Siti Nurhanifah
Siti Nurhanifah
  • 6
  • 139 181
Musikalisasi Puisi Sunda: Layung jeung Balebat
Musikalisasi Puisi Sunda
Vocal : RAM feat Noniek
Kiwari wanci
Geus mébérkeun jangjang layung
Méré pulas endah langit
Ngempur hurung luhur gunung
Mapag trésna elat datang
Kasmaran kasorénakeun...
.
Mungguh micinta
Kawas katambias rasa
Najan kahoyong mah engkang
Bébér layar tarik jangkar
Teneng ludeung sasarengan
Ngangkleungan sagara cinta...
.
Nu lepat mah, engkang
Boa tepang salah mangsa
Seuneu asih kadung hurung
Biheung deui manjing wanci...
.
Bridge:
Anjeun mah balébat tibelah wétan
Pamohalan mun kudu tepung jeung layung...
มุมมอง: 500

วีดีโอ

Gandrung Gunung
มุมมอง 16K8 ปีที่แล้ว
Gandrung Gunung
Kalakay Gupay
มุมมอง 37K11 ปีที่แล้ว
Kalakay Gupay Wilujeng angkat, deudeuh... teu kedah ngumbar tibelat da cisoca moal saat-saat teu kedah ngumbar kawaas da ngangres mo laas-laas Wilujeng angkat, deudeuh... urang luaskeun ku ikhlas dijajapkeun ku sewu mamanis tanpa kecap pileuleuyan tanpa citangis marengan Wilujeng angkat, deudeuh... kantenan kalakay gupay nu ngebat lebah pengkolan kantos nyeuit nurih ati, sakedapan ngalongkewang...
`Serat Salira-
มุมมอง 23K11 ปีที่แล้ว
Serat salira wengi tadi tos katampi Kantenan jungjunan kantenan mungguh ewuhna Disangki serat katresnan sabudeureun cinta urang Geuningan lepat dugaan mundut mundur pipisahan.. Serat salira dina jajaran kalima Unggelna teu wasa mun kedah midua hate Teu sapuk sareng aturan sok sieun teu kabadanan Cangcaya moal laksana mendak bagja sasarengan... Teu nanaon jungjunan teu nanaon Mun kitu kapalay sa...
Reumis Girimis Kasedih
มุมมอง 61K11 ปีที่แล้ว
Engkang, nu dianti-anti Piraku lali ka jangji Cidra subaya baheula Nalangsa mupus impian... Lamun neuteup tangkal mahoni Langit nguyung alum ngungun Reumis girimis kasedih Cicirén manjing kapeurih, manjing kapeurih... Enung, mustikaning ati Kiwari lain bihari Mangsa laas ti lawas Lalakon tina lalakon... Lamun nyawang katineung urang Asih nganteng na lelembutan Jangji mapaés kadeudeh Cicirén man...

ความคิดเห็น

  • @tanuenjang3896
    @tanuenjang3896 20 วันที่ผ่านมา

    Aransemen musik sareng laguna meni raoseun pisan

  • @d.risdal_aziz9368
    @d.risdal_aziz9368 หลายเดือนก่อน

    Manawi aya akun medsosna neng?

  • @WindaSa-h9u
    @WindaSa-h9u 7 หลายเดือนก่อน

    uplek ngobrol sajajalan bari ngagugulung kangen wanci sareupna laju ka kulonkeun sora halon ngaharewos pileuleuyan wilujeng angkat deudeuh

  • @ajuanlb
    @ajuanlb ปีที่แล้ว

    Sok ras ka diri abdi pribadi hampura bageurrr ❤

  • @ajuanlb
    @ajuanlb ปีที่แล้ว

    Asa kuwaas y Allah

  • @musichits1859
    @musichits1859 ปีที่แล้ว

    Rumpaka basa, hate kagagas Asa wararaas

  • @tahuupeng-gj9ry
    @tahuupeng-gj9ry ปีที่แล้ว

    Waas waktu datang di sumedang th 1986

  • @anakdesa7277
    @anakdesa7277 ปีที่แล้ว

    Tembang anu sanesna atuh neng @Siti Hanifah kangen ih

  • @aderiana4373
    @aderiana4373 ปีที่แล้ว

    nuju mah sawanten halimpu,di tambih aya lirik na, janten kahartos pisan. ..jempol 10x lah.

  • @saefulanwar6233
    @saefulanwar6233 ปีที่แล้ว

    Duhhhh....hampuraaaaaaaa akang geulissssssss.... 😭🙏 Engkang NU di anti anti...piraku lali Ka abdi... 😭😭😭😭😭

  • @kongwarsa2255
    @kongwarsa2255 ปีที่แล้ว

    Emut ka diri sorangan jaman bahela asa di ..

  • @arifwahyudin6320
    @arifwahyudin6320 ปีที่แล้ว

    Mantap soantenna bidadari Pajajaran nuju ngahaleuang mani waasnya

  • @SamsungA-fp1jb
    @SamsungA-fp1jb 2 ปีที่แล้ว

    Reumis girimis kesedih nyieun bagja awor jeng sedih

  • @nelihprastya6840
    @nelihprastya6840 2 ปีที่แล้ว

    Pebruari2022 masih adakah yg nonton

  • @nurasiah3746
    @nurasiah3746 2 ปีที่แล้ว

    Karya saha ieu lagu?

  • @sundaaraya925
    @sundaaraya925 2 ปีที่แล้ว

    Waas. Nineung kana carita lawas.....

  • @ragasukmaningsunda6890
    @ragasukmaningsunda6890 2 ปีที่แล้ว

    Waas. Nineung carita nu lawas....

  • @dedenbarhiya5298
    @dedenbarhiya5298 2 ปีที่แล้ว

    Hebaaat laah..mantuul...ngeunaheun pisan..asa di pepende ..❤👍👍👍

  • @muhamadnuraidin9482
    @muhamadnuraidin9482 3 ปีที่แล้ว

    😍😍😍😍😍😍😍

  • @abubakarsidiq4861
    @abubakarsidiq4861 3 ปีที่แล้ว

    Nyeredet.....Ada tikelebuh kana sale be ting ma mar as nu nu ha-ate un ho yo ng tepang sent anjeuna....!

  • @Pensil-Biru
    @Pensil-Biru 3 ปีที่แล้ว

    matak tengtrem kana hate...waas pisan kacapi sareng suling sunda..

  • @abahdodi6925
    @abahdodi6925 3 ปีที่แล้ว

    Duh Waas

  • @viefrye4157
    @viefrye4157 3 ปีที่แล้ว

    Ieu mah gening carita jln kahirupan Abdi. Duh Gusti 😭😭😭 boro mah satia ngantosan tp teu uih deui🤭😂🤣.

  • @umarwahidin1872
    @umarwahidin1872 3 ปีที่แล้ว

    Duh kuwa'as teuing ngadangu lagu ada bayang ka lembur

  • @tedjaningsihkarnamisastra8584
    @tedjaningsihkarnamisastra8584 3 ปีที่แล้ว

    Tepung asih katompernakeun.... anjeun mah balebat.....😥

  • @tedjaningsihkarnamisastra8584
    @tedjaningsihkarnamisastra8584 3 ปีที่แล้ว

    Duka tos sabaraha wangsulan..ngadangukeun ieu tembang....ras jaman puluhan taun nu tos kasorang mangsa asih munggaran marengan...dipungkas ku paturay tresna....😭

  • @ratimratim6904
    @ratimratim6904 3 ปีที่แล้ว

    Duh Gusti Mani Yeredet kanu Hate Mani Hente kersa Murag ken cai Soca

  • @ratimratim6904
    @ratimratim6904 3 ปีที่แล้ว

    Duh Mani Geulis Neng Siti Nurhafah

  • @ratimratim6904
    @ratimratim6904 3 ปีที่แล้ว

    Duh Mani Yaeredet bikin Ber ber lagu Iye Neng Ngeulis

  • @mansurcihuni7335
    @mansurcihuni7335 3 ปีที่แล้ว

    Sae fisan adem mantaf

  • @yusufsetyanegara113
    @yusufsetyanegara113 3 ปีที่แล้ว

    Hi, nice it, im stay here

  • @r.heryanaclub284
    @r.heryanaclub284 3 ปีที่แล้ว

    Sejatinya ieu langgam teu sadaya ka hartos bahasa... Tapi hipu ka kuping na..🙏

  • @fajarmudrik810
    @fajarmudrik810 3 ปีที่แล้ว

    Teh nyuhunkeu Ig

  • @cucujamilah8269
    @cucujamilah8269 3 ปีที่แล้ว

    Teu matak bosen di ulang deui di ulang deui, teu kedah ngumbar tibelat da....... Kitu cenah ceuk manehannanaaaa

  • @anakdesa7277
    @anakdesa7277 3 ปีที่แล้ว

    Kamana wae atuh geulis

  • @husenbadri5896
    @husenbadri5896 3 ปีที่แล้ว

    Sumanget terus neng geulis kawih sunda nu nyiuen kana hate tiis ..nuhun kawihna💪👍

  • @erlinaes6994
    @erlinaes6994 4 ปีที่แล้ว

    Nyeredet , nu matak waas kana lalakon hirup , ka suat2 sesah hilapna , raraosan teu puguh nu di pijujug , tuntas teu aya harepan deui , mugi diri jd pribadi suci , mung ka gusti abdi ngabakti .... Teu aya pamuntangan diri Leungit dina kahirupan palsu Mung jd impenanan Sadayana teu lugina . Nasib diri matak nyeri Ari ras takdir Illahi Teu tiasa mungkir , da tos patokan nana , teu ka dugi samemehna , kuasa na gusti yg widi ... Wallahi ..... 😢

    • @sitinurhanifah4556
      @sitinurhanifah4556 3 ปีที่แล้ว

      Teu kenging leungiten sumanget, teh.. Hirup mah salawasna ukur diajar mulasara harepan. Henteu ayeuna, muga jaga pareng pendak bagja... :')

  • @arifinarwi3678
    @arifinarwi3678 4 ปีที่แล้ว

    Tos 7 warsih ..... aya deui ....👍🙏

    • @sitinurhanifah4556
      @sitinurhanifah4556 4 ปีที่แล้ว

      muhun a, nembe tiasa update video deui ... :)

  • @sitinurhanifah4556
    @sitinurhanifah4556 4 ปีที่แล้ว

    Nyanggakeun, mugi bahan katampi...

    • @noerzie
      @noerzie 4 ปีที่แล้ว

      Katampi kalayan kabingahan...

  • @asepkuswandi113
    @asepkuswandi113 4 ปีที่แล้ว

    Thoobbbbaaaaaaaatttttt Gustiiiiiiii..!!!!!

  • @daryahidayat2734
    @daryahidayat2734 4 ปีที่แล้ว

    .

  • @daryahidayat2734
    @daryahidayat2734 4 ปีที่แล้ว

    Nyeredet kana hate sumarambah kana bayah

  • @asephambali1228
    @asephambali1228 4 ปีที่แล้ว

    Nuhun Neng Siti,; Abah di Jagabaya nguping ieu lagu asa nyeredet hate sumarambah Kana manah, mangsa keur ngora baheula buruh breh narembongan feui Matak waas kagagas Jeung ngahelas. Sok ngiring ngadukung ieu Chanel, seueuran deui koleksi seni budaya Sunda.

    • @sitinurhanifah4556
      @sitinurhanifah4556 4 ปีที่แล้ว

      Sami-sami abah, wilujeng leleson..

    • @mulyanaluna6132
      @mulyanaluna6132 3 ปีที่แล้ว

      Ieu gening indah dan bermana lagu parahiyangan matak waas slm ka urang perkebunan cisalak sukabumi

  • @asyajasmine9761
    @asyajasmine9761 4 ปีที่แล้ว

    Umur tod bade nyedek ka magrib geuning. . .. . . . Gugupay ka lalakon nu geus ninggal keun . . . Pikeun nga deuheus ka Pangeran Gusti. . . 🙏

  • @yudywahyudy4583
    @yudywahyudy4583 4 ปีที่แล้ว

    Wilujeng angkat...deudeuh

  • @r.heryanaclub284
    @r.heryanaclub284 4 ปีที่แล้ว

    Alhamdulillah mendak Chanel ieu, langgam anu pilihan... Adeum kareueur ka kupingna... Hatur nuhun

  • @r.heryanaclub284
    @r.heryanaclub284 4 ปีที่แล้ว

    Perbanyak upload lagu Sunda na deui ...muhun

  • @yoyonasmara8645
    @yoyonasmara8645 4 ปีที่แล้ว

    Bongan saha urang tepung.... Reumis girimis kasedih jadi pavorit

  • @karjosubroto6051
    @karjosubroto6051 4 ปีที่แล้ว

    Asa nyerep kana ati danubari upami nguping lagu2 Sunda teh.tegep pisan