Lagi Sunda Kang Ibing - Bentang Ngiceupan Di Langit Kamelang

แชร์
ฝัง
  • เผยแพร่เมื่อ 28 ส.ค. 2024
  • Lagu Sunda Kang Ibing
    Bentang Ngiceupan Di Langit Kamelang
    Biar ga serius terus, ayo sekali-kali kita hiburan, dengerin lagu sunda kang ibing, sambil melestarikan lagu-lagu sunda dan mengenang sang Legend - Kang Ibing.
    Tutorial media pembelajaran nya istirahat dulu
    Santai dulu
    Lainnya Lagu Lawas Kang Ibing
    Nunggu orok : • Lagu sunda Kang Ibing ...
    Django : • Lagu sunda Kang Ibing ...
    Abdi Alim yNorangan : • Lagu sunda Kang Ibing ...
    Calana : • Lagu sunda Kang Ibing ...
    Kunjungi juga:
    blog.jejakmedi...​
    kb.jejakmedia....​
    amelmira.com​
    Tim Produksi Bentang Ngiceupan di Langit Kamelang
    Penanggung Jawab : Pengurus Daya Mahasiswa Sunda Kota Bandung
    Pimpinan Produksi : Kang Heri Wijaya, S.Ip
    Naskah dan Narator : Kang Ibing Kusumayatna
    Penata Musik : Kang Riskonda S.Kar
    Juru Kawih (Penyanyi) : Ceu Neneng Dinar, Kang Herry Suheryanto, Ceu Neneng Fitri, Ceu Rika Rafika
    Juru Pirig (Pemusik) : Kang Gangan Garmana, Kang Yeyep, Kang Maman, Kang Julia
    Produser : Ceu Atik Sartika Arifin Yoesoef, SH., Kang Bambang Tanoeatmadja, Kang Heri Wijaya
    Lagu :
    (J) Eulis mun akang datang ka DAMAS
    Haté liuh mapay tapak gandrung
    Carita anu geus lawas
    Teu daék laas, duh
    (M) Engkang mun datang mangsa Mimitran
    Haté peurih mapay tapak asih
    Carita urang duaan
    Angger némbongan, duh
    (J) Si horéng duriat
    Angger natrat ngagurat
    Duh asih nu wening
    Dengdeng nganteng anteng
    (M) Si horéng kanyaah
    Angger nganteng teu pisah
    Duh asih nu urang
    Langgeng pageuh deudeuh
    Lagu :
    Haturan-haturan
    Hatur-haturan wilujeng sumping] 2x
    Sumping damping di DAMAS
    Sasarengan gogonjakan] 2x} 2x
    (M) Tepang raray nu munggaran
    Imut nungtun liwung gandrung
    Wening asih ngahariring
    Ingkeun teundeun sampeur tineung
    (J) Basa tepang nu munggaran
    Urang guntreng sakedapan
    Aya galindeng nu nganteng
    Haréwos jeroning batin
    (M) Hé angin peuting nu tingtrim
    Anu ngarti bari surti
    Tepikeun getering batin
    Éndahna puisi ati
    (J) Apan tepang téh munggaran
    Biheung urang tepung deui
    Dareuda galindeng rasa
    Ingkeun teundeun sampeur tineung
    (M) Na kasaha kudu balaka
    Nembrakkeun tungkusan kalbu
    Na kumaha kudu nyarita
    Nyampaykeun rasa katresna
    (J) Na kasaha kudu balaka
    Nyangreudkeun tatali asih
    Na kumaha kudu nyarita
    Maheutkeun rasa katresna
    (M) Sakapeung sok nanya diri
    Na kunaon haté bet gandrung
    Mitineung kanu saurang
    Liwung gandrung ngalanglayung
    (M/J) Kacapi nu jadi saksi
    Nyaksian lalakon diri
    Rumpaka natrat nyarita
    Tandaning kuring micinta
    Narasi :
    Eulis, basa salira munjungan dina mangsa wawanohan. Galindeng soanten asa kapireng, “akang, nepangkeun abdi…”. Duh, soca nu cureuleuk ngolébat dina lolongkrang kiceup. Salira tungkul nyumputkeun imut, lambey ngawet mipit asih. Sajorélat kiceup ngampih. Salira mah moal terang, antara harepan jeung hariwang sok inggis asih nogéncang, haté dipuntangan bingbang.
    Lagu :
    (J) Eulis akang téh bingbang
    Lami basa mimitran
    Eulis duh buah haté
    Iraha akang ka bumi
    Eulis akang ngantosan
    Nganti naon putusan
    Eulis duh kembang soca
    Piraku nu geulis téga
    Kapan urang sasarengan
    Melakkeun tangkal harepan
    Tepang téh teu acan lami
    Piraku paturay deui
    Narasi:
    Sakapeung akang sok hayang tumanya kanu keur kabeulit ku asih, naha naon ari cinta? Nu datangna tara bébéja, lamun indit tara pamit. Da geuning sakapeung sok malik nanyakeun. Mun duriat dihalang-halang, naon nu jadi alesan? Naon nu jadi lantaran?
    Lagu:
    (M) Naon nu jadi alesan
    Naon nu jadi lantaran
    Naon nu jadi ukuran
    Duriat dihalang-halang
    (J) Naha urang bet patepang
    Naha asih bet sirungan
    Boa haté teh longkéwang
    Duriat mah ukur impian
    (M) Nu lepat mah boa tepang salah mangsa
    Bibit asih biheung deui manjing wanci
    (J) Salira mah balébat ti belah wétan
    Pamohalan mun kudu tepung jeung layung
    (M) Saha nu rék disalahkeun
    Saha nu rék dibongankeun
    (J) Saha anu rék nulungan
    Nu salah mah bongan sorangan
    Lagu:
    Di imah kuring nu indung
    Pujaan bapa pinasti, deuh
    Da bongan lampah kaula
    Tékad rék sumerah diri
    Rék dihideung rék dibodas
    Ceuceu akang nu masini, deuh
    Rumasa kuring mah dusun
    Taya basa tuna harti, deuh
    Di DAMAS éstuning nyemah
    Nganti asih ti pribumi
    Tékad diri rék sumerah
    Teu maksad ngabibisani
    #LaguSunda​
    #LaguLawas​
    #LaguSundaKangIbing​
    #KangIbing​
    Disclaimer: Lagu didapat dari internet tanpa licensi. Hak cipta lagu milik pencipta. Penyebarluasan pada channel ini hanya bertujuan untuk melestarikan lagu sunda tempo dulu.

ความคิดเห็น • 65

  • @AbahKumis2011
    @AbahKumis2011 ปีที่แล้ว +18

    Sampurasun sim kuring bah obek seniman sunda nu maneuh di sydney Australia, dina album ieu sim kuring ngiring aub , salah sawios lagu antawisna aya lagu sim kuring pisan nu judulna KASMARAN , dugi ka kiwari teu aya panyambat ti saha wae ti pihak DAMAS atanapi tini sanesna , tapi teu sawios utamina mah seni sareng budaya sunda langkung NANJEUR….AHUNG rahayu waluya walagri salawasna 🤲🤲🤲

    • @kania_29
      @kania_29 7 หลายเดือนก่อน

      Abah sanes anu sok nelpon upami Kang Ibing nuju siaran?
      Ngiring ngenes bah , geuning sebatan Legend kanggo almarhum teh mung ungkul carios buktosna mah nol , teu Aya apresiana kanggo kulawargina nu dikantunkeun
      punten upami lepat

    • @youtubeorigin1255
      @youtubeorigin1255 26 วันที่ผ่านมา

      Alhandulilah tos apal abah obek teh saha. Biasana dina siaran radio mara, tinggal teh merri sareng diana nu can terang hehe

  • @loronurmanah3497
    @loronurmanah3497 3 หลายเดือนก่อน +3

    Neumbe pisan SIM Kuring ngadangu na lagu seni Sunda ti almarhum ustad ibing.raos pisan di danguna ,janteun nostalgia SIM Kuring.
    Kaping 3 sasih 5 THN 24.

  • @wasdiyanto3986
    @wasdiyanto3986 3 หลายเดือนก่อน +2

    Sampurasun,abdi ti kampung bau lisung.bade nimbrung tuma lapung.Asa kagagas carios lawas ti damas,najan teunyorang Kana perjuangan,nanging ngarojong Kana seniman NU jadi panutan urang Sunda sadayana, mangga gera teraskeun.htr nhn.

  • @EdiRahmat1984
    @EdiRahmat1984 6 หลายเดือนก่อน +2

    Teu aya bosenna ngadangukeun tembang sunda dibarung ku sajak ti almarhum maestro sunda

  • @dayathidayat4056
    @dayathidayat4056 4 หลายเดือนก่อน +2

    Ieu karya Seni Sunda Kacapi Suling anu sakieu endahna hebat eta Kang Ibing Alm seniman Sunda anu moal aya gentosna, mugia Anjeuna kenging rohmat magfiroh ti Gusti Alloh SWT.
    Ka Para Juru Kawih anu sakitu saena soantena halimpu
    Atuda sadayana Jawara Tembang Sunda Cianjuran
    Kang Heri Suheryanto
    Neng Dinar
    Neneng Fitri
    Neneng Rika
    Dipirig ku Grup Seni Sunda Kacapi Suling anu sakitu kompakna
    Ieu Pidangan kacida Mahal Ajena

  • @ohanrohanda6946
    @ohanrohanda6946 2 ปีที่แล้ว +10

    Sae pisan ngamumule seni sunda, iwal ku urang sunda sorangan

  • @dedekartika242
    @dedekartika242 2 หลายเดือนก่อน +1

    Duuhh, meni nyeredet hate. Hatur nuhun pisan kanggo nu tos nyebarkeun ngalestarikeun budaya sunda 🙏🙏🙏🙏🙏🙏🙏🙏🙏🙏🙏🙏🙏🙏🙏

  • @asepstd8942
    @asepstd8942 ปีที่แล้ว +2

    alm kang ibing.
    nya artis nya komedi nya pencipta
    lagu nya pendawah .
    keur jawabarat mah kaicalan inohong seni .
    mugi mugi kang Ibing. di tampi Iman
    islamna kengeng tempat nu langgeng tur raos dialam padang poe panjang.

  • @user-ry1gv2lt9y
    @user-ry1gv2lt9y 4 หลายเดือนก่อน +1

    Seni Sunda kudu dipiara didama2 ku urang Sunda sorangan.ulah kadeseh ku seni nu lian.

  • @amannurman4680
    @amannurman4680 3 หลายเดือนก่อน +1

    Asa wararaas...ngadangu ieu lagu disarengan ku sajak Anu mirip nuju posma waktu lebet ka perguruan 40 taun ka tukang ...

  • @linataufiq1978
    @linataufiq1978 7 หลายเดือนก่อน +1

    MasyaAllah dugika waas ngupingkeun suanteun kawihna Kang Ibing,mugi urang sadaya tiasa ngamumule seni Sunda

  • @denyalabror2475
    @denyalabror2475 ปีที่แล้ว +3

    Alfatihah untuk Alm Kang Ibing Kusmayatna, Legenda sunda semoga diterima iman islamna diampuni sagala dosana ku Allah SWT amiin yra

  • @abahruhiyat
    @abahruhiyat 4 หลายเดือนก่อน +1

    Mani waas asa kagagas ari ras kana lalakon lawas.Damas matak ngahelas

  • @Arya-mp8rw
    @Arya-mp8rw 2 หลายเดือนก่อน +1

    Inget ka istri nuju di pangumbara,an hampura geulis akan can bisa nyenangkeun

  • @rusmanauus3470
    @rusmanauus3470 ปีที่แล้ว +1

    Kang Ibing...kang Ibing....
    Ngabojegna ...mantak sisingkelan nyeri kulit beuteung.
    Dariana, siga nu ieu, mantak nyerep kana keketeg, singseredet kana hate.
    Allahumaghfirlahu ...warhamhu......
    Aamiiin yR'A.

  • @veryimam3428
    @veryimam3428 3 หลายเดือนก่อน

    Teu bosen ieu lagu diputer deui di puter deui.karya Kang ibing nu sae kalayan suanten istri pameget nu empuk halimpu tiis......kakuping na.👍👍👍👍👍💖💖💖💐💐💐🙏

  • @julpikar5303
    @julpikar5303 7 หลายเดือนก่อน

    MashaAllah..reugreug pageuh pataliwargi....di instrenan jajap ajaran carakana tata batokahna wewengkon budaya ki sunda...atenan apik ngamprahweasanpadjdjaanwanoh tatakrama nu mulya...SILIH ASIH SILIH ASAH SILIH ASUH NGAIS PANGARTI NGANJREK KEUN BANGSA SAWATRA ENDAH tentrem ayem Gemah Ripah Loh Jinawi..
    Sampurasuuun..kanggo Para tuturus akang akang cueceu..pangabdi lestari budaya sunda...
    Gusti Allah Pangeran nu welas asih.. Pang mangku keun ku Aisan RIDLO ikhlas kajaring ku Asihna ..ku Seungitna abadi lungguh linggih tina Sawarga NA...Husnul Khotimah nyaangaan ku cahaya elmu luhung kesakt diri na....sajagat raya...jaya ki sunda sasalawasna....
    Haturnuhun..ka para sesepuh atikan sunda...moal sirna ku mangsa...baktos deudeuh ..guyub sa uyunan..sim kuring Eef Effendi ,Sunda Sajati 82...mimitran 1991...
    Barrakallahu fikum...

  • @veryimam3428
    @veryimam3428 3 หลายเดือนก่อน

    Aduh ieu lagu sae pisan ,meni nyeredet kana ati sanubari. Waas jaman nuju ngora.Hatur nuhun Kang ibing seniman sunda paling the best.👍👍💖🙏💐

  • @yopiefals234
    @yopiefals234 ปีที่แล้ว +2

    Karya karya alm kang ibing bnyak yg menikmati tapi sayang ga ada royalti buat kluarga...saya titip pesen mudah mudah sadar para pengaopod karya karya kang ibing

  • @usupboy936
    @usupboy936 หลายเดือนก่อน

    Assalamualaikum Kasabeh Urang Lembur Abdi mah sok Ras emut kapungkur nalika abdi lemur ranca oray Bojong soang bandung sok sanajan sedih tapi nguping Damas Terhibur Tinggal Wacana Damas Mantap ❤👍👍👍💯🤲🤲🤲

  • @baloncai1379
    @baloncai1379 8 หลายเดือนก่อน +1

    Allhamdulilah se,er keneh nungamumule kasenian Karuhun urang sadaya (urang Sunda )

  • @Sintawati-jr1nk
    @Sintawati-jr1nk 2 หลายเดือนก่อน

    Kumaha ath
    Ieu lagi teh tiap hari di puter
    ❤❤, tiap mlam
    Teu bosan,,

  • @andinsopandi1811
    @andinsopandi1811 2 หลายเดือนก่อน

    Sanes ngalelewe sim Kuring Oge nyeredet hate ngupingkn
    lagu bentang ngiceupan di langit kamelang nu nembang kang Ibing Alm.

  • @basirpakendang2920
    @basirpakendang2920 ปีที่แล้ว +3

    Reu eus pisan tiasa ngadangu kawih kawih kng ibing

  • @kania_29
    @kania_29 7 หลายเดือนก่อน

    TONG HILAP UPAMI DIMONETISASI KEDAH AYA SAPESER ( ceuk paribasana) MAH KANGGO NU GADUH HAK NA, SUPADOS BERKAH

  • @asephambali9933
    @asephambali9933 2 ปีที่แล้ว +2

    Sampurasun,
    Abah Jagabaya ngaraos kataji ku ieu pintonan, antawis lirik, rumpaka, wirahma, SAE pisan, kaciri luhungna budaya Sunda anu peryogi di mumule ku urang sadaya.

  • @denyalabror2475
    @denyalabror2475 ปีที่แล้ว

    salaku urang sunda ngadangukeun musik sunda ngajadikeun hate sedih rus ras kaditu kadieu inget ka kolot anu tos teu aya dikieuna Ya Allah hampura abdi ka ibu rama

  • @sahawelah4647
    @sahawelah4647 2 หลายเดือนก่อน

    Kang Ibing mah TOKOH Sunda ...legend tea 👍👍👍

  • @iyusrusyana8457
    @iyusrusyana8457 ปีที่แล้ว +1

    Mugia sunda tetep aya..
    Ulah nepi ka lengit ilang ku urang sunda sorangan 😢

  • @rahmatsarwokusumo6889
    @rahmatsarwokusumo6889 9 หลายเดือนก่อน

    Semoga ditampi iman islamna Husnul hotimah.

  • @muhammadridwan6391
    @muhammadridwan6391 7 หลายเดือนก่อน

    Semoga almarhum selalu di beri ampunan dan di muliakan di alam kubur nya aamiin, alfatihah

  • @AasubanaGolong-lo2qi
    @AasubanaGolong-lo2qi 11 หลายเดือนก่อน

    Duh waas pisan kamtenan eta dina lagu calon anggota damas bde lebet ruangan dugika di ulang2 didanguknana

  • @emaksuminarsih5108
    @emaksuminarsih5108 7 หลายเดือนก่อน

    Muhun meni raosen pisan

  • @tjandrasubadjda-gj2nd
    @tjandrasubadjda-gj2nd ปีที่แล้ว

    RIP kang Ibing.dae kang mani waas.Gusti Yesus berkahi akang.haleluya
    Amin

  • @Short_random-t5v
    @Short_random-t5v ปีที่แล้ว +1

    Meni waas ngadanguna

  • @jangbahar80
    @jangbahar80 2 ปีที่แล้ว +1

    Cobi dangukeun na wengi Matak nyerep Kana ati,

  • @user-ei9oj9oq9r
    @user-ei9oj9oq9r 4 หลายเดือนก่อน

    Almarhum kang ibing pelwak serba bisa, .

  • @dadikusnadi4248
    @dadikusnadi4248 ปีที่แล้ว

    Suanten nu istri na meni raoseun dupi saha nya meni pas pisan halimpu na

  • @sanax9805
    @sanax9805 ปีที่แล้ว +1

    Dulu rumahku deket dengan perumahan k ibing kahibur terus

  • @dedingshalahudin7449
    @dedingshalahudin7449 10 หลายเดือนก่อน +1

  • @yeyepyusup7442
    @yeyepyusup7442 2 ปีที่แล้ว +2

    Duuh waraas 😀😀

  • @yonaUnboxing
    @yonaUnboxing ปีที่แล้ว

    Sae pisan

  • @kakekwawan7527
    @kakekwawan7527 10 หลายเดือนก่อน

    Hatur nuhun pisan.

  • @ailaswatilaswati1756
    @ailaswatilaswati1756 2 ปีที่แล้ว

    Nha nya lagu kang ibing nu taun 82an teu aya. Nu judul na kang maman bloon sreng cewe 82

  • @devaamid6187
    @devaamid6187 2 ปีที่แล้ว +1

    Duh asa arek pangantenn

  • @ishaksumedi7027
    @ishaksumedi7027 28 วันที่ผ่านมา

    R aoseun

  • @uprukkayu3903
    @uprukkayu3903 11 หลายเดือนก่อน

    Sampurasun punten sim kuring bade tumaros dupi damas teh naon
    ???

  • @asepekisofyansofyan8816
    @asepekisofyansofyan8816 10 หลายเดือนก่อน

    Riquest lagu cewe 82 kang

  • @dornadoclang5055
    @dornadoclang5055 2 ปีที่แล้ว

    Sampurasun kaganggu ku iklan euy

  • @hinggawigara888
    @hinggawigara888 2 ปีที่แล้ว

    woyy...dokumentasi DAMAS ieu. Izin heula teu ka DAMAS na ?

  • @nanasukarna8260
    @nanasukarna8260 ปีที่แล้ว

    Matak

  • @emandarmawan1788
    @emandarmawan1788 2 ปีที่แล้ว

    Loba iklan

  • @benturkce
    @benturkce ปีที่แล้ว

    19:07

  • @zezenjejen7748
    @zezenjejen7748 2 ปีที่แล้ว

    Pusing ku iklanna mni ungal menit

    • @jejakmedia7912
      @jejakmedia7912  2 ปีที่แล้ว

      O kitu.. settingan na kitu.. nke urang atur deui atuh.. punten

  • @aryaibrahimrumaisha6067
    @aryaibrahimrumaisha6067 10 หลายเดือนก่อน

    Reueus Htrnhn

  • @ericklucky6318
    @ericklucky6318 ปีที่แล้ว