Mang Koko - Sariak Layung

แชร์
ฝัง
  • เผยแพร่เมื่อ 8 ก.ย. 2024

ความคิดเห็น • 138

  • @ianian2196
    @ianian2196 7 ปีที่แล้ว +6

    alhamdulillah nikmat bathin sareng lahir upami ngadangu lagu2 ieu, sok ras dilembur jaman kapungkur, salam kasadaya penikmat lagu sunda. abdi Ian ti papua

  • @udins.winataputra5110
    @udins.winataputra5110 9 ปีที่แล้ว +16

    Waas.. sim kuring kantos presentasi budaya Sunda ngabahas ieu lagu di Houston USA tahun 1989...laguna diputerkeun kaset bari ditayangkun teks tarjamah Inggerisna.. bahasa Inggeris. Para peserta urang asing kacida hormatna .....

    • @nurhasanahnurhasanah5005
      @nurhasanahnurhasanah5005 5 ปีที่แล้ว

      Romantis pisan bahasana, netes cipanon carita lawas ngalangkang dina ingeutan

    • @yadisujadi7323
      @yadisujadi7323 5 ปีที่แล้ว

      @@nurhasanahnurhasanah5005 sumuhun teu aya di Duya ieu seni anu sakieu indahna salian ti lagu2 sunda.pami tiasa mah ka para seniman supados tiasa ngarang deui lagu2 sapertos kieu waas nya.

    • @yayatsupriatna1322
      @yayatsupriatna1322 3 ปีที่แล้ว

      Masa2 endahna masih lagastaun1970nn

  • @IndraGunawan-bm9wm
    @IndraGunawan-bm9wm 4 ปีที่แล้ว +2

    Duh asa wara'as kieu, geunah tingtrim ati, komo bari nguyup cikopi jeung goreng sampeu, lah moal aya, pedo pisan poko na mah, nuhun ah tos kersa ngapload tembang sapertos kieu👍🙏

  • @Abdulah1964
    @Abdulah1964 3 หลายเดือนก่อน

    The best pisan....nistalgia dinjaman kecil teringt lg..mg group ini tak pudar..

  • @dhanih95
    @dhanih95 2 ปีที่แล้ว +1

    Duh Gusti.... kuring mah émut Alm. Kang Ibing siaran di Radio Mara, nj nerangkeun Wanci2 dina bahasa Sunda pas ngebahas Wanci Sariak Layung ngahaleuangkeun tembang ieu, sariak layung.

  • @gungungunaedi4139
    @gungungunaedi4139 3 ปีที่แล้ว +2

    Asmlkm. Sampurasun dulur sunda sadaya. Mugia aya dina rohmat tur kasalametan ti Gusti Allah swt.

  • @CahyaSumirat-qr3qx
    @CahyaSumirat-qr3qx 2 หลายเดือนก่อน

    Kagagas jaman keur ngora atawa.keur budak kungsi kuring diajar nembangkeun lagu sariak layung ieu, kagagas hayang ngora deui

  • @dendyharyadi124
    @dendyharyadi124 10 ปีที่แล้ว +2

    mugia ajen seni ki sunda terus pageuh, maneuh di tatar sunda, ulah laas ku zaman, hayu urang mumule irah deui lamun teu tiayeuna, kusaha deui lamun teu ku urang sunda......! rojong doana ka mangkoko, mugia arwahna ditampi iman islamna, di hapunten dosa reng keleupatanna, kalayan kenging kamulyaan ti gusti Alloh Ta ala alfatihah,,,,amin

  • @wawankustiawan6815
    @wawankustiawan6815 2 หลายเดือนก่อน

    Nyeredeeet hate... Ku tembang Sariak Layung.... ❤❤❤

  • @emahmaryamah5108
    @emahmaryamah5108 ปีที่แล้ว +1

    Hayu urang . viralkeun kagu2 Sunda tempo dulu.. mantap 🙏🙏👍👍

  • @yayatsupriatna1322
    @yayatsupriatna1322 3 ปีที่แล้ว +1

    Duka teuing ngadangukeun lagu sariak layung sumeredet kana hate sumarambah kana manah ya.allah abdi keueung

  • @asaepsagara7355
    @asaepsagara7355 8 ปีที่แล้ว +1

    ngupingkn lagu sariak layung meni raoseun waraas emut ka lembur, ningal sariak layung ti wewengkon Bandung Kaler wanci maghrib bari ningal pemandangan kota Bandung meni ku Endah keajaiban anu luar biasa ciptaan gusti anu maha suci, Allohu Akbar... subhanallah nuhun gusti....

  • @arizalrizal9130
    @arizalrizal9130 7 ปีที่แล้ว +1

    emut nju jmn smp 14 tasik, emut ka pun guru pangersa bp. nanang sos, slm baktos mugia pangersa aya ginanjar kawilujengan amiinnnn ..

    • @onodarsono9672
      @onodarsono9672 7 ปีที่แล้ว

      Pa Nanang Sos tos sabaraha waktos janten guru seni budaya di SMANDATAS

  • @yayanmaryanah7516
    @yayanmaryanah7516 2 ปีที่แล้ว

    Waas duh... Kawih lawas... Panineungan

  • @dirmansudirman1108
    @dirmansudirman1108 4 ปีที่แล้ว

    Waas nguping lagu2 mang loko kapungjur sareng alm.H.tajudin Nirwan mugi ditampi iman islamna sadayana Aamiin yra...

  • @khongitem5779
    @khongitem5779 3 ปีที่แล้ว

    Meni nyeredet kana hate emut ka apa srng eteh masih jarumeneng.....mugia aranjena tos aya disorgana Allah...Alfatihah

  • @taslimSCTaslimSC
    @taslimSCTaslimSC 6 ปีที่แล้ว +3

    Cisaranten kulon Bandung kota, wilujeng wengi wargi sadaya,Sunda nu kuring.

  • @bzaybegundal5631
    @bzaybegundal5631 ปีที่แล้ว

    Beuuu ambeu asa ku ni'mat kieu,
    Hatur nuhun ah🙏

  • @raksawisesa2381
    @raksawisesa2381 10 ปีที่แล้ว +1

    Beuh ni'mat kacida! Htr nuhun Mang Koko (suwargi) kana sanggian tembangna. Oge ka nu ngahaleuangkeunana. Mugia janten amal kasaean.

  • @eefoels26
    @eefoels26 5 ปีที่แล้ว

    Generasi saatos mang koko oge parantos seueur nu tos ngantunkeun..pa nano, bu euis, bu tati saleh, allohumagfirlahu...

  • @jenalaripin348
    @jenalaripin348 ปีที่แล้ว

    Subhanallah lagu anggitan seniman seniwati kagagas nuju jaman ngora lagu anggitan mang Koko seniman Sunda dikenag kusadaya urang Sunda Priangan jawabarat......Malika nuju usia 15 th th 70 Han Atos Aya .mugia jasa seniman kondang bapa h.koko dikenang eapanjang zaman.jasa almarhum ditampi di sisi Allah SWT. Amin amin ya rob.....!?

  • @dianherdiana3746
    @dianherdiana3746 7 ปีที่แล้ว

    duh ieu laguuu... pun biang nyetel dina kaset ..raos pisan taun 75...kaset pajeujeut ku abdi dugi k didseuseulan

  • @idingsunadi1714
    @idingsunadi1714 11 ปีที่แล้ว

    subhannalloh..senisunda adiluhung, meni waass pisan da asa aya di saung ranggon atuh..hoyong pisan ngagabung kitu tah sareng kempelan pecinta senisunda supados tiasa mindeng mirengkeun lagu-lagu sunda buhun ..mung di mana nya

    • @yadisujadi7323
      @yadisujadi7323 5 ปีที่แล้ว

      Rumaos pribados kirang open kana namina Yutub(sunda).sasih kamari di Tasik iseng nyetel radio amatir kaleresan aya lagu sunda laguna Sariak Layung,mani wa'as emut zaman kapungkur sok resep pami nguping lagu ieu.

  • @sawatsuhendra8236
    @sawatsuhendra8236 10 ปีที่แล้ว

    Dangding hariring Mang Koko, mangrupa amanat budaya nu kedah dimumule ku urang sadaya. Mugia lana di jayana.

  • @asaepsagara7355
    @asaepsagara7355 8 ปีที่แล้ว

    kawih" ciptaan mang Koko almrhm memang raos kakupingna mugia ka Sirung harepan tiasa ngamumule seni sunda warisan karuhun urang. htr nuhun ka mitra dangu siaran sunda sa Jawa barat, mugia seni sunda sareng basana tiasa langkung nanjeur kapayuna, Aamiin... hatur sewu nuhun.

    • @dedihadi2479
      @dedihadi2479 6 ปีที่แล้ว

      Asaep Sagara
      Hanjakal kasayeunakeun mah basana teu paruguh karya2 barudak ayeuna mah.

  • @yayatsupriatna1322
    @yayatsupriatna1322 3 ปีที่แล้ว

    Waas nya di lembur sore2 jalan2 di. Jalan satapak sareng manehna nu kapitineung.sariak layumg

  • @dadangsudarman796
    @dadangsudarman796 3 ปีที่แล้ว +1

    Sumerep kana lelembutan mani saredih emut lampah katukang.

  • @dhietaaneilaputriachandra5888
    @dhietaaneilaputriachandra5888 4 ปีที่แล้ว +1

    Waraas lagu lawas

  • @papahmimid1500
    @papahmimid1500 4 ปีที่แล้ว

    lajeng Pa Kos pependemanana ieu kawih2 pribumi kedah dilestarikeun. Hatur nuhun tos

  • @onengsihpuspa8201
    @onengsihpuspa8201 6 ปีที่แล้ว

    margi basa sunda mah basa rasa,tingkah saparipolah anu kuurang sadidinten dianggo, manawi ngadangukeun tembang ti mang koko teh nanceb kana manah,panggeuing sumeredet kana hate.tanjeurkeum budaya sunds.cag ah.

  • @reginatv9010
    @reginatv9010 5 ปีที่แล้ว +1

    Mengingat almarhum Abah saya sangat suka lagu ini

  • @ratnajuwita8906
    @ratnajuwita8906 5 ปีที่แล้ว

    Duuuuh meni wararaas nya tembang sunda komo iyeu mah zaman abi alit keneh tos janten lagu wajib di pelajaran kasenian waktos eta abi meni sono uih ka kota Bandung kota kalahiran sanaos Bekasi teu tebih2teuing ka kota Bandung kahoyong mah dugi ka nafas terahir hoyongna di kota kelahiran kota Bandung seueur teuing kenanganna ti ngawitan sakola dugika nikah teu karaos ayeuna tos sepuh duuuuh tembang sunda duuuuh kota Bandung teu karaos iyeu ci soca tos ach teu wasa

  • @ubasubagiakartaatmadja3014
    @ubasubagiakartaatmadja3014 5 ปีที่แล้ว

    Mani waas mirengkeun ieu lagu sunda tahun 70-an.....

  • @sundanis3310
    @sundanis3310 8 ปีที่แล้ว +7

    kieu ` rasana ngadanguken tembang sunda d lmbur batur banda aceh, nyurucud terus cai soca ras emut k bandung tnh kelahiran abi

    • @budakgarut2557
      @budakgarut2557 8 ปีที่แล้ว

      deudeuh teuing....pasti nyeredet...ras k lembur....sabar bae...

    • @asaepsagara7355
      @asaepsagara7355 8 ปีที่แล้ว

      keun we eneng tebih ti bandung oge, sing sabar tawekal we nya mugia eneng sehat, tapi kan hate mah cumantel wae ka Bandung tanah kelahiran eneng mugi sing enggal deui ka bandung ath nya, kota Bandung ayeuna mah seueur perobihan Bandung menuju kota metropolitan kota Bandung nj di tata di benahi dina sagala rupina, nuhun eneng.

    • @citrarahayu8130
      @citrarahayu8130 8 ปีที่แล้ว

      sami pisan sareng abi, abi ge nuju d banda aceh, tugas jantn guru, aya dulur gening, nyuhun ken pin bb na, sugan upmi aya waktos urg patepang

    • @kangbahar4468
      @kangbahar4468 6 ปีที่แล้ว

      sundanis katingali pisan raray raray sunda mh geulis...mojang bandung deui...

    • @parikesit01channel84
      @parikesit01channel84 6 ปีที่แล้ว

      mni tebih di aceh??

  • @diksimalakama9251
    @diksimalakama9251 6 ปีที่แล้ว +1

    Waas nya pipikiran..
    Emut ka tatar pasundan
    Nu endah ngagoda pipikiran
    Iraha...mulang ka lembur panineungan

  • @yoyohrochmani8146
    @yoyohrochmani8146 4 ปีที่แล้ว

    Wararaas upami nguping haleuang lagu2 Mang Koko rasa aya di lembur

  • @esinkurniasih8549
    @esinkurniasih8549 2 ปีที่แล้ว

    Mugia tetep langgeng...lagu2 m Koko

  • @urreure8732
    @urreure8732 4 ปีที่แล้ว

    Semua.menyukai.lagu.kenanganini

  • @f.vallentine2755
    @f.vallentine2755 6 ปีที่แล้ว

    Nineung..asa hoyong geura jung ka lembur cisewu garut tempat kelahiranku..duhhhh

  • @yayatsupriatna1322
    @yayatsupriatna1322 3 ปีที่แล้ว

    Ieuh samar2 dina umur nu tos cuet ka hareup asa keueung asa nineung ya allah ya robul alamin mugi allah ngariksa ka umatna

  • @cacaslamet7807
    @cacaslamet7807 3 ปีที่แล้ว

    Lagu kenangan waktu sekolah di bdg th. 1970 . Saya mencintai kliningan ganda mekar.

  • @dewamalvian1
    @dewamalvian1 10 ปีที่แล้ว

    hadeuh..... emut nuju,,,, ganteng2 na,,, ha ha ha sok di sebat si kasep ku sepuh, bari ngadangukeun mang koko.....

  • @jennsukmara5131
    @jennsukmara5131 8 ปีที่แล้ว +20

    ada hayang nyieun film nu carita romantis-kolosal-sajarah jaman pajajaran/sunda, musik latarna full kacapi suling, tarawangsa, rebab, karinding, suling solo. make basa sunda, sigana alus...

    • @firmanpurnama9427
      @firmanpurnama9427 7 ปีที่แล้ว

      muhun sae

    • @yanasabikun456
      @yanasabikun456 7 ปีที่แล้ว

      satuju pisan mugia ngajanten eta maksad......Amiiin

    • @ariakdpc5841
      @ariakdpc5841 7 ปีที่แล้ว

      jenn sukmara ny sok atuh kang...geura2

    • @dedihadi2479
      @dedihadi2479 6 ปีที่แล้ว

      Nya sok atuh prak, sok.didungakeun sing tiasa, saha deui atuh nu bakal ngamumule seni Sunda mun lain Ki Sunda sorangan.

    • @iyepsuhud8144
      @iyepsuhud8144 6 ปีที่แล้ว

      Heu euh

  • @udins.winataputra5110
    @udins.winataputra5110 7 ปีที่แล้ว +1

    Waas pisan....nuju jaman sakola di SGAN Sumedang tahun 65-67an....

  • @sahabatkultum23
    @sahabatkultum23 5 ปีที่แล้ว

    Subhanallah ni waas .... Tenang hate rarasaan teh

  • @songgomsurian133
    @songgomsurian133 11 ปีที่แล้ว

    tepang dina karya nu luhung. Mudah-mudahan janten kasaean kanggo Mang Koko, nuhun pisan.

  • @F6402YF
    @F6402YF 12 ปีที่แล้ว

    sampurasun, katampi pisan sadayana hariring katut kawih pasundan, mudah-mudahan langkung diseueuran deui

  • @rosdinarwidiawati675
    @rosdinarwidiawati675 6 ปีที่แล้ว +4

    Sariak layung di gunung
    Iber pasini patepung lawung
    Teuteup jauh ngawangwang nu dipigandrung.
    Ih...ngawangwang nu dipigandrung aduh...
    Harendong meuhpeuy harideung
    Jalan satapak larang ku leuweung
    Kumalangkang rongheap nu kapitineung
    Eh...rongheap nu kapitineung
    Surya surup layung hibar
    Ka tanjakan sawangan diumbar
    Geus ngolebat ieung samar samar
    Hariring asihna kapireng ngalalar
    Angin tiis ti mumunggang
    Katitipan harewos kamelang
    Tawis deudeuh ieuh nu maranti
    Sungkeman kaheman saranggeuy malati

  • @adrams5825
    @adrams5825 2 ปีที่แล้ว

    Ngadangu lagu sariak layung matak nyeredet hate

  • @taslimSCTaslimSC
    @taslimSCTaslimSC 6 ปีที่แล้ว

    Cisaranten kulon Bandung kota, wilujeng wengi sobat Pasundan, loba kawaas,.

  • @willyadam8367
    @willyadam8367 7 ปีที่แล้ว

    HATUR NUHUN MANG KOKO SAPARAKANCA, MUGIA BAGYA DI ALAM ANGGANG

    • @dirmansudirman1108
      @dirmansudirman1108 5 ปีที่แล้ว

      Aduuh ieu lagu meni waas emut ka h.tajudin nirwan alm.mugi di tampi iman islamna amiin yra...

  • @mirajahmed8419
    @mirajahmed8419 8 ปีที่แล้ว

    giriiimis,kasoreeenakeueeen,
    ngeunteungan,,,kalbu nu liwuuung,
    katumbiri,,,payung langit,
    awor jeung ci panon ngembeng,
    duuuuh,,,,cipanon ngembeng ng ng ng,
    naon deui nu reeek didagoaaan,
    duuuh,kabeeeh geus. mungkas adegaaan,
    geus tamaaat,,,,,,,,,,, lalakooon,
    leungiteun udagan,
    mungkas,,,mangsa,,,pikeun mujaaa,
    jeung di. fujaaa,
    @,mangga nyanggakeun kasadayana,slm pangwanoh,,,+ abdi ti karawang

  • @tbade1611
    @tbade1611 10 ปีที่แล้ว

    Teuing ku nikmat ieu lagu ..... Hatur nuhun

  • @idingsunadi1714
    @idingsunadi1714 7 ปีที่แล้ว

    meni waaaass lalamunan ngalayang ka jaman smp emut ka pa Yaya..guru tembang sunda

  • @fadjarazharnugraha
    @fadjarazharnugraha 9 ปีที่แล้ว

    KANG EMPUR CEMARA
    Neng Ida Mugia Apa sareng Emus aya dina kamulyaan disagedengan Allah swt

  • @emirosmalasari1639
    @emirosmalasari1639 8 ปีที่แล้ว +1

    budaya sunda saha deui nu bade ngamumulena iwalti urang

  • @olihsolihin7984
    @olihsolihin7984 4 ปีที่แล้ว

    Karya mang koko bisa dinikmati selamanya

  • @tiandisarimbit1234
    @tiandisarimbit1234 7 ปีที่แล้ว

    aduuuhhh.....nineung kalembur euyyy.............

  • @ayshalugina4860
    @ayshalugina4860 4 ปีที่แล้ว

    2020 masih aya nu ngadangu lagu sariak layung karawang hadir

  • @agusiwan608
    @agusiwan608 4 ปีที่แล้ว

    Simkuring jadi hayang bisa ngacapi.

  • @asepwillyam3472
    @asepwillyam3472 5 ปีที่แล้ว

    sok emut pami kapungkur nuju sakola diajar karawitan..nembe ninggal potretna sanaos tos teu aya g. tapi karya karyana ageung pisan..

  • @mirajahmed8419
    @mirajahmed8419 8 ปีที่แล้ว

    duh,,,wararas,,,,asa ka gagas,,,emut waktos,,,guguru nyinden,di karawang

  • @sarjoajo8238
    @sarjoajo8238 6 ปีที่แล้ว

    karjaan pajajaran ttandana kamkmuran urang sunda silih wangi silih ajenan gemah ripah repeh rapih

  • @adebanani7040
    @adebanani7040 3 ปีที่แล้ว

    Waas ka tahun 60an arabapi awal 70an

  • @salimnopal7080
    @salimnopal7080 4 ปีที่แล้ว

    Sing seredet knu hate,.. mantappp

  • @omahaminah4851
    @omahaminah4851 2 ปีที่แล้ว

    Nyoreang ka tukang

  • @amtv8278
    @amtv8278 ปีที่แล้ว

    meunI waas

  • @tetenrahmat3172
    @tetenrahmat3172 6 ปีที่แล้ว

    inget keur budax....waaaz...............

  • @willyadam8367
    @willyadam8367 8 ปีที่แล้ว

    hatur nuhun mang koko.mana atuh anukiwari

  • @idawidaningsih7393
    @idawidaningsih7393 4 ปีที่แล้ว

    Sae pisan

  • @Aleznder
    @Aleznder 6 ปีที่แล้ว

    sariak layung, hade pisan

  • @MrQJARO
    @MrQJARO 11 ปีที่แล้ว +1

    Enrichment the classic heritage

  • @urreure8732
    @urreure8732 4 ปีที่แล้ว

    Lagu.ini.kenangan.masa.laluku.

  • @mirajahmed8419
    @mirajahmed8419 8 ปีที่แล้ว

    hapunten,,,,bilih aya nu lepat,,,sun

  • @rochayatempah3258
    @rochayatempah3258 4 ปีที่แล้ว

    YUWA SABARAHA TAUN BU IDA ROSIDA WAKTOS NGAREKAM IEU LAGU TEH MANI HALIPU

  • @mainizarbustami6307
    @mainizarbustami6307 4 ปีที่แล้ว

    Senang lagu nostalgia

  • @ahmadto68
    @ahmadto68 11 ปีที่แล้ว +1

    sok hoyong wangsul ari kieu teh,

  • @denigarut1968
    @denigarut1968 5 ปีที่แล้ว

    garutttttt
    lembur abdi
    hayang balik ka lembur

  • @wateteh9592
    @wateteh9592 4 ปีที่แล้ว

    Bagus,lagu lawas

  • @liliswarlina5182
    @liliswarlina5182 6 ปีที่แล้ว +1

    Eeeee mang koko layung patepung

  • @aminsupandi2280
    @aminsupandi2280 8 ปีที่แล้ว

    sariak layung di Gunung ulah matak gering ngalang layung

  • @hermantaufik1898
    @hermantaufik1898 7 ปีที่แล้ว

    Ari barudak ayeuna aya kitu ngageter hatena ngadangu lagu anu sakieu endahna

  • @willyadam8367
    @willyadam8367 7 ปีที่แล้ว

    MANGGA ATUH DAMEL DEN SUKMARA, FILM SUNDA FULL.

  • @shakeraswatamaaswatama1506
    @shakeraswatamaaswatama1506 6 ปีที่แล้ว

    Barudak ayeuna moal ngartieun kana sunda

  • @usepsulaeman665
    @usepsulaeman665 11 ปีที่แล้ว

    inget popotongan mang......nineung

  • @etomdachlan1129
    @etomdachlan1129 5 ปีที่แล้ว

    Hayang boga koleksi lagu2 mang koko kmha carana nga diwnloadna supaya bisa disimpen dina galery.

  • @xronxbrown
    @xronxbrown 14 ปีที่แล้ว

    penuh cita rasa

  • @syahruddinarrosyid6341
    @syahruddinarrosyid6341 10 ปีที่แล้ว

    sampurasun...

  • @rahmatyogiana9233
    @rahmatyogiana9233 9 ปีที่แล้ว

    Gun N'Roses cek ungah lewat..

  • @yogijatnika8556
    @yogijatnika8556 10 ปีที่แล้ว

    heded kieu euy

  • @AhmadJimat
    @AhmadJimat 4 หลายเดือนก่อน

    Mntaap

  • @idahamidah1883
    @idahamidah1883 4 ปีที่แล้ว

    Waasjsmsn kapungkur nuju fi smp ati lepst mamaos sok diceret ku nyere ayeuna ibu tos reusy ku incu

  • @teguhpringgadi7569
    @teguhpringgadi7569 6 ปีที่แล้ว

    asana tacan aya deui sapertos mang koko

  • @rnailstates6121
    @rnailstates6121 5 ปีที่แล้ว

    jauh panineungan ras nalika keur pager bitis

  • @hendyrestu142
    @hendyrestu142 3 ปีที่แล้ว

    Reu'eus ya Alloh😥

  • @gadogadochannel4451
    @gadogadochannel4451 6 ปีที่แล้ว

    Duh...., 😢

  • @ajatchandra6713
    @ajatchandra6713 2 ปีที่แล้ว

    Wararaas

  • @priyatna6834
    @priyatna6834 5 ปีที่แล้ว

    matak waas

    • @yayatsupriatna1322
      @yayatsupriatna1322 3 ปีที่แล้ว

      Eeeeh nu kapitineung emut nslika di spg pasundan sok ngawih sateng rerencangan thn 1968.di cihampelas he.he

  • @winidewianggriani6388
    @winidewianggriani6388 24 วันที่ผ่านมา

    👍❤️

  • @widyawiranti1201
    @widyawiranti1201 2 ปีที่แล้ว