Reumis Girimis Kasedih

แชร์
ฝัง
  • เผยแพร่เมื่อ 10 ต.ค. 2024
  • Engkang, nu dianti-anti
    Piraku lali ka jangji
    Cidra subaya baheula
    Nalangsa mupus impian...
    Lamun neuteup tangkal mahoni
    Langit nguyung alum ngungun
    Reumis girimis kasedih
    Cicirén manjing kapeurih, manjing kapeurih...
    Enung, mustikaning ati
    Kiwari lain bihari
    Mangsa laas ti lawas
    Lalakon tina lalakon...
    Lamun nyawang katineung urang
    Asih nganteng na lelembutan
    Jangji mapaés kadeudeh
    Cicirén manteng kageugeut, manteng kageugeut...
    Bongan saha urang tepung
    Naha mupusti tresna
    Bongan saha urang pisah
    Naha mupusti rasa, mupusti rasa...
    Gusti nu ngatur lalakon
    Nu Mgawelah unggal ringkang
    Boa sajatining asih wujudna gelaring bagja
    Nu méngpar tina tetekon laraba tina bebendon
    Abdi Gusti sumérén kana papastén...

ความคิดเห็น • 45

  • @tanuenjang3896
    @tanuenjang3896 20 วันที่ผ่านมา

    Aransemen musik sareng laguna meni raoseun pisan

  • @sundaaraya925
    @sundaaraya925 2 ปีที่แล้ว

    Waas. Nineung kana carita lawas.....

  • @ragasukmaningsunda6890
    @ragasukmaningsunda6890 2 ปีที่แล้ว

    Waas. Nineung carita nu lawas....

  • @mansurcihuni7335
    @mansurcihuni7335 3 ปีที่แล้ว +1

    Sae fisan adem mantaf

  • @arifwahyudin6320
    @arifwahyudin6320 ปีที่แล้ว

    Mantap soantenna bidadari Pajajaran nuju ngahaleuang mani waasnya

  • @SamsungA-fp1jb
    @SamsungA-fp1jb 2 ปีที่แล้ว +1

    Reumis girimis kesedih nyieun bagja awor jeng sedih

  • @dedenbarhiya5298
    @dedenbarhiya5298 2 ปีที่แล้ว

    Hebaaat laah..mantuul...ngeunaheun pisan..asa di pepende ..❤👍👍👍

  • @kongwarsa2255
    @kongwarsa2255 ปีที่แล้ว

    Emut ka diri sorangan jaman bahela asa di ..

  • @tahuupeng-gj9ry
    @tahuupeng-gj9ry ปีที่แล้ว

    Waas waktu datang di sumedang th 1986

  • @saefulanwar6233
    @saefulanwar6233 ปีที่แล้ว

    Duhhhh....hampuraaaaaaaa akang geulissssssss.... 😭🙏
    Engkang NU di anti anti...piraku lali Ka abdi... 😭😭😭😭😭

  • @yoyonasmara8645
    @yoyonasmara8645 4 ปีที่แล้ว +2

    Bongan saha urang tepung.... Reumis girimis kasedih jadi pavorit

  • @daryahidayat2734
    @daryahidayat2734 4 ปีที่แล้ว +1

    Nyeredet kana hate sumarambah kana bayah

  • @asephambali1228
    @asephambali1228 4 ปีที่แล้ว +1

    Nuhun Neng Siti,; Abah di Jagabaya nguping ieu lagu asa nyeredet hate sumarambah Kana manah, mangsa keur ngora baheula buruh breh narembongan feui Matak waas kagagas Jeung ngahelas.
    Sok ngiring ngadukung ieu Chanel, seueuran deui koleksi seni budaya Sunda.

    • @sitinurhanifah4556
      @sitinurhanifah4556  4 ปีที่แล้ว

      Sami-sami abah, wilujeng leleson..

    • @mulyanaluna6132
      @mulyanaluna6132 3 ปีที่แล้ว

      Ieu gening indah dan bermana lagu parahiyangan matak waas slm ka urang perkebunan cisalak sukabumi

  • @musichits1859
    @musichits1859 ปีที่แล้ว

    Rumpaka basa, hate kagagas
    Asa wararaas

  • @adetaryana6294
    @adetaryana6294 3 ปีที่แล้ว +2

    Emh eta soanten mani halimpu, kagagas emut jaman kapungkur. Duh seni sunda teh sing nanjeur.

  • @viefrye4157
    @viefrye4157 3 ปีที่แล้ว

    Ieu mah gening carita jln kahirupan Abdi. Duh Gusti 😭😭😭 boro mah satia ngantosan tp teu uih deui🤭😂🤣.

  • @asepsagara8215
    @asepsagara8215 6 ปีที่แล้ว +2

    Waraas sae pisan rumpaka reumis girimis kasedih mugia seueur sirung harepan anu ngamumule seni sunda sareng basana, bongan saha urang tepung bongan saha urang pisah kantun pasrah kanu ngayuga, Aamiin....

  • @asepsagara8215
    @asepsagara8215 5 ปีที่แล้ว +3

    Sae rumpakana emut nuju anom seueur lalakon anu karandapan ku diri.
    Emmhh umur teh tos reupreupan maghrib mugia sesa umur sing janten tiasa mangfaat kanggo nu sanes.
    Waraas pamiarsa...

  • @asyajasmine9761
    @asyajasmine9761 4 ปีที่แล้ว +2

    Umur tod bade nyedek ka magrib geuning. . .. . . . Gugupay ka lalakon nu geus ninggal keun . . . Pikeun nga deuheus ka Pangeran Gusti. . . 🙏

  • @ramlanmiharta3106
    @ramlanmiharta3106 6 ปีที่แล้ว +2

    Jadi sagala hayang

  • @esaefullah965
    @esaefullah965 7 ปีที่แล้ว +2

    Hatur nuhun Teh Siti.....
    sedih kagagas rada-rada nalangsa
    mugia kawih langkung seueur deui kawih Sunda nu luhur ajenna sapertos ieu...

  • @r.heryanaclub284
    @r.heryanaclub284 3 ปีที่แล้ว +1

    Sejatinya ieu langgam teu sadaya ka hartos bahasa... Tapi hipu ka kuping na..🙏

  • @willyadam8367
    @willyadam8367 7 ปีที่แล้ว +2

    hatur nuhun teh, sedih, inget mangsa ka tukang

  • @danakardiana5057
    @danakardiana5057 4 ปีที่แล้ว +3

    Kasedih narembongan deui..
    Ras inget ka almarhum..,,😭😭

  • @ayah_ibnu
    @ayah_ibnu 10 ปีที่แล้ว +2

    Ngangres...rambisak...sisidueun...hiks hiks..

  • @popimaryani9910
    @popimaryani9910 8 ปีที่แล้ว +5

    dalem pisan nya,,,,,,,,

    • @iqbalbanimuhammad2916
      @iqbalbanimuhammad2916 8 ปีที่แล้ว +1

      dalem mah sumur teh :)

    • @reivannurhidayat253
      @reivannurhidayat253 5 ปีที่แล้ว

      Sumuhun teh dalem pisan,sok danguken nu di kantunken istri at suami,ngadangukena tengah wengi

  • @willyadam8367
    @willyadam8367 8 ปีที่แล้ว +2

    beu asa sedih

  • @elonaminudin3611
    @elonaminudin3611 5 ปีที่แล้ว +2

    Sumeredet kana hate, asa jauh panineungan

  • @sitinurhanifah4556
    @sitinurhanifah4556  7 ปีที่แล้ว

    wilujeng ngumbar lamunan... :)

  • @dedyboncelboncel3556
    @dedyboncelboncel3556 7 ปีที่แล้ว

    beu jdi lapar kieu ieu teh

  • @nurasiah3746
    @nurasiah3746 2 ปีที่แล้ว

    Karya saha ieu lagu?

  • @liliskulsum3108
    @liliskulsum3108 8 ปีที่แล้ว +1

    duh wararaas ..

    • @gugun14
      @gugun14 7 ปีที่แล้ว

      lilis kulsum kumaha damang ambu? Leres meni waraas.

  • @akigandang2653
    @akigandang2653 6 ปีที่แล้ว +2

    Gusti! Kieu ning?

  • @SomaMulyana
    @SomaMulyana 8 ปีที่แล้ว +2

    kagagas...

  • @meiwisana5046
    @meiwisana5046 11 ปีที่แล้ว +2

    Sae

  • @luthfiizzatul8013
    @luthfiizzatul8013 11 ปีที่แล้ว +2

    iikh c teteh eksis euy..heehee

  • @daryahidayat2734
    @daryahidayat2734 4 ปีที่แล้ว

    .

  • @syaefulhijab7641
    @syaefulhijab7641 5 ปีที่แล้ว +2

    Duh emut ka lembur ari nguping ieu lagu sareng sora suling cikijing ciranjang anu tos lami ku sim di kantun