Album Kawih Sunda Kacapian Mémang Sesah - Euis Komariah (Audio Kaset)

แชร์
ฝัง
  • เผยแพร่เมื่อ 25 ส.ค. 2024
  • TTema : Upaya pelestarian kesenian tradisional rakyat Jawa Barat melalui media sosial.
    Kawih Kacapian "Memang Sesah"
    Sanggian Nano S.
    Juru Kawih : Euis Komariah
    Kacapi : Maman SWP
    Suling : Maman Suryaman
    Rebab : Aki Nandang
    Lirik Lagu Memang Sésah :
    𝑀𝑒́𝑚𝑎𝑛𝑔 𝑠𝑒𝑠𝑎ℎ
    𝑀𝑖𝑙𝑎𝑟𝑖 𝑎𝑛𝑢 𝑠𝑎'𝑎𝑡𝑖
    𝑀𝑖𝑙𝑎𝑟𝑖 𝑎𝑛𝑢 𝑠𝑎𝑡𝑖𝑎
    𝑀𝑒́𝑚𝑎𝑛𝑔... 𝑠𝑒𝑠𝑎ℎ
    𝐾𝑒𝑐𝑎𝑝 𝑐𝑎𝑛 𝑗𝑎𝑛𝑡𝑒𝑛 𝑢𝑘𝑢𝑟𝑎𝑛
    𝐾𝑒𝑢𝑟 𝑛𝑎𝑛𝑔𝑡𝑜𝑠𝑘𝑒𝑢𝑛 𝑘𝑎𝑝𝑎𝑠𝑡𝑖𝑎𝑛
    𝐷𝑖𝑟𝑖... 𝑠𝑒𝑟𝑖𝑛𝑔... 𝑟𝑢𝑚𝑎ℎ𝑢ℎ
    𝑁𝑒́𝑎𝑛𝑔 𝑠𝑎𝑗𝑎𝑡𝑖𝑛𝑖𝑛𝑔 𝑑𝑒𝑢𝑑𝑒𝑢ℎ
    𝐷𝑖𝑟𝑖... 𝑠𝑒𝑟𝑖𝑛𝑔... 𝑡𝑢𝑚𝑎𝑛𝑦𝑎
    𝐼𝑟𝑎ℎ𝑎... 𝑡𝑖𝑛𝑒𝑚𝑢 𝑏𝑎𝑔𝑗𝑎.
    𝑀𝑒́𝑚𝑎𝑛𝑔 𝑠𝑒𝑠𝑎ℎ
    𝑀𝑒́𝑚𝑎𝑛𝑔 𝑠𝑒𝑠𝑎ℎ
    𝑆𝑎𝑛𝑎𝑜𝑠 𝑙𝑎ℎ𝑖𝑟 𝑛𝑔𝑎ℎ𝑖𝑗𝑖
    𝐶𝑎𝑛 𝑡𝑎𝑛𝑔𝑡𝑜𝑠 𝑟𝑎𝑘𝑒𝑡 𝑝𝑎𝑠𝑖𝑛𝑖
    𝑀𝑒́𝑚𝑎𝑛𝑔 𝑠𝑒𝑠𝑎ℎ
    𝑀𝑒́𝑚𝑎𝑛𝑔 𝑠𝑒𝑠𝑎ℎ
    𝑀𝑎ℎ𝑒𝑢𝑡𝑘𝑒𝑢𝑛 𝑟𝑎𝑠𝑎 𝑝𝑒𝑟𝑐𝑎𝑦𝑎
    𝑁𝑢 𝑒́𝑛𝑑𝑎ℎ 𝑚𝑎𝑝𝑎𝑒́𝑠 𝑐𝑖𝑛𝑡𝑎.
  • เพลง

ความคิดเห็น • 61

  • @user-lg2yg8sg1y
    @user-lg2yg8sg1y ปีที่แล้ว +2

    Mani waas ya Alloh.. nguping kawih degung, emut KA ema abdi KA pungkur pami wengi2 sok ngupingken degung

  • @yuyundarpiun2333
    @yuyundarpiun2333 ปีที่แล้ว +2

    Ngadunguken kawih sunda mah seer pisan papatahna Mun ku urang leres di perhatosenna

  • @Mang_Aghay
    @Mang_Aghay 29 วันที่ผ่านมา

    Hadir hadir.. saeeee pisaaan..matak waaas... gassskeun lur

  • @rassadmuhammad8836
    @rassadmuhammad8836 2 ปีที่แล้ว

    Berlian anu tos lami di pilari ...ayeuna kapendak ...jaman2 kaset' teu kantos hasil milari kamamana Judul Lagu Memang Sesah ieu ....Hatur Sewu Nuhun Album ieu Tos aya didieu ....Raraosan Sadayana Lagu Sempurna nya Hj Euis Komariah mah

    • @AkoerLah
      @AkoerLah  2 ปีที่แล้ว

      Sami-sami. Wilujeng ngadangukeun.

  • @rahmatahmad386
    @rahmatahmad386 3 ปีที่แล้ว +5

    sehat selalu kang akoer Lah agar tetap bisa mengapload lagu2 klasik untuk membantu para seniman sbg pembendaharaan.
    salam budaya🙏apih kasir

  • @YantiYanti-qk8ry
    @YantiYanti-qk8ry 2 ปีที่แล้ว

    Panglipur kalbu....htrnuhun kang..

  • @marcuskaufman5412
    @marcuskaufman5412 2 ปีที่แล้ว +1

    Aduuh! Ibu Euis! Hati! Opat Puluh tahun nu kalangkung Abdi jatuh cinta album ini. Roasan ciri Jepang dicampur tanah Sunda. Sanaos Abdi Urang asing, musik Nano S. teh, jeung suarana Neng Euis, sulingna, kacapina, sedayana….asik! Resep oge video Oplet di Jalan Lembang! Atur nuhun Akoer Lah. Emutna sae.

    • @AkoerLah
      @AkoerLah  2 ปีที่แล้ว +1

      Sami2, wilujeng ngadangukeun.

  • @asepsagara8215
    @asepsagara8215 3 ปีที่แล้ว +1

    Hatur sewu nuhun Kang Akoer parantos midangkeun ieu lalaguanana meni waraas emut ka lembur, juru kawih teh Euis Komariah paporit sim kuring suantenna meni halimpu, mugia kapayun seueur hirung harepan nu mikalandep ngamumule seni sunda srg basana. Mugi seni sunda ka payun langkung Jaya. Aamiin..

  • @syamsudinsyamsudin4009
    @syamsudinsyamsudin4009 2 ปีที่แล้ว

    Waas ningali my ngawuluku, babut sareng nutuan pare,

  • @rassadmuhammad8836
    @rassadmuhammad8836 2 ปีที่แล้ว

    Nembe nguping 2 x secara full .... emh ...tingtrim pisan enjing2 ieu ....enjing anu candra ...ci ibun anu ngagarenclang ...angin anu ngahiliwir ...nguping lagu favorit sambil ngopi ...asa ku Nikmat ...Poko na Akoer Lah ...

  • @BagaraPutera
    @BagaraPutera 2 ปีที่แล้ว

    Hatur nuhun Alm Ibu Euis panghiburna kalbu, mugia Ibu gininturan Bagja di alam kalanggengan......asmiiin

  • @anwarsutisna1656
    @anwarsutisna1656 2 ปีที่แล้ว

    Wararaas...ka alam tukang,,,,,,

  • @dayhidayah2309
    @dayhidayah2309 3 ปีที่แล้ว +1

    Lagu yg selaras dg dg latar belakang kehidupan yg asli di Desa.
    Menarik membelai rasa.

  • @daanbudi5031
    @daanbudi5031 2 ปีที่แล้ว +1

    Zaman taikotok dilebuan
    Si Kabayan sabakotaklabuan
    Mideuuuuuur....kia...kia..... Moal arang langka kasorang Deui
    Ngindung ka waktu
    Ngabapa ka zaman....
    Hadeuuuh Gusti....

  • @haifanisy-yahafifah5088
    @haifanisy-yahafifah5088 3 ปีที่แล้ว

    kawihna raoseun pisan didangukeunna matak tengtrem kana manah kumargi kitu hayu urang ngamumule budaya sunda ku jalan ngalestarikeun bahasa indung

  • @sitinursaadah1873
    @sitinursaadah1873 3 ปีที่แล้ว

    aduuh raoseun pisan suantenna mani halimpu.. teras lestarikeun budaya sunda, lamun teu ku urang nya kusaha deui.

  • @marsyaliaindahpurnama1926
    @marsyaliaindahpurnama1926 3 ปีที่แล้ว

    Tembang sunda mangrupakeun budaya sunda anu kudu dimumule ku urang sunda sorangan supados teu dipohokeun ku katurunanana.

  • @riskaudm5305
    @riskaudm5305 3 ปีที่แล้ว

    Salahsahiji budaya sunda nu kedah na di mumule ku urang sadaya salaku orang sunda, Ieu kawih Suantunna meni enakeun ka kuping na.

  • @idanf1243
    @idanf1243 3 ปีที่แล้ว

    Ciri khas karawitan sunda, suling kecapi 👍👍🥰

  • @bananauyu1117
    @bananauyu1117 3 ปีที่แล้ว

    Kawih kawih anu disayogikeun pikaresepeun pisan kanggo didangu, mugia salah sahiji budaya Sunda ieu tiasa teras dijaga sareng dilestarikeun

  • @dittamillania3282
    @dittamillania3282 3 ปีที่แล้ว

    Kawih " memang sesah" anu disarankeun ka abdi meuni raoseun pisan didangukeunna, pamandangan alam dina pidéo éta héjo pisan sareng manjakeun panon abdi. Ngagambarkeun suasana di bumi Sunda anu makmur tur endah.

  • @Gt-Wind
    @Gt-Wind 2 ปีที่แล้ว +1

    Alhamdulillah.., akhirna dikaluarkeun oge album petingan.., Haturnuhun pa.., mugi bapa miwah kulawargi teweleh dipaparin kasehatan ku MantenNa, Aamiin ya rabbal alamin. Salam baktos

  • @rusmanauus3470
    @rusmanauus3470 3 ปีที่แล้ว

    Jam sapuluh peuting.. Hujan ngaririncik. Curug wahangan wetaneun imah, atra kadenge ngaguruhna. Cangkeng nu karasa rada heuras, beres mopok galeng tadi, diubaran ku gogoleran na samak di patengahan, bari ieu, ngalenyepan gentreng kacapi, gelikna suling sareng soanten alm hjjh Euis Komariah nu halimpu, kintunan kang Akoer .... ahh ... aya ku nikmat, selang2 ngarakacak ... asa aya anu ngagerihan ... nu ngabedolan wangwangan jeung panineungan ...
    Hatur nuhun pisan kang Akoer ... tos rumawat bagean tina Sunda urang ...

  • @achmadmaulanamuzhaqi3077
    @achmadmaulanamuzhaqi3077 3 ปีที่แล้ว

    Diantawis lagu-lagu anu disarankeun ka abdi lagu "Mémang Sesah" karya penyanyi Euis Komariah anu karesep Andi, tina lagu sareng pideo eta pas pisan

  • @yusufidris2820
    @yusufidris2820 ปีที่แล้ว

    Katampi pisan pangbeberh manah bari pasosore..hatur nuhun

    • @AkoerLah
      @AkoerLah  ปีที่แล้ว

      Sami-sami.

  • @sariputri5604
    @sariputri5604 3 ปีที่แล้ว

    Kawih na meni enak didanguna. Mugi seueur nu terang perkawis kawih ieu, janten tiasa dimumule ku urang sadayana

  • @sitimiaadela7928
    @sitimiaadela7928 3 ปีที่แล้ว

    diantawis lagu anu di pasihan rekomendasi ka abdi lagu lagu "Memang Sesah" juru tembang euis komariah anu di pikaresep ku andi, tinu lagu sareng vidio pas pisan. lagu pas ningalkeun alam sunda anu tentrem subur sareng makmur.

  • @AgusSetiawan-xo7li
    @AgusSetiawan-xo7li 3 ปีที่แล้ว +1

    Hatur Nuhun Kang Akoer ieu album lagu Bu Hj Euis Komariah ieu nu dipilarian ku abdi. Mugia lagu lagu lagu sunda tetep maneuh aya wariskeuneun ka Anak incu urang.

  • @simpaypanarataschannel1417
    @simpaypanarataschannel1417 3 ปีที่แล้ว

    Lagu panineungan... Romantis pisan. Sae pm didramatisasikeun, videona dianggo ngeuyeuban channel ieu. Supados satema antawis lagu sareng lagu. Tembres...

  • @dikymuhamad5900
    @dikymuhamad5900 3 ปีที่แล้ว

    Kawih na meuni sae , meuni resep nepi jiga mawa simkuring ka alam kasundaan nu merenah

  • @khildarosyida6043
    @khildarosyida6043 3 ปีที่แล้ว

    Rada sesah diturutanna, sanaos kitu abdi resep ngadangukeunana. Asa aya di pilemburan, tebih panineungan lembur singkur, sisi gunung, cai walungan ngagenclang. Mani waas katingalna. Hayu urang lestarikeun budaya Sunda.

  • @bapakaman5990
    @bapakaman5990 2 ปีที่แล้ว +1

    Meni waras iyeu lagu

  • @aayandana7102
    @aayandana7102 3 ปีที่แล้ว

    Ari maestro ngawih teh Aya sieuran wae, teu weleh nyari. Nikmat raoseun Pa, hatur nuhun.

  • @dityama5071
    @dityama5071 3 ปีที่แล้ว

    Raoseun pisan,kapungkur kantos diajar nembangkeun waktos SD Dina waktos acara paturai Tineung☺️

  • @sukantas.s9802
    @sukantas.s9802 3 ปีที่แล้ว

    Mantul, haturnuhun kang ...👍👍🤝

  • @rahmatsarwokusumo6889
    @rahmatsarwokusumo6889 ปีที่แล้ว

    Arigato.

    • @AkoerLah
      @AkoerLah  ปีที่แล้ว

      Arigato gozaimase.

  • @aniskhumayro3998
    @aniskhumayro3998 3 ปีที่แล้ว

    Abdi nembé nguping kawih sapertos kieu, tétéla pikaresepeun upami didangukeun. salah sahiji budaya Sunda anu kedah dilestarikan. Ukur wartoskeun ka jalma anu meureun seueur anu henteu terang kawih-kawih ieu.

  • @anwarsutisna1656
    @anwarsutisna1656 3 ปีที่แล้ว

    Muga Cianjuran aya salawasna.,.kuring reueus 🙏🙏🙏

  • @arisputrachannel6232
    @arisputrachannel6232 3 ปีที่แล้ว

    Salam Baraya..🔔😍👍

    • @AkoerLah
      @AkoerLah  3 ปีที่แล้ว

      Wilujeng ngadangukeun bari gogoléran.

  • @mumukosasih746
    @mumukosasih746 3 ปีที่แล้ว

    Asa nembè nguping tembang nu ieu mah. Hatur nuhun. 🙏

    • @AkoerLah
      @AkoerLah  3 ปีที่แล้ว

      Sami-sami.

  • @dianinurwidianti3366
    @dianinurwidianti3366 3 ปีที่แล้ว

    meni syahdu ka dangu na oge. Masyaallah, mugia budaya sunda tiasa dilestarikeun ku urang sadaya.

  • @imammuhamad393
    @imammuhamad393 3 ปีที่แล้ว

    Nuhun pisan kang

    • @AkoerLah
      @AkoerLah  3 ปีที่แล้ว

      Sami-sami.

    • @aniyuhaeni363
      @aniyuhaeni363 3 ปีที่แล้ว

      Hatur nuhun pisan kang
      Lagu" na
      Memang sesah nya sesah kangge abdi nu masih di ajar
      Katampi pisan pokona 🙏

  • @sundagaluh2461
    @sundagaluh2461 หลายเดือนก่อน

    😭😭😭😭😭😭😭

  • @hadyhendy9158
    @hadyhendy9158 ปีที่แล้ว

    opening video di buat taun berapa ya?

  • @emakbunda1322
    @emakbunda1322 2 ปีที่แล้ว

    Assalamu'alaikum..Kang Akoer lah..bade tumaros,manawi aya lagu "Duka Kunaon "? Ti Ibu Euis Komariah (sami)

    • @AkoerLah
      @AkoerLah  2 ปีที่แล้ว

      Waalaikumsalam. Numawi teu gaduh judul lagu eta mah, aya ge Kunaon Geuning, sami ti Euis Komariah.

  • @bayinaas-syifa6258
    @bayinaas-syifa6258 3 ปีที่แล้ว

    Sanaos sim kuring jarang ngupingkeun kawih, tapi kuring resep ngupingkeun kawih 'Memang Sesah' nu nembe kuring kupingkeun Duh kawih nu ka kuping niiskeun ceupil nu ngadanguna, pamandangan dina pideo karaos niiskeun soca nu ninggalna. Mugi-mugi salah sahiji kasenian Sunda sapertos kieu tiasa teras maju.

  • @deapebrian4734
    @deapebrian4734 3 ปีที่แล้ว +1

    Kang ari List lagu na aya?

  • @mahezzasoerjo4585
    @mahezzasoerjo4585 3 ปีที่แล้ว

    Ini klipnya tahun berapa... Kok kendaraannya jadul bngt

    • @AkoerLah
      @AkoerLah  3 ปีที่แล้ว +1

      Ilustrasi videonya tahun 1971, di daerah Cangkuang Garut.