Cepot Hayang Kawin Bag 1 (Cepot Rarabi) Dalang Asep Sunandar S

แชร์
ฝัง
  • เผยแพร่เมื่อ 5 ต.ค. 2024

ความคิดเห็น • 64

  • @icihcarolien6579
    @icihcarolien6579 2 ปีที่แล้ว +8

    Raosen Kanu manah na nyelecep.
    Mugia almarhum pa Asep di tampi iman Islam di caangken di alam pakuburan na.
    Amiiiiin ya alloh

    • @didiadidi3408
      @didiadidi3408 3 หลายเดือนก่อน

      51:17 51:17 😊😊😊😊😊😊😊😢😊😊😊😊😊😮😮😢😮😮😮😮😮😢

    • @didiadidi3408
      @didiadidi3408 3 หลายเดือนก่อน

      51:17 51:17 😊😊😊😊😊😊😊😢😊😊😊😊😊😮😮😢😮😮😮😮😮😢

  • @rdeya_
    @rdeya_ ปีที่แล้ว +6

    . Caturkeun Si Cépot, dituturkeun ku Si Dawala jeung Si Garéng, ragrag di Nagara Ténjomaya. Ragragna deukeut alun-alun. Bréh ... ku maranéhna katempo, jelema-jelema ngaraliud bari henteu eureun-eureun salusurakan. Singhoréng keur aya saémbara. Nyaéta nyaémbarakeun Anak Ki Togog Téjamantri, ngara Déwi Laélasari. Teu kudu dicaritakeun deui, kumaha geulis-geulisna éta anak Togog. Da éta waé lamun manéhna kokojayan, cai téh ngadadak hinyay anu kapentrang panonpoé, awakna langsung nyahclak késangan. Para raja jeung adipati ti salawé nagara, hiji gé teu aya nu kuat, nadah wewesén Jaka Tambilung. Kabéh taraluk bubar katawuran. Antukna saémbara kapaksa ditutup. Ngan barang rék pok pisan, Jaka Tambilung nutup saémbara, Si Cépot gancang ngagorowok. “Ké heula. Kuring rék nyobaan milu saémbara!” “Maksudna, manéh mikahayang adi uing ?” “Leres!” “Boga duit teu?” “Nya éta henteu” “His, teu bisa atuh, saperti nu eunggeus-eunggeus, méméh milu saémbara, kudu masrahkeun heula panglamar, mangrupa duit emas.” “Kumaha lamun narohkeun pati ?” cék Si Cépot. “Teu bisa. Mayar heula ku duit emas!” Tambilung keukeuh. Cépot jeung adi-adina bingung. Tapi, sabot kitu, kawas aya leungeun gaib, neundeun duit emas kana saku calana Si Dawala. Éta leungeun téh, sabenerna leungeun Semar. Dawala kagét aya duit emas loba naker. Terus nyarita ka lanceukna, “Tah, ka, kabeneran uing mawa!” mikeun duit emas ka lanceukna. Si Cépot gancang masrahkeun duit emas. Giliran Si Jaka Tambilung reuwas. Pok deui ngomong, “Sakitu mah kurang kénéh.” Semar neundeun deui duit emas. Kop ku Si Dawala dicokot. Tuluy dibikeun ka lanceukna. “Kurang kénéh,” cék Tambilung. “Kumaha Dawala aya kénéh ?” Si Cépot nanya ka adina. “teuing atuh, Ka!” Semar neundeun deui duit emas. Kitu jeung kitu baé, nepi ka Si Tambilung kapaksa narima Si Cépot, milu saémbara. Si Cépot begalan pati. Tapi, sakali ditajong gé, Si Cépot téh langsung ngaringkuk. Tiluan baradami. Ahirna milih rék baralik. Barang rék indit, datang Semar nyarékan ka Si Cépot. Teu boga ka éra, cenah. Ari karep gedé hayang boga pamajikan, tapi kawani euweuh. “Kawas lain anak Semar wéh siah!”. “Ari bapa. Lain kuring teu boga kawani. Ngan tingali baé ieu tapak najong, sirikna teu matak tutung!” Hég ku Semar ditempo. Paingan atuh ! kop Semar nyabut kukuncung salambar. Tuluy dibikeun ka Si Cépot. Barang dicabut robah jadi sabangsa halu. “Gebugkeun ku manéh!” Der deui patutunggalan. Si Cépot ditajong ku tarumpah sakti. Tapi, ayeuna mah teu nanaon. Sabab geus diélmuan ku Semar. Giliran Si Cépot males, langsung Si Tambilung ngarumpuyuk. Datang Tagog, terus dicageurkeun. “Ieu lawaneun silaing mah. Bapa rék nitis kana awak manéh,” saharita Togog miraga sukma kana awak Tambilung. Si Tambilung maju deui. Habek digeug ku Si Cépot. Tapi, teu karasa nanaon. Sabalikna barang diciduhan, Si Cépot ngarumpuyuk. Nénjo anakna ngagogolér, Semar buru-buru nyampeurkeun. Tuluy dicageurkeun. “Kurang ajar Si Togog.” Giliran Semar miraga sukma kana awak Si Cépot. Nu ngadu jajatén ramé pisan, sarua tanggoh. Ahirna Togog ngaku éléh, sarta masrahkeun anakna ka Si Cépot. Orokaya Déwi Laélasari, kajeun rék labuh pati, batan daék dikawinkeun Si Cépot. Tétéla, wayang ogé apal kanu kasép mah nya ? Singhoréng boga kénéh téténjoan! Ngadéngé manéhna ditampik sapajodogan, Si Cépot langsung ceurik kanyeunyeurian. Malah rék sajung-jungeun balik. Gancang ku Semar diparancahan. Saharita awak jeung rupana robah. Cépot malih wani jadi satria nu kacida kasépna. Ngaranna ogé diganti jadi Hyang Sukma Wisésa. Déwi Laélasari ayeuna mah nu kaédanan. Geus kitu mah, tuluy baé dikawinkeun. Sataun ti harita, Déwi Laélasari ngalahirkeun. Anakna lalaki, pohara kasépna. Lir beubeulahan térong jeung ... Si Cépot nu asli. Dingaranan Sanghyang Sangga Langit. Bareng jeung gelarna orok ti Laélasari, beungeut katut dedeg pangadeg Si Cépot pulih ka jati mulang deui ka asalna jadi Cépot alis Astrajingga. Éta nu ngalantarankeun Déwi Laélasari pondok umur. Maot gara-gara reuwas, nempo wujud asli salakina. Nepi ka jajantungna murag !.

  • @fahminahawand604
    @fahminahawand604 9 หลายเดือนก่อน

    Teu bosen"diputer sabaraha kali Carita ieu kenangan nuju bubujangan baheulamah Carita aslina mah tahun nuju ngawitan iklan pembersih lantai NU klu'nateh'Belum lima menit..'tah eta kacandak ku banyolanna Cepot di jejer Carita ieu waas kabayang ,sabaraha taun KA pengker tah😊😊 mugia Ki Asep s di caangkn alam kuburna di hapunten Sagala dosa perdosanna dibtampi Sagala iman srg islamna

    • @fahminahawand604
      @fahminahawand604 9 หลายเดือนก่อน

      Simkuring ieu tik komen th 2023 23 12

  • @hwell1606
    @hwell1606 ปีที่แล้ว +6

    SIAPA YANG NONTON BEGINIAN GARA GARA TUGAS BAHASA SUNDA ABSEN ADIK ADIK❤❤

  • @sunawanaja7236
    @sunawanaja7236 4 ปีที่แล้ว +3

    Wayang golek mh eweh bosena kula mh mugia we aya penerus" anu kos alm kh.. asep sunandar

  • @uyuwahyu2744
    @uyuwahyu2744 5 ปีที่แล้ว +5

    ...DALANG CERDAS LUAR BIASA....PELOPOR WAYANG DIINDONESIA....

  • @samusasau723
    @samusasau723 2 ปีที่แล้ว +1

    Aduh pa hj dedi mulyadi kasebat.
    Pujaanku

  • @sudirmandirman243
    @sudirmandirman243 2 ปีที่แล้ว +1

    Cocok buat urang sunda wayang golek mah bisa ngahibur lah

  • @arlan8162
    @arlan8162 3 ปีที่แล้ว +3

    Mugia abah asep di lapangken di alam kubur na

  • @riooheryono3294
    @riooheryono3294 4 ปีที่แล้ว +19

    Nonton 1jam buat ngeringkas cerita si cepot hayang kawin buat tugas 😭😭

  • @IwanSetiawan-wh3ez
    @IwanSetiawan-wh3ez 4 ปีที่แล้ว +8

    Wayang golek memang mantap buat hiburan orang sunda

  • @ivanoye3284
    @ivanoye3284 4 ปีที่แล้ว +2

    kasenian sunda ka bangaan urang sadayana

  • @obengminus1876
    @obengminus1876 2 ปีที่แล้ว +1

    hiburan nu ngahibur jiwa...

  • @dedeyusuf5142
    @dedeyusuf5142 2 ปีที่แล้ว +1

    Candak kadie we kang semar ka bumi abi 4 kontener mah 🤣🤣🤣 hilian jeng udu lah emas na 🤭🤭🤭✌️

  • @nanapriatna8285
    @nanapriatna8285 2 ปีที่แล้ว +1

    Pagèragèung Hadir.

  • @HyebarrrPXL-em3gr
    @HyebarrrPXL-em3gr ปีที่แล้ว +1

    Mantap...dulur..

  • @AbdulBasip-pw2ty
    @AbdulBasip-pw2ty 6 หลายเดือนก่อน

    Pak dalang bisaan ngadamel jalur caritana..

  • @irfan4599
    @irfan4599 2 ปีที่แล้ว +1

    Banten hadir baraya

  • @ahmadnawawi4163
    @ahmadnawawi4163 4 ปีที่แล้ว +2

    Urang sunda mah kudu ngamumule budayana sorangan

    • @kiagengtubagusleneng2335
      @kiagengtubagusleneng2335 2 ปีที่แล้ว

      Hening apal luar heeehheh hayu atuh bulekeun ,eh lepat Bongan lomba nu bule

  • @f47ri38
    @f47ri38 6 ปีที่แล้ว +3

    Jos
    Salam dari pandegalng banten

  • @hkru4910
    @hkru4910 ปีที่แล้ว

    Dalang paporit

  • @hendrasaputra5440
    @hendrasaputra5440 3 ปีที่แล้ว +1

    Mantaaaap terussskeun....

  • @ivans-es8yr
    @ivans-es8yr 4 หลายเดือนก่อน

    reseup kacepot,

  • @yeye7728
    @yeye7728 2 ปีที่แล้ว +1

    Cepot hyang kwin

  • @ariezabrengz5540
    @ariezabrengz5540 ปีที่แล้ว

    2023 msh hadir

  • @ehsupriatna4205
    @ehsupriatna4205 4 ปีที่แล้ว +2

    Ingeut waktu harita

  • @rafacantikcampernikjeungcl946
    @rafacantikcampernikjeungcl946 6 ปีที่แล้ว +2

    mari lestarikan budaya Sunda

  • @sitimamahjalu3082
    @sitimamahjalu3082 6 ปีที่แล้ว +2

    asa di lemur ningali wayang golek teh

  • @acengceng4483
    @acengceng4483 5 ปีที่แล้ว +2

    Kkkrreeenn

  • @naluwirad_.
    @naluwirad_. 11 หลายเดือนก่อน

    Nami na saha sindenna nya?

  • @sugihadipuradinata4544
    @sugihadipuradinata4544 6 ปีที่แล้ว +3

    ntap kang

  • @ilmankrlan7342
    @ilmankrlan7342 2 ปีที่แล้ว +2

    Woyyyyyy

  • @grasiaelisairune5538
    @grasiaelisairune5538 3 ปีที่แล้ว

    👍

  • @rinirindiani4273
    @rinirindiani4273 ปีที่แล้ว +1

    🤣🤣🤣😄😄😄😅😅😅

  • @neih4612
    @neih4612 6 ปีที่แล้ว +2

    Nggs Nasib na mereun

  • @richyyas1758
    @richyyas1758 ปีที่แล้ว

    edan carita 😂😢

  • @asrilajipratama984
    @asrilajipratama984 2 ปีที่แล้ว +1

    .

  • @tonyajhpalingtop1475
    @tonyajhpalingtop1475 5 ปีที่แล้ว +2

    Bagian 2 a mana

    • @kiagengtubagusleneng2335
      @kiagengtubagusleneng2335 2 ปีที่แล้ว

      Kade hilap solat subuh teu marentah Kuring mah sieun nyaingan Allah. sadiakeun Surga Jeung Baraka ku maneh . Kumaha lamun Kitu wios bedo . Abdi mah sieun ku .......

  • @dedeyusuf5142
    @dedeyusuf5142 2 ปีที่แล้ว

    0

  • @bagjaberto6246
    @bagjaberto6246 3 ปีที่แล้ว

    Yg bener dong jangan di potong2

  • @budimanmaulana7670
    @budimanmaulana7670 2 ปีที่แล้ว

    ga

  • @bagjaberto6246
    @bagjaberto6246 3 ปีที่แล้ว

    Huuh gk jelas