Sajak Carita Kasucian Karya Dhipa Galuh Purba | Joice Jasmine Azzahra

แชร์
ฝัง
  • เผยแพร่เมื่อ 21 ส.ค. 2024
  • CARITA KASUCIAN
    Karya Dhipa Galuh Purba
    Dina hiji kasucian éta
    Bet katénjo sorot mata hurung ngempur
    Getih euceuy, ngalémbéréh tina séla-séla biwir
    Reup geuneuk, ray pias
    Mana horéng, dedemit-dedemit tingterejel
    Hayang leupas
    Tina sengkeran tali pameungkeut raga
    Teu bisa! Da dina mangsa kasucian, diborogod!
    Tapi salaku dedemit, anjeun teu éléh géléng
    Najan raga teu daya, teu upaya
    Tapi jiwa mah bisa kakalayangan
    Dina hiji kasucian éta
    Mangsa ilang kasucian diri
    Mapag poé-poé nu pinuh rasa nalangsa
    Lalampahan dipungkas ku cimata
    Dina kasucian éta kénéh
    Carita heubeul dikubur salawasna
    Tangtu moal aya nu baris ngali
    Ku sabab, pajaratan pinuh ku ririwa
    Asmara, cinta, kasucian, dengdam
    Di dinya dikurebkeunana, di pajaratan cinta
    Banjar, 25 Oktober 2004
    sumber video: canva
    sumber instrumen musik: youtube suara alam

ความคิดเห็น •