakeun deui lamun dina lonser nu ngajelaskeun na di sebut na Ki Panjak. Dina hiji babak aya sababaraha adegan anu unggal babak na teu sarua jumlah na. Babak mangrupa bagian tina naskah drama nu ngarangkum sakabeh peristiwa nu kajadian dina hiji patempatan dina urutan wanci nu tangtu sedengkeun adegan mangrupa hiji kajadian nu patali jeung datang atawa inditna hiji jalma atawa tokoh dina carita ka luhur panggung.
    Aspek pamentasan, tina sakabeh ieu pintonan teh tos kawilang saé aya sababarha aspek dina pamentasan teh nyaéta
    1. Pamain atawa aktor dina pintonan drama ieu watek na geus saluyu jeung naon nu digambarkeun dina naskah cara pemain mawakeun tokoh na ge kawilang saé sabab tos teu katingali deui watak asli para pamaen na tapi aya sababaraha kasalahan leutik ti pamaen jiga bloking pemain aya hiji adegan anu satpol keur nyarekan satpol anu di hareup maju teuing anu antukna satpol hiji deui nu di tukang teu katingali tapi pemain didinya langsung sadar tuluy mundur eta saé pisan. Bloking atawa penempatan pamain kaitung penting na kusabab supaya panonton teh bisa ningali saha wae nu keur adegan jeung dialog teh . 2. Tata musik dina ieu pintonan oge kawilang saé pisan komo di awal saacan prung maen lagu na matak nyieun batur kairut pisan dina sapanjang pintonan drama ieu ge musik na tos saluyu jeung kaayaan na. 3. Tata busana jeung tata rias na ge tos sae bener bener jiga masarakat jaman kiwari jeung tos saluyu jeung peran jeung watek na sewang-sewang. 4. Tata Lampu atawa lighting saleres na tos sae mung di awal ayaa bagean pemain anu poek sabab lampu warna berem hungkul anu lamun dina langsung na memang katingal ngan nalika tos janten video sok jadi teu katingal tapi kadieuna keun lighting na tos sae teu aya nu poek deui. 5. Tata panggung jeung artistik na saé anu matak carita na nepi jeung di pikaharti teh properti atawa artistik anu nandakeun ieu warung ieu rumah sakit posisi tata panggung na ge tos sae teu aya nu katutupan teu aya nu menonjol pisan sadayana rata.
    Sae pisan ku ayana video drama ieu bisa dijadikeun acuan jeung bahan kanggo latihan hatur nuhun Bu Retty hapunten bilih seeur kalepatan dina kecap na sakali deui hatur nuhun ibu 🙏🏻
    Wasta : Rina Siti Nurjannah
    kelas : 5C

  • @alipiafarhani7252
    @alipiafarhani7252 2 ปีที่แล้ว

    Saparantos simkuring nonton vidéo drama "Nu Garering" aya sababaraha komentar salah sahijina nyaéta, upama dikaitkeun tina definisi "Drama nyaeta salah sahiji rupa seni anu wangunna mangrupa seni pintonan anu dilarapkeun kana wanda sandiwara". Tah ieu drama téh mangrupa karya seni anu ngaliwatan pintonan, ieu drama sunda téh kawilang unik,saé,margi sok benten nalika mintonkeun drama ku bahasa daérah/sunda jeung bahasa nu sejen. Simkuring salaku masarakat sunda tangtos langkung reueus,langkung resep nalika drama anu dipintonkeun nganggo bhs daérah. Pemeran na oge ngadaguhan watek jeung ciri khas séwang séwangan. Numutkeun simkuring drama sunda ieu kalebet drama sunda modern. Didieu ogé disebatkeun peran sareng watekna anu dilagukeun di tambihan ku alunan kacapi suling nu matak ngajantenkeun suasana anu beda. Narasi na ogé dibacakeun kalawan jentre. Kitu deui dekorasi,tata pakaian,tata rias anu pas nyaluyukeun sareng kaayaanna séwang séwangan. Dibarengan ku tata sinar jeung tata bunyi nu nyieun suasana jadi caang tur ngawibawa, nu ngajadikeun suasana penonton jadi leuwih fokus,leuwih nyaman jsb. Dina ieu drama aya amanatna pikeun urang sadayana yén sagala kagiatan nu dilakukeun ku jalma bakal aya akibatna boh anu goreng atawa anu hade. Saé pisan tiasa ngahibur kanu nonton👍👍 hapunten bilih aya kalepatan Ibu🙏
    Alipia Farhani
    5B / (1902075)

  • @astioktaviani1209
    @astioktaviani1209 2 ปีที่แล้ว

    Saatos nyakséni drama di luhur, simkuring badé medarkeun naon ai drama téh? Numutkeun Moulton (dina Sufiani, 2004:6) drama nyaéta hirup anu digambarkeun ku gerak (Life Presented in Action), nyakséni kahirupan manusa anu diéksprésikeun sacara langsung. Ai drama numutkeun Sudjiman, nyaéta karya sastra anu miboga tujuan ngagambarkeun kahirupan ku bangbaluh jeung émosi ngaliwatan lakuan jeung dialog. Pintonan di luhur kaasup kana drama sabab sakabéhna geus luyu jeung wangenan drama, ti mimiti kahirupan manusa anu lumrah kitu caritana, émosina beunang, ogé dialog nu nyata.
    Pintonan di luhur kaasup kana "Drama Panggung" lamun ditilik dina jenis drama dumasar sarana, kaasup "Drama Teatrikal" lamun ditilik dina jenis drama dumasar konsépna.
    Aktor-aktrisna geus pas pisan maénkeun peran masing-masing, pastina geus ngaliwatan 5 macem téknik casting diantarana: Casting by Ability (ngadeketan peran nu dibawakeun), Casting to Type (dumasar kacocokan fisik), Antitype Casting (patukang-tonggong jeung watek ogé ciri fisik nu diperankeun), Casting to Emotional Temperament ( dumasar obsérvasi kahirupan pribadi calon pamaén), Therapeutic Casting (milih peran pikeun maksud ngobatan psikologis dina dirina. Contona waé jalma nu sok rayungan atawa asa-asa merankeun jalma nu tegas jeung gancang nyieun kaputusan).
    Di Indonésia, fungsi pertunjukan atawa pintonan sacara umum kungsi dibébérkeun ku R.M Soedarsono, yén fungsi primer seni pertunjukan nyaéta salaku sarana ritual, hiburan jeung presentasi éstétis.
    Pintonan di luhur kaasup kana hiburan ogé kaasup kana présentasi éstétis, lantaran jalan caritana anu hadé ciptaan Dhipa Galuh Purba, nyaritakeun kahirupan anu nyata kajadian di masarakat bisa dijadikeun gambaran jang urang pikeun hirup anu bener, satia, teu poho ka nu nulung teu hilap kanu susah. (Hatur nuhun hapunten bilih seueur kalepatan, Asti Oktaviani 5B).

  • @imamemulyana1347
    @imamemulyana1347 2 ปีที่แล้ว

    Numutkeun Sim Kuring. Ieu Drama anu judulna "Nu Garering" karya Dhipa Galuh Purba anu dipidangkeun ku para aktor ogé aktrisna atos saé. Luyu sareng salah sawios katerangan anu aya dina Isnéndés (2010:75) nyebutkeun yén Drama téh nyaéta karangan sastra anu midangkeun caritana atawa galurna kalawan wangun dialog.
    Hal kitu, katawis tina Dialog unggal aktor katut aktrisna atos ngaruntuy, ogé toktak lalancar. Sagédéngeun éta di dukung ku galur carita anu hadé jadi nambahan kana daya tarik pikeun anu nongtonna.
    Faktor lianna anu ngadukung téh nya éta ditilik tina segi tatapanggung ogé lighting anu pas tur cocog jeung latar suasana anu ditepikeun dina ieu Drama.
    Para aktor aktrisna ogé atos tiasa mawa karakter anu hadé, hal kitu nambahan kapunjulan pintonan drama ieu
    Imam Mulyana (1902184)
    Apresiasi Drama_5C

  • @noorcaaburahman4245
    @noorcaaburahman4245 2 ปีที่แล้ว

    Wasta: Noorca Aburahman
    NIM: 1903420
    Kelas: 5A
    Drama nyaéta karangan sastra nu midangkeun carita atawa lalakon dina wangun dialog, ajangkeuneun dilakonkeun ku aktor dina pagelaran drama. Sim kuring maca éta wangenan tina buku Teori Sastra karya Chye Retty Isnendes. Sabada sim kuring nongton ieu drama anu judulna Nu Garering, loba hal anu dimeunangkeun. Rasa kahibur, meunang pangajaran jeung sajabana. Drama dimimitian ku haleuang dipirig kacapi suling anu rumpakana nyebutkeun tur nyaritakeun para tokoh. Hal ieu kreatif pisan, sabab anu lalajo bisa apal saha waé tokoh anu aya dina éta drama. Tempat anu dipakéna cocog pisan, jadi suasanana leuwih karasa. Tempat indoor mémang leuwih merenah lamun dipaké pikeun drama jiga kieu. Blocking pamaénna ogé ngepas, teu aya anu méngpar. Hal ieu ngajadikeun para panongton resep ningalina, tur puguh arah kudu kamana-kamanana. Sabab sok aya waé anu tampil téh blockingna rada méngpar. Tina lighting ogé ngepas, henteu caang teuing henteu poék teuing. Paroman para tokohna jadi tiasa katingal jelas. Urang salaku aprésioator tiasa ningal, éta jalma téh mawakeun peran salaku saurang tokoh hadé atawa henteu. Sabab lamun dina drama pasamon téh penting pisan. Lamun teu bisa mawakeun tokohna tangtu bakal gagal. Salian ti pasamon atawa pasang peta, gerak awak ogé kudu diperhatikeun. Gerak awak jeung éksprési raray kudu sajalan. Para pamaén dina ieu video katingal pisan sajalanna antara gerak awak jeung ékprési raray.
    Di tatar Sunda papasingan drama téh aya dua, nyaéta drama tradisional jeung drama modérn. Saupama ditilik drama ieu téh mangrupa drama modérn. Sabab cara méntaskeunna dilakonkeun biasa luyu jeung dialog anu aya. Anu ngaranna seni pertunjukan, hususna anu aya dialog, alur carita, tokoh jeung sajabana. Hal éta moal pati-pati dijieun lamun teu aya maksud jeung tujuanana. Seni drama bisa jadi kritik sosial, pangajaran, atikan jeung sajabana. Pibasaeunna mah lamun urang lalajo téh ulah ngan ukur meunang seuri, sedih nu karituna wungkul. Tapi urang kudu bisa meunangkeun ajén naon anu ditepikeun tina eta pertunjukan hususna drama. Saupama ditilik deui, drama Nu Garering téh méré para panongtonna pangajaran keur kahirupan jeung kritik sosial hususna ka pamaréntah. Dina caritana loba nu garering, hal ieu nandakeun kaséhatan di nagara urang téh can rata. Malah dina programma ogé nyaéta BPJS sok teu puguh urusanana. Tina pangajaran hirupna, urang kudu silih bantuan ka jalma anu ngabutuhkeun. Ulah api lain, sabab urang téh mahluk sosial anu pasti ngabutuhkeun batur dina kahirupan sapopoé.

  • @rendyrustandisaepuloh5628
    @rendyrustandisaepuloh5628 2 ปีที่แล้ว

    Sabada nyakséni ieu video drama nu miboga judul Nu Garering karyana Dhipa Galuh Purba dimana ieu pagelaran drama tiasa kalaksana lancer lungsur langsar, dina mintonkeunna ogé numutkeun sim kuring panokohanna katawis pisan saé dimana watek-watek tokoh. Salian tina tokoh jeung watek aya sababaraha hal séjén anu kawilang penting diantarana:
    1. Pupuhunan, dimana miboga tugas pikeun ngatur jalanna éta drama atawa pagelaran biasa ogé disebut Sutradara.
    2. Ayana wujud visual artistic dimana bisa ngagambarkeun kaayaan saenyana nu aya dina naskah, sanajan teu percis tapi bisa ngagambarkeun kaayaanna.
    3. Ayana Naskah, nu mangrupa salasahiji unsur anu kacida pentingna lantara naskah mangrupa patokan awal jeung akhir dina urang mintonkeun salasahiji drama, nepika bisa disebutkeun mirip.
    Dina pagelaran drama kawilang tilu unsur diluhur sadayana dipaké jeung aya, tuluy dina pintonan ieu dimana galur anu aya sami sareng galur anu aya dina naskahna nyaéta galur maju dimimitian ngawanohkeun tokoh utamana ceu Isah, Sarkim, Omah, Anggota nepi ka akhir caritana dimana Warung ceu Isah digusur lantaran ngalanggar aturan anu aya. Anu pamungkas aya hiji hal deui anu penting nyaéta amanat dimana eusina mangrupa rupa-rupa hal atawa kajadian nu rék ditepikeun ku pangaran ka nu macana. Bisa dicindekeun yén drama anu dipidangkeun didieu parantos ngacumponan hamper sadaya hal-hal anu kawilang penting mulai tina palaku, dialog, galur, latar, jeung amanat.

  • @rismawaticahyani4198
    @rismawaticahyani4198 2 ปีที่แล้ว

    Wasta: Rismawati Cahyani
    NIM: 1906330
    Kelas: 5C
    Sabada lalajo pintonan drama Sunda ti kelompok 1 kelas 5A entragan 2018, anu judulna "Nu Garering" karya Dhipa Galuh Purba, kuring bisa méré kamandang yén pintonan drama ieu téh geus alus. Ditilik tina penyajian lakonna, ieu drama téh kaasup kana jenis tragékomedi. Tragékomedi nyaéta gabungan antara drama tragédi jeung komédi (Bintang Aksara Purba, 2018:15). Dina ieu pintonan drama téh ngandung carita pikasediheun (tragédi) nyaéta tokoh Omah anu ditinggalkeun ku salakina nyaéta Sarkin, nu sakitu dipikanyaah pisan ku tokoh Omah. Dina ieu drama ogé aya dialog bodor (komédi) anu bisa nyieun panongton seuri ngadéngé dialogna. Jadi, drama tragékomedi ieu miboga carita anu pikasediheun jeung pikaseurieun.
    Dumasar tilu unsur prisnsip dina drama numutkeun R.M.A Harymawan (1986:22), ieu drama téh geus nyumponan kana katilu unsur éta. Unsur nu kahiji nyaéta unsur kasatuan hartina aya dina sawaktu, satempat, jeung aya dina hiji kajadian (trilogi Aristoteles) nyaéta aya dina hiji panggung sarta caritaan nu luyu jeung galurna. Unsur nu kadua nyaéta penghematan anu patali jeung waktu, nu mana drama "Nu Garering" téh dipintonkeun salila 29 menit 43 detik hartina waktu ieu téh meujeuhna jang nepikeun masalah inti atawa bagéan penting dina caritana. Unsur nu katilu nyaéta unsur keharusan psikis nyaéta ayana protagonis atawa tokoh utama, antagonis, tritagonis, jeung peran pembantu.
    Tina segi tata panggung anu kawilang basajan téh luyu pisan jeung suasana atawa kaayaan carita anu ngagambarkeun kahirupan sapopoé. Latar tempat anu geus teu anéh jang panongton nyaéta tukangeun rumah sakit anu sok loba warung daragang téh nyieun pamiarsa leuwih deukeut kana eusi carita anu dalit jeung pangalaman pamiarsa. Lian ti éta, kostum anu dipaké ku para pamaén téh luyu jeung karakteristik sarta luyu jeung jaman anu dicaritakeun dina drama éta. Tata lampu anu digunakeun dina drama "Nu Garering" téh kaasup kana specific illumination. Specific illumination hartina cara ngagunakeun lampu pikeun nyieun bagéan-bagéan panggung luyu jeung kaayaan dramatik lakon (Harymawan, 1986:146). Namung teu saukur ngagunakeun téhnik éta, ieu pintonan drama téh dibarung ogé ku téhnik lampu general illumination (nyorot ka panggung sacara walatra).
    Hal séjén anu nyieun pintonan drama "Nu Garering" kawilang alus téh nyaéta narator nepikeun amanat tina drama anu dipintonkeunana sacara tersurat, nyaéta urang salaku jalma nalika ngalakukeun hiji kagiatan pasti waé aya akibatna, boh éta kagoréngan atawa kahadéan sarta ulah mopohokeun jalma anu geus ngabantuan urang nalika meunang kasusah. Amanat tina drama ieu téh tangtuna jadi panginget jeung panggeuing pikeun pamiarsa dina ngalakonan kahirupan sapopoé.

  • @fitriashofiyati3564
    @fitriashofiyati3564 2 ปีที่แล้ว

    Wasta : Fitria Shofiyati Wahyuni
    Kelas : 5A
    NIM : 1900412
    Sabada simkuring nongton kana ieu drama anu miboga judul "nu garering" karya Dhipa Galuh Purba. ieu drama anu dipintonkeun teh kacida saena. sakumaha anu tos kauninga ku sadayana yen Drama teh nyaeta salah sahiji rupa seni anu wangunna mangrupa seni pintonan anu dilarapkeun kana wanda sandiwara. Istilah drama asalna teh tina basa Yunani, dramoi, hartina niru-niru.
    Numutkeun Symardjo (1997) Drama nyaeta karya sastra anu ditulis dina wangun dialog pikeun dipintonkeun ku sababaraha aktor.Kitu deui Numutkeun Hasanudin (1996) drama mangrupa salah sahiji genre sastra modern anu miboga dua dimensi karakter nyaeta salaku genre sastra jeung genre seni pertunjukan.
    Dumasar kana wangunna drama teh bisa dipasing-pasing jadi wangun lancaran jeung wangun ugeran. Drama wangun lancaran dibacana atawa diucapkeunana dina wirahma basa lancaran, sok sanajan bisa jadi ku cara direka. Ari dina wangun ugeran, paguneman teh diwangun dina basa ugeran, boh mangrupa sajak bebas, boh mangrupa sajak teu bebas, macana ge biasana mah dilagukeun (dikawihkeun atawa ditembangkeun).
    Dina ieu pintonan drama teh tos kalibet kana sagala stukturna. contona dina stuktur teks drama na nyaeta aya :
    1. Pertelaan palaku : anu ngaberendelkeun ngaran jeung katerangan ngaran palaku
    2. Babak jeung adegan : anu ngabagi-bagi karangan drama
    3. Candraan : dina awal babak, nerangkeun kaayaan latar, suasana, palaku, kajadian jeung nu lianna.
    4. Paguneman (Dialog) : kalimah langsung para palaku anu silih tempas
    5. Prolog jeung Epilog : Prolog teh ditulisna dina awal drama, jadi manggalasastra, ari Epilog mah ditulis dina panutup drama, dieusi ku kacindekan lalakon jeung nasehat pangarang.
    Sakumaha anu tos dipintonkeun yen ieu drama teh miboga nasehat anu kacida hadena kanggo urang sadaya, mepeling ka sakabeh jalma yen urang ulah poho ka saha wae jalma anu geus nulungan urang keur ripuh.
    Hatur nuhun Ibu
    Hapunten bilih aya kalepatan

  • @kekeelyawati9948
    @kekeelyawati9948 2 ปีที่แล้ว

    Sabada nongton pagelaran di luhur, éta video asup kana wangun drama. Lantaran saluyu jeung unsur-unsur drama, nya éta :
    1. Pamaén, jalma nu miboga peran dina hiji karya.
    2. Dialog
    3. Galur, runtuyan kajadian dina caritaan.
    4. Latar, mangsa atawa kaayaan lumangsungna hiji carita.
    5. Amanat, sarupaning hal-hal nu diébréhkeun ku pangarang ngaliwatan karyana.
    Numutkeun Isnendes (2010: 78) aya unsur-unsur pangwangunna, nu utama jadi ciri drama nyaéta ayana dialog, upama ditataan mah unsur-unsur téh diantarana:
    1) prolog;
    2) dialog;
    3) wawancang
    4) babak;
    5) épisode;
    6) adegan;
    7) aside;
    8)solilokui;
    9) épilog.
    Drama nyaéta karangan sastra nu midangkeun carita atawa lalakon dina wangun dialog, ajangkeuneun dilakonkeun ku aktor dina pagelaran drama (Chye Retty, 2010: 75). Dumasar kana wangenanna, video pidangan di luhur nu judulna "Nu garering" saluyu tur asup kana wangun drama.
    Sim kuring kaimpleng yén nalika midangkeun drama/pagelaran aya sawatara hal nu kedah ditataharkeun. Diantarana, pingpinan produksi, sutradara, pamaén, artistik, tata rias, tata lampu, tata kostum, logistik, jrrd.
    Jadi katawisna, video di luhur ditilik tina konsepna kawilang asak pisan, dina suara kantenan jelas pisan. Alatan sukses nyokot daya irut nu nongton. Ogé kantenan, yén drama di luhur téh miboga amanat nu hadé. Ulah ngawilah-wilah batur, ulah mopohokeun nu geus kungsi nulungan.
    Hatur nuhun ibu, saé pisan✨
    Keke Elyawati
    5B

  • @satrio21official40
    @satrio21official40 2 ปีที่แล้ว +1

    18:55

  • @MakhlukPilihan.
    @MakhlukPilihan. 2 ปีที่แล้ว

    Wasta: Neulis fitria
    Kelas: 5B
    NIM: 1904503
    Sabada sim kuring nongton pintonan drama anu judulna “nu garering” karya Dhipa Galuh Purba, éta drama téh boga hal nu matak ngirut nu nongton, sabab caritana dicokot tina kahirupan nyata sarta amanat nu ditepikeun ka pamiarsa kalawan jelas pisan.
    Iskandarwassid (1996: 32) ngébréhkeun yén carita drama nya éta karangan sastra anu medar hiji carita atawa lakon ngaliwatan dialog anu diperankeun ku para pamaén (aktor) dina hiji pagelaran.
    Janten drama nya éta lalakon kahirupan manusa anu dipagelarkeun dina hiji panggung ngaliwatan media dialog, gerak, jeung tingkah laku dumasar naskah tinulis (minangka hasil sastra) kalayan maké musik, kakawihan, atawa tarian anu bisa disaksikeun ku panongton.
    Unsur drama téh kabagi kana sababaraha bagian, anu diantarana nya éta: téma, penokohan, latar, alur, amanat (Hasanuddin, 1996:76-104).
    Téma
    Téma dina drama, umumna teu jauh bédana jeung téma dina puisi atawa prosa fiksi, nya éta poko pikiran anu dikandung ku eusi carita. Patali jeung eusi carita atawa lalakon drama, anu bisa jadi aya patalina jeung téma, aya anu disebut drama komédi, drama tragedi, jeung melodrama. Salian ti éta, téma ogé bisa mangrupa pasualan nu diungkapkeun dina hiji ciptasastra.
    Palaku
    palaku atawa “penokohan” dina drama téh nya éta ngaran-ngaran jelema katut pasipatan anu ngalakukeun dina carita drama, palaku téh biasana disebutkeun dina bagian awal naskah drama, anu heunteu kaasup kana lalakon. Di dinya diterangkeun saha-saha waé anu ngalalakon téh: ngaranna, umurna, pacabakanana, pancakakina, katut hubunganna jeung palaku liana. Patali jeung kalungguhanana dina carita, palaku téh bisa dibagi jad tilu rupa, nya éta palaku utama, palaku pangbantu, jeung palaku panambah. Unggal palaku mibanda karakter atawa pasipatan séwang-séwangan.
    Alur
    Alur, galur, atawa plot téh nya éta rakitan rupaning kajadian nepi ka ngawujud jadi leunjeuran carita. Dina seuhseuhanana mah alur drama téh teu béda jeung alur carita dina carita fiksi séjéna. Ngan biasana dina drama mah anu maca atawa nu lalajo téh teu langsung “digebruskeun” kana pasualan. Ari tempat jeung waktu katut para palakuna, biasana diwanohkeun leuwih tiheula dina prolog, anu aya diluar lalakon.
    Amanat
    Amanat téh nya éta pesen anu hayang ditepikeun ku pangarang ka nu maca. Réréana amanat dina drama téh nyamuni di satukangeun alur carita. Urang bakal nyaho atawa bisa nangkep amanatna sanggeus réngsé maca, atawa lalajo pintonanana.

  • @tikarestisafitri9973
    @tikarestisafitri9973 2 ปีที่แล้ว

    Tika Resti Safitri
    5C
    NIM 1906316
    Drama nyaéta karangan sastra anu midangkeun carota atawa lalakon dina wangun dialog, ajangkeuneun dilakonkeun ku aktor dina pagelaran drama (Isnendes, 2010 kc. 75).
    Sabada nongton pintonan drama "Nu Garering" karya Dhipa Galuh Purba, numurkeun sim kuring ieu pintonan drama tos nyumponan kana unsur-unsur drama.
    Ieu drama diwewegan ku prolog/bubuka, dialog katut adegan nu diselangan ku narasi, tur aya epilog minangka pamungkas carita.
    Dina segi eusi carita, ieu pintonan teh nyaritakeun rupaning kajadian anu kasampak tur kaalaman dina kahirupan sapopoé masarakat. Katitén yén widang kahirupan anu dipilih téh diantarana waé aya widang sosial (carita kahirupan masarakat) jeung hukum (ngeunaan kawijakan-kawijakan pamaréntah).
    Aya dua aspek anu jadi puseur pikeun diaprésiasi, nyaéta aspék caritaan jeung aspék paméntasan.
    Ditilik tina aspék caritaan, ieu drama diwangun ku opat adegan nu ngagunakeun galur maju ngawujud jadi hiji carita anu gembleng babari kaharti ku nu lalajo. Di tungtung carita ditepikeun ogé amanat anu nyangkaruk tina ieu drama.
    Dumasar aspék paméntasan mah, tina segi tata panggung hadé pisan, dibarung ku tata kostum jeung tata rias anu cocok pisan jeung watek unggal pamaén. Tata lampu ogé jadi palengkep anu ngahirupkeun suasana dina ieu drama.
    Cindekna mah ieu drama kawilang hadé pikeun ditongton ku sakumna masarakat Sunda. Anapon sawatara kakurangan saperti pamaén nu ngalaman salah kekecapan, jsb éta mah jadi évaluasi pikeun kamajuan nu leuwih hadé.
    Hatur nuhun. Hapunten bilih aya kecap nu kirang merenah, Ibu. 🙏

  • @nidahasnafiah4487
    @nidahasnafiah4487 2 ปีที่แล้ว

    Drama mangrupa salah sahiji genre tina karya sastra nu ngagambarkeun kahirupan manusa ngagunakeun gerak. Nu dipéntaskeunna aya watak sarta tingkah laku manusa nu ditampilkeun ngaliwatan peran sarta dialog.
    Ditilik tina wangenanna, pintonan di luhur téh tos kalebet kana drama. Kumargi aya peran aya dialog ogé watak sarta tingkah laku manusa nu ditepikeun dina pintonanna. Peranna tadi téh aya ceu tatah, ceu uuh, jrrd. Dialogna aya, kumargi antar peran silih ngobrol. Watak sareng tingkah laku manusa na gé katepikeun ku ayana gerak, éksprési, ogé émosi ti para pemeranna.
    Anapon unsur-unsur tina drama téh nurutkeun Sumardjo (1984) nyaéta téma, galur, setting, karakter, dialog, babak, éfék jeung rétorika. Tina drama di luhur téh unsur-unsur dramana tos lebet.
    Sabada ditingal, ieu drama téh tos saé pisan. Nanging aya sababaraha hiji nu tiasa janten koréksi. Di awal aya haleuang pikeun ngenalkeun tokoh, tapi teu dituduhkeun si tokoh na téh. Janten rada lieur ogé pas ningal na. Tuluy, di tengah-tengah adegan masih ngalereskeun lighting, sakedahna tos siap sadayana ti awal. Nu pamungkas saran ti abdi mah ayakeun téks dihandapna sangkan memperjelas, kumargi soantenna rada ngagema janten rada teu jelas. Tapi éta tos saé pisan émosi, sarta amanat nu hoyong ditepikeun ku panulis na nepi ka panongton.
    Wasta : Nida Hasnafiah
    NIM : 1900843
    Kelas : 5B

  • @dhiniauliaputry4718
    @dhiniauliaputry4718 2 ปีที่แล้ว

    Wasta : Dini Aulia Putri
    NIM : 1908658
    Kelas : 5A
    Sabada nongton ieu drama nu judul na "Nu Garering" karya Dipha Galuh Purba, ieu téh kaasup salasahiji pagelaran drama, sabab numutkeun Isnendes (2010:75) Drama nyaéta karangan sastra anu midangkeun carita atawa lalakon dina wangun dialog, ajangkeuneun dilakonkeun ku aktor dina pagelaran drama.
    Aya deui numutkeun Hariska (2017:6) Drama nyaéta jenis karya sastra anu ditulis dina wangun dialog nu ngajelaskeun sifat jeung paripolah manusa sarta dikedalkeun langsung ngaliwatan kasenian.
    Dina drama aya unsur unsur na nyaéta numutkeun Isnendes (2010:78) unsur unsur pangwangunna. Nu utama jadi ciri drama nyaéta ayana dialog. Upama ditataan mah unsur unsur na téh nyaéta, prolog, dialog, wawancang, babakan, episode, adegan, aside, solilokui, epilog.
    Dina ieu drama Nu Garering ogé geus nyumponan kana unsur unsur pangwangun anu salapan. Ieu drama téh ka asupna drama sunda modern tapi henteu ngaleungitkeun seni tradisional na. Eusina dina ieu drama téh seeur pisan salahsahijina pepeling pikeun urang sadaya, lain saukur jang hiburan hungkul tapi seueur amanat pikeun nu nongton.
    Hatur nuhun ibu, hapunten bilih seueur kekecapan anu kirang merenah.

  • @zakiyahzahra685
    @zakiyahzahra685 2 ปีที่แล้ว

    Wasta: Zakiyah Zahra Suryana
    Kelas: 5B
    NIM: 1909094
    Video di luhur anu dibéré judul “Nu Garering” karya Dhipa Galuh Purba téh mangrupa conto pintonan tina drama panggung sabab drama na dipintonkeun ku pamaénna dina panggung. Anu dimana drama téh mangrupa salah sahiji karya sastra anu teh pernah kaleungitan pangaresep. Drama téh salah sahiji wentuk pagelaran seni anu geus aya ti jaman Aristoteles sakitar 335 M.
    Numutkeun KBBI, drama téh nyaéta komposisi syair atawa prosa anu diharepkeun bisa ngagambarkeun kahirupan jeung watak ngaléwatan ékting atawa dialog anu dipéntaskeun. Carita anu ngalibatkeun konflik atawa émosi anu husus pikeun pintonan téater.
    Numutkeun Seni Handayani, drama téh nyaéta komposisi tina dua jinis seni, nyaéta sastra jeung pintonan anu engkéna bakal ngabagi drama jadi dua wentuk, nyaéta drama téks tinulis jeung drama anu dipintonkeun.
    Pintonan di luhur bisa disebut drama ogé sabab miboga ciri-ciri anu luyu sareng naon anu disebut drama téa. Ciri-ciri na téh nyaéta; drama téh miboga naskah atau téks dina bentuk dialog, di jero drama ngandung masalah atau emosi, tur miboga pamaén anu tangtuna butuh waktu pikeun latihan méh bisa mintonkeun drama éta kalayan alus.
    Pintonan di luhur ogé tos saluyu sareng struktur dramana, dimana aya prologna nyaéta bubuka, anu kaduana aya dialogna, sareng anu pamungkas aya epilogna atau bisa disebut adegan pamungkas atawa panutup biasana dieusian ku amanat tina drama éta.
    Haturnuhun.

  • @Sweatcandy-r9t
    @Sweatcandy-r9t 2 ปีที่แล้ว

    Wasta: Raden Utami
    Nim: 1900189
    Kelas: 5A
    Sabada lalajo drama "Nu Garering" karya Dipa Galuh Purba, ieu drama tos kawilang sae pisan boh dina aktingna boh dina latarna.
    Nurutkeun Budianto, dkk (2002) drama teh mangrupa hiji genre sastra nu mintonkeun penampilan fisik sacara verbal nu ditandaan ku ayana guneman antar tokoh.
    Katiten tina ieu drama oge ayana guneman antar tokoh oge ngagambarkeun ngeunaan kahirupan jeung alam manusa ngaliwatan pari polah nu dilakonkeun. Ieu hal oge mangrupa salah sahiji ciri drama.
    Salian eta aya oge unsur-unsur drama, di antarana:
    1. Prolog: prolog biasana mah aya di awal drama nu eusina katerangan ngeunaan lalakon nu baris dipintonkeun. Dina ieu drama oge aya prologna ku cara dihaleuangkeun.
    2. Candraan: dina awal babak nerangkeun kaayaan latar suasana, palaku, kajadian, jsb. Tapi dijentrekeunana henteu sagemblengna ngan sacukupna. Saperti dina ieu drama oge aya candraan anu dijentrekeun dina awal babak.
    3. Dialog: kalimah langsung antar palaku anu silih tempas, saperti dina ieu drama oge aya guneman antar palaku.
    4. Babak: hiji babak ditandaan ku robahna setting tempat. Hiji babak teh aya sababaraha adegan nurutkeun kaluar inditna palaku.
    5. Epilog: panutup drama nu eusina kacindekan lalakon jeung nasehat. Saperti dina ieu drama oge aya nasehatna nya eta urang salaku jalma nalika ngalakukeun hiji hal pasti wae aya akibatna boh kagorengan boh kahadean".

  • @sintajulianayusup6959
    @sintajulianayusup6959 2 ปีที่แล้ว

    Wasta : Sinta Juliana Yusup
    Kelas : 5A
    NIM : 1902574
    Bismillahirohmanirrohim
    Ibu neda widi kanggo ngintunkeun saalit apresiasi simkuring kana ieu pintonan drama pun lanceuk, mugia teu mengpar kaditu-kadieu. Neda dihapunten upami seer kalepatan.
    Drama anu dipidangkeun dina ieu pintonan virtual téh mobiga judul “NU GARERING” karya Dhipa Galuh Purba. Sabada urang nongton ieu pintonan katingali pisan kumaha ieu bahan pintonan (naskah dramana) kalintang hadé pisan. Urang bisa meunang réa makna jeung maksud tina ieu drama pikeun pieunteungeun hirup. Atuh unggal unsur anu kalibet dina ieu pagelaran drama téh katingali pisan kumaha kétakna pikeun ngamaksimalkeun ieu pintonan.
    Saupama ditingali deui “Nu garering” dina ieu drama ogé bisa dianggap mangrupa simbul tina makna-makna anu nyamuni, boh éta gering sacara fisik, émosi, haté, jeung gering polah lampah katut ringkang hiji manusa anu kagambar sarta mangrupa lenyepaneun saha baé anu maca atawa nonton pidangan dramana.
    Kapan ari enas-enasna mah hiji naskah drama téh minangka hiji bahan pikeun pidangeun seni pertunjukan dramana éta sorangan. Ari dina sisi sastrana mah nya tulisan atawa naskahna éta téa. Hirupna hiji naskah drama saupama aya dialog. Dialog dina drama bakal karasa alus tur éndah saumpama aya anu makéna atawa dikomunikasikeun langsung sarta dijejelan ku makna-makna kahirupan. Hartina drama anu hadé nurutkeun sim kuring mah nyaéta drama anu aya pulunganeun pikeun anu nongtonna saupama dipidangkeun, nu maca naskahna saupama dibaca. Atuh mun téa mah dipidangkeun tangtu anu midangkeun éta drama téh bakal mangaruhan kana keuna atawa henteuna maksud tina éta carita drama. Ari anu ngahirupkeun dialog dina drama atawa naskah drama téh pan aya anu disebut ku tokoh.
    Ieu drama téh kaasup kana drama modérn, sabab katilik tina tokoh jeung jalan carita ogé pidangan anu dipitongtonkeun. Tokoh dina drama asupna kana unsur drama. Ari unsur-unsur drama ngawengku téma, galur carita (anu nyaritakeun sakabeh babak tina ieu naskah drama, ti mimiti nepi ka ahir carita, dina ieu pidangan ogé tangtu katingali neumbrak aya), setting (anu digambarkeun ku ayana dua tempat nyaéta warung sangu jeung gerbang tukang (pipir) ka rumah sakit minangka properti setting tempat), penokohan/karakter unggal tokoh (tangtu dina ieu drama ogé béda-béda, ti mimiti tokoh anu teu jujur, teu iklasan, jalir jangji teu bisa dipercaya, wani, jrr.), dialog, babak, point of view, jeung amanah (ieu amanah ditepikeun ogé ku narator ahir carita). Saupama ditingali tina kasangtukan ieu carita, drama Nu Garering téh nembongkeun fénoména sosial nu hirup di masarakat.
    Salian ti éta anu katitén ku sim kuring mah ieu drama téh kaasup kana drama sababak nu diwangun ku 4 adegan, réa dialog antar pamaénna, pon kitu deui prolog anu dibacakeun di awal tur epilog anu dibacakeun di ahir.
    Mung saupama ningali kana naskah drama anu aslina mah bisa katitén aya hal anu dirobah atawa disaluyukeun ku pihak anu kalibet dina ieu produksi pintonan. Umpamana baé dina julmah tokohna. Sakacatet sim kuring, jumlah pamaén dina ieu pintonan téh aya kana 11 urangna, tapi dina naskah anu kungsi kapanggih tokoh dina naskah drama Nu Garering téh aya kana 13 urangna. Tangtu waé ieu aya pangaruhna kana drama anu dipidangkeun, misal nguranganna jumlah pamaén. Mung ieu parobahan teu ngabalukarkeun hal anu ngarusak atawa ngaleungitkeun ajén atawa tujuan utama tina eusi drama. Kapan waktu dipidangkeunna ieu naskah téh lain wungukul naskah nu mana tapi kumaha midangkeunna.
    Sakitu ti simkuring. Hapunten kasadayana pihak bilih lepat dina nyusun ieu sawangan.
    Hatur nuhun....

  • @nuruljamilah4845
    @nuruljamilah4845 2 ปีที่แล้ว

    Sabada nonton eta video katawis sae pisan. Lantaran tina konsepanana katawis tos asak pisan.
    Wangenan drama numutkeun Kamus Besar Bahasa Indonesia (KBBI), drama nyaeta komposisi syair atawa prosa anu dipiharep bisa ngagambarkeun kahirupan jeung watek ngaliwatan tingkah laku (akting) atawa dialog anu dipentaskeun. Wangenan ieu saluyu jeung video drama "Nu garering" ieu, kusabab katawis yen dina drama "Nu garering" teh ngagambarkeun atawa nyaritakeun jalma anu keur gering. Kantenan oge watek jeung akting na ngagambarkeun sababaraha tokoh nyaeta anu protagonis jeung antagonis.
    Salian eta, dina drama oge aya unsurna, nyaeta: (1) ayana pupuhunan, atawa nu ngaturna: sutradara, (2) aya wujud visual artistik panggung (sanajan basajan), jeung kalintang penting, (3) ayanan naskah (sanajan ukur gurat badag pintonan). Unsur drama ieu kalintang penting pisan sangkan jalanna drama bisa saluyu jeung kaharti ku panongton. Dina drama "Nu Garering" eta katiten bisa nyumponan unsur drama anu tadi disebutkeun.
    Dumasar pamahaman sim kuring ngeunaan drama, video drama "Nu Garering" ieu kaasup kana drama sababak. Lantaran tokoh jeung settingna sarua. Salian eta drama "Nu Garering" ieu bisa disebut kaasup kana jinis drama Tragikomedi, kusabab aya unsur sedih jeung kalucuanna.

  • @ichaprastikaquraisyin3815
    @ichaprastikaquraisyin3815 2 ปีที่แล้ว

    Drama mangrupa salah sahiji karya sastra anu miboga kaonjoyan anu matak ngirut, nyaéta unsur atawa aspek pementasan anu némbongkeun eusi carita sacara langsung tur dipintonkeun dihareupeun balaréa. Haryawan (2006:2) nétélakeun yén kecap drama téh asalna ti basa Yunani nyaéta "draomai" nu hartina ngalakukeun, kréasi, tindakan.
    Ieu vidio téh mangrupa salah sahiji conto pintonan drama nu mana bakal dipaluruh aspek-aspek nu aya tina drama.
    Aspek anu pokok tur utama tina drama aya 4 diantarana:
    1) Lakon, lakon téh nyaéta hiji jenis naskah carita, bisa tina wangun tinulis atawa carita, nu utama leuwih ditunjukeun pikeun pintonan tibatan dibaca. Naskah drama tina ieu vidio téh judulna Nu Garering karya Dipa Galuh Purba.
    2) Tokoh/pamaén, tokoh nyaeta jalma-jalma anu merankeun carita nu aya tina drama éta sorangan. Tina ieu vidio drama téh katitén pisan yén ieu drama téh dipintonkeun ku sababaraha jalma. Anapon tokoh atawa pamaén nu aya dina carita nyaéta aya Neng Tata, Sarkim ,Omah, Ceu Isah, Ceu Popon, Satpol pp, Neng Uu, Dokter Ibrahim, Ijah, Salaki Ijah jeung sababaraha pamaén lianna.
    3) Tempat pintonan, tempat pintonan nyaéta lokasi anu digunakeun pikeun pintonan drama. Tempat anu dipaké pikeun mintonkeun ieu drama téh nyaéta hiji ruangan anu ditata tur disaluyukeun jeung kaayan carita dramana, saperti ayana warung jeung rumah sakit. Katambah tina tempat oge ditambahan _lighting_ anu kawilang hadé, nu mana ieu bisa nambahan ajén kaéndahan.
    4) Panongton, panongton nyaéta jalma anu nongton, ngajén, nilik pintonan tina éta drama. Kusabab ieu drama téh diapungkeun kana TH-cam ku cara loba nu ngaaksés tur ditongton kukituna ieu drama téh geus bisa nyumponan aspek panongton.
    Lamun ditilik tina kaopat aspek anu tos dipedar diluhur ieu drama anu judulna Nu garering téh tos nyumponan kaopat aspek diluhur.
    Hatur nuhun ibu.

  • @dsvr1212
    @dsvr1212 2 ปีที่แล้ว

    drama nyaeta genre sastra nu ngagambarkeun gerak kahirupan manusa,realitas kahirupan,wateuk,jeung paripolah manusa ngaliwatan partisipasi jeung dialog nu dipidangkeun . Carita jeung kisah-kisah dina drama konflik jeung beban emosional nu sacara husus dipidangkeun pikeun teater.
    numutkeun Suyoto (2006:1) drama nyaeta kisah kahirupan manusa nu dipintonkeun dina pagelaran dumasar naskah,paguneman,Gerak laku,jeung unsur-unsur babantu sepertos tata panggung,sarta di tonton ku panonton..ku kituna pintonan drama "Nu Garering" karya Dhipa Galuh Purba teh saluyu jeung aturan diluhur.
    Numutkeun pamadegan simkuring
    Sabada nongton video drama nu judulna "nu garering" karya Dhipa Galuh Purba ,dina ieu drama katawis aya tokoh,peran jeung wateuk ,kaasup hal-hal nu patalina jeung pangarannan,panokohan,kaayaan fisik tokoh (aspek fisikologis),kaayaan sosial tokoh (aspek sosiologis),sarta wateuk tokoh. Hal-Hal nu kaasup di jero pasualan panokohan silih aya patalina dina upaya ngawangun pasualan-pasualan atawa konflik-konflik manusa nu mangrupa syarat utama dina drama.
    Tina kacindekanna yen pasualan jeung konflik nu aya dina drama "nu garering " teh sabab ayana petepungna tokoh-tokoh nu miboga peran saluyu kalawan kahayang pangarang jeung miboga wateuk nu salayu jeung peranna.
    Numutkeun simkuring nilik dina pagelaran drama ieu dibagi jadi sababaraha bagian atanapi babak salian babak,dina drama ieu oge aya alur atawa jalan carita nu bisa kacangkem naon eusi drama nu ditampilkeun jeung oge aya amanat pikeun panonton,salian eta dina drama ieu aya ciri utama nyaeta aya tilu kasatuan ... nyaeta kasatuan tempat,kasatuan waktu jeung kasatuan kajadian (plot) .kasatuan tempat tina saluruh kajadian dina carita nu dimainkeun dina hiji lokasi.
    Sakitu wae nubisa simkuring dugikeun,hapunten bilih aya kecap anu kirang merenah,hatur nuhun ibu..🙏🏻
    Wasta :Destyara Savitri
    NIM : 1904529
    Kelas : 5 B

  • @vianeuapilasyahrani5390
    @vianeuapilasyahrani5390 2 ปีที่แล้ว

    Wasta : Vianeu Apila
    NIM : 1908410
    Kelas : 5A
    NU GARERING
    Drama Sunda karya Dhipa Galuh Purba ieu tѐh bisa dicindekkeun tina alur carita nya aya pesen anu mana nyindir ka pamarѐntah jeung mintonkeun paripolah jalma - jalma anu keur ka susahan. Utama na urang kudu bisa silih nulungan nalika aya anu garering. Jalma gering kudu ditulungan rѐk ѐta jelema beunghar atawa sangsara. Jeung kudu silih ngarti ka papada jelema anu keur kasusahan.
    Tina pintonan Nu Garering aya sababaraha anu kudu diropea tina lighting jeung oge karakter pamaѐn anu kurang ekspresif. Intonasi anu tos saѐ oge, kostum anu tos saluyu jeung tѐma drama na.
    Dina drama gѐ jadi poko penting dina sumber daya na boh eta jalma atawa property anu aya sangkan bisa ngadukung kalayan lancar lumangsung na ieu kagiatan.
    Sakitu nu kapihatur, Hatur Nuhun.

  • @lulu_aulll
    @lulu_aulll 2 ปีที่แล้ว

    Wasta : Lulu Aulya Fuji Nisa
    NIM : 1902166
    Kelas : 5C
    Sabada nyakséni ieu pintonan drama nu judulna “Nu Garering” karya Dhipa Galuh Purba, ieu pintonan drama téh tos saé sarta saluyu ogé minuhan kana aspék-aspék nu aya dina drama. Ditilik tina aspék caritaanna nu mana ieu pintonan drama téh puguh galur caritana (ngagalur), carita nu dibawakeun kawilang hadé sarta cara aktor mawakeun peran atawa tokoh nu aya dina ieu carita téh kalawan luwes (saluyu jeung bagéanna séwang-séwang), dibarung intonasi nu jelas nalika nepikeun paguneman atawa dialog-dialogna nu mana ieu jadi nilai plusna sabab carita bisa sagemblengna kacangkem ku panongton kalayan écés jeung jétré tur naon nu jadi maksud atawa amanat nu rék ditepikeun tina ieu drama téh bisa katepikeun. Sedengkeun tina aspék pementasanana ieu pintonan drama téh dirojong ogé ku dékorasi panggung, properti-properti lianna nu saluyu matak nguatan suasana jeung carita, tata kostum, make up, sarta tata lampu (lighting) nambahan kesan sarta ngahirupan ieu pintonan drama.
    Numutkeun Isnendes (2010:75) drama nyaéta karangan sastra nu midangkeun carita atawa lalakon dina wangun dialog, ajangkeuneun dilakonkeun ku aktor dina pagelaran drama. Nu utama dina drama téh nyaéta ayana dialog, tapi salian ti éta aya ogé sababaraha unsur-unsur nu ngawangun drama nyaéta prolog, dialog, wawancang, babak, episode, adegan, aside, solilokui, jeung epilog.

  • @elissitisaadah2521
    @elissitisaadah2521 2 ปีที่แล้ว

    Wasta : Elis Siti Sa'adah
    Kelas : 5C
    NIM : 1906319
    Sabada nyakséni pintonan "Nu Garering" karya Dhipa Galuh Purba anu dipagelarkeun ku kelompok 1 (5A) ieu mangrupa jenis drama, lantaran éta pintonan téh mangrupa jenis caritaan anu diwangun ku palaku/aktor/aktris, ogé dialog. Éta hal luyu sareng wangenannana, drama nyaéta karangan sastra anu midangkeun carita atawa lalakon dina wangun dialog, ajangkeuneun dilakonkeun ku aktor dina pagelaran drama (Isnéndés, 2010:75).
    Saupama nilik kana unsur-unsurna, éta drama "Nu Garering" téh parantos nyumponan unsur-unsur drama saperti téma, galur, tokoh, watek, latar, sareng amanahna tos jelas aya dina éta drama.
    Ogé saupama nilik kana kritéria penilaiannana, drama di luhur nyumponan kritéria penilaian dina tata sora lantaran vokal sareng intonasi nalika dialogna jelas, ogé nyumponan kritéria penilaian dina éksprési pemeranan anu katilik tina aktor-aktorna anu tos mampuh nyaluyukeun dialog sareng éksprési pameunteuna, teras ogé tos nyumponan kritéria penilaian tata letak atawa bloking anu katilik tina aktor-aktorna anu tiasa nempatkeun posisina sareng teu ngahalangan aktor séjén ogé teu nukangan panongton. Lian ti éta ogé drama di luhur téh nyumponan kritéria penilaian drama moving atawa gerakan, katilik tina gerakan-gerakan aktor-aktorna ngarojong kana éksprésina. Pintonan drama "Nu Garering" di luhur téh atos kawilang saé.
    Sakitu ti sim kuring, hapunten bilih aya basa anu kirang merenah. Hatur nuhun.

  • @malindaratnapuri6415
    @malindaratnapuri6415 2 ปีที่แล้ว

    Sabada sim kuring nyakséni drama diluhur nu judulna “Nu Garering”. Dramana saé pisan boh tina pamaénna, aktingna, dialog-dialogna, tata panggung jeung musik nu nambihan bumbu dina drama ieu. Dina drama ieu katawisna mah tos ngadugikeun eusi jeung inti dina caritana. Sakumaha wangenan drama nu di pedar ku sababaraha ahli nyaéta :
    Sumardjo (1984: 32) nétélakeun yén drama mangrupa karya ditulis dina wangun dialog nu dimaksud pikeun dibawakeun ku pelakuna. Aya ogé numutkeun Tjahjono (1988: 186) drama nu kaasup dina karya sastra nyaéta naskah caritana. Salaku karya sastra, drama téh unik. Drama diciptakeun teu ngan saukur dibaca hungkul, tapi ogé bisa dipagelarankeun. Drama salaku tongtonan atawa pagelaran sering disebut ogé ku istilah téater. Salaku seni pagelaran, drama ngabogaan karakter fana, hartina dimimitian dina hiji peuting jeung diahiran di peuting nu sarua. Salian ti Sumarjo jeung Tjahjono, Tambojang (1981: 15) ogé méré pamadeganna, nyaéta drama téh mangrupa carita anu unik. Drama teu ngan saukur dibaca, tapi ogé ditampilkeun pikeun tongtonan. Salaku tongtonan ieu, drama sifatna fana, dilakukeun dina poé anu sarua. Upami numutkeun Budianta (2002: 95) drama nyaéta genre sastra nu nampilkeun fisikna, némbongkeun sacara vérbal ayana dialog antar tokoh-tokoh nu aya.
    Sakumaha nu geus di pedar dina wangenan drama di luhur, pagelaran drama “Nu Garering” ieu téh tos jadi salah sahiji contona, tos nyumponan sagala aspék nu aya dina drama. Jeung ogé geus nyumponan unsur-unsur dina drama, nyaéta unsur-unsurna aya téma, latar (tempat jeung waktu), plot atawa alur, penokohan atawa perwatekan, amanat, akting, jeung tata pentas. Teu béda jauh jeung anu di tétélakeun ku Sumardjo (1984) yén unsur-unsur drama téh nyaéta aya téma, galur carita, setting, karatker, dilalog, babak, éfék, jeung rétorika. Nilik kana unsur-unsur nu tos dipedar, drama di luhur téh tos kaasup kana unsur-unsur nu disebutkeun, ogé dina pembawaan pamaéna ramé teu nyieun bosen atawa nyieun tunduh, bisa nempatkeun atawa ngabawakeun peranna séwang-séwangan. Drama ogé kabagi jadi 2 jenis, nyaéta aya jenis drama prosa nu mangrupa drama nu dialogna disusun dina wangun prosa, nu kadua aya drama puisi nyaéta drama nu kirang langkung eusi dialogna disusun ku puisi atawa dumasar kana unsur-unsur atawa ciri puisi.
    Wasta : Malinda Ratnapuri
    NIM : 1904170
    Kelas : 5B

  • @yudistirafitrasabarudin372
    @yudistirafitrasabarudin372 2 ปีที่แล้ว

    Katawisna ku sim abdi, ieu pagelaran drama teh sae pisan. Nu minton na ogé katawis tapis pisan dina mintonkeun watek-watekna, upami nilik kana unsur drama anu dipedar ku S. Tasrif (Isnendes, 2010: 78) aya sababaraha unsur Galur anu nyangkaruk dina pintonan drama diantarana: 1) Situastion, dina drama dilihur pangarang tos tiasa ngadeskripsikeun situasi kaayaan anu nyangkaruk dina eta drama, tiasa ditingal tina tapisna nu minton ngawangun suasana dina eta drama, 2) generating circumstances, kajadian mimiti gerak, dina kajadian mimiti gerak ieu nalika awal tos katingal hirup, diimpelentasikeun ku tokoh-tokoh figuran anu ngahirupkeun situasi nu karandapan, 3) rising action, kaayaan mimiti muncak, kaayan anu mimiti muncak aya dina bagbagan dua hansip nyarékan anu nuju tuang sareng nu daragang di sabudeureun rumah sakit, 4) climax, anu katiten ku sim abdi climax aya dina bagbagan paparaseaan “suami-istri” anu teud amang tea, sareng ayana preman setempat anu ngagunasika salasahiji tokoh, anu pamungkas 5) Denouncment, mereskeun pasualan, antukna warung anu disabudeureun rumah sakit janten diangkutna ku satpol pp. Neda jembar pangapunten bilih seueur kakirangan tina sawangan jisim abdi, hatur nuhun

  • @izmidini2488
    @izmidini2488 2 ปีที่แล้ว

    wasta : Izmi Dini YS
    nim : 1903133
    kelas : 5A
    Saatos nyakseni Drama ieu, nu katawis ku abdi Drama " Nu Garering " ciptaan Dipha Galuh Purba ieu teh sae pisan, dina alur na nu jelas, pamaen na nu nyarangkem kana nu diperankeun na teh jadi teu karagok teras latar na nu sae pisan. Teras dina ieu drama saena nyieun panongton gigidek kana plottwist na, pokokna sae pisan.
    Nah ieu aya patalina sareng naon anu di pedarkeun ku Isnendes (2010:78) Drama nyaeta karangan sastra anu midangkeun carita atawa lalakon dina wangun dialo, ajangkeuneun dilakonkeun ku aktor dina pagelaran drama.
    jeung oge numutkeun Endraswara (2011:265) karya sastra nu geus disusun pikeun ngagambarkeun hirup jeung aktivitas ngagunakeun rineka kalakuan, paguneman jeung pamain karakter.
    Ieu drama oge kaasup kana drama panggung sabab drama na dipaenkeun ku para tokohna dina luhur panggung, jeung kalebet oge kana drama modern.
    Dina Drama teh aya Aspek- aspek na diantarana aya Tokoh, Lakon, Tempat Pintonan, jeung Panonton, kaopat aspek eta mangaruhan kana kalancaran Drama nu dipidangkeun. Salian ti eta aya oge unsur unsur Drama nyaeta Tema, Galur, Latar, Tokoh, Sudut Pandang , Konflik jeung Amanat.
    Dina drama " Nu garering " ieu sakabeh unsur jeung aspek dina Drama atos sae pisan, atos dina tempatna masing masing, jadi pas nyakseni drama ieu meni marenah sabab sadayana dina posisina masing2, para tokoh bisa nyebarkeun emosi na sedih na jeung ekspresina janten ny nonton paham kana naon anu dimaksudkeun, kaasup kana amanat nu didugikeun , tapi oge nonton na teu tegang teuing sabab aya sababaraha komedi nu dipitonkeun.
    Sakitu sawangan ti Abdi , punten bilihna aya nu lepat dina kecap pikeunngomentaran ieu drama.
    Hatur Nuhun Ibu.

  • @sutriaprilia5678
    @sutriaprilia5678 2 ปีที่แล้ว

    Sabada simkuring nongton pintonan drama ieu simkuring tiasa ngajén yén ieu drama anu judul na "Nu Garering" karya Dhipa Galuh Purba pintonna na saé pisan ngaguluyur ti awal dugika akhir jeung aya pamaca narator na ogé. Sagala aspek anu kudu aya dina pintonan drama téh tos kacumponan conto na barang-barang anu diperlukeun saperti bangku, jongko warung, jeung loba deui. Tata lampu na pas pisan nalika pareum jeung hurung deui tuluy kamera nage pas nyorot kanu keur ngomong Akting na saé. Lamun unsur-unsur drama kacumponan sareng pamaén-pamaén maén keun drama na soson-soson tangtu waé drama anu dipintonkeun téh saé saperti drama ieu. Amanat tina drama nagé kadugikeun pisan tuluy dialog nagé jentré pisan kadugikeun na. Tapi aya kurang na kusabab teu aya sora-sora musik anu muncul tina drama ieu.
    Drama nu judul na "Nu Garering" karya Dhipa Galuh Purba téh latar tempat na nyaéta di warung sangu anu dekeut jeung rumah sakit. Tuluy kagiatan dagang di warung sangu téh dibubarkeun ku satpol PP tapi teu bubar da satpol PP éta téh benang kénéh kawadulan ku ibu ibu anu dagangna da cenah éta mah lain dagang tapi méré kadaharan sacara haratis jeung satpol PP éta sieun ku awéwé nu ngaku "anggota" padahal mah kur anggota masarakat Indonésia. Tuluy aya dokter wawadulan anu papanggih jeung pasangan salaki pamajikan padahal dokter éta téh teu cageur jiwa na. Jeung di akhir carita aya salaki pamajikan anu baheula mah salaki na anu geuring ayeunamah pamajikan na nu geuring salaki éta teu nguruskeun pamajikan na teu siga baheula pamajikan na nguruskeun manéhna nalika geuring.
    Tangtu na aya hal-hal anu kudu di sadiakeun nalika rék ngayakeun pintonan drama téh diantara na aya :
    1. Bedah Naskah, kagiatan anu dilakukeun sabada geus aya kasapukkan rék maké naskah drama naon bedah naskah penting dilakukeun supaya kabéh pamaén sareng tim kaproduksian nyangkem kana naon anu aya dina eusi naskah drama éta.
    2. Pamilihan pamaén, néangan jalma-jalma pikeun maénkeun tokoh-tokoh anu aya dina eusi drama éta jeung anu bisa maén keun karakter na.
    3. Ngalatih peran, dina latihan peran ieu diharepkeun para pamaén bisa ngahirupkeun tokoh nu aya dina naskah jadi nyata nalika dina panggung.
    4. Nyiapkeun lampu jeung panggung, sutradara jeung panata panggung jeung panata lampu kudu ngalakukeun kasiapan dina panggung pamentasan.
    5. Nyiapkeun musik, musik penting pisan dina pagelaran kusabab musik téh pikeun ngahirupkeun kaayaan pagelaran nu saluyu jeung kaayaan anu dina naskah tur miboga ajén kaéndahan.
    6. Nyiapkeun tata busana jeung tata rias, hal ieu penting pisan baju anu dipake ku pamaén kudu pantes tur nyambung jeung karakter na. Tuluy pamaén raray na kudu di rias nyaluyukeun jeung carita drama anu rék dipintonkeun.
    7. Nyiapkeun tim kaproduksian, contona nyiapkeun gedung pikeun pagelaran, nyiapkeun dana, nyitak tikét, jeung nyiapkeun sagala rupa anu dibutuhkeun pikeun pagelaran.
    Hapunten bilih aya kalepatan, Hatur Nuhun🙏
    Sutri Aprilia N
    1902074 / 5B

  • @user-qp7vk1kr7f
    @user-qp7vk1kr7f 6 หลายเดือนก่อน

    Abi mah te resep 😂😊

  • @user-qp7vk1kr7f
    @user-qp7vk1kr7f 6 หลายเดือนก่อน

    Abi mah te resep

  • @user-qp7vk1kr7f
    @user-qp7vk1kr7f 6 หลายเดือนก่อน

  • @salsanabilaf1054
    @salsanabilaf1054 2 ปีที่แล้ว

    Drama nyaéta karangan sastra nu midangkeun carita atawa lalakon dina wangun dialog, ajangkeuneun dilakonkeun ku aktor dina pagelaran drama (Isnéndés, 2010:75). Jadi tujuan utama drama nyaéta pikeun dipintonkeun dina pagelaran, boh di tempat terbuka atawa di tempat tertutup anu settinganana memang disadiakeun keur pintonan drama, saperti drama di luhur.
    Nilik pintonan di luhur, ciri nu ngabédakeun drama jeung karya sastra lianna téh nyaéta ayana dialog jeung monolog. Ayana monolog ngababarikeun panongton dina nyangkem galur carita sarta pikeun nepikeun amanat/pesan.
    Drama téh aya drama tradisional jeung drama modern. Drama tradisional mah minangka hasil kreativitas masarakat étnik, bahanna gé tina karya sastra lisan. Sedengkeun drama modern mah bahanna tina naskah (tulis), miboga konsep tur mibanda unsur-unsur kayaning sutradara jeung wujud visual artistik panggung. Pintonan di luhur kaasup drama modern lantaran bahanna tina naskah. Dumasar kana karakteristik pintonan jeung carita nu dibawakeunana, kaasup drama tragédi anu ngandung téma kasatiaan istri ka carogéna. Bisa ditilik tina watek tokoh Omah anu getén ngurus salakina anu keur gering, sanajan tungtungna mah ditinggalkeun.
    Umumna naskah dibagi jadi sababaraha babak. Tina sababak dibagi deui jadi sababaraha adegan, nyaéta robahna hiji kaayaan/peristiwa anu ditandaan ku asup/kaluarna tokoh. Sanggem simkuring pintonan diluhur kasebut drama pondok atawa drama sababak nu ngawengku opat adegan.
    Latar tempat dina éta pintonan nyaéta di warung hareupeun rumah sakit, suasana tegang. Galur caritana mangrupa galur maju. Unsur-unsurna:
    1. Pengenalan cerita 2.07
    2. Awal konflik 5.00 - 9.09
    3. Menuju konflik 25.00
    4. Klimaks 26.10
    5. Penyelesaian 26.31
    5A_Salsa Nabila Farhatunnisa

  • @sintakurnia3542
    @sintakurnia3542 2 ปีที่แล้ว

    Sabada nyakséni pintonan drama Saba Seni "Nu Garering" numutkeun simkuring drama anu dipintonkeun jeung diperankeun ku kelompok ieu tos saé. Ditilik tina aspék paméntasan nu ngarojong jalanna pintonan, drama ieu tos minuhan aspék-aspék dina paméntasan diantarana dekorasi panggung dina drama "Nu Garering" katingal aya na warung, jajanan-jajanan, korsi, meja, jeung plang rumah sakit, kadua tata lampu nu tos luyu jeung adegan nu lumangsung sapertos pergantian ti pamaén ka narator, muncul atawa inditna pamaén anu ngabédakeun ti hiji kajadian ka unggal kajadianana, katilu tata musik contona bubuka drama aya lagu nu ngadéskripsikeun eusi naskah "Nu Garering", tuluy sora pamaén jeung narator anu jelas jeung bedas, tata rias jeung kostum saluyu jeung peran aktor-aktorna saperti satpol pp jeung sajabana.
    Didieu simkuring ogé badé medar naon éta drama, sabada maca buku Teori Sastra karya Ibu Chye Retty Isnendes taun 2010. Drama nyaéta karangan sastra nu midangkeun carita atawa lakon dina wangun dialog, ajangkeuneun dilakonkeun ku aktor dina pagelaran drama. Dipagelarkeunna téh bisa di tempat terbuka contona lapang, latar atawa tempat nu tertutup dina panggung nu blockingna disadiakeun keur pintonan drama. Upami unsur drama salian ti konsep, nya éta nu ngatur jalanna drama nyaéta sutradara, tuluy aya artistik panggung, tata rias, pemusik, jeung nu paling penting ayana naskah anu didramakeun. Nu paling utama dina ciri drama téh nyaéta ayana dialog, unsur-unsurna aya prolog, dialog, wawancang, babak, episode, adegan, aside, solilokui, jeung epilog. Lamun galur carita drama dina téori Aristoteles, tuluy dimekarkeun ku para ahli diantarana:
    1. Eksposisi nu nyaritakeun atawa ngadéskripsikeun kaayaan: 2 menit awal narator ngawitan ngadéskripsikeun kaayaan carita naskah "Nu Garering".
    2. Generating Circumstances mulai gerakna kajadian dina caritaan: saatos éksposisi di menit ka 3 kajadian dina caritaan dimulai.
    3. Rising action didieu kaayaan carita mimiti muncak: munculna satpol pp konflik dina carita ieu mimiti muncak.
    4. Climax kajadian-kajadian dina puncakna: diadegan ka opat, réa jalma nu pahibut di hareup warung.
    5. Denouement nyaéta mereskeun kajadian atawa pasualan dina caritaan: Sarkim ninggalkeun Omah, tuluy datang satpol pp anu ngajalankeun tugasna. Hatur nuhun Ibu, hapunten bilih aya kalepatan.
    Sinta Kurnia
    NIM (1904381)
    Kelas 5B

  • @tikakartika2400
    @tikakartika2400 2 ปีที่แล้ว

    Sabada Simkuring nongton kana ieu vidèo. Aya sababaraha hal nu kacangkem ku Simkuring, diantarana :
    1. Dina ieu vidèo drama nu jejerna "Nu Garering" tèh kaasup kana drama modèrn. Ari drama modèrn atawa kontemporer tèh nyaèta jinis pamentasan drama nu nunjukeun gambaran kahirupan kiwari ogè rupa-rupa pasualan nu nyampak.
    2. Sakumaha nyoko kana wangenana yèn drama tèh mangrupa jinis karya sastra nu ngagambarkeun kahirupan manusa ku gerak, sarua baè saperti nu ditunjukeun dina ieu vidèo nu ngagambarkeun rèalita kahirupan, watek, sarta paripolah manusa ngaliwatan peran jeung dialog anu dipentaskeun. Hal ieu disebutkeun ogè ku sawatara ahli yèn drama mangrupa manifèstasi (wujudan) tina kahirupan manusa. Aristoteles dina Luxemburg (1992:108) nètèlakeun yèn aya dua jinis sastra, aya nu sifatna carita jeung aya nu sifatna drama. Tèks-tèks nu midangkeun rupa-rupa tokoh jeung ungkapan basana sewang-sewangan kaasup kana jinis drama. Sarta drama tèh mangrupa karangan sastra nu midangkeun carita atawa lalakon dina wangun dialog, ajangkeuneun dilakonkeun ku aktor dina pagelaran (Chye Retty Isnendes, 2010:75) Dina ieu vidèo drama kisah jeung carita na ngawengku konflik sarta èmosi anu sacara husus ditunjukeun pikeun pamentasan tèatèr. Èta nu disebutan tèh kaasup kana unsur-unsur jeung ciri nu kudu aya dina drama. Diantarana tema, galur, tokoh, watek, latar, amanah atawa pesen. Naskah na dijieun sahadèna nepika eungkèna bisa dipentaskeun pikeun ditongton jeung dinikmati ku panongton, teu hilap eusi jeung pesanna ogè bisa katepikeun. Saperti nu disebutkeun dina buku _Teori Sastra_ kènging Chye Retty Isnèndès yèn unsur-unsurna nu jadi ciri tina drama na ogè, diantarana: prolog, dialog, wawancang, babak, èpisodeu, adegan, aside, solikokui, sarta èpilog. Dimana dialog mangrupa ciri utama dina drama.
    3. Ditinggali tina konsèpna ieu drama tos stuktural. Ayana èksposisi, komplikasi, klimaks, resolusi, sarta konklusi. Nyindekel kana teori Aristoteles. Kualitas komunikasi, situasi jeung aksi kawilang saè pisan. Bisa ditinggal tina kumaha hiji konflik atawa pasualan dina ieu drama dipidangkeun. Nepika panongton bisa kaiirut sarta eusina bisa katepikeun ku lihèyna aktor jeung aktris nu merankeunana. Ti mimiti geus ka irut ku disuguhkeun sora halimpu matak tingtrim pikagenaheun.
    Wasta : Tika Kartika
    NIM : 1901784
    Kelas : 5A

  • @asrinurdiyanti9873
    @asrinurdiyanti9873 2 ปีที่แล้ว

    Drama "Nu Garering" karya Dhipa Galuh Purba téh kaasup warna drama modern nu didumasaran ku tradisi tulis (naskah drama). Lantaran kaasup drama, ieu pintonan téh tangtu miboga unsur-unsur pangwangun drama kayaning prolog, dialog, wawancang, babak, episode, adegan, aside, solilokui, jeung epilogna.
    Ieu pintonan téh dipapaés ku rinéka musik nu marengan unggal adegan jeung dialog nu dipatarémakeun ku para pamaénna nepi ka suasana dina jero drama téh karasa hurip-hirupna. Penempatan tokoh jeung latar diatur kalayan apik, sok sanajan aya sawatara adegan nu karasana kurang maksimal lantaran 'bocorna sora' jeung sétting kaméra sarta tata cahaya nu kurang tarapti. Galur carita nu dilalakonkeun mérélé ti mimiti éksposisi nepi ka beunang konklusina.
    Dumasar pamahaman sim kuring sabada nyakséni ieu pintonan, drama "Nu Garering" karya Dhipa Galuh Purba téh ngangkat téma sosial nu gumulung dina kahirupan manusa. Ieu drama disuméndérkeun kana potrét kahirupan sosial masarakat Indonésia nu réa pisan rupana. Eusi ieu drama téh saéstuna mah kritik sosial nu seukeut pisan ti masarakat ka masarakat jeung ti masarakat ka pamaréntah. Dina ieu drama, écés pisan katingali yén masarakat Indonesia téh horéng ngalaman kasusah dina masalah kaséhatan, ékonomi, jeung hukum (nu beurat sabeulah sarta aturanna digulanggapér). Nu disebut "Nu Garering" dina pamanggih sim kuring mah taya lian ti geringna pikiran jeung pamolah para tokohna.

  • @virgiasilviany9246
    @virgiasilviany9246 2 ปีที่แล้ว

    -
    Numutkeun Hariska (2017:6) Drama nyaeta jenis karya sastra anu ditulis dina wangun dialog nu ngajelaskeun sifat jeung paripolah manusa sarta dikedalkeun langsung ngaliwatan kasenian.
    Numutkeun Isnendes (2010:75). Drama nyaéta karangan sastra anu midangkeun carita atawa lalakon dina wangun dialog, ajangkeuneun dilakonkeun ku aktor dinu pagelaran drama.
    Numutkeun Isnendes (2010:78)
    Aya unsur-unsur pangwangunna. Nu utama jadi ciri drama nyaéta ayana dialog, upama ditataan mah unsur unsur na téh nyaéta: prolog, dialog, wawancang, babak, episode, adegan, aside, solilokui, epilog.
    Galur carita drama biasana nyindekel kana teori aristoteles anu ngawengku eksposisi, komplikasi, klimaks, resolusi, jeung konklusi.
    Ditilik tina drama Nu Garering, drama miboga sababaraha unsur nyaeta tema, alur, tokoh, watak, latar. Dina drama aya unsur anu katingalna salian ti konsep nyaeta, ayana pupuhunan nu ngatur atawa sutradara, aya wujud vusual artistik panggung, ayana naskah.
    Numutkeun kamandang sim kuring, drama di luhur kaasup kana drama modern sabab pintonan di luhur ngagunakeun sumber tina tradisi tulis, ditilik tina jenis na drama ieu téh mangrupa drama panggung sabab drama ieu dipaenkeun ku aktor di luhur panggung. Pintoneun di luhur saé pisan
    aktor aktorna bisa nepikeun amanat nu dipaenkeun ngaliwatan drama. ngaliwatan unsur unsurna tos nyumponan pisan ngan aya sababaraha anu kedah diropéa tina hal lighting anu bagian tina dékorasi kirang ngasilkeun hal nu dramatis ogé dina bagian backsound na kudu leuwih diseueuran sabab méh nyieun suasana leuwih karasa.
    Hapunten bilih seeur kekecapan sareng sawangan ti sim kuring anu kirang merenah
    Virgia S F
    1905247
    5C

  • @ikhsanfebrian3646
    @ikhsanfebrian3646 2 ปีที่แล้ว

    Wasta : M. Ikhsan Febrian
    NIM : 1906320
    Kelas : 5C
    Wangenan drama nu ditétélakeun ku Isnendes (2010:75) téh mangrupa karangan sastra nu midangkeun carita atawa lakon dina wangun dialog, ajangkeuneun dilakonkeun ku aktor dina pagelaran drama. Luyu jeung wangenan éta ieu pintonan drama nu judulna "Nu Garering" karya Dhipa Galuh Purba mangrupa salasahiji pintonan drama nu geus nyumponan kana téori nu geus disebutkeun ku Isnendes tadi. Ieu pintonan drama téh dipidangkeun ku mahasiswa pendidikan bahasa sunda entragan 2018 dina wangun dialog sarta dikemas dina wangun pagelaran drama.
    Lamun ditilik tina unsur-unsur nu aya dina drama nu sarua ditétélakeun ku Isnendes (2010:76) cenah salian ti konsép, aya unsur-unsur nu katinggal dina drama, diantarana :
    a. Ayana pupuhunan, hartina aya nu ngatur jalanna ieu pintonan drama (sutradara). Dina ieu pintonan drama "Nu Garering" tangtu aya nu ngatur kumaha jalanna ieu pintonan nu kaasup kana anggota kaproduksian.
    b. Aya wujud visual artistik panggung. Katinggali pisan dina ieu pintonan drama téh wujud visual artistik panggung diluyukeun jeung caritaan dina naskahna saperti properti wawarungan jeung rumah sakit nu ngawangun caritaan naskah kawas dina aslina.
    c. Ayana naskah. Tangtu dina pintonan drama téh pasti aya naskah dramana, saupama euweuh naskahna ieu drama téh moal jalan kalayan lancar bakal acak-acakan. Ku kituna ieu pintonan drama téh disusun dina naskah drama nu judulna "Nu Garering".
    Aya sababaraha hal nu kudu dititénan nalika mentaskeun hiji pagelaran atawa pintonan drama numutkeun Tato Nuryanto (2017:4) nyaéta Tata Panggung, Tata Sora, Tata Rias/Kostum, jeung Tata Lampu.
    Dina ieu pintonan drama téh hal-hal nu disebutkeun ku Tato Nuryanto téh geus kacumponan. Katitén dina hal Tata Panggung, aktor atawa palaku geus bisa nyaluyukeun kana kaayaan panggung dimana kaluar asupna, kumaha nyaluyukeun jeung properti nu dipaké, sarta setting nu dipaké dina ieu pintonan téh kawilang asak pisan dina ngaaktualisasikeun kaayaan dina naskahna. Tuluy dina Tata Sorana, lian tina dialog antar palaku ieu pintonan téh dikemas ogé ku musikal nu hadé nu ngabantu adegan jadi rame jeung karasa naon nu ditepikeunna sangkan panongton teu bosen nalika nontonna sabab aya paduan tina musik. Tuluy dina hal Tata Rias/Kostum, ieu pintonan drama téh geus nyaluyukeun make up jeung papakéanna kana watek/panokohan nu aya dina naskah sangkan bisa karéalisasikeun kumaha peran aktor éta. Pamungkas dina hal Tata Lampuna, ieu pintonan drama téh geus alus, geus bisa nyaluyukeun lampu naon nu pas dina adegan per adegan jadi mawa suasana nu pas jeung setting dina panggungna.
    Kacindekanna, ieu pintonan drama téh geus kawilang alus pisan geus nyumponan kana sababaraha teori ngeunaan pementasan drama.

  • @muhammadiqbalfathoni1781
    @muhammadiqbalfathoni1781 2 ปีที่แล้ว

    Muhammad Iqbal Fathoni 1909044 5C
    Sabada simkuring nyakseni drama ieu, anu katawis ku simkuring, pagelaran anu dipintonkeun ku kelompok ieu saé pisan. Ditilik dina caritaan, paguneman drama ieu kataawisna atos ngadugikeun eusi dina caritana sapertos teori nu dipedar ku Tjahjono (1988) Nilik dina istilah drama bisa diartikeun salaku bentuk seni anu narekahan ngungkabkeun ngeunaan
    kahirupan manusa ngaliwatan gerak dina paguneman atawa dialog. Ogé Numutkeun Brockett (1964) dinaa umumna, drama mangrupa representasi manusa dina gerak.
    Nilik din unsur drama ogé, pintonan diluhur atos katingal saé pisan sabab atos rapih dina konsepna, katinggal tos ngawengku sababaraha unsur anu tos disebatkeun ku Sumardjo (1984) unsur-unsur anu
    wengku drama nyaétaa (a) tema, (b) galur carita, (c) setting, (d) karakter, (e) dialog, (f) Babak,
    (g) efek, (e) retorika. Lantraran drama téh struktur, dina hartian drama téh karya sastra teh ngawengku unsur-unsur anu miboga sistem nyaéta silih pakuat pakait. Kukituna katawis ku simkuring, pintonan diluhur atos nyangkem strukturalna.
    Katambih carita anu ngirut abdi. Galurna saé pisan, teu matak nundutan, tos rapih sapertos numutkeun teori yén galur cariata drama biasana nyekel kana téori Aristoteles, nyaéta 1. Eksposisi 2. Komolikasi 3. Klimaks 4. Resolusi 5. Jeung konklusi. (Isnendes 2010: 78)

  • @user-qp7vk1kr7f
    @user-qp7vk1kr7f 6 หลายเดือนก่อน

    Abi mah te resep