6 Rupa Diantara Kaperluan Diayakeun na Peringatan Rajaban |

แชร์
ฝัง
  • เผยแพร่เมื่อ 6 ต.ค. 2024
  • GENEP RUPA DI ANTARA PERLUNA RAJABAN
    1.Genep rupa di antara kaperluan
    Diayakeun peringatanna Rajaban
    Tah ieu nu kapikir dina pikiran
    Kitu Pangersa midawuh misauran
    2. Isro Mi 'raj ieu urusan ngahubung
    Kana Aqo'id Sama'iyat teu sarung
    Pinterna para Ulama nu laluhung
    Nyimpen kayaqinan ka anu ngariung
    3. Kaduana nambah-nambah kayakinan
    Pikeun jalma anu aya kaimanan
    Tilu ngingetkeun ka anu kahilapan
    Ma'lum jalma biasa sok kapohoan
    4. Kaopatna numpes hujjah ti golongan
    Kafir ku Nabina rasa kumagungan
    Éta ku sabab ayana kabodoan
    Séjén akibat ayana kapinteran
    5. Lima narik cendikiawan kafirna
    Ngarah asup Islam ku kapinteranna
    Saperti anu kaluar ti Islamna
    Disababkeun ayana kabodoanna
    6. Genep turut tingkah Qur'an anu Agung
    Kitu paréntah Gusti Allooh nu Agung
    Tah sakitu pidawuh Guru nu luhung
    Prak amalkeun ulah sok bararingung
    ____________________________
    Dianggit ping 1Sya'ban 1427H. Malem saptu di Cibayondah ku kolamna Al-Ustadz Muhammad Makhsus Jamil RA
    Kénging nukil tina pidawuh KH. M. Muhyiddin AQA MA
    Di Madrosah Bojong Mahmud

ความคิดเห็น •