KIDUNG SAWER PANGANTEN SUNDA,Suanteuna Neng : SilviRisviani.

แชร์
ฝัง
  • เผยแพร่เมื่อ 24 ต.ค. 2024
  • เพลง

ความคิดเห็น • 22

  • @gimannurjaman6172
    @gimannurjaman6172 ปีที่แล้ว +2

    Nyukcruk galur ti karuhun
    Nutur lacak para wali...
    Nyambuang ka balarea...
    Titinggal ti nini aki
    Ngawaris kabudayaan....
    Seni Sunda sawer asli...
    Neda agung cukup lumur
    Neda jembar pangraksaning...
    Bilih aya kalepatan...
    Wireh ayeuna simkuring
    Nyawer anu pangantenan...
    Nyanggakeun mugi katampi...
    Ku hidep muga diturut
    Pepeling ngait na ati...
    Pigeusaneun hirup mulya...
    Ngarandapan laki rabi
    Ngamudina rumah tangga...
    Sangkan panggih tingtrim ati...
    Ku Euis puputon kalbu
    Mugi hidep sing nastiti...
    Mapag alam rumah tangga...
    Ka panutan sing gumati
    Tuturkeun dunya akherat...
    Kitu kawajiban istri...
    Piwuruk Euis sakitu
    Catet dina sanubari...
    Kantun ieu pamegetna...
    Aduh Asep deudeuh teuing
    leu piwulang tarima...
    Regepkeun ku ati suci...
    Asep mimiti diwuruk
    Dangukeun ku dua cepil...
    Simpen na manah nu jembar...
    Ayeuna mah beda deui
    Jaman hidep lalagasan...
    Teu aya anu meredih...
    Ti wanci ieu kapayun
    Asep kedah taki-taki...
    Nyubadanan kawajiban...
    Ngurus ngatur laki rabi
    Anu ka dada ka iga...
    Geusan Asep hirup mukti...
    Saur Rasulullah estu
    Rejeki mah tetep muhit....
    Kawas arek hirup lana...
    Tapina kudu sabanding
    Jeung ibadah nu tong pegat...
    Sing kawas ajal rek tepi...
    Gening nyawer teh sakitu
    Mugi panganten sakalih...
    Runtut raut sauyunan...
    Ka cai jadi saleuwi
    Ka darat jadi salebak...
    Jauh bala parek rizki...
    Amin Ya Rabbal 'alamin Mugi Gusti nangtayungan...
    Wur-awur beasna di awur...
    Wur-awur beasna di awur...
    Wur-awur beasna di awur...

  • @EntinRustini-ee1oq
    @EntinRustini-ee1oq 5 หลายเดือนก่อน

    Alhamdulilah ngadangu kidung sawer panganten emut jaman panganten disawer hatur nuhun

  • @imaauww
    @imaauww 2 หลายเดือนก่อน

    Masyaalllah suanteuna 😊sae

  • @sawalatvchannel
    @sawalatvchannel ปีที่แล้ว

    sampurasun...
    banten hadir.

  • @titaanugrah1100
    @titaanugrah1100 ปีที่แล้ว

    saya seneng banget mendengar semua sawer atau kidung...semoga aja saya bisa ketitisan

  • @lintangbersinar3427
    @lintangbersinar3427 2 ปีที่แล้ว +1

    asalamualaikum.duh asa inget di lembur.salam knl.ti urang sunda anu aya di perantouan

  • @yoyohrohmani3027
    @yoyohrohmani3027 ปีที่แล้ว

    Sawer panganten budaya Sunda adalah nasehat untuk kedua mempelai wanita juga pria semoga dalam menjalankan kehidupan rumah tangga selalu bahagia damai sejahtera

  • @saipullipull4504
    @saipullipull4504 2 ปีที่แล้ว +1

    Ihh sok muriding ai nguping nu kiyeu teh waas jeng leuwang

  • @dpcpdiperjuangankotabekasi
    @dpcpdiperjuangankotabekasi 2 ปีที่แล้ว

    Kalau denger seni Sunda asa tenang hirup

  • @Pipin-hu3qd
    @Pipin-hu3qd 2 ปีที่แล้ว +1

    Sae pisan.

  • @ustadzdarsokarawang5137
    @ustadzdarsokarawang5137 2 ปีที่แล้ว +1

    Hebat pisan.

  • @aankustiwa5321
    @aankustiwa5321 2 ปีที่แล้ว

    Bekasi ngupingkeun👍🌹

  • @arisjohn3105
    @arisjohn3105 ปีที่แล้ว

    Sawer na gotong nganggo tek

  • @rinakadarisman6419
    @rinakadarisman6419 ปีที่แล้ว

    Knggo calon mabtu

  • @jatipurwa
    @jatipurwa 2 ปีที่แล้ว +1

    Ass" nyimak ka2ng & sakanteunn izin save mnawi aman kanggo sound🙏

  • @yusephilman6873
    @yusephilman6873 2 ปีที่แล้ว

    Sampurasuun
    Hatur nuhun oncom Bamdung

  • @lalin_2023
    @lalin_2023 2 ปีที่แล้ว

    tumaros dupu kacapi sulingna ann judulna istrumen na nya bade di ajar nyawewr

  • @abiyuhayfaprasetyo6415
    @abiyuhayfaprasetyo6415 2 ปีที่แล้ว

    Suaminya pakai sepatu olah raga haha haha

  • @rastaaditya2438
    @rastaaditya2438 3 ปีที่แล้ว

    Asa dipepende euy...😄

    • @oncombandung3460
      @oncombandung3460  3 ปีที่แล้ว

      Sahur"" sahur" 😂😂🤣🤣🤣👍👍